Kategori: Seni Budaya | Diterbitkan pada: 21-03-2008 |

Salahsahiji patandang Pasanggiri Ngadongéng SABANDA 2006
Himpunan Mahasiswa Pendidikan Basa jeung Sastra Sunda Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia (Hima Pensatrada FPBS UPI) Bandung, baris ngagelar deui kagiatan Riksa Budaya Sunda (SABANDA) 2008. Ieu kagiatan anu mayeng diayakeun saban taun téh mangrupa salasahiji tarékah dina miara tur ngamumulé budaya Sunda. Puguh baé mangrupa upaya konkrit dina ngajaga éksisténsi basa Sunda, sangkan henteu musnah. Sajabana ti éta, SABANDA ogé digelar kalayan tujuan pikeun ngaronjatkeun kasadaran masarakat kana pentingna ngagunakeun basa Sunda dina sagala widang kahirupan.
Kagiatan SABANDA 2008 baris lumangsung tanggal 7 nepi ka 10 April 2008 di Kampus Universitas Pendidikan Indonesia (UPI), Jl. Dr. Setiabudi No. 229,
Saban widang pasanggiri baris dipilih pinunjul kahiji nepi ka pinunjul tilu, kalayan bakal dilélér piagem (laying pangajén) jeung uang pembinaan. Husus dina Pasanggiri Debat Basa Sunda, bakal marebutkeun Piala Bergilir Gubernur Jawa Barat. Ku kituna, ka nu minat pikeun miluan ieu pasanggiri, bias daptar ti ayeuna mula, sabab pendaptaran geus dibuka ti tanggal 10 Maret 2008, sarta bakal ditutup tanggal 29 Maret 2008. Téhnis pendaptaran bisa langsung sumping ka Sekretariat Panata Calagara Sabanda 2008 atanapi ngalangkungan pos/e-mail ka: sabanda_08@yahoo.com, kalayan ngalampirkeun Formulir Pendaftaran anu tos disayogikeun sareng bukti transferna. (kanggo nu ngalangkungan pos/e-mail, dipundut ngalampirkeun nomer telepon sakola atanapi guru basa Sundana). Pamilon diwatesan 20 regu pikeun CCBS, 50 pamilon pikeun lomba Pupuh, jeung 30 pamilon pikeun pasanggiri Maca Sajak Sunda. Gempungan tehnis (Technical meeting) baris lumangsung tanggal 30 Maret 2008 di Rohangan 30, Gedong FPBS, Lanté .II, UPI Bandung.

Seminar Pengajaran Basa Sunda dina SABANDA 2006
Cerdas Cermat basa Sunda (CCBS) pikeun SMP/MTs sa-Jawa Barat baris lumangsung poé Senén, 7 April 2008, jam 09.00 WIB nepi ka réngsé. Saban grup kudu ngadaptarkeun heula ka panata calagara, kalayan mayar uang pendaptaran anu gedéna Rp 50 rébu. Anapon katangtuanana nyaéta:
1. Pamilon siswa/siswi SMP/MTs sa-Jawa Barat.
2. Jumlah pamilon dina sareguna 3 urang, nu ngawengku hiji juru catur jeung 2
3. urang nu marengan.
4. Sistem nu dipaké nya éta sistem gugur ngaliwatan babak penyisihan jeung final.
5. Matéri Cerdas Cermat nya éta sabudeureun pangaweruh kasundaan nu
6. ngawengku widang basa, sastra, tradisi, jeung pangaweruh umum nu diluyukeun
7. jeung kurikulum 2006 (KTSP).
8. Matéri dipidangkeun dina wangun soal, ngawengku:
1. Soal regu, nya éta patalékan nu dibikeun ka regu nu meunang giliran, kalayan waktu nu disadiakeun pikeun ngajawab soal lilana 5 detik/soal (1 patalékan).
2. Soal lémparan, nya éta patalékan nu dibikeun ka sakabéh regu, nalika soal regu teu kajawab.
3. Soal rebutan, nya éta patalékan nu dibikeun ka sakabéh regu sacara rebutan.
9. Katangtuan soal:
1. Soal regu dipimilik ku cara pamilon milih amplop soal nu geus disadiakeun.
2. Soal lémparan dibikeun langsung ku déwan juri ka regu nu leuwih tiheula mencét bél.
3. Soal rebutan dibikeun ka sakumna pamilon (regu) kalayan diparebutkeun. Nu boga hak pikeun ngajawab, nya éta nu pangheulana mencét bél.
10. Katangtuan midang:
1. Unggal regu ngawanohkeun anggota regu jeung asal sakola ngagunakeun basa Sunda.
2. Unggal bagéan midang ngawengku 2 babak (babak pilihan jeung babak rebutan).
3. Dina babak pilihan nu diwenangkeun ngajawab patalékan nya éta juru catur.
4. Jawaban nu dianggap bener nya éta jawaban nu mimiti atawa jawaban nu pangheulana disebutkeun.
5. Unggal soal dibacakeun dua kali.
6. Upama dina saregu aya dua atawa leuwih jawaban nu béda (babakuna dina babak rebutan), jawaban nu diajén nya éta jawaban nu kahiji
11. Katangtuan ajén:
1. Soal regu: unggal regu dibéré ajén 100 (saratus) keur jawaban nu bener jeung 0 (nol) pikeun jawaban nu salah. Sedengkeun pikeun jawaban nu kurang sampurna, ajén ditangtukeun ku déwan juri
2. Soal lémparan: soal regu nu dibikeun ka regu anu meunang giliran, tapi teu ngajawab, ku kituna diparebutkeun ku regu séjén sanggeus diwenangkeun ku nu maca soal. Pikeun regu nu ngajawab bener dibéré ajén 100 (saratus), demi jawaban nu salah dikurangan 25 (dua puluh
3. Soal rebutan: pikeun jawaban nu bener dibéré niléy 100 (saratus), jawaban nu salah dikurangan 100 (saratus)
12. Katangtuan pinunjul ditangtukeun dumasar ajén panggedéna tina skor ahir.
13. Unggal bagéan midang disadiakeun waktu kurang leuwih 40 menit.
14. Pamilon kudu hadir minimal 15 menit saacan acara dimimitian. Pamilon anu henteu hadir dina waktuna dianggap ngundurkeun diri.
15. Katangtuan séjén anu acan ditetepkeun, baris didugikeun dina gempungan teknis (technical meeting).
Pasanggiri Ngadongéng tingkat SD/MI sa-Bandung Raya bakal lumangsung poé Salasa, 8 April 2008, jam 09.00 nepi ka réngsé. Saban peserta kudu ngadaptar heula kalayan mayar uang pendaptaran Rp 30 rébu . Anapon katangtuanana Pasanggiri Ngadongéng nyaéta:
1. Pamilon siswa/siswi SD/MI sa- Bandung Raya.
2. Pamilon kudu maké pakéan adat Sunda.
3. Pamilon teu meunang ngaganggu patandang séjén.
4. Pamilon kudu salawasna nalinagkeun tata tertib nu geus ditangtukeun
5. Pamilon midang luyu jeung nomer tandang nu geus ditangtukeun
6. Lilana midang paling lila 15 menit.
7. Pamilon teu meunang mawa jeung maké téks
8. Aspék nu dititén ngawengku:
1. Téhnik komunikasi
2. Lentong
3. Diksi
4. Ekspresi
5. Artikulasi
9. Téma dongéng anu dipidangkeun mangrupa fabél jeung sasakala (naskah dibikeun nalika pendaptaran).
10. Pamilon kudu hadir sakurang-kurangna 15 menit saacan acara dimimitian
11. Saupama pamilon digeroan tilu kali teu datang, urutan midang dipindahkeun ka tukang
12. Pamilon nu dipindahkeun katukang tilu kali teu datang waé dianggap ngundurkeun diri
13. Nomer tandang kudu salawasna katitén ku girang pangajén
14. Urutan atawa nomor midang ditangtukeun nalika gempungan tehnis (technical meeting).
15. Hal-hal séjén anu can kasebut, baris ditangtukeun nalika gempungan tehnis (technical meeting).
Pasanggiri Pupuh tingkat SMP/MTs sa-Jawa Barat baris lumangsung dina poé Salasa, 8 April 2008, jam 09.00 WIB nepi ka réngsé. Saban patandang kudu ngadaptar heula ka panata calagara, kalayan mayar uang pendaptaran anu gedéna Rp. 30 rébu. Anapon katangtuanana nyaéta:
1. Pamilon siswa/siswi SMP/MTs sa-Jawa Barat.
2. Jumlah wawakil unggal sakola teu leuwih ti dua urang. Kalayan diutamakeun hiji awéwé jeung hiji lalaki.
3. Pamilon maké pakéan adat has kasundaan (awéwé dikabaya. Lalaki make baju taqwa atawa kampret jeung bendo).
4. Pupuh nu dipidangkeun ngawengku pupuh wajib jeung pilihan (dibikeun nalika pendaftaran).
5. Pupuh anu pangheulana dipidangkeun nya éta pupuh wajib anu saterusna midangkeun pupuh pilihanana.
6. Pupuh wajib jeung pupuh pilihan ditembangkeun jeung sekar tandakna.
7. Standarisasi pupuh nu dipaké nya éta pupuh pedalan Yayasan Cangkurileng.
8. Pamilon teu meunang mawa atawa maké téks nalika midang.
9. Nomer tandang kudu salawasna katitén ku girang pangajén.
10. Urutan atawa nomor midang ditangtukeun nalika gempungan tehnis (technical meeting).
11. Pamilon teu meunang ngaganggu patandang séjén.
12. Aspék nu dititén ngawengku pangawasaan materi, teknik jeung penampilan.
13. Pamirig disadiakeun ku panitia.
14. Pamilon kudu hadir sakurang-kurangna 15 menit saacan acara dimimitian. Pamilon anu henteu hadir dina waktuna dianggap ngundurkeun diri.
15. Pamilon kudu salawasna titén kana tata tertib nu geus ditangtukeun.
16. Katangtuan séjén anu acan ditetepkeun, baris didugikeun dina gempungan teknis (technical meeting).
Pasanggiri Maca Sajak pikeun SMP/MTs & SMA/SMK/MA sa-Jawa Barat baris lumangsung poé Rebo, 9 April 2008, ti jam 08.00 WIB nepi ka réngsé. Saban patandang kudu ngadaptar heula ka panata calagara kalayan mayar uang pendaptaran anu gedéna Rp 30 rébu. Anapon katangtuanana nyaéta:
1. Pamilon Siswa/Siswi SMP/MTs jeung SMA/SMK/MA sa- Jawa Barat .
2. Sistem pasanggiri nu dipaké ngaliwatan babak penyisihan jeung babak final.
3. Sajak nu dipidangkeun nya éta sajak wajib jeung sajak pillihan (Naskah sajak dibikeun nalika pendaftaran).
4. Nomer tandang kudu salawasna katitén ku girang pangajén.
5. Urutan atawa nomor midang ditangtukeun nalika gempungan tehnis (technical meeting).
6. Pamilon teu meunang ngaganggu patandang séjén.
7. Pamilon kudu hadir 15 menit saméméh kagiatan dimimitian. Pamilon anu henteu hadir dina waktuna dianggap ngundurkeun diri.
8. Pamilon kudu salawasna nohonan tata tertib nu geus ditangtukeun,
9. Katangtuan séjén anu acan ditetepkeun, baris didugikeun dina gempungan teknis (technical meeting).
Debat Basa Sunda pikeun SMA/SMK/MA sa-Jawa Barat baris lumangsung poé Rebo, 9 April 2008, jam 09.00 WIB nepi ka réngsé. Debat téh antar regu, henteu perorangan. Saban regu kudu ngadaptar heula ka panata calagara kalayan mayar uang pendaptaran anu gedéna Rp. 50 rébu. Anapon katangtuanana nyaéta:
Katangtuan :
1. Pamilon siswa/siswi SMA/SMK/MA sa-Jawa Barat.
2. Jumlah Pamilon dina saregu lobana tilu urang.
3. Sistem nu digunakeun ngaliwatan babak penyisihan jeung babak final.
4. Pasualan atawa téma anu didebatkeun dina babak kahiji (penyisihan) ditangtukeun ku panitia nalika gempungan téhnis (technical meeting), sedengkeun pikeun babak final ditangtukeun dina waktuna.
5. Regu anu paadu hareupan dibéré waktu salila 20 menit pikeun debat .
6. Pamilon kudu hadir 15 menit saacan acara dimimitian. Pamilon anu henteu hadir dina waktuna dianggap ngundurkeun diri.
7. Pamilon teu meunang ngaganggu patandang séjén.
8. Pamilon kudu salawasna merhatikeun tata tertib nu geus ditangtukeun.
9. Nomor tandang jeung lawan debat ditangtukeun dina gempungan tehnis (technical meeting).
10. Katangtuan séjén anu acan ditetepkeun, baris didugikeun dina gempungan tehnis (technical meeting).
Formulir pendaptaran ogé bias di-download di dieu atawa di dieu. Upama aya nu rék ditanyakeun ngeunaan SABANDA 2008, bias ngontak Januar Prayitno (HP: 081315110101) jeung N. Astrini N. (HP: 085222710164/08818250641), atawa nepungan langsung ka Sekretariat Panata Calagara SABANDA 2008 (Sekretariat Hima Pensatrada FPBS UPI Bandung), Jl. Dr Setiabudhi No.229 Gd. FPBS Lt.II UPI Bandung, 40154.***(M. Sudama/ Dirojong ku informasi ti IKA SUNDA)

Tatang Benyamin Koswara (calik) jeung Ano Karsana (tatih), basa ngajurian Pasanggiri Pupuh dina SABANDA 2006


































asa naek darajat mun urang nyarios sunda teh, komo mun lentongna leleb pisan, hate asa lugina jeung lagena… waraas pisan ( punten bilih lepat muagia ngamaklum bae)