Kategori: Seni Budaya | Diterbitkan pada: 28-02-2011 |

Téater Sunda Kiwari gawé bareng jeung HU. Pikiran Rakyat réngsé ngagelar FDBS Pelajar anu diiluan ku 46 Patandang. Para pelajar nu miluan dina FDBS téh diwengku ku tingkat SMP jeung SMA. Kurang leuwih 46 patandang nu miluan ieu féstival, ngawakilan sawatara kabupatén di Jawa Barat jeung Banten. Sabada diajén ku tilu urang déwan juri, ahirna diputuskeun para pinunjul dina FDBS Pelajar. Dewan juri diwengku ku Yayat Hadiat, Dadi P. Danusubrata, jeung Ayi Kurnia Iskandar.

                         

NOMINASI PANATA ARTISTIK PINUNJUL

  1. Teater Tasbe A SMAN 1 Baleendah, Kabupatén Bandung, nu ngagarap naskah  “Nu Jaradi Korban”, karya R. Hidayat Suryalaga.
  2. Teater 13 Senja SMAN 6, Kota Cimahi, nu ngagarap naskah  “Seksa”, karya Dhipa Galuh Purba.
  3. Teater Penus SMK Pelita Nusa, Subang, nu ngagarap naskah “Nu Jaradi Korban” , karya R. Hidayat Suryalaga.
  4. Teater Senapati SMA Pasundan 3, Kota Bandung,  nu ngagarap naskah  “Nu Jaradi Korban”, karya R. Hidayat Suryalaga.
  5. Teater Insan MAN Kiarakuda Ciawi, Kabupaten Tasikmalaya,  nu ngagarap naskah  “Nu Jaradi Korban”, karya R. Hidayat Suryalaga.

 

Tina lima nominasi éta, déwan juri mutuskeun Teater 13 Senja, SMAN 6, Kota Cimahi,  minangka  Panata Artistik Pinunjul dina garapan drama “Seksa”, karya Dhipa Galuh Purba.

 

NOMINASI PANATA MUSIK PINUNJUL

  1. Teater Penus SMK Pelita Nusa, Subang, nu ngagarap naskah “Nu Jaradi Korban”, karya R. Hidayat Suryalaga.
  2. Teater Senapati SMA Pasundan 3 Bandung,  nu ngagarap naskah  “Nu Jaradi Korban”, karya R. Hidayat Suryalaga.
  3. Teater Tambang SMA Bina Muda Kabupatén Bandung,  nu ngagarap naskah  “Nu Jaradi Korban”, karya R. Hidayat Suryalaga.
  4. Teater 13 Senja SMAN 6, Cimahi,  nu ngagarap naskah  “Seksa”, karya Dhipa Galuh Purba.
  5. Teater Bunga SMAN 5, Karawang,  nu ngagarap naskah “Nu Jaradi Korban”, karya R. Hidayat Suryalaga.

 

Tina lima nominasi éta, déwan juri mutuskeun Teater 13 Senja, SMAN 6, Kota Cimahi,  minangka Panata Musik Pinunjul dina garapan drama “Seksa”, karya Dhipa Galuh Purba.

 

NOMINASI SARTA PINUNJUL SUTRADARA PINUNJUL

  1. Teater Senapati SMA Pasundan 3 Bandung, nu ngagarap naskah “Nu Jaradi Korban”, karya R. Hidayat Suryalaga.
  2. Teater Citra SMAN 3 Subang,  nu ngagarap naskah “Seksa”, karya Dhipa Galuh Purba.
  3. Teater Tasbe A SMAN 1 Baleendah Kabupatén Bandung,  nu ngagarap naskah “Nu Jaradi Korban”, karya R. Hidayat Suryalaga.
  4. Silau Teater SMAN 1 Blanakan Subang, nu ngagarap naskah “Nu Jaradi Korban”, karya R. Hidayat Suryalaga.
  5. Teater 13 Senja SMAN 6 Cimahi,  nu ngagarap naskah “Seksa”, karya Dhipa Galuh Purba.

 

Tina lima nominasi éta, déwan juri mutuskeun Teater Citra SMAN 3 Subang,  minangka  Pinunjul Sutradara dina garapan drama “Seksa”, karya Dhipa Galuh Purba.

 

NOMINASI AKTOR PINUNJUL

 

  1. Muhammad Faridz Anwarudin ti Teater Tasbe A SMAN 1 Baleendah Kabupatén Bandung,  merankeun tokoh  “Ujang” dina naskah  “Nu Jaradi Korban”, karya R. Hidayat Suryalaga.
  2. Gulam, ti Teater Awal SMAN 6 Garut, merankeun tokoh  “Bastian” dina naskah  “Munapek”, karya Moliere, Tarjamahan Rosyid E. Abby.
  3. Aditia N. Afsa, ti Teater Jagat SMAN 1 Kawali, Ciamis, merankeun tokoh  “Mang Ujay” dina naskah  “Séksa”, karya Dhipa Galuh Purba.
  4. Gobler, ti Teater Citra SMAN 3 Subang, merankeun tokoh  “Suhadi” dina naskah  “Séksa”, karya Dhipa Galuh Purba.
  5. Ferdi, ti Teater Taman Siswa Rancaekek Kabupatén Bandung, merankeun tokoh  “Sodagar” dina naskah  “Si Kabayan Jadi Dukun”, karya Moch. Amri.

 

Tina lima nominasi éta, déwan juri mutuskeun Gobler ti Citra SMAN 3 Subang,  minangka aktor pinunjul. Goblér merankeun tokoh  “Suhadi” dina naskah  “Séksa”, karya Dhipa Galuh Purba.

 

 

NOMINASI AKTRIS PINUNJUL

 

  1. Riska Damiyanti,  ti Kelompok Seni Pertunjukan SMK Pasundan 1 Bdg, merankeun tokoh  “Séksa” dina naskah  “Séksa”, karya Dhipa Galuh Purba.
  2. Elsa Ratnasari, ti Teater Krac! SMAN 13 Bandung, merankeun tokoh  “Euis” dina naskah “Nu Jaradi Korban”, karya R. Hidayat Suryalaga.
  3. Nurjanah, ti Teater Waras Bina Seni MAN Awipari, Kota Tasikmalaya, merankeun tokoh “Iteung” dina naskah “Si Kabayan Jadi Dukun”, karya R. Hidayat Suryalaga.
  4. Putri Sahani, ti Teater Tasbe A SMAN 1 Baleendah Kab Bdg,  merankeun tokoh “Iteung” dina naskah “Si Kabayan Jadi Dukun”, karya R. Hidayat Suryalaga.
  5. Siska Atika, ti Teater 13 Senja SMAN 6 Cimahi, merankeun tokoh  “Séksa” dina naskah drama “Séksa”, karya Dhipa Galuh Purba.

 Tina lima nominasi éta, déwan juri mutuskeun Siska Atika ti Teater 13 Senja SMAN 6 Cimahi,  minangka aktris pinunjul. Siska merankeun tokoh  “Séksa” dina naskah  drama “Séksa”, karya Dhipa Galuh Purba.

 

 

NOMINASI PINTONAN PINUNJUL

  1. Teater Senapati SMA Pasundan 3 Bdg, nu ngagelar naskah  drama “Nu Jaradi Korban”, karya R. Hidayat Suryalaga.
  2. Teater Citra SMAN 3 Subang, nu ngagelar naskah  drama “Séksa”, karya Dhipa Galuh Purba.
  3. Teater Tambang SMA Bina Muda Kab Bdg, nu ngagelar naskah  drama “Nu Jaradi Korban”, karya R. Hidayat Suryalaga.
  4. Teater 13 Senja SMAN 6 Cimahi, nu ngagelar naskah  drama “Séksa”, karya Dhipa Galuh Purba.
  5. Teater Tasbe A SMAN 1 Baleendah Kab Bdg, nu ngagelar naskah  drama “Nu Jaradi Korban”, karya R. Hidayat Suryalaga.

 

Tina lima nominasi éta, déwan juri ahirna mutuskeun:

PINUNJUL 1: Teater 13 Senja SMAN 6 Cimahi, nu ngagelar naskah  drama “Séksa”, karya Dhipa Galuh Purba.

PINUNJUL 2: Teater Citra SMAN 3 Subang, nu ngagelar naskah  drama “Séksa”, karya Dhipa Galuh Purba.

PINUNJUL 3: Teater Tasbe A SMAN 1 Baleendah Kab Bdg, nu ngagelar naskah  drama “Nu Jaradi Korban”, karya R. Hidayat Suryalaga.