Kategori: Seni Budaya | Diterbitkan pada: 26-03-2010 |


SALIKUR poé noron lumangsung Féstival Drama Basa Sunda (FDBS) di Gedong Kasenian Rumentangsiang, Jl. Barangsiang No. 1, Bandung  (2 nepi ka 22 Maret 2010). Natrat pisan antusias para rumaja, boh peserta pon kitu deui afresiatorna. Husus pikeun para patandang, rata-rata udaganna lain miharep hadiah. Malah Anton Yustian, pupuhu AAP, geus balaka ti mimitina yén miluan FDBS téh ukur hayang milu ngareuah-reuah tur milu ngaramékeun. Perkara meunang jeung éléh, éta henteu dipikiran. Pon kitu deui, Téater Bolon Tasikmalaya, anu personilna barudak leutik, sanajan henteu jadi diperhitungkeun jadi pinunjul ogé, keukeuh rék miluan saban lumangsung FDBS. “Malah carék paribasana lamun teu diajakan ogé, keukeuh rék maksa miluan…” kitu sakumaha anu didadarkeun ku Dadi P. Danusubrata, pupuhu Téater Sunda Kiwari. Kilang kitu, Dadi tetep mikiran sangkan bisa ngajénan Téater Bolon atawa téater séjénna anu pamianganna bener-bener iklas hayang milu ngaramékeun FDBS. Sajabana ti Téater Bolon, anu keur dipikiran ku Dadi téh nyatana Palagan Téater, hiji grup anu sakabéh personilna tunanétra.

 


Téater Awal UIN Sunan Gunung Djati Bandung

 

Sakumaha sasari, dina puncak acara FDBS, digelar pintonan drama Téater Sunda Kiwari. Dina FDBS XI, drama anu dipintonkeun téh judulna “Tambang, Tanmbang, Tambang” karya R. Hidayat Suryalaga, kalayan disutradaraan ku Dadi P. Danusubrata. Pintonan lumangsung kalayan lungsur-langsar tur meunang pangbagéa ti para afresiator nu minuhan gedong kasenian Rumentangsiang, Bandung.

            Hidayat Suryalaga, anu ngaluuhan puncak acara FDBS XI, nembrakeun pamanggihna ngeunaan FDBS. “Kapayunna, naskah kanggo FDBS téh kedah disayogikeun kanggo digarap ku para rumaja sareng barudak…” kitu ceuk Hidayat, basa diajak ngawangkong ku “SB”. Ku kituna, Étty RS, pupuhu PPSS geuwat ngaréspon éta saran. “Lamun kabiruyungan tur taya halangan-harungan, taun 2011 mah pasanggiri naskah drama téh baris dibagi dua katégori. Nyatana katagori rumaja jeung déwasa.

            Nurutkeun déwan juri FDBS XI, Godi Suwarna, Joko Kurnaén, jeung Rachman Sabur,  méh sakabéh patandang miboga kamampuh téknis dina ‘pengucapan” jeung “elastisitas tubuh” anu bisa dianggap hadé dina nepikeun eusining téks. Puguh baé, ku ngaronjatna momot (kualitas) patandang FDBS XI 2010, lain wungkul diwujudkeun dina sumanget jeung karep ti unggal patandang, tapi ogé tembres tina gaya anu dipidangkeunana, bari sakalian méré warna séjén. Saban patandang satékah-polah ngaguar poténsi, saperti tari, musik, jeung artistik. Malah sawatara patandang geus narékahan pikeun ngaleungitkeun wates antara lalajoaneun jeung anu lalajona, di sagédéngeun anu ngeukeuhan drama téh mangrupa pintonan anu gembleng. Kitu nrutkeun déwan juri, sakumana anu didadarkeun dina béjér pangajénna.

 


Téater Toneel Bandung

            Anapon kakuranganna, masih kénéh nurutkeun déwan juri, umumna katémbong dina téknis pagelaran, upamana baé perkara ruang jeung waktu anu aya patalina jeung téknis visual (artistik) jeung auditif (musik jeung sound effects), anu dina seuhseuhanana mah baris mangaruhan kana pesen jeung unsur dramatik anu dikandung dina lalakon. Di antarana jadi henteu jinek deui, malah aya pangaruh kana wirahma jeung témpo pintonan. Éta hal téh kawasna baé loba dipilih ku para patandang anu milih gaya di antara dua kriteria anu geus ditétélakeun, utamana patandang anu nyoba-nyoba nyelapkeun musik jeung tari anu misah.

 


Béngkél Téater Tasikmalaya

            Minangka catetanna, déwan juri nétélakeun yén ngaronjatna jumlah jeung ajén patandang bari henteu diwatesanan ku umur, tangu mikabutuh perhatian anu daria, utamana mah dina méré pangajén. Téknis meunteun perelu dikaji deui, sangkan proses kamekaran anu sipatna ngatik-ngadidik, boh dina perilakuna, boh kacerdasan motorikna anu ngahudang kana rasa kacinta kana kabudayaananana sorangan. Anu dimaksud téknis meunteun ku déwan juri téh nyaéta perelu diayakeun babak final. Grup téater anu geus kapilih jadi nominator téh, dibéré kasempetan pikeun minang deui, sangkan dilalajoanan ku para patandang séjénna anu henteu asup nominasi tur ku sakumna masarakat. Ku kituna, saréréa baris terang kana kapunjulan grup anu kapilih jadi nominasi juara FDBS.

 


Téater Cermin Sukabumi

 

            Siga dina FDBS saméméhna, dina taun ayeuna ogé, panitia milih panata musik pinunjul, panata artistik pinunjul, aktor pinunjul, aktris pinunjul, sutradara pinunjul, jeung pagelaran pinunjul. Anu béda téh, dina taun ayeuna mah panitia ngarékoméndasikeun ka déwanjuri sangkan milih grup pelajar pinunjul.

            Widang panata musik pinunjul, aya lima nominator anu dipilih ku déwan juri, diantarana  Dany pab jeung Dian ti grup  Anka Adika Production, anu mintonkeun drama “Meredong”;  Dani Jauharudin  ti Téater Awal UIN SGD Bandung, anu midangkeun drama “Sadrah”;  Dedi Ardian B ti Téater Lakon, anu mentaskeun drama “Sadrah”;  Dédén Buleng ti Toneel Bandung, anu mintonkeun drama “Sadrah”; jeung  Eno & Ridwan ti TTM Ciamis, anu midangkeun drama “Bandéra! Bandéra! Bandéra!”. Demi anu kapilih jadi pinunjulna nyaéta Dani Jauharudin  ti Téater Awal UIN SGD Bandung.

            Widang panata artistik pinunjul, déwan juri milih lima nominator. Diantarana  Zamzam Mubarok ti  Toneel Bandung;  Zibod Panyawungan ti TTM Ciamis;  Ipay Hoedri ti Téater Awal UIN SGD Bandung;  Bejo  ti Lises Citraresmi UNWIM; jeung Léo ti Téater Dongkrak Tasikmalaya. Demi anu kapilih jadi pinunjulna nyaéta Ipay Hoedri ti Téater Awal UIN SGD Bandung.

            Widang aktor pinunjul, déwan juri milih lima nominator, diantarana Didon ti TTM Ciamis (merankeun Aki Onay dina drama “Bandéra! Bandéra! Bandéra!”); Hadi Nurzaman ti Lises Citraresmi (merankeun tokoh Walikota dina drama “Cukang”); Héndra Sundawijaya ti Téater Awal UIN SGD (merankeun tokoh Sadrah dina drama “Sadrah”); Muhammad Aditya ti Téater Lakon UPI Bandung (merankeun tokoh Sadrah dina drama “Sadrah”); jeung  Giri Mustika ti Toneel Bandung (merankeun tokoh Sadrah dina drama “Sadrah”). Anu kapilih jadi aktor pinunjul ti antara lima nominator téh nyaéta Muhammad Aditya ti Téater Lakon UPI Bandung.

            Widang aktris pinunjul, déwan juri milih lima nominator. Diantarana Ai Ninunan Bulan ti Téater Awal UIN SGD (merankeun tokoh Romlah dina drama “Sadrah”); Lala ti Kelompok 282 (merankeun tokoh Bonyong dina drama “Jaman Dabrul”); Titi ti Toneel Bandung (merankeun tokoh Romlah dina drama “Sadrah”); Wida ti TTM Ciamis (merankeun tokoh Nini Odih dina drama “Bandéra! Bandéra! Bandéra!”); jeung Dini Ramdani Lestari ti Possthearon (merankeun tokoh Nini Odih dina drama “Bandéra! Bandéra! Bandéra!”). Anu kapilih jadi pinunjulna nyaéta Wida ti TTM Ciamis.

            Widang sutradara pinunjul, déwan juri milih lima nominator. Diantarana  Anton Yustian JR ti Anka Adika Production;  Dadang Sumardi  ti Lises Citraresmi UNWIM;  Andi Solihin Piteuk ti téater Awal UIN SGD Bandung;  Gusjur Mahésa ti  TTM Ciamis;  Sahlan “Bahuy”  ti Téater Lakon UPI Bandung. Anu kapilihna nyaéta Gusjur Mahésa ti  TTM Ciamis.

            Widang pagelaran pinunjul tangtu baé mangrupa rékapitulasi tina para pinunjul dina widang panata artistik, musik, aktor pinunjul, aktris pinunjul, jeung sutradara pinunjul. Jadi, ku sabéngbatan ogé geus kasawang nu bakal jadi juarana. Aya lima nominator anu dipilih ku déwan juri. Diantarana  Lises Citraresmi UNWIM,  TTM Ciamis,  Toneel Bandung,  Téater Lakon UPI Bandung, jeung  Téater Awal UIN SGD Bandung. Saterusna déwan juri mutuskeun TTM Ciamis minangka pinunjul I, Téater Awal UIN SGD Bandung minangka pinunjul II, jeung Téater Lakon UPI Bandung minangka pinunjul III. Demi grup pinunjul tingkat pelajar anu kap;ilih ku déwan juri nyaéta  Téater Awal  I SMAN 6 Garut, anu midangkeun drama “Sadrah”.

Sakur pinunjul dilélér piala ti Téater Sunda Kiwari jeung HU. Pikiran Rakyat, ditambah hadiah duit jutaan rupia ti Téater Sunda Kiwari jeung Gubernur Jawa Barat. Ieu acara diluuhan ku para tokoh Jawa Barat, saperti Setia Permana, Hj. Popong Otje Djundjunan, Elin Syamsuri, Ir. H. Herdiwan MM (Kepala Disparbud Propinsi Jawa Barat), Budhiana Kartawaidjaya (Wapimred HU. Pikiran Rakyat), jeung sajabana.***(Maruta Bayu/G-P.Com)

 

 


Palagan Téater (Téater Tunanétra)