Kategori: Obituari | Diterbitkan pada: 02-10-2007 |

Ku DHIPA GALUH PURBA

 

Karasa keneh dina jeroning sagara hate pangjerona. Kacinta jeung kahemanna dina enggoning ngamumule, tur ngalestarikeun Seni Budaya Ki Sunda. Moal bisa laas ku jaman. Ti mangsa ka mangsa, ngaranana bakal jadi bahan catur balarea.  Nguriling abring-abringan. Rarebo ku alat-alat karawitan. Sauyunan, sapapait samamanis. Antara pupuhu, pamaen, nayaga, jeung ronggeng nu teu weleh sempal guyon gogonjakan. Mapag jeung nyampeur unggal mangsa anu kasorang.

 

Basa nagara Indonesia masih keneh aya dina sengkeran para penjajah. Kira-kira taun 1921,  Di wewengkon Bandung Kidul, Ateng Japar dilahirkeun ka alam dunya. Taya anu nyangka lamun isuk jaganing geto, Ateng Japar baris makalangan dina dunya kasenian. Kawasna mah alatan ti leuleutik, Ateng Japar geus diasupkeun ka Pasantren Manyar. Ateng jadi hiji santri anu calakan. Lumbrah pisan upama Haji Damiri lir nanggeuy endog beubeureumna ka Ateng. Bisa jadi, Ateng Japar minangka hiji murid anu pangdipikanyaahna ku eta Ajengan Manyar.

 Taun 1939, Ateng Japar mimiti diajar kasenian Ogel ka akina sorangan. Ogel teh salah sahiji kasenian anu kacida basajanna. Kakuatanana aya dina unsur karawitan jeung tari. Sanajan alat-alatna kacida basajan, tapi bisa ditarima tur dipikaresep ku masarakat jaman harita. Alat-alatna ngawengku rebab (Dijieun tina hareng), Saron (Dijieun tina blek urut), Goong (Dijieun tina botol), jeung alat-alat sejen anu meunang ngaracik sorangan. Ecesna mah sagala rupana sing sarwa basajan. Ngajadikeun para seniman baheula leuwih ngutamakeun rasa.

“Hayu wang ngalontang!” kitu kira-kirana upama Ateng Japar ngajakan maen ka sobat-sobatna. Lontang, maen bari bayaranna ngandelkeun panyaweran dina waktu pagelaran. Lamun jaman ayeuna mah teu pati beda jeung ngamen. Tapi dina alam harita mah, lontang teh diracik kalayan daria. Henteu asal jadi, estuning meunang ngolah ku seukeutna rasa. Nepi ka bisa ngalahirkeun ngaran-ngaran sohor keur ronggeng. Malah nepi ka kiwari masih keneh aya dina tungtung  ingetan. ‘Nyi Oplet’ contona mah.

Dina mangsa harita keneh, sajabana ti Ogel, kasenian longser oge geus aya. Malah geus kacida ngakarna di masarakat. Katelahna Longser Bang Tilil (Pa Akil) anu perenahna di jalan Emong Kidul, deukeut Pasar Emong. Anu ngalantarankeun  Ateng Japar katarik pikeun nungtut elmuna tur ngulik pangartina. Taun 1940, Ateng Japar mimilu ka Bang Tilil. Malah Bang Tilil mere warisan ngaran ka Ateng Japar anu nepi ka taun 2000 bisa makalangan. Si Tuweuw katelahna. Moal bireuk deui, sabab antara bang Tilil jeung si Tuweuw papada boga kaleuwihan sewang-sewangan. Nepi ka Si Tuweuw dipercaya ku Bang Tilil pikeun nyieun grup longser sorangan.

Bareng jeung proklamasi kamerdikaan Indonesia taun 1945, si Tuweuw oge mroklamirkeun grup longserna anu dingaranan Panca Warna. Taun eta jadi sajarah  lahirna hiji longser anyar kalayan kualitasna teu pati jauh jeung guruna, grup longser Bang Tilil. Kawasna walungan Citarum oge jadi saksi  anu abadi, tina hiji jangji anu disaluyuan ku Bang Tilil jeung Ateng Ateng Japar. Sabab dina eta jangji, tempat maen longser antara Bang Tilil jeung Ateng Japar diwatesan ku walungan Citarum. Sabeulah Citarum ka kaler, bagean Bang Tilil. Sabeulah Citarum ka Kidul bagean Ateng Japar.

Sanajan dina emprona mah tetep bae teu bisa kitu. Sabab masarakat Citarum ka kaler, sok aya anu hayang nanggap longser Ateng Japar. Pon kitu deui, masarakat Citarum ka kidul oge sok aya anu hayangeun nanggap bang Tilil. Tungtungna mah eta jangji teh teu bisa dicekel deui. Boh Ateng Japar atawa Bang Tilil, bebas rek maen di tempat mana bae oge. Keur mah diantara dua grup longser teh taya pacengkadan nanaon deuih. Estuning silih rojong jeung silih jeujeuhkeun.

“Rek tani, teu boga sawahna. Rek kuli, euweuh anu ngulikeunana. Rek dagang, teu boga modalna. Atuh rek maling, da sieun dibui…” kitu salah sahiji alesan Ateng Japar anu ngajurung laku pikeun ngalanglang alam Pasundan mangsa harita. Ngabring jeung rombongan Panca Warna, ngawanohkeun kasenian longser geusan neangan pangala keur kabutuhan hirup. Indit bulan September, balik-balik dina bulan Desember. Ngurilingan lembur-lembur, naratas jalan padesaan. Kituna teh bari teu ngagunakeun kandaraan. Estuning ukur leumpang. Mapay jalan anu anggangna ratusan kilo meter. Sumedang, Cirebon, Ciamis, Banjar, Pangandaran, Tasik, Raja Polah, Pangalengan jeung tempat-tempat sejenna, geus kungsi kasaba ku Ateng Japar.

Karawitan, Tari, Teater, Rupa, kabehanana aya dina kasenian longser. Malah sajabana ti bobodoran, masarakat oge kawasna kataji ku para ronggengna anu gareulis tur parigel mintonkeun ibingan. Gulak-gilekna, kiceupna, mapaesan tangtungan anu sampulur. Matak ngaragragkeun jantung lalaki. Matak kabayang unggal mangsa wanci beurang, matak kaimpi-impi unggal mangsa wanci janari. Teu aneh lamun lurah Jagabaya nepi ka wani nebus si Ucrit pikeun dijadikeun pamajikanana. Keur mah memang si Ucrit teh minangka ronggeng anu pangmencrangna ti grup longser Panca Warna.

Jaman harita, Longser Panca Warna oge boga jasa anu kaitung gede keur sawatara wewengkon. Sabab Panca Warna kungsi dipake mediator pikeun neangan dana keur nyieun jambatan, Masjid jeung sajabana. Upama jaman ayeuna mah  prak-prakanana moal pati beda jeung ‘pertunjukan amal’, anu sok digelar ku artis-artis. Sabab Panca Warna nyieun hiji acara, gawe bareng jeung aparat pamarentahan hiji lembur. Pagelaranana dikarcis. Kolot mayar saringgit, barudak limalas ketip. Hasilna Panca Warna ukur nyokot saeutik, lolobana disumbangkeun keur pangwangunan Masjid, jambatan jeung sajabana.

Satuluyna, Ateng Japar oge kawasna kaeurad ku ‘cinta lokasi’ jeung hiji ronggeng ti grup sorangan. Tina hahadean, tug nepi ka  antukna mah nganteurkeun Ateng Japar jeung Nyi Anah  pikeun unggah ka bale nyungcung. Laksana kapiduriat jeung hiji ronggeng anu anu camperenik. Harita kurang leuwih taun 1952. Ngawangun rumah tangga anu dibeungkeut ku rasa kaasih jeung kadeudeuh. Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak. Sapapait samamanis, sabobot sapihanean.

Ateng Japar teu kungsi boga katurunan ti Nyi Anah. Tug nepi ka ahirna dina tanggal 14 Oktober 2000, Ateng Japar mulih ka jati, mulang ka asal. Ninggalkeun sagala carita anu ngagurat dina dada balarea. Moal poho. Ateng Japar minangka hiji seniman alam anu loba jasana dina ngahirup-huripkeun kasenian Sunda. Najan ragana geus ninggalkeun alam dunya. Tapi kakuatan rasa anu ngancik dina seni Longserna, moal bisa paeh kitu bae. Re-generasi geus tingpucunghul pikeun ngalestarikeun seni longser. Najan wandana moal sarua pisan, anu penting mah tujuanana lain ngaruksak. Sabab kreativitas seniman dina jaman ayeuna, tangtu bakal leuwih mekar deui. Teu aneh upama kasenian longser ti unggal grup, mibanda ciri has sewang-sewangan. Ti mimiti Longser Panca Warna anu diteruskeun ku Warsa S Japar, Longser Ringkang Gumiwang, Longser Caraka Sundanologi, Longser Antar Pulau, Longser Damar, Longser K-282 jeung longser-longser sejen anu kiwari masih keneh eksis di masarakat.

Longser Panca Warna mangrupa hiji bukti. Bukti tina rasa hormat ka guruna ‘Bang Tilil’. Sabab Panca Warna teu wani ngaruksak kana ajen ciri-ciri longser. Tinggal grup-grup anu kiwari keur aktip ngembangkeun longser. Naha bener ngabeungharan kreasi longser, atawa ngaruksak ajen longser? Kawasna teu perlu dicuriga kaleuleuwihi. Komo jeung disingsieunan sagala rupa mah.  Asa pamohalan upama urang Sunda hayang ngaruksak seni budayana sorangan. Atuh dimana aya kasalahan, eta mah tugas para intelektual seni jeung budayawan pikeun ngalelempengna. Ambih Ateng Japar  teu ngarasa melang deui. ***        

 

Dimuat di KSM Galura, taun 2000