Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 25-05-2008 |
Ku Wahyu Wibisana
Iuh-iuh gunung kuring
angin ulin dina embun-embunan
sawaktu-waktu kuring kudu nepungan
duméh hirup halabhab cinta
di maranéhna nya ayana
Aya sababna kuring tibelat
aya sababna kuring pegat
tapi nu ahir lain kaabadian
kakasih dina haté ngawih deui
Iuh-iuh gunung kuring
nyata-nyata tanda-tanda
ngabulungbung jalan hirup
nepi ka nyawa rék surup
ka maranéhna kuring rék balik
ka maranéhna kuring rék pamit
(tina Saratus Sajak Sunda, Geger Sunten, 1992)







