Kategori: Ruang Publik | Diterbitkan pada: 05-08-2008 |

Euleuh… bingah pisan, Kang, nampi pangajén ti juri kana carpon kuring téh. Bungahna téh aslina, késang keur nulis carpon téh meunang pangajén ogé. Enyaan késanganna téh tuda, beurat pisan ngetik téh ayeuna mah… da kuring mah jigana kudu asup pangarang ormas jiga FPI atawa Batawi Rempug… nu nereleng mun aya baladna. Baheula mah sok aya nu “manasan”, Si Tarlan, Rizal Sabda, atawa Ihung. Ayeuna mah tiis téa wé geuning…

Nuhun ah… ulah kapok Kang. Nya ari pesan kanggo Pasanggiri ieu mah naon nya…. Oh, bukukeun wé lah karangan pasanggiri téh, baé barutut gé (hé hé hé), da piraku Mandahong Kahot teu mareuli mah. Teu kudu réa-réa, citak 20 siki wé difoto kopi, sugan meunang “Rancagé” (nu ngayakeun pasanggirina, lain pangarangna).

Sakali deui nuhun ah… Rék maya rék nyata, Sunda téh aya…Hidup Persib!***

 

Aditia Gunawan