Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 27-03-2008 |

Karya Patandang, Nomor Naskah: 015

 

Reuketna sora rancatan beuki dieu beuki ngajauhan, tinggal kuring sorangan diuk handapeun tangkal Angsana. Nu lalar liwat geus teu ieuh dititenan. Saha sahana, rek ngadon Kamana ? da memang puguh teu wawuh. Aya oge bieu haat ngajak ngobrol, bari ngan sakedapan ngan saukur pantar Tukang Boboko. Heueuh, najan kitu oge, manehna boga kahayang, boga rasa tanggung jawab pikeun nyumponan eusi beuteung anak pamajikana. Bari can puguh laku eta dagangan teh. Sa eutikna geus narekahan. Coba ari pantar kuring, nu kasebut ngora keneh, meujeuhna buta tulang buta daging, geus teu bisa kukumaha. Pagawean ngan saukur miharep sugan jeung sugan bari mumul ngojengkang.

Tadi manehna ngobrol soal kasusah. Dina enggoning nyumponan kahirupan. Hate teh puguh ngaleketey, Enya, ..nu boga pacabakan tur ngabogaan modal sarta nyampak pangabisa, dibarung ku kadaek masih keneh rumahuh. Komo-komo pantar kuring nu sa ukur luntang-lantung ngagugu kabingung, kumaha boa kahareupna.

Sapopoe ngarep-ngarep pamere, enya, eta oge rijqi keneh leutik gedena. Kadenge keneh waktu harita. Panggih jeung sobat dalit nu sedeng dipentaan tulung ku kuring susugana aya pagawean. Kumaha cing tembalna ?,.. “ wayahna we cing sabar. Da hirup mah geus aya nunangtukeun. “ Tah, ngan saukur kitu kecapna teh. Nya sarua ketang sanajan kitu oge kaasup pitulung, geus nulungan ku mang rupa pepeling. Kuring oge ngaragap diri sorangan, saha atuh jalmana nu ngadon percaya mere gawe atawa ngeclokeun duit ka jalma nu teu boga panghasilan. Bororaah batur, dalah kolot kitu oge dulur sorangan sok tajeun mikir sababaraha kali.

Cicing di imah lir nu di Bui, nga dedempes teu bisa dibatuk-batuk acan. Sok sieun kareungeu kunu rek nagih, matak leuwih ngagedean Dosa  ku janji isuk jeung geto, padahal geus puguh euweuh piherongeun keur mayar. Minangkana mah geus balik deui kana susuganan. Kitu sote sangkan nu nagih buru-buru mulang, teu kuat ku harenghengna.

Poe ka poe kitu jeung kitu, euweuh parubahan, ulukutek dina kahirupan nu walerit. Hayang ojah teu bisa kumaha, sagalana kudu make waragad. Rek ngajual tanaga, da puguh loba kasakit hayang kawas batur dadagangan nyasat kudu boga pimodaleunna. Nyasat atuh.

Sora gerungna kandaraan geus teu puguh kadengena. Nungadon wara-wiri oge sarua teu puguh tingalikeunna, teuing tas timana ? nya rek kamana ? Nu pasti mah neangan pikeun popolah Dunya pikeun eusi beuteung. Rek mangfaat kitu oge maslahat nya kumaha paniatan maranehna.

Lalamunan sugan jeung sugan, ngadadak lapur. Tijeroeu mobil, aya nu ngajorowok bari ngagupayan. Asa beurat ieu birit arek cengkat. Lalaunan ngalengkah nyampeurkeun manehna. Sihoreng manehna teh boga kasusah alatan mobilna mogok menta tulung pikeun pang dorongkeun. Eueuh gening nu ngarasa hirup cukup oge, gening butuheun keneh kutanaga pantar kuring. Pikeun nutupan kasusah manehna teu lebar-lebareun mere duit ka kuring, pikeun meuli tanaga kuring. Nya,.. naon atuh disebutna ? ari lain meuli mah, da biheung mere ari teu pupuguh menta mah. Enya we gening, Rijqi jeung tarekah teh, lir ramo leungeun nu teubisa dipisahkeun. Ari daek mah geus tantung meunang hasilna. Teu burung ieu beuteung ka eusian pikeun nyumponan rasa lapar jeung hanaang.