Kategori: Galery Foto | Diterbitkan pada: 29-07-2008 |

Méga Citrawati alias “Itik” di basisir Kuta,
Alhamdulillah alo kuring Méga Citrawati alias Itik geus lulus sakola ti SMAN 12 Bandung, kalayan hasilna kaitung nyugemakeun. Itik ngagaéng hayang pakanci ka
Dina kaayaan keur bingung mikiran tikét pesawat, Alhamdulillah alo ti Ujungpandang (Sulawesi Selatan), Alo Wawan, nyanggupan pikeun mangmeulikeun tikét pesawat keur duananeun. Ari kuring mah rada wegah, da keur réa pagawéan. Antukna anu miang maturan Itik téh lanceuk kuring, indungna Itik. Voucher hotél di Matahari Bungalow buru-buru dibalik ngaran, asalna atas nama Nety Martin, diganti jadi Tuti Sunarti. Henteu ribet, jajauheun siga Air Asia anu kalintang mengecewakan. Ku kituna, saha baé nu rék mesen hotél di Bali, kalintang hadéna upama mesen ka Pandawa
Puguh baé ka Alo Wawan ogé kalintang nuhun pisan, anu tos mangmésérkeun tikét pesawat, mangnyéwakeun hotél tilu dinten, sarta ngawaragadan salila di

Méga Citrawati alias “Itik” jeung téh Tunang di Nusa Bua,

Méga Citrawati alias “Itik” jeung Alo Wawan di Tanah Lot,

Méga Citrawati alias “Itik”, Teh Tunang, jeung Alo Wawan di Goa gajah,
Ayeuna Itik sareng Tunang tos di
DHIPA GALUH PURBA













naha kang, nami sae kitu bet jadi itik. asa kacida landihan emang ka alo teh hehehe
bagea ah
He he… pan rayi-rayina oge aya “Buruy” sareng “Burunuk”, supados pararel…
sami2, bagea…
DHIPA GALUH PURBA
Euleuh2 geuning mani mencrang kitu neng Itik teh. Alusna mah kuliahna teraskeun we ka S2 Unpad program Public Relation, atanapi ka S2 Pariwista SekolahTinggi Pariwisata Bandung (STPB), pasti tepangna sareng pribados. Oge kumaha upami kuliahna ngalih we atuh ka S1 UPI program Manajemen Pemasaran Pariwisata. Pasti tepang deui wae didieu ge.
Kawasna mah nyebat ka yi Dhipa teh bade mang Dhipa we nya. He……….3. Beberenjen nya !
aduh aku baca cerita kamu di Bali tidak mengerti, baru sedikit paham bahasa sunda. Bisa dong di tambah ke Bahasa Indonesia
Wassalam