Kategori: Suatu Hari | Diterbitkan pada: 18-09-2008 |

ACARA Golémpang ngaranna téh. Nu ngasuhna (pembawa acarana) Dian Héndrayana. Ieu acara téh dipintonkeun saban malem Juma’ah, jam 21.00 nepi ka 22.00 WIB, di Bandung TV sacara live. Jejer anu dibahasna ngawengku kasenian jeung kabudayaan Sunda. Anu lalajo dibéré kasempetan pikeun nelepon, ngayakeun interaksi, boh nanya, mairan, atawa ngadebat sacara langsung.

Dina malem Juma’ah, 11 Séptémber 2008, Golémpang ngulem wawakil crew jeung pamaén “Hamzah Sang Singa Alloh”. Anu ngaluuhan téh tangtu baé luluguna Rosyid É. Abby, minangka nu nulis naskah jeung sutradarana. Kang Rosyid ngajak kuring, Bah Awi, Rinrin Candraresmi, Conie Galang Karimun, jeung Astri (Enci).

Dina éta wangkongan, anu dipadungdengkeun téh perkara garapan “Hamzah Sang Singa Alloh”, ti mimiti dasar pikiran tug nepi ka tujuan digelarna éta drama Ramadhan. Ieu pagelaran téh mangrupa rampak gawé para siswa SMA Pasundan 3 Bandung anu ngagabung dina pakumpulan Téater Senapati. Drama “Hamzah Sang Singa Alloh” minangka garapan anu katilu kalina. Bulan Ramadhan 1427 H, Téater Senapati ngagelar “Kasidah Cinta Jalma Nu Iman”, Bulan ramadhan 1428 H, ngagelar “Sang Muadzin”, sarta dina Ramadhan taun ieu (1429 H), ngagelar “Hamzah Sang Singa Alloh”.

Kuring milu maén dina ieu garapan téh lantaran kataji ku pintonan “Sang Muadzin” anu digelar taun 2007. Basa kuring lalajo drama “Sang Muadzin”, kuring nepi ka nyurucudkeun cimata. Nya harita kuring geus niat, lamun taun 2008 Téater Senapati ngagarap deui, kuring rék miluan. Alhamdulillah, saméméh pok nyarita ogé, Kang Rosyid geus leuwih tiheula nawaran jadi pamaén.  Gasik wé ditarima, angkanan téh rék dititah merankeun Hamzah. Tapi…dina emprona kuring kabagéan merankeun ABU JAHAL. Teu ditampik, da sutradara leuwih apal kana karakter kuring. Jeung deui, mémang ngan tokoh éta sigana mah nu bakal kajiwaan téh. Saméméhna, basa Paguyuban Sandiwara Sunda Bandung ngagelar sandiwara “Perang Bubat”, kuring ogé diajakan maén. Mimitina mah ngarep-ngarep hayang merankeun Bunisora Suradipati. Ari dina emprona kuring kabagéan merankeun… GAJAH MADA.

Boh Gajah Mada atawa Abu Jahal, duanana ogé tokoh anu dipikaceuceub ku kuring. Ku kituna, kuring kudu diajar mikaceuceub diri sorangan. Gampil jeung bangga. Gampilna, pan kuring jalma nu réa dosa, tukang nyawad ka batur bari tara paduli rék nganyerikeun haté. Sabalikna, ari dicawad ku batur mah kuring téh embung. Kajeun ngadu argumén heula  batan kudu narima panyawad mah. Apan kalakuan kitu téh matak pikaceuceubeun diri sorangan. Tapi banggana… apan anu dipikaceuceub téh diri sorangan. Sabandel-bandelna diri sorangan, tangtu baé bakal dipangmeunangkeun ku diri sorangan mah.

Antukna pikeun neuleuman karakter Abu Jahal téh, kuring macaan buku-buku taréh jeung lalajo film The Message, anu disutradaraan ku Mousthapa Akkad.

Puguh baé mangrupa gawé rancagé para rumaja anu kudu diajénan tur dirojong. Ku kituna, mending lalajo baé sacara langsung ka Gedong Kasenian Rumentangsiang, Jl. Baranangsiang No.1, Bandung, tanggal 19, 20, jeung 21 September 2008. Karcisna ukur Rp 10.000,-. Asa mahal kénéh lalajo film ka bioskop.***

 

DHIPA GALUH PURBA