Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 25-05-2008 |
Ku Sayudi
Onih bulu taneuh urang dayeuh
keur leutik mongmongan ema
hirupna nyampak di bapa
ceurik ukur ku paménta
teu nyaho di wujud dunya
Geus gedé ténjona jodo
dirangkul lamunan éndah
ngapak ngapung muru jauh
tinggal kalangkang ngayangkang
Kamari Onih patali jangji
ka ponggawa ngabuhaya
dasar Onih sisit kadal
geus nahun cintana gagal
heneg di dada teu suda
Ayeuna Onih rumaja
awakna montok cintana hapa
kelet pamélét udagan duda
seuri Onih seuri duit
hirup di dunya tanpa cimata
(tina Lalaki di Tegal Pati, Rahmat Cijulang)







