Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 03-12-2009 |
Sajak TONI LESMANA
Ngimpleng-ngimpleng pangreureuhan
Sabot damar sakarat. Boa lebah janari
Dina dzikir reumis
Lebah sora ajag nu pamungkas
Ngimpleng-ngimpleng pangreureuhan
Sabot damar sakarat. Boa lebah balébat
Dina salambar halimun
Lebah sora manuk munggaran
Ngimpleng-ngimpleng pangreueruhan
Damar saukur dadamaran
Da léngkah geuning tuluy lumampah
Boa moal kungsi reureuh: apan tatu tacan kénéh liput!
Dimuat dina Mangle No. 2164








bade naros ,. upami “inti sari” tina sajak ieu naon nya ,. janten ,. ieu sajak teh nyaritakeun naon ,..
hatur nuhun,.
By: asep budak cianjur
hidup persib
Aya Tugas Di Titah Nyieun Sajak Ieu Wehk Ahk …!!!
Ada Tugas Bhs.Sunda Suruh Bikin Sajak Ini Aja Ahk …!!!
Mani anteb pisan kana hate, punten nyuhunkeun widi disalin kana pesbuk. Hatur nuhun kang Toni….
di titah neangan sajak 3 bait 6 jaja tapi teu aya.