Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 28-09-2008 |

Ku ROCHAJAT HARUN

KASEBUTNA urang Sunda, ngaku asal Bandung, malah kolotna gé meleg-meleg asli urang Gegerkalong, éstuning pituin urang Sunda. Na atuh ari ngomong Sunda mani balépotan? Jajauheun atuh kana bisa nulis ku aksara ha na ca ra ka atawa ka ga nga mah. Ieu mah boh nulis, maca atawa ngomong gé asa mani amburadul. Padahal maranéhna téh geus jadi mahasiswa seméster opar jurusan atawa program studi Pariwisata di UPI.

Pa, kemarin kita mukaan situs Galuh-Purba.com, kan tugas ti bapa, harus cari artikel-artikel pariwisata di internet,”

Manggih?” Kuring nanya, bari gék diuk gigireun manéhna.

Ada pak tapi kurang gitu ngerti. Tulisannya paké basa Sunda. Bacanya kudu bolak-baik. Untung ada teman, jadi rame-rame bacanya. Baru ngerti,”

Haaar pan didinya téh urang Sunda?” Kuring nanya rada nyereng.

Enya, tapi gimana atuh nya. Di sakola gé da teu diajar basa Sunda,” pokna.

Kuring ngahuleng, hareugeueun. Omongan kitu téh lain saukur ti manéhna wungkul, tapi ampir ti sakabéh mahasiswa saentraganana. Boh lalaki boh awéwé. Eumh… deudeuh teuing, nonoman Sunda nepi ka kituna. Bisa jadi isuk jaganing géto mah basa Sunda téh ukur tinggal ngaran wungkul.

Mang Koko (kenca) jeung Wahyu Wibisana (katuhu)

Ras kuring inget kana kajadian taun 50-an, waktu kuring keur sakola kénéh di SMP Garut. Dina waktu pangajaran Pa Suparma, guru basa Sunda, mantenna ngadadarkeun sababaraha pupuh Sunda. Barang ngajelaskeun pupuh dangdanggula, anjeunna tumaros, ”Mun ku tembang Cianjuran kana naon luyuna?” Barudak taya nu némbalan. Duka teu terang, duka alatan sieun. Sadayana ngabetem. Na atuh bet kuring nu nyelengkeung lalaunan, bari teu sadar.

Bayubud, pa…” Batur sakelas curinghak, ngalieuk ka kuring, kalebet Pa Suparma. Kuring tungkul, éra parada, da éta mah kaceplosan. Terang kitu téh pédah éta wé jenatna pun biang sakapeung sok hahariringan tembang Cianjuran bari ngais adi bungsu.

Taaaah alus, Yat. Cing ka hareup! Tembangkeun ku Bayubud, Jang!” Kuring beuki muringis. Késang badag-késang lembut maseuhan awak. Enya ari bisana mah, tapi teu wani ka hareup. Harita mah éraan pisan kuring téh.

Yat, kahareup!”

Kuring anggger ngahunted, tungkul. Malah maké hayang ceurik sagala. Kawasna Pa Suparma bendu. Ningali kuring cicing waé, mantenna nguniang bari tuluy nyampeurkeun. ”Tah kitu geuning adat urang Sunda téh. Kuméok méméh dipacok! Paribasa bilih ngisinkeun. Iraha atuh rék majuna urang Sunda téh? Budayana sorangan teu dihargaan, malah kalah dipopohokeun!” Pa Suparma rada nyeuneu.

Kajadian kitu téh 50 taun kaliwat. Ari kiwari bet kapanggih deui, kaalaman ku mahasiswa asuhan kuring. Urang Sunda henteu nyunda. Jajauheun atuh mun bisa ngalarapkeun basa Sunda nu lemes mah, nu puguh undak-usukna. Nu kadéngé téh dina obrolan sapopoé, ukur basa amburadul wé, basa Sunda lain, basa Indonésia lain. Malah ditambahan ku kecap-kecap garihal saperti ”sia”, ”aing”, ”anjing”, ”bagong” jeung sajabana. Emmhh, rék dikamanakeun atuh ieu basa indung téh?

Éhhh bapak ngelamun ye?“.

Lain ngalamun, ieu mah keur ngalenyepan kawih sanggian Mang Koko anu rumpakana diserat ku Wahyu Wibisana. Bet matak waas…“ témbal téh pondok.

Lagu naon, Pa?“

Kawih klasik, maranéh mah tangtu moal nyaho nya: BULAN BANDUNG PANINEUNGAN. Kiwari ukur panineungan“.

Ih bapak mani GR kitu, kita mah tak tahu, tak ngerti ah,“

Lain nyeni ieu mah, kunyuk!” Nyebut kunyuk mah na jero haté wé. Bisi kasigeung. Ras deui inget kana kawih Mang Koko tadi, bet asa kagagas, sok sieun basa jeung budaya Sunda tumpur. Bisa kajadian, Sunda tinggal ngaran, jati kasilih ku junti.

Kuring gahariring na palebah dua bait pamungkas:

 

Harewos peuting, marengan hiji lamunan.

Bulan di langit Bandung, nyaangan.

Ngagentenan paneuteupna, pangimplengan.

Langit isuk angger biru nya eulis, da angger biru.

 

Hariring peuting, pangiring hiji impian.

Bulan di langit Bandung nyaksian.

Wawakil ti pameunteuna, panineungan.

Kembang mawar angger beureum nya eulis, duh angger beureum.

 

 

Bandung, Ramadhan, 1429 H