Statistik

≈ Tulisan: 1600 tulisan
≈ Kategori: 44 kategori
≈ Komentar: 26124 komentar
≈ Hit: 906.455 kali
PulsaSuper.Com

Niaga VCD Pop Sunda

VCD POP SUNDA “BUDAK SAHA”

Sabada suksés medalkeun albeum “Indung” (Cipt: Uko. H), saterusna Wina ngagalindengkeun deui lagu “Budak Saha” (Cipt: Dedi Krisna) anu sakaligus dipaké judul albeumna anu kadua. Téma laguna masih kénéh ngeunaan indung, tapi dina “Budak Saha” mah leuwih nyoko kana konflik batin hiji budak anu digedékeun di panti asuhan, kereteg nu makasono indung-bapa nu teuing saha jeung tangtuna ogé teuing dimana.

Wina Juliana, ngaran lengkepna. Penyanyi pop Sunda nu mangkak rumaja, mibanda sora halimpu matak gantung dangueun. Ieu penyanyi kalahiran Bandung, 4 Juli 1992, geus némbongkeun préstasi nyongcolang minangka penyanyi entragan ngora. Écésna… teu acan apdol upami tacan kagungan VCD-na.***

VCD Pop Sunda “Saukur Cimata”

Nu ngahaleuangna Lia Refani (Guru SMA BPI 3 Bandung, Penyiar Radio Antassalam FM Bandung)
Soantenna halimpu tur matak gantung dangueun. Mangga buktoskeun!
Kaset sareng VCD “Saukur Cimata” tiasa digaleuh di toko VCD caketeun bumi sugri.
Atanapi pesen ka: 081 80 999 2699

Pangaos Rp 20.000,- ditambih ongkos kintun Rp 10.000,-. Ka sugri anu bade ngagaleuh, kantun transper ka rekening BCA. No: 2830376812 – atas nami: M. Sudama Dipawikarta.

Saatos nransper, sumangga informasikeun ngalangkungan telepon atanapi SMS ka 081809992699, sakantenan maparin alamat anu salengkep-lengkepna. Pesenan sugri tangtos baris dikintun saenggal-enggalna.

Kauntungan atanapi bati tina ngical VCD ngalangkungan ieu web, baris digunakeun kanggo waragad operasional www.galuh-purba.com geusan langkung ngeuyeuban rupaning seratan anu patali sareng kasusastraan, kasenian, sareng jembarna kabudayaan bangsa.

Hayu urang ngajenan karya para seniman Pop Sunda ku cara: henteu meser VCD BAJAKAN!

VCD Pop Sunda anu tiasa dipesen ku Para sugri dunya maya diantawisna:

  1. Saukur Cimata (Lia Refani)
  2. Cimata Kembang (Detty Kurnia)
  3. Keun Wae (Aci Jessica)
  4. Budak Saha (Wina)
  5. Dadali Manting (Darso)
  6. Tunggul Rahayu (Wina)
  7. Di mana Bapa (Wina jeung Lilih)
  8. Kembang Mumunggang (Dedi Krisna)
  9. Baluweng (Oon)
  10. Dulag Dug Ter (Melisa Sugar)
  11. Bentang Cilampuyang (Darso)
  12. Ka Salira (Yayan Jatnika)
  13. Si Borokokok (Ema Ardana)
  14. Ditarik Kawin (Tedi Asbul)
  15. Leungiteun (H. Dodi Mansur)
  16. Kudu ka Saha (H. Dodi Mansur)
  17. Galak Timuru (Bungsu Bandung)
  18. Ranjang Panganten (Bungsu Bandung)
  19. Kalapa Ngora (Tika Zenitya)
  20. Bentang Midang (Rika Rafika)
  21. Ka mana (Nining Meida)
  22. Urang Tepang na Implengan (Rita Tilla)
  23. Karaos Bae (Eva Ardana)
  24. Qosidah Sunda Syifana
  25. Masket (Putri Bandung All Pro)
  26. Asmara (Rika Rafika)
  27. Karaos Bae (Erma Ardana)
  28. Panganten Anyar (H. Dodi Mansyur)
  29. Kalapa Ngora (Tika Zenytha)
  30. Nasib (Yayan Djatnika)
  31. Ucing Gering (Barakatak)
  32. Anak Jalanan (Kustian Makalangan)
  33. Kagoda (Dewi Azkia)
  34. Persib Nu Aing (Yana Kermit)
  35. Sancang Cijulang (Darso)
  36. Bentang Cilampuyang (Darso)
  37. Bonganna (Deti Kurnia)
  38. Bae We (Artis BBR)
  39. Kudu ka Saha (H. Dodi Mansur)
  40. Top Pop Sunda 2005 (Yana Kermit)

 

15 Komentar pada tulisan “Niaga VCD Pop Sunda”

  1. ujang - March 25th, 2008 at 12:50

    kang pami made ngical lagu kumaha nya carana? abdi peryogi artos…


    Cobi tawiskeun ka PH, bari maparin contona salagu mah dina CD. Abdi nuju peryogi, tapi honorna teu acan menjanjikan.

  2. Nurdin - July 17th, 2008 at 11:31

    punten kang bade tumaros, katineung den minor sareng mang koko judulna hamdan tos aya vcd atanapi cd audio-na ? Abdi hoyong pisan… Hatur nuhun


    Sakaterang abdi mah Katineung (Den Minor) sareng Hamdan (sanggian Mang Koko) teu aya icalan dina wanda VCD atanapi CD audio. Upami kasetna mah aya. Nanging duka upami ayeuna tos aya mah. Nuhun.

    DHIPA GALUH PURBA

  3. Setragalih - August 14th, 2008 at 03:07

    Hatur Nuhun kana Ropeka Ieu Web , nambihan wacana
    simkuring kanggo ngamumule Basa Sunda,anu rumaos sabaraha welas taun ieu ngagunakeun basa sunda teh mung 10% tina kahirupan kumargi lingkungan sadidinten. Pamugi Web ieu langkung Majeng tur Janglar ngawakilan Urang Sunda.


    Sami-sami, hatur nuhun parantos kersa rurumpaheun linggih, sarta kana pidu’ana.

    DHIPA GALUH PURBA

  4. dadan - September 8th, 2008 at 02:23

    abdi hoyong pesen VCD asli pop sunda Kustian makalangan, di Banten mah sesah teu aya. Aya ge nu bajakan, kuhama nya meserna ? Abdi asli urang Garut, ngan ngalalana di Banten tos 10 tahun. Sono Pisan kana kawih-kawih sunda teh. Nyungkeun biografi Kustian, eta murangkalih teh asalna timana? putra saha? meni resep soantena sae pisan.


    Sumangga anu meryogikeun VCD Pop Sunda, kantun pesen bae sakumaha anu ditetelakeun dina kateranganna. InsyaAlloh ieu situs seja ngestokeun pisan sadaya amanat ti nu ngaranjang. Perkawis Biografina, sumangga engke bade dipaluruh. Hatur nuhun kana perhatosanana.

    DHIPA GALUH PURBA

  5. Aang Z - September 27th, 2008 at 06:18

    aduh kang salam pangwanoh bae…

    Aduh kang bade tumaros yeuh album anu enggal ayeuna tisaha nya anu nuju booming???
    peryogi pisan terangna soalna simkuring mah disurabaya.

    Anu enakeun simkuring mah mikamemet pisan kana lagu sunda teh…

    Hatur nuhun


    Numutkeun paniten mah lagu Kustian anak Jalanan anu nuju dipikaresep teh. Sanaos kitu, lagu-lagu Darso tetep bertahan dina hate para pecinta pop Sunda, kayaning lagu Kabogoh Jauh, Dadali Manting, dsb. Lagu2 Rika Rafika, Dea Rizky, Lia Refani, Detty Kurnia oge tetep sering diputer di radio-radio.

    DHIPA GALUH PURBA

  6. maman tardi - November 30th, 2008 at 07:10

    kang bade tumaros upami vcd karokean kawih kacapi suling tos medar teu acan kang .
    manawi aya di aya dimana ngagalehna kaleresan simkuring padumukan di daerah Dago Bandung . haturnuhun

  7. Alam - December 15th, 2008 at 07:08

    Upami lagu tos aya Klip tosa aya mung hoyong diedarkeun kumaha nya kang?

  8. Alam - December 15th, 2008 at 07:11

    Pami tiasa mah kang seratan biografi penyanyi sunda supados langkung mengenal sosokna. atanapi abdi nyuhunkeun.

  9. Eli - May 18th, 2009 at 10:05

    Mlikum bd tmaroz perkawis album teh dewi
    Azkya nu engal naha nya seueur nt teu ngango kbya?pdahal sae nganggo kbya

  10. Dany - July 18th, 2009 at 05:03

    Kang bade tumaros ari wina orang bandung na d daerah mana?

  11. Sanny megiawati Ningsih - August 7th, 2009 at 02:59

    Wilujeng Siang Kang,

    Bade tumaros. Lagu sunda Dhea Rizky ” sorangan” dimana tiasa di galeuhna? margina sesah pisan abdi milari di toko kaset.

    Hatur nuhun,
    Sanny

  12. yan - August 30th, 2009 at 07:23

    wina kapan manggung di bandung barat diantos pokokna mahlah

  13. ERIK - October 25th, 2009 at 15:51

    MAS KENAPA LAGU PAFOROT SAYA KO GA BISA DI DOWNLOAD
    PADAHAL AKU ORANG SUNDA

  14. ahmed - November 6th, 2009 at 04:58

    punten kang abdi hoyong lagu sunda Hetty Koes Endang judulna Ambon Sorangan kemananya milarian CD na

  15. Paps - November 27th, 2009 at 05:26

    assalamualaikum wr wb. Punten kang gaduh biografi sareng diskografi lagu2na Oon B ? hatur nuhun kana kersa waleranna

Isi komentar.

Pencarian


Kingkilaban

Katumbiri

Bedah & Niaga