Kategori: Suatu Hari | Diterbitkan pada: 21-11-2008 |


Rebo, 19 Novémber 2008

 

WANCI Magrib anjog ka redaksi Majalah Cupumanik, keur meujeuhna hujan ngaririncik. Kasampak aya Kang Hawe Setiawan jeung Agung Julianto. Aya kétang Atep Kurnia ogé, keur ngaguher. Wanci magrib kalah ngaguher! Kapaksa wé digugubrag. Rék diajak ningali Paméran Ilustrasi Cerpen Pilihan KOMPAS 2007, anu lumangsung di Galeri Soemardja, FSRD Institut Teknologi Bandung. Mangkaning dina ondanganna, acara téh dimimitian jam 19.00 WIB.

Ari Kang Hawe mah jelas moal bisa ka ITB, da bentrok jeung urusan moka (mojang-jajaka). Cenah mah Kang Hawé kudu ceramah hareupeun mojang-jajaka. Jadi, Kang Hawe nitip salam baé cenah ka Kang Ucok. Saméméh mangkat jeung Atep, nelepon heula Dadan Sutisna. Horéng Dadan keur di rohangan Jurusan KPI UIN Sunan Gunung Djati. Hujang beuki ngecrek. Tapi teu mungkin lamun kudu ngajemput heula Dadan ka kampus UIN. Solusina, Dadan nu kudu huhujanan ti Cipadung ka Buahbatu. Keun wé itung-itung mandi. Antukna miang ti redaksi Cupumanik téh jam 19.00 WIB. Jadi, datang ka ITB téh acara pembukaan geus lekasan. Keur meujeuhna parasmanan sangu konéng jeung aranteng neuleuman ilustrasi cerpen anu dipamérkeun téa.

Tadina mah rék langsung ningali paméran ilustrasi, tapi karunya Atep geus teu kuateun lapar. Jadi, parasmanan wé heula. Kabeneran panggih jeung Mang Jamal, mahasiswa S-3 ITB. Atuh geus kitu mah tuluy wé dahar babarengan, ngajajar. Sabot Mang jamal malaweung, kuring masih kaburu nyumputkeun mangkok mie kocok nu Mang Jamal, ditunda deukeut Dadan. Teu lila, Mang Jamal kokotéténgan néangan mangkok, da puguh weuteuh kénéh mie kocokna.

Sanggeus réngsé ngahantem sangu konéng, tuluy tingkelepus arudud bari nengetan mahasiswi ITB nu malancrit. Aéh… boa mahasiswi mana kétang, da anu diondang téh apan ti mana-mana sigana mah. Ceuk Mang Jamal, dina bubuka acara, Kang Ucok  jeung Kang Dedi Muhtadi (Redaktur Kompas Jabar) biantara. Ari nu ngaresmikeun muka acara paméran mah Sam Bimbo. Karérét éta ogé, Sam Bimbo keur uplek ngawangkong jeung Kang Dedi.

 

Bring ka rohangan Galeri Soemardja. Tuluy ngalenyepan ilustrasi-ilustrasi cerpen anu dipamérkeun. Euleuh-euleuh… enyaan diajénan pisan karya sastra téh. Kliping cerpeénna ogé dipiguraan, dipajangkeun. Jadi, anu tacan sempet maca cerpenna, bisa harita langsung dibaca. Bisa diteuleuman ogé patalina antara cerpen jeung ilustrasi. His… puguh baé hayang pisan cerpen dimuat ku Kompas. Hanjakalna nepi ka ayeuna tacan aya cerpen kuring anu dimuat ku Kompas, da puguh ngirimkeunna ogé tacan kungsi.

 

Sajabana dipiguraan tur dipajang di rohangan paméran téh, ilustrasi-ilustrasi cerpen dibukukeun, tur diterbitkeunana ku KOMPAS. Aya panganteur ti Bre Renada (Redaksi Harian Kompas) jeung Efix Mulyadi (Bentara Budaya), sarta panganteur ti Eddy Soetriyono (Pemimpin Redaksi C-ARTS, majalah internasional ngeunan senirupa kontemporer Asia), kalayan judul panganteurna: “Ilustrasi Cerpen Kompas: Merangsang Tradisi Proses Penciptaan Baru di Dunia Seni Rupa Kontemporer Indonesia”.

Neuteup ilustrasi cerpen Kompas mémang moal bisa ku panon “bolostrong”. Sigana perelu weruh heula kana élmuning seni rupa, kakara bisa nyindekkeun lebah mana unggulna jeung lebah mana héngkérna. Ninggang ka panon kuring anu “bolostrong”, neuleuman ilustrasi téh ukur dumasar kana rasa anu dipangaruhan ku pangaresep nu kalintang subyéktif. Anu ngahudang pangabetah pikeun dilenyepan téh diantarana ilustrator beunang Acép Zamzam Noor (ilustrasi cerpen “Musibah”, karya Jujur Prawanto, dimuat 14 Januari 2007)., beunang I Wayan Ledang (ilustrasi cerpen “Tanpa Pelayat dan Mawar Duka” karya  Martien Aleida, dimuat 4 Februari 2007, beunang Dian Anggraini (ilustrasi cerpen “Kursi Empuk di Dada Sumarti”, karya Pamusuk Eneste, dimuat 10 Juni 2007), beunang Hermanu (ilustrasi cerpen “Dua Tanjung”, karya Farizal Sikumbang, dimuat 2 September 2007), beunang Sari Asih (ilustrasi cerpen “Ceracau Ompu Gabe”, karya Hasan Al Banna, dimuat 30 Desember 2007), beunang Andar Manik (ilustrasi cerpen “Siit Uncuwing”, karya Rieke Diah Pitaloka, dimuat 21 Oktober 2007), beunang AS Kurnia (ilustrasi cerpen “Gerhana Mata”, karya Zenar Maesa Ayu, dimuat 20 Méi 2007), jeung sajabana. Lamun kuring dititah milih, dinatara ilustrasi-ilustrasi anu dipamérkeun, pasti kuring bakal milih ilustrasi beunang Sari Asih. Teuing kumaha, da panon téh hayangna manco lebah dinya. Nya, sakali deui, panon kuring mah masih “bolostrong”. Rét ka lebah Dadan jeung Atep. Nagenna téh di hareupeun ilustrasi anu béda. Hartina, pangaresepna béda. Di satengahing rohangan galeri, aya kacapi. Bet asa wawuh kana kacapi téh.

Ukur sajam leuwih di Galeri Soemardja téh, sabab jam 22.00 WIB kuring geus kudu aya di Radio Shinta, bagéan siaran. Saméméh mulang, di buruan galeri panggih jeung Kang Dedy Satya Hadianda, dosen STSI Bandung nu geus dianggap lanceuk. Kang  Dedy téh ngaluluguan Zithermania. Paingan atuh bet asa-asa wawuh kana kacapina. Hanjakal pisan leuir datangna. Jadi, teu kaburu nyaksian heula pintonan Zithermania. Kuring ogé kalintang mikalandep kana pintonan Zithermania, sajabana ti mikalandep pintonan Sambasunda. Sawatara taun katukang, kuring milu jeung rombongan Zithermania, basa rék minton di Surabaya.

Pamungkasma, wilujeng ka para pelukis anu karyana geus jadi ilustrasi cerpen pilihan Kompas. Umumna, kana sakur ilustrasi kuring mikalandep. Ngaran-ngaran pelukis anu ilustrasina dipamérkeun téh salengkepna nyaéta: Acep Zamzam Noor, Amélia Lestari, Andar Manik, As Kurnia, Ayu Arista Murti, Dyan Anggraini Hutomo, Erica Hestu Wahyuni, Frans Nadjira, Grace Tjondronimpuno, Hanafi, Hardiman, Hermanu, Herry Dim, I Nyoman Wirata, Ipong Purnama Sidhi, Isa Perkasa, Ivan Sagita, Kuss Indarto, Ketut Susena, Made Arya Dwita Dedok, Made Budhiana, Made Supena, Made Surita, Melodia, Mujahiddin Nurrohman, Nasirun, Nindityo Adipurnomo, Nining Fathia, Nyoman Erawan, Putu Sutawijaya, Re Hartanto, Rudi Mantofani, Sari Asih, Syahrizal Pahlevi, Tatang BSP, Wayan Ledang, Wayan Redika, Wayan Suja, Wayan Sujana Suklu, Wiediantoro, jeung Yuswantoro Adi. Jadi, lamun ditilik tina ngaran mah, karéréaanna pelukis-pelukis ti Bali.***

 

DHIPA GALUH PURBA