Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 03-12-2009 |
Sajak RIZAL SABDA
Montong nyarita ngeunaan logika
Lamun diri can siap nandangan kanyenyerian
Da kapan ari hirup téh lir ibarat sora dulag
Keur wayah pada narabeuh dihaja-haja pada nyararék
Montong ngarasa diri baroga jasa
Sangeunahna kumagungan meunang di kula
Kapan ari hirup mah lain saulas sausap kecap
Sagalana kudu jeung rasa ngarah hirup teu matak
Nandang tunggara
Najan batu-batu gunung kiwari geus jadi pamuntangan
Da angger ari jalan mah moal leupas ti manusa jeung Gustina
Majar keur usum walilat mungguh jurang mah moal aya nu nyampeurkeun
Ka hareupeun panon urang kapan?
Dimuat dina koran Galura Minggu III/Nopémber 2006

































