Kategori: Sosok | Diterbitkan pada: 07-01-2008 |
MOAL aya anu bireuk deui ka juru mamaos asal Garut anu manis tur someah, Ida Widawati, tea. Boga sora anu kacida lemes tur halimpuna, dibawa ka luhur empuk, diajak ka handap galindengna matak tibelat. Sora Ida memang boga wanda sorangan.
Basa nganjang ka Mangle, diajakan ngawangkong bari diselang ku ngahariring, gepyak pisan. Ida Widawati ti leuleutik geus maher ngahariring, digedekeun di tengah-tengah kulawarga seniman sagemblengna.
**
Baheula pagawean dipeunteun juri, da ludeungan milu pasanggiri-pasanggiri mamaos, lolobana anu diayakeun ku DAMAS. Ayeuna jadi purah meunteun, jadi juri. Jadi urang DAMAS deuih ayeuna mah Ida teh. Dibere nyaah ka DAMAS , hayang ngamalkeun elmu ka adi-adi di DAMAS kiwari anu baroga kahayang bari jeung enya-enya daekna diajar jeung neuleuman mamaos.
Da eta mah basa aya selenting DAMAS arek bubar tea, deuh nu ngaran Ida nyeri hatena, nyeri pisan. Teu sirikna nulak cangkeng bari molotot. Ceuk Ida teh “Pek wae arek bubar mah, tapi kasenianana arek dicokot ku Ida. Alhamdulillah Gusti nyaaheun ka DAMAS, teu tulus bubar ning. Ida aktip tepi ka ayeuna” kitu dongengna. Unggal Jumaah Ida ngalatih di DAMAS teh.
Kakara tah, taun 2001 pasanggiri DAMAS saeutik ngomong loba digawe. Ketuana Indi Sumarna, ngaguluyur ngageuleuyeung. Nu biasana waragad kurang, Alhamdulillah ayeuna mah aya sesana.
Ngabubarkeu panitia ti dituna mah, diwaragadan ku sesa pasanggiri. Nyaba ka gunung. Da pangurus ayeuna mah kawula ngora wungkul, angkatan 2001, jiwana bener-bener reformatip, aktip kreatip, pokona hebring weh. Ari nyaba ka gunung, da ayeuna mah geus jadi tradisi di DAMAS teh. Dipupuhuan ku Kang Iwan Abdurahman tuda, nu ngarumpakaan “Melati Dari Jayagiri” tea. Guneman jeung alam, nu endah asri, jauh tina karamean duniawi. Kahontal tah nuansa lagu Eros
(Pupuh Asmarandana) anu rumpakana;
Cihcir ngawih tengah peuting
ciang-ciang lir midangdam
pepenggeng teu daek repeh
hayam kokotak sawajar
gaang anu ngagandengan
ungkut-ungkut ngengkung subuh
balebat nu didagoan ….
Mamaos tea atuh romantis, nurihan hate. Saur wartawati Ida Yurinda Hidayat mah anu ayeuna jadi Ambu Tani di Palasah Sumedang, ari ngupingkeun mamaos teh, sok hayang boga deui kabogoh …. Tuh pan! Pangaruhna sarua jeung seriosa.
Breh dina ciptaan Purnama Alam jeung Dewi Permanik, gaya bobogohan anu klasik, ah sugan mah
Ipukan Ema Jeung Bapa
Ka MANGLE panjang lebar Ida medar lalakon. Prangna salse pisan harita teh, bari ngabuburit, ceuk Ida anu dianteur ku dua mojang petinganana anu gareulis.
Ti leuleutik Ida hirup di lingkungan seniman nu sagemblengna. Digedekeun ku haleuang jeung hariring. Bapa Ili Sadeli ti Jalan Pramuka (baheula mah Jalan Malati) boga pakumpulan kasenian, Lingkung Seni Malati, ngalap kana ngaran jalan. Muridna diantarana Wawa Purwasih jeung Ita. Ari guruna Uwa Abu Sumekar, dedengkot Cianjuran saangkatan Ibu Saodah. Jadi, Ida mah memang ti bebenjit keneh pisan, malah ti barang brol geus dieyong-eyong ku kacapi suling jeung mamaos, hirup di tengah-tengah kasenian tradisional. Bakat alamna kageroh kaasah.
Lingkungan gede pisan mangaruhanana kana kahirupan saterusna. Oge nangtukeun hirup Ida saterusna. Kana musik oge da miluan Ida mah, keur nasionalna eta teh. Tapi sepuh teu panuju Ida jadi penyanyi atawa biduan. Ku kituna ti barang sup ka SD, Ida milu Rampak Sekar. Atuh upama di sakola aya raramean teh, Ida mah salawasna tandang. Naon we, boh nyanyi, boh ngahaleuang. Pinton anggon oge ludeung. Ngibing oge hayu. Pokona kasebutna kasenian mah, ku Ida tara diliwat. Mun tandang ka pakalangan, milu pasanggiri-pasanggiri, ti leuleutik oge sok juara kahiji wae. Sang juara we sugan mah. Kusabab budak keneh meureun, sangkilang geus nyitak prestasi hade, da asa teu nanaon.
Harita di SD teh geus kelas lima. Lanceuk Ida anu di SMEA milu maen Gending Karesmen di sakolana. Kang Duduh Sadarahmat jenenganana teh, ayeuna mah Administratur perkebunan di Semarang Jateng. Si Akang dipercaya jadi Kanjeng Raja dina gending karesmen teh.
Ngaranna ge Gending Karesmen, jiga Opera, dialogna ku lagu.
Dilatihna ku Abu Sumekar, Uwa sorangan. Ida mah ulin we titirilikan, nu latihan jongjon latihan, jiga anu bareurat, hese naker. Atuh Uwa teh rada pusingeun ngalatih Si Akang anu belet.
“Geus ah cape.Genggerong siga songsong, can bisa salagu-salagu acan ieu teh. Abu rek solat heula”, Si Akang ditinggalkeun ku Abu.
Laguna the Wani-wani. Unggal tepi ka bait ka tilu nu kalimahna “ujug-ujug popolotot ….. “. Unggal tepi ka lebah dinya Kang Duduh bangun anu kaselek …”Ujug-ujug ti … ti … ti … po… po!” anehna hate dibere geregeteun. Padahal ceuk sarerea oge, Ida teh anteng we ulin sorangan, jiga anu teu paduli kanu latihan. Tapi jol gorowok teh “Ih geuning kitu, da sanes kitu …sanes!”
Kang Duduh malik bangun anu kaget, pokna teh “Kumaha atuh, nyempad we ka batur!” ana galindeng teh Ida ngahariringkeun Wani-wani, bener-bener wani tur ludeung, bisa deuih, bisa pisan, pas kitu kuduna. Atuh puguh Bapa Ili Sadeli kageteun, sarerea ngarenjag, terus melong ka Ida. Ema Enok ngarontok “Gusti … nya ieu nu bakal neruskeun teh, boga geusan pigantieun Ema jeung Bapa. Nuhun Gusti!” Ida ditangkeup tipepereket, soanten Ema dareuda. Sarerea ngucapkeun Alhamdulillah. Ida mah ngajengjen we. Asa teu aya nanaon.Batin sepuh memang awas.
Ida anu tadina kahayang sorangan milu kana rupa-rupa kagiatan kasenian teh, atuh ayeuna mah langsung dituyun ku Ema jeung Bapa. Dituyun diasuh, diasah ditataharkeun keur poe isuk, pikeun narima warisan sepuh,leuwih enya-enya. Ida sorangan oge leuwih soson-soson neuleumanana. Nya ieu ipukan Ema jeung Bapa anu bakatna kapanggih sacara alami teh, geus nyampak. Sirung tinggal nyeboran jeung muyun ngadama-dama.
Dilatihna ku Abu Sumekar. Basa milu pasanggiri, harita kelas lima SD sakola oge, Ida ngelehkeun Wawa jeung Ita batur saguru. Diembarkeun jadi juara kahiji teh bengong we, tapi geus tepi ka imah mah jujungkiran awahing ku bungah, “Ida juara … Ida juara!”
Mimiti Saba Nagara
Nincak SMP kelas 1-2, Ida tambah getol milu pasanggiri, boh DAMAS boh non Damas. Basa pasanggiri SLTP sa Jawa Barat, Ida juara kahiji, SMA kelas I kakara milu pasanggiri DAMAS, Alhamdulillah juara kahiji. Diantara lagu-laguna teh EROS, anu cihcir ngawih tengah peuting tea. Melankolik Eros mah, romantis.
Najan prestasi beuki luhur beuki nanjak, tapi aneh, hate mah teu robah, Ida we, mojang lembur, suku Gunung Guntur, taya punjulna ti batur. Ukur leuwih pinter ngahaleuang meureun embohna teh.
Ti saprak sering ngahaleuang di Bandung, Gupernur Jawa Barat, harita Pa Solihin GP, sering mundut sangkan Ida ngeusian acara-acara di gupernuran. Pokona aya karamean naon bae, kaasup upama aya tamu agung, Ida kudu ngahaleuang.
Nelepun heula Pa Ihin ka Pa Bupati Garut, harita Pa Hasan Wirahadikoesoemah. Atuh mun Ida keur sakola keneh, ajudanna sok mapagkeun ka sakola, terus weh ka Bandung diboyong. Tepi ka ayeuna oge Pa Ihin sareng Pa Hasan ngangken putra. Komo eta mah Pa Ihin da uninga peresis kana kasakit goreng patut Ida, renjagan tea, mun nelepun, saurna nyauranana teh sok “Si Kan… .” saenyana henteu jorang da di Sunda mah sok dipake sapopoe mun nyebut sarupaning barang. Ku Pa Ayip Rosidi oge geuningan dipake judul bukuna “Kanjut Kundang” tah eta. Bedana Ida mah teu make kundang “Engke arek dipapagkeun nya!” saur Pa Ihin teh.
Taun 1974 Ida maju deui kana pasanggiri DAMAS, Ya Allah duka kunaon atuh bet tara-tara ngadadak ticengklak (kitu istilah Ida) dina Goyong. Batur nyokot Goyong Bandung, Ida mah Goyong Cianjur anu memang make petit (sora luhur melengking). Atuh juara kahiji beunangna ku Imas Permas Kamus tea, Ida wayahna juara kadua. Tapi kaubaran dina Saodah Cup nu lumangsung taun eta keneh, Alhamdulillah Ida juara kahiji.
Berkah pinter ngahaleuang, katetesan bakat ti sepuh, Ida mimiti meunang pangajen, dibere kasempetan manggung di mancanagara.
Jaman LKJ (Lembaga Kasenian Jakarta) dicepeng ku Pa Ayip Rosidi, Ida diajakan manggung di nagri Walanda. Pihak LKJ ngarasa yakin, sabada Ida pagelaran di Jakarta sababaraha kali.
Terus suksesna dimuat dina surat-surat kabar Jakarta.
Basa ka Walanda, nu ngacapina Mang Iyad, Rincik Mang Encep, sulingna mah ku Bapa Sadeli jeung Toto Muthalib. Manggungna di Tropen Musium, dua minggu tah, wareg. Urang Walanda luhur ngajenanana kana kasenian Sunda, pangpangna mamaos anu diaranggapna sakral. Loba nu boga anggapan, Cianjuran teh husus keur mirig upacara ritual, kaagamaan cenah.
Rasiah Diri
Tamat weh SMA di Garut, sup ka Unpad nyokot jurusan Antropologi. Harita mah Fak. Sastra, tapi ayeuna mah jadi Fak. Sospol geuning. Geus di Bandung ngagabung jeung Mayang Binekas asuhan DR. Dadang Sulaeman anu kabeneran istrina, Tutun sarua ti Garut. Eta ge cinta liwat haleuang, da almarhum kapincutna ku Tutun teh, basa Tutun maen dina Gending Karesemen Inten Dewata.
Atuh bapana barudak oge, almarhum Kang Rudy sami, cinta liwat haleuang, da Ida sering ngeusian acara-acara Pemda, pangpangna di gupernuran. Puguh sering tepang jeung anjeunna. Nya kitu jodo mah, pruk weh, diganjar lima asuhan ti Kang Rudy mojang wungkul dikersakeunana teh. Atuh Kang Rudy mah pangkasepna. Ah, Kang Rudy ayeuna kantun waasna, barudak kiwari jadi yatim.
Bapa Ili Sadeli oge ngantunkeun keur salamina. Ida bener-bener ngarasa dipentes kudu neruskeun hanca garapan sepuh. Tadina mah enya arek milih tetep tumetep di Garut, ngamekarkeun mamaos, umumna kasenian Sunda. Tapi tapi ahirna kapikir, teu kudu kitu da ayeuna mah Garut-Bandung teh bisa disorang jamjaman. Jadi Ida tetep di Bandung ngageroh Lingkung Seni sorangan, di Garut aya wawakil Ida, bari Ida oge pulang-anting we Bandung Garut.
Ka Perancis ayeuna mah jalan ka cai da mitra gawe, Huraya ti Walanda manjang silaturahmina. Ku jasana Huraya, ka mancanagara jadi leuwih sering.
Ka Nyi MANGLE hayang pisan nembrakeun rasiah diri, anu sipatna pribadi pisan. Da sepuh ayeuna geus ngantunkeun, moal nanaon asana. Sarerea terangna Ida teh putra Bapa Sadeli jeung Ema Enok. Ida sorangan yakin, indung bapa teh aranjeunna. Tapi basa Ida di kelas dua SMA, sabada ngahontal prestasi, jadi sohor, jigana bae kulawarga risi jeung rempan upama rasiah diri Ida teterusan dibunikeun. Nya ahirna ditembrakeun. Keur mah Ida geus lila boga kapanasaran, batin kaumbang-ambing,kasiksa. Sabab babaturan loba anu nyebutkeun Ida lain anak Bapa Ili jeung Ma Enok. Tepi ka Ida brek gering, hese cageur. Sabada cageur jadi renjangan, teu kaop digebrag atawa kaget pasti noroweco nyebut “kan…kan…” tea.
Nu pangparnana, Ida sorangan sok kareureuwasan, upama ku batur diheureuyan “Ida maju…”, becir lumpat maju ka hareup. Gorowok nu sejen nyebut “Ida mundur”, ih da mundur tateh. Kumaha lamun ka jalan terus katabrak mobil? Ida bener-bener gering batin. Loba anu dikemu dina hate, dipendet dina pikiran, loba ngalamunkeun diri, dikungkung dina tanda tanya, anak saha saenyana Ida? Upama naros ka Ma Enok, anjeunna sok terus teu damang, Ida teh anak ema saurna.Nu nyebut kitu mah jalma nu sirik.
Ari nu heman sok mere ubar teh Pa Toto nu harita ku Ida di sebut Mang Toto jeung istrina,Ma Atih nu sok disebut Bi Atih. Cenah waktu Ema Atih bobot, ku Ma Enok jabang bayi geus dipenta arek dijadikeun anak teges Ma Enok jeung Bapa Ili Sadeli. Ida teh nomer lima ti 13 sadulur putra Bapa Toto jeung Ma Atih, kitu anu sabenerna mah. Ida anu dirorok ku Ma Enok jeung Bapa Ili teh. Rasiah ditutup buni, teu meunang aya anu wani celengkang-celengkeung muka rasiah. Tepi ka Ida SMA kelas dua, masih nutup buni Najan di luar mah saheng, Ida mah anak Ma Atih jeung Pa Toto cenah da Ma Enok jeung Pa Ili mah Uwana Ida.
Rupana bae sabada Ida sohor, nanjak prestasi, Ma Enok sieun aya kitu kieu di ahir, nya tungtungna ngelehan, buka rasiah. Puguh mimiti mah Ida kaget, ceurik ngadingdiut, sedih kapapanjangan. Moal cekeng teh Ida moal ngantunkeun Ma Enok sareng Pa Ili, tapi moal ngantunkeun Ma Atih sareng Pa Toto oge. Sabab ti leuleutik saenyana anu ngurus ngamemenan mah Ma Atih jeung Pa Ili. Duh Gusti, untung anu ngarorok teh Uwa sorangan, nuhun Gusti. Tadina mah numatak gering renjagan oge, kasieunan Ida teh anak saha mah, meunang mulung ti mana mah. Sering jadi lamunan panjang, mun aya anu ngabetahkeun, tuluy noroweco, ” Si kan…gede..Si kan…panjang”, jeung sajabana, matak isin. Tapi di lingkungan kanca mitra mah biasa deui. Anehna upama keur ngahaleuang mah da damang we tara nanaon kajeun aya sora ngajelegur oge. Pasalna lantaran…konsentrasi, museur ka dinya, teu mancawura pikir jeung rasa teh. Hayang tatamba terus, aya kahayang mah. Insya Allah, da ayeuna mah geus terbuka rasiah diri teh.***
Didongéngkeun Ku Ida Widawati ka Hana Rohana Suwanda, kalayan dumuat di Majalah MANGLE







