Kategori: Obituari | Diterbitkan pada: 20-12-2007 |

biografi-ajengan

Ku DHIPA GALUH PURBA

 

BUKU Biografi Ajengan Cipasung kungsi dipadungdengkeun di Radio Antassalam FM Bandung (103,9 FM), kalayan nara sumberna pangarang éta buku, Iip D. Yahya. Sanggeus didiskusikeun di Radio Antassalam FM Bandung, Biografi Ajengan Cipasung disawalakeun ku Pusat Studi Sunda (PSS). Dina éta sawala, midangkeun panyatur Iip D. Yahya, Éva Rufaidah (dosen UIN Sunan Gunung Djati), kalayan panumbu caturna Hawé Setiawan.

**

JALAN Taman Kliningan II No.5 Bandung ngadadak haneuteun. Sawatara seniman, budayawan, penulis, mahaiswa, jeung sajabana, milu ngariung dina padungdengan anu jejerna buku Biografi KH. Ilyas Ruhiyat (Ajengan Cipasung), anu ditulis ku Iif D. Yahya. Numutkeun Hawé Setiawan dina panganteurna, Buku Ajengan Cipasung-Biografi KH. Ilyas Ruhiyat anu dipedalkeun ku Pustaka Pasantrén-Grup LKis Jogjakarta dina bulan juli 2006, taya lian minangka buku kadua ngeunaan KH. Ilyas. Anu kahijina kantos dipedalkeun ku Remaja Rosida Karya, dua sasih ka pengker. Nanging tiasa janten ieu téh buku munggaran ngeunaan Kyai Ilyas anu diserat kalawan nyosok jero, dina hartos dumasar kana risét anu telik ogé wawancara sareng Mama Ilyas ti Cipasung.

Masih kénéh nurutkeun Hawé, dina riungan-riungan Pusat Studi Sunda internal, sok aya kadugikeun perkawis naon kontribusi kalangan pasantrén kana kamekaran kabudayaan sareng séktor anu sanésna dina masyarakat Sunda. Dina Konferensi Internasional Kebudayaan Sunda, aya hiji makalah anu ngabahas lalakon hiji kiai anu mashur ti Cianjur, anu diserat ku sejarawan Dr. Muhammad Iskandar ti Universitas Indonesia. Janten tiasa ningal di kalangan urang Sunda, nu resep ngémutan kasundaan, tos aya kasadaran wiréh kalangan pasantrén salami ieu ageung kontribusina kana kasundaan. Sanaos hanjakal katingalna teu acan seueur hasil-hasil panalungtikan ngeunaan kontribusi kalangan pasantrén téh. Mudah mudahan waé ku ayana buku anu ditulis ku Iif D. Yahya, kakurangan samodél kitu téh tiasa kacumponan.

Panyatur Éva Rufaidah, dosén Universitas Islam Negeri (UIN) Sunan Gunung Djati Bandung, nétélakeun yén buku meunang Iif téh ti kaca munggaran ogé geus karasa aya tarékah anu daria pikeun nyosok jero panalungtikan kalayan serius. Bisa katingali misalna sumber-sumber anu digunakeunana, malah ‘penemuan berharga’ (Iip nyebutna harta karun) anu dipibanda ku Ajengan Ilyas. Kasulitan utama dina nulis biogafi, nurutkeun para ilmuwan sejarah (diantarana numutkeun Kuntowijoyo) nyaéta dina maluruh sumber. Biografi mibanda sifat husus lantaran penulis kudu deukeut jeung tokoh anu ditulisna. Deukeut dina harti kapercayaan ti tokoh tur sayagi biografina ditulis. Perkara ieu pisan anu sasarina bangga kahontal ku para sejarawan ngora.

Kumaha ari Iip? Numutkeun Éva, Iip mibanda faktor luck dina hal manggih éta sumber, Iip bisa ngaksés langsung atawa henteu langsung (ngaliwatan Acép Zamzam Noor), malah nepi ka hal anu sipatna pribadi. Iip bisa ngawangkong sareng Kyai Ilyas sanaos kyai nuju teu damang, minangka hal anu pamohalan dilakukeun ku penulis anu henteu deukeut jeung tokoh anu ditulisna. Di sagédéngeun éta,  tangtosna ogé henteu lepupas tina watek kyai nyalira anu akuan tur handap asor, dugi ka henteu kagok ngajak penulis ngobrol atawa sakadar tuang sasarengan.

Minangka babandingan, Éva nyaritakeun yén anjeunna kungsi nulis artikel anu dimuat di koran, ngeunaan Ading Subarna. Satuluyna aya pembaca sejarah UGM anu ngahubungi, naroskeun naha Éva henteu nulis éta tokoh dina buku? Ading Subarna ukur tukang béca anu kabeneran jadi korban Pamong Praja dina peristiwa karusuhan. Eta peristiwa téh bisa disebut basajan, dina harti sering diberitakeun. Tapi akibatna luar biasa, sabab bisa ngalantarankeun tumibana karusuhan anti rasial.

Ari Kyai Ilyas mah kamungkinan tos pada mikawanoh. Tapi naha tos leres-leres  jadi tokoh anu dipikawanoh di tingkat nasional? Atanapi mantenna ukur tokoh Cipasung? Tasikmalaya? Jawa Barat? NU? Atanapi mantena jadi tokoh nasional kumargi kantos jadi Rais ‘Aam? Éva kmuharep,  hiji mangsa mah Iip tiasa nyerat ngeunaan kyai-kyai di pasantrén anu alit. Margi, ngeunaan bias penulisan, kalebet penulisan biografi, rata-rata kur nyerat tokoh-tokoh kakoncara, hususna deui tokoh pulitik.

Salajengna, masih numutkeun Éva, mangsa teuleum kana biografi, aya sababaraha pamadegan di kalangan sejarawan akademis, yén biografi dianggap minangka hiji genre anu henteu matak kataji, kesanna jauh leuwih babari, siga jalmi ngadongéng. Lantaran pamadegan Sartono, bisa jadi hiji pidangan sajarah struktural anu leuwih scientific. Saolah-olah upama aya nu bisa nyantumkeun téori-téori anu dicokot tina konsép élmu sosial, ngarasa geus suksés mraktékkeun sajarah struktural. Tapi ogé sering kapanggih aspék-aspék multi dimensi tina sajarah anu sabenerna henteu dugi. Pendekatan sajarah siga kitu, nganggap penulisan biografi henteu rumit, henteu analitif. Iip ogé nétélakeun yén buku anu ditulisna deskrftif, tawa lamun ceuk urang sajarah mah deskripsi-naratif (sanés déskripsi-analistis).

Basa Éva masih kénéh jadi mahasiswa, Éva ngarasa reueus lantaran bisa nulis sajarah sacara deskripsi analitis, bisa nyantumkeun téori-téori, logika ilmiah. Tapi satuluyna Éva ningali yén pikeun publik anu leuwih lega, justru sajarah anu didugikeun ku cara ‘bercerita’  jauh leuwih keuna kana sasaran. Malah dia tataran métodologi ogé sabenarnya urang perelu debat heula ngeunaan éta téori, saméméh dicantumkeun. Anu antukna ngagunakeun téori lain jadi séntral, tapi justru fakta anu jadi séntral dina tulisan sejarah. Fakta anu séntral jeung pikiran sajarawan pikeun nyawang éta peristiwa sacara multi diménsi ti sawatara aspék.

Éva nétélakeun yén dina buku karya Iif,  geus nyampak multi dimensina. Jadi si tokoh henteu disawang tina perspektif si tokohna sorangan tapi tina kontéksna. Opat hal anu kudu kakandung dina biografi ogé nyampak. Opat hal téh nyatana, kapribadian si tokoh; écsé di sababaraha bagéan bisa dibaca kapribadian tokoh anu santun, anu nyunda, kalebet kumaha cara anjeunna ngatik para putrana.

Kadua, lukisan jaman; jadi mantenna muncul dina mangsa kumaha dugi ka ayeuna Kyai Ilyas disebat generasi kadua pasantrén Cipasung. Urang ogé bisa nyawang, siga kumaha umumna Cipasung jeung Tasikmalaya, basa éta pasantrén diadegkeun ku Kyai Ruhiyat, ramana. Kalebet nyaritakeun kyai-kyai séjén di Taikmalaya. Salajengna Kyai Ilyas jadi pamingpin generasi kadua pasantrén Cipasung, margi mantenna putra kadua anu kapeunteun ku ramana minangka putra anu bakatna ageung. Eta pisan anu disebut lukisan jaman. Nurutkeun Éva, buku anu ditulis ku Iif téh méh henteu aya cacadna tina sawangan sajarah.

Sabada Éva ngadadarkeun pamanggihna ngeunaan Biografi buku KH. Ilyas Ruhiyat, Hawé Setiawan salaku panumbu catur nétélakeun deui leuwih atra naon rupa sawangan Éva. Ceuk Hawé, aya sawatara hal anu penting didiskusikeun ku urang, nyaéta patali sareng pancén ahli sajarah dina nyerat biografi. Hususna anu patali sareng pancén méré luang ka tokoh-tokoh anu hirup dina masarakat, anu kedahna mah sanés ukur tokoh-tokoh nu ageung wungkul. Tokoh alit sapertos Ading Subarna, tukang béca nu janten korban karusuhan ogé penting dibukukeun. Salami ieu katingalna para ahli sajarah atanapi ahli ilmu sosial langkung museur teuing kana ngagugulung teori-teori ilmu sosial dina penelitian sajarah. Teu acan dugi ka ngobét nyosok jero diménsi réalitas sosial atawa kanyataan masarakat anu rupi-rupi. Justru ku seratan-seratan sapertos anu diserat ku Iip, multi diménsina kanyataan sejarah téh kawadahanana. Janten katingalna aya kamandang wiréhing buku anu diserat ku Iip téh teu kinten pentingna kanggo kepentingan historiografi umumna. Sok sanaos pami ditingali tina jihat metodologi penulisanana henteu katingali sacara écés patula-patalina sareng hiji téori sosial. Namung anu sidik kamampuh Iip anu didukung ku faktor kasempetan, keberuntungan sareng sajabina tumali sareng sumberna, digambarkeun méh-méhan sampurna, paling ogé aya kakirangan anu patali sareng kemasan atanapi masang foto, sareng sajabina.

Kumaha jawaban Iip D. Yahya, salaku anu nulis éta buka? Iip nétélakeun yén anjeunna  mah rék ngadadarkeun kumaha prosés penulisan éta buku. Kantungan Iip nulis éta buku biografi nyaéta; kahiji kuring henteu dianggap akademisi, satuluyna ogé henteu dianggap ahli sajarah jeung ahli-ahli séjénna. Leuwih écésna Iip ngagunakeun pendekatan jurnalistik, nulis anu pangbabarina kaharti ku publik. Upama Iip mibanda tanggungjawab inteléktual pikeun tanggung-jawab kana éta buku, Iip bakal milu kana katangtuan-katangtuan konvénsi anu aya.

Basa nulis Kyai Ilyas, saméméhna Iip kungsi boga pangalaman nulis biografi Jaksa Agung Suprapto, jaksa agung panghadéna (masa bakti 1950-1959, pupus taun 1962). Tina éta pengalaman, kahiji Iip nulis jalmi anu tos pupus salajengna ahli hukum. Iip sama sakali henteu mibanda kasangtukang éta, iwal ti diajar saeutik ngeunaan élmu hukum Islam. Tetapi lantaran aya tungtutan yén wartawan mah kudu neugtreug jeung Iip kudu nulis naon baé, antukna Iip bisa ngaréngsékeun éta buku itu kalayan diluncurkeun di kejaksaan agung. Sanajan éta buku satuluyna henteu ditarima ku Abdurrahman Saléh, lantaran kamungkin manéhna henteu sanggup nuturkeun tapak lacak Suprapto.

Iip ogé ngadadarkeun carita saméméh anjeunna dikontrak (penting pikeun sing saha baé penulis biografi-sangkan bukuna jadi kalayan luyu jeung perjanjian). Iip dikontrak ku kulawarga kyai. Anu hayang mayar uang muka ka Iip téh taya lian bojona Kyai Ilyas (Ibu Dédéh, anu ukur tamat SR, tapi bisa ngimbangan carogéna anu salajengna jadi tokoh nasional). Di sisi séjén, éta perkara téh kaitung mahiwal di kalangan pasantrén. Minangka babandingan pangna Iip nyebut luar biasa ka Bu Dédéh, lantaran bukuna kyai Wahid Hasyim (manten menteri agama-ramana Gus Dur), biografina tacan jadi nepi ka ayeuna ogé. Pangna can jadi, sabab manahoréng pihak kulawarga tacan aya nu nanggung biayana.

Sabenerna, numutkeun Iip kénéh, buku biografi kyai Ilyas loba nu hayang nulis, di antarana saperti anu ditulis Eriyandi Budiman di Cupumanik, bulan Agustus. Sabenerna geus aya tim anu diwengku ku para sastrawan di Bandung jeung tokoh ngora NU di Jakarta anu geus nétélakeun kasanggupanna pikeun nulis éta buku. Malah cenah mah danana ogé geus turun dina jumlah anu kaitung gedé, tapi bukuna henteu jadi. Anu harita matak hanjelu pihak kulawarga téh nyaéta foto-foto jeung dokumen kulawarga dibawa sarta henteu kungsi dipulangkeun deui nepi ka ayeuna. Tangtos baé ku ayana pangalaman éta, aya beban méntal Iip basa nuju ngadamel buku biografi KH. Ilyas Ruhiat. Basa  Acép Zamzam nunjuk Iip, saur Iip, henteu pati écés siha kumaha kahoyongna, da Acép ukur nyarita: pokona mah anu aya Sundaan, aya NU-an, aya Pasantrénan. Kawasna Iip dianggap mampuh nampung éta kahayang.

Aya prosés anu bangga pikeun Iip (kawasna kaasup pikeun penulis biografi séjén) nyatana prosés idéntifikasi jeung tokoh, lantaran upama henteu bisa ngaidéntifikasikeun diri penulis jeung tokoh, siga sayur anu henteu maké uyah, moal aya eusina jeung henteu nyosok jero. Salaku santri, Iip nétélakeun yén anjeunna ngabayangkeun hal anu hararadé, komo deui sabada aya isu-isu liberalisme, post-modernisme anu imbasna nepi ka kalangan ngora. Pikeun Iip, imbas éta ngalantarankeun hiji hal anu bangga, ngabutuhkeun waktu lila mangsa Iip kudu ngaidentifikasi Kyai ilyas. Ceuk Iip, mantenna (KH. Ilyas) kalintang sampurna dina sawanganna salaku santri, komo deui misalna upama Iop kudu nyokot posisi sajajar sareng mantenna, sangkan mibanda kabébabsan pikeun nulis. Éta prosés téh méakeun waktu salila genep bulan.

Kaduana, anu matak bangga téh alatan bahan anu kacida lobana. Jadi, ngawitanna bingung, rék ditulis siga kumaha? Sabada Iip ménta saran ka sababaraha pihak antarana aya nu nyarankeun sangkan Iip kudu nyawang sacara manusiawi. Iip kudu nyawang KH. Ilyas minangka manusa, sanés minangka tokoh. Iip nyoba nulisk siga kitu. Tapi Iip ogé hayang nuliskeun kyai Ilyas sakumaha anu dicitrakeun ku publik. Éta téh rada bangga, sabab mangsa Iip nulis, Iip apal kana kondisi anu sabenerna di Cipasung. Kondisi kyai Ilyas aya dina posisi anu kaléléd ku kapentingan-kapentingan pulitik. Jadi dina sisi éta, Iip nulis ku pendekatan post-kolonial lantaran KH. Ilyas anu dipinggirkan. Ku ayana kitu KH. Ilyas kudu ditampilkeun.

Sabada Iip nyukcruk leuwih jero, manahoréng éta téh kajadian ti taun 1999, mangsa muktamar di Lirboyo geus aya aya sikep anu ngadéskréditkeun KH. Ilyas.  Iip nyoba nyiar alesan kunaon pangna KH. Ilyas diperlakukeun siga kitu di Lirboyo, tapi Iip henteu alesan anu séjén kajaba lantaran mantenna kyai urang Sunda. Tina aspék kaulamaan mantenna senior, mantenna Rais ‘Aam satuluyna jadi Mukhtasyar NU, tangtos baé tina aspék senoritas mantenna téh senior. Tina aspék katokohan ogé mantenna anggota MPR, satuluyna anggota DPA. Henteu aya alesan séjén kunaon koléga-kolégana di NU sikepna siga kitu. Conto anu pangkasarna,  sperti podium Kyai Ilyas dibédakeun sareng podium Gus Dur (anu harita nuju nyangkin présidén), padahal anu sanésna ogé cumarios di podium utama anu sami sareng Gus Dur. Kasundaan kamungkinan jadi cukang lantaran kyai Ilyas jiga anu diapilainkeun dina pulitik NU, dugi ka podiumna dibéntenkeun sareng podium Gus Dur. Padahal duanana sami-sami gegedén NU. Atuh kaayaan pasantren anu digambarkeun ku kang Iip di cipasung, boa-boa di wewengkon séjén gé katingalina beuki seueur ‘diobok-obok’ ku kapentingan politisi.

Aya kahanjelu ka NU, mangsa Iip nulis buku KH. Ilyas, anu saterasna aya kahanjelu ogé kana pakumbuhan pasantrén di jawa Barat, kalebet Cipasung, anu kacau balau ditarik kaditu-kadieu ku kapentingan pulitik. Dugi ka aya anékdot ti Acép Zamzam, yén pasantrén téh hadéna mah ‘multi partai jeung multi amplop’.

**

Sobana Hardjasaputra, tokoh sajarah anu ngumumkeun 25 Séptémber minangka hari jadi kota Bandung, harita milu aub dina diskusi KH. Ilyas Ruhiyat. Malah Sobana ngoméntaran tur ngasongkeun pananya, tina pangalaman maca buku-buku ngeunaan biografi, Sobana mibanda kesan yén salah sahiji kendala anu dipayunan ku penulis, utamina pami si penulisna sejarawan, nyaéta kumaha carana nyingkahan subjéktivitas penulis atyanapi pengkultusan ka si tokoh? Saur Iip, minangka hiji kauntungan pikeun Iip dina nyerat Ajengan Ilyas, margi Ajengan Ilyas mémang sanés hiji tokoh anu pantes dikultuskeun. “Ku abdi dijelaskeun yén aya tilu hal anu nguntungkeun waktos Ajengan Ilyas janten Rais ‘Aam PBNU, kahiji anjeuna linggih di Tasik, janten dina mobilitas ka Jakarta sangat tinggi, seueur hal anu tiasa ka-handle sareng kaawasi ku anjeuna. Anu kadua, anjeuna jalmina simpel, sederhana, misalna dina rapat aya nu nelepon kedah rapat dina wengi nu ngadadak, anjeuna pasti ngawalon: ‘laksanakan saja’. Padahal para Rais ‘Aam nu sateuacana mah teu tiasa kitu (rapat téh kudu dihadiran ku Rais ‘Aam). Teras anu katilu, kyai Ilyas mah teu aya  nu nganggap wali sapertos Gus Dur. Ku margi kitu abdi ningali anjeuna ogé ku jalan pendekatan ningal anjeuna sebagai manusia biasa. ” Kitu saur Iip. 

Cécép Burdansyah, sastrawan Sunda, sami ngoméntaran diskusi, “Sapuk sareng Ibu Éva Rufaidah, téknik penulisan sejarah téh teu kedah seueur ku catatan kaki  sapertos ibu Nina Lubis. Kanggo Iip, pami ningal gerak langkah (fase-fase) Kyai Ilyas nu sarat perlawanan, kunaon Iip teu nyandak judul Perlawanan Ajengan Cipasung? Lajeng aya nu ku Iip kalangkung ngeunaan kyai Ilyas, nyaéta waktos muktamar cipasung, kyai Ilyas dengan gaya nyunda-nya sering ngayakeun perlawanan ka Golkar jeung orba malah dugi ka jaman Gus Dur jeung réformasi. Sareng hiji deui nu kalangkung ku Iip téh nyaéta waktos pemilihan  drama politik gubernur Dani, waktos anjeunna teu damang sarta dirawat di paviliun RSHS, ku tim sukses gubernur dipaksa supasdos nawis dukungan…” kitu saur Cécép Burdansyah.

Ngeunaan koméntar sakaligus pananya ti Cécép, Iip ngawaler, “Soal perlawanan, sakumaha nu tadi dijelaskeun, mémang dina draft-draft awal judul-judul éta nu palay dipidangkeun téh, tapi abdi leuwih condong kana kahoyong mencitrakan Kyai Ilyas sesuai pencitraan publik. Leres ajengan Ilyas ngayakeun perlawanan ka Golkar sareng sajabina, malah ti jaman Soekarno kénéh, abdi mendakkan dokumén taun 1964 ngeunaan koréksian KH. Ilyas kana pidato Bung Karno. Hiji hal anu luar biasa, sabab harita anu dianggap kontra revolusi mah pasti bakal dikabiri hak-hakna. Dina dokumén éta Ajengan ngalelempeng pernyataan bung Karno, anu nyebatkeun umat Islam moal maju saperti di Baghdad atawa Andalusia baheula satungtung keukeuh maké méntal pasantrén, méntal pasantrén téh kudu dipiceun. Pernyataan éta mun seug henteu dilempengkeun tangtu bakal ngabahayakeun rahayat sabab harita kakuatan komunis nuju ageung. Lajeng dina taun 1984, Kyai Ilyas jelas nentang kahoyong Alamsyah minangka ‘orang pertama’ Soeharto dina hal macakeun dukungan ka Golkar. Harita Kyai Ilyas ngagunakeun téhnik dina nyingkahan pitapak pembacaan maklumat éta dukungan, sabab réputasina baris awon upama hal éta dilakukeun (saperti Kyai Musta’in Romli ti jombang). Taktikna nyaéta mangsa dugi kana waktuna maca maklumat di podium, ngadadak ajengan mundut asisitenna, Pa Nana, kanggo ngaos, kalayan alesan paningalna kurang jelas kanggo maca. Dina situasi ngadadak saperti kitu, teu mungkin MC ngatur deui acara, anu antukna salamet réputasi kyai Ilyas tina éta jebakan. Hiji taktik anu luar biasa, sanajan ngalantarankeun Alamsyah jeung Yogie SM hanjelu, tapi Ajengan Cipasung bisa ngalawan. Salajengna aya hiji hal anu nguntungkeun Kyai Ilyas dina kapasistasna salaku tokoh lokal. Basa mantenna diusulkeun ku Golkar jadi anggota MPR, anjeunna nampik kalayan alasenana henteu luyu sareng Khittah 26, tapi Kyai Ilyas henteu nampik basa dipiwarang jadi Utusan Daérah Jawa Barat.

Saterasna, basa nuju ramé kasus Cipasung, harita téh skenario anu panggoréngna, nyaéta NU dugi ka di PKI-keun, upama Gus Dur terus ngalakukeun perlawanan frontal ka Soeharto. Sataun sampmph Gus Dur bisa panggih jeung Soeharto, Kyai Ilyas mah tos tiapa patepung sareng Soeharto, sanés asmana NU, tapi asmana ulama Jawa Barat. Jadi aya kalana KH. Ilyas salaku tokoh Sunda kawilang nguntungkeun mantenna dina sawatara hal.

Salajengna, hiji hal anu rada bangga diturutan ku Kyai séjénna, nyaéta kyai ilyas tara ninggalkeun Cipasung, lantaran nurutkeun Bambang Purwanto, upama hiji kyai geus pindah ka Jakarta, mangka anjeunna baris pindah sacara lahir-batin, kalayan bakal mulang téh upama geus jadi layon baé.” Kitu di antara jawaban Iip. D Yahya. Anu ngaluuhan éta acara, aya deui anu ngajukeun pananya, saperti Asép Ruhimat, Karno Kartadibrata, Hasan Wahyu Atmakusumah, jeung salian ti éta. Sangkan leuwih écés mah, tangtos solusina langkung saé diaos baé bukuna.**

 

 

Dimuat dina Majalah Seni Budaya No. 180, édisi Oktober 2006

 

Catetan:

KH. Ilyah Ruhiyat, kiwari parantos mulih ka jati mulang ka asal, dipundut ku Nu Kagungan. Mugia arwah almarhum ditampi iman-Islamna, dihapunten dosana, kalayan diperenahkeun di tempat mulya mungguhing Alloh SWT, Amiiin.***