Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 03-07-2008 |

Karya Patandang Nomor Naskah: 036

 

Sabenerna Ruhiat jeung budak kuring geus teu betaheun migawe di eta imah teh lamun seug teu dilelemu mah ku kuring. Boa peuting eta keneh manehna baralik ka lembur. Heueuh, keur mah borangan Dua nana oge, katambah-tambah loba pisan kaanehan, nu karasa tur katembong ku maranehna. Nya kaasup oge ngalaman pisan, nempo tur ngadenge sagala rupana matak pikasieuneun,pikeueungeun.

Rek kitu puguh atuh, da umur imah teh geus kolot pisan ampir Saumur jeung buyut kuring. Katambah geus mangtaun-taun euweuh nu ngeusian jeung teu di urus. Pakarangan oge kawas dileuweung rembet ku eurih. Katambah deui digigr imah aya jip butut paninggalan Walanda ngabrugbrug. Matak nambah pikeueungeun.

Geus aya meureun kana Saminggu, kuring migawe eta imah. Pikeun dibeberes, diberesihan tur ngomean nu raruksakna. Matak kitu soteh, eta umah teh rek ngadon dieusian ku anakna Dr Samuel nu cikal eungke bulan hareup.

Timimiti dating oge ka eta patempatan, sagalana mungguh karasa. Seakna angin nu basajan, geus puguh ting puriding mah geus teu kudu dicatrkeun deui. Matak Ruhiat kitu oge budak, embungeun sare misah, hayang sagebrug ngumpul salerea.

Basa keur peuting ka Dua, budak teh matak pikareuwaseun. Manehna lumpat bari walahwah-waleuhweuh lir nu kasibat. Panonna buncelik sungut calangap, geus rada teteg mah, tuluy ditanya sabab-musababna. Nya budak teh ngabalakakeun pamanggihna. Sabot nimba disumur, cenah dina timba aya hulu jalma letahna ngeulel. Pikeun nyacapkeun ka panasaran pikeun ngabuktikeun bener heunteuna, kuring salerea neang ka eta tempat. Da puguh euweuh nanaon, ngan nu aya teh ember nu nangkub handap Sumur.

Kitu deui dina poe ka Tilu. Sarua deuih matak pikasieuneun deui bae. Sabot keur talibra sare, gerung aya Mobil ngagerung ceuk piker sugan teh Dr Samuel datang ngalongokan. Kabeh curinghak harudang nyalampeurkeun katepas imah. Na atuh ari mantas di luar, mobil teh euweuh jungkrungna malah ngadadak euweuh sara-sarana acan. Mireungeu kitu kabeh paheula-heula asup deui kajero imah, ngahep-hep padedengkep teu salare deui tepi ka isuk-isuk.

Nu matak pikaheraneun pisan mah, basa keur poe kamari, tengah poe ereng-erengan salerea keur sedeng ngaso, teung timana jolna aya Nini rempo, bongkok bongkok acan tunggang iteuk, norojol ka imah. Padahal diwewengkon et amah euweuh pakampungan kitu oge tatangga. Manehna menta cai pikeun nginum hanaang cenah. Manehna ngabalakakeun kakeuheulna ka Dr, Samuel, nu geus kumawani ngarecah awak budakna. Dijieun praktek sanjan bari geus jadi bugang oge.

“ Ieuh, Ujang! Poma nya ! pang nyaritakeun ka Juragan Dokter, kadieukeun kituh, jasadna anak Nini! Jeung omat panguburkeun sakumaha mustina. Karunya teu bisaeun balik! Tiriseun deih! Naha bet dibarengkos dijero Sumur?…bari awakna geus teu ngawujud, mana awak dimana sirah. Nini, geus kesel ! Dua puluh taun ngadadago nu jadi anak mulang, kituh !”  omong Si Nini cumalimba. Najan reuwas nakeran, kuring ngawawani maneh tumanya ka eta kolot.

“ Ari, budak Nini teh, saha ngarana? Sareng dikulantarankeun naon maotna teh ?” Tanya kuring. Sakedapan eta kolot teh ngahuleng. Katembong biwirna ting geleter.

“ Ari ngarana mah, Warta. Da ngan hiji-hijina. Si Warta, samemeh maot, sok rajeun bunta-bantu jadi jongos di ieu imah. Hiji waktu manehna dititah asup kakolong mobil. Teui rek ngomekeun naonna mah teu ieuh apal. Eta Mobi teh ngadadak hurung ngagiles beuheung Si Warta.

Ti saprak dibawa ka ieu imah, layona tiharita euweuh laratan. Nini oge teu bias kumaha. Boro raah nulungan puguh Nini ogeee….?.” karak oge ngomong kitu, les bae eta kolot teh ngiles, bareng jeung ngongna Adhan Ashar na Radio. Ninggali kajadian nu sarupa kitu, kuring salerea tingpuriding gingiapeun.

Lamun teu karandapan ku sorangan mah, asa pamohalan pisan sakabeh kajadian teh. Matak teu ngabibisani, lamun budak jeung Ruhiat hayang baralik teh. Da sarua kuring oge geus asa sajungjungeun indit ninggalkeun eta patempatan. Ras inget kana amanat eta Nini-nini nu sakitu omat-omatanna.

Teu burung oge Dr Samuel ngurunyung ngalongok ka eta tempat. Manehna sugemaeun ninggali hasil pagawean teh. Samemehna rek balik deui ka Jakarta. Sakumaha amanat si Nini tea, ku kuring dibalakakeun ka manehna.

Ngadenge caritaan kuring, katembong psan prubahan beungeutna. Harita keneh katinggali pias, rumpang-reumpeung teu puguh. Ejegeler teu ngeunah cicing lir nu aya nu disumputkeun. Teu lila manehna amit, bari teu ieuh balaka itu ieu ngeunaan amanat Si Nini tea.

Isukna wanci sore kuring ngadenge habar ti anakna, yen Dr. Samuel geus tilar dunya tadi peuting. Dikulantarankeun mobilna ragag ka jurang samantasna ngalongok eta imah.***