Kategori: Sosok | Diterbitkan pada: 24-09-2007 |

Ku M. NANA MUNAJAT

GEUS tradisi dina dunya seni topéng Banjét, sakur bodor awéwé disebut “ijem”, kitu deui tumerapna ka nini-nini urang Gokgik RT 003, RW 01, Desa Lemah Mulya, Kacamatan Majalaya, Kabupatén Karawang, anu leuwih dipikawanoh ngaran panggungna, tinimbang ngaran dirina. Upama aya nu nanyakeun Mih Emas atawa Bi Emas, mun teu dilengkepan sebutan Ijem, ka wanoja pituin urang Darawolong, Kacamatan Klari, moal aya nu wawuheun, tapi lamun nanyakeun Ijem, ti kota kacamatan Klari ogé geus pada nuduhkeun.

Hiji hal nu luar biasa, dina umurna manjing 74 taun, masih kénéh kuat manggung, leuheung mun manggungna deukeut, saperti ka Subang, Majalengka, Kuningan nepi ka Banten, kondisi fisikna teu régrog-rérog. Arang kabéjakeun teu damang ieu seniman topéng nu ngaku lahir taun 1931. Basa ditanya ngeunaan jampé sangkan awak sehat, jawabna téh basajan pisan, cenah ulah delikan, goréng haté, jeung ulah mikiran nu matak pikapusingeun.

Bodor banjét nu kungsi maén film dina Carita “Sikabayan Jeung Gadis Kota”, ti keur burey kénéh geus di wanohkeun kana seni topéng ku sepuhna, Sapar jeung Enok, sok dibabawa ngamén ka sawatara lembur. Ku seringna ngadéngé kawih nu dihaleuangkeun ku indungna, samemeh ngigel Lipet Gandes, nyaéta tari bubuka topéng, rumpakana napel kénéh dina ingetanana, “Indung kuring téh ronggéng nu hadé rupana, geulis kawas kuring, mun ngigel matak deungdeuleueun, jeung mun ngawih matak dédéngeeun. Kekecapana masih napel dina ceuli. Saméméh ngaronggéng, sok ngawihkeun lagu aileu. Kieu rumpakana : “Aileu … japati, ada burung jiwana, aileu… saya pasang dikembang lilin, jantung hati da di mana, jantung hati ada di mana, panas kenceng jalan keliling, sayang. Di sayang, dari sana saya kemari, eta lagu di pungkas ku sora tepak kendang, pakcilipak, dulingpak gong,” kituna téh bari pepeta, niron-niron ronggéng jeung tukang kendang.

Ku seringna ninggali indungna ngibing topéng, teu anéh mun Néng Emas dina umur belasan taun geus bisa ngawasa ibingan topéng banjét, sarta geus remen diajak ngamén, atuh puguh sakolana kabolér, ngan nepi ka kelas dua SR, da keur betetahna sakola, ku kolotna dijak aprak-aprakan manggung.

Mun keur usum paceklik, Emas teu bisa ulin jeung babaturanana, mangsa budakna dibéakeun ti panggung ka panggung.

Kitu deui waktu manjing mangsa rumaja, dibéakeun di luhur panggung, malah tepung jodo jeung Yahya ogé waktu ngamén di Bandung. Ku sabab kawinna pada-pada can déwasa, rumah tangga jeung Yahya ngan ukur opat taun.

Kitu deui ngarangkepna ka Endu, waktu manggung di Warung Bambu, Johar. Ka pentang asmarana waktu éta jajaka, nurutkeun pangakuan Emas, jajaka urang Warung Bambu kapéngpéongan basa Emas mintonkeun ibingan topéng Banjét. “Ngarankepna  jeung lalaki nu ieu mah rada lila, nepi ka boga anak opat, geus nasib, rumah tangga kudu pegat di jalan. Poho deui, tauna jeung ngaran lebéna nu nulis surat talak pegatna ema jeung bapana budak,” ceuk ieu maéstro lawak, nyaritakeun lalakona  rumah tanggana jeung Endu.

Salaki nu pamungkas ogé, tepung na téh dina dunya panggung seni, “Éta jajaka apaleun yén kuring téh statusna rangda, boga anak opat, ku sabab keyeng pisan bogohna, kang Kosim, ngalamar ka kolot kuring, saterusna pruk kawin, ti Kang Kosim ku gusti Allaoh dipasihan jimat haté dua, awéwé, geulisna ngala ka indung,” pokna ngahéhéh.

Lian ti jadi juru ibing, jeung juru kawih, ku pingpinan grupna dipercaya nyelangan peran bodor, ku sabab pola bodorana dipikaresep ku nu lalajo. Lila-lila Emas dipercaya jadi bodor utama.

Dina taun 1960-an, Emas jeung lanceukna Ali Saban, dirojong ku Askin, jeung Suwanda juru kendang panghébatna sa-Karawang, ngadegkeun grup Topéng Daya Asmara.

Grup lawakna ti mimiti ngadeg, geus pada mikaresep, unggal bulan nu nanggap teu weléh merul, ti harita tara ngamén deui, malah dina taun 1970-an ngaran grupna, lain baé dipikawanoh ku masarakat gokgik, tapi geus dikenal ku sakumna urang Karawang.

Dina taun 1974 datang produser rékaman, nawaran asup dapur rékaman. Éta tawaran haget ditarima ku Ali Saban pingpinan Grup Topéng Banjét Daya Asmara,”Inget keneh judul carita nu mimiti direkam ku Asmara record, nyaéta Waru Doyong, nu kadua Anak Doraka. Éta rékaman suksés di pasaran nepi ka sababaraha kali di copy ulang ku produser, saterusna, aya kana pupuhan judul nu geus dirékam ku Asmara record. Ti harita ngaran Ali Saban, Askin, Ijem ngabelesat lir jamparing nu leupas tina gondéwa. Ngarana nyambuang sa tatar Sunda,” ceuk Ijem nyaritakeun mangsa lawasna sumanget pisan.

Sanggeusna suksés asup dapur rékaman, loba produser nu nawaran kontrak, diantarana MTR record, kasét nu diproduksi taun 1980, teu géséh jeung kasét nu diproduksi ku Asmara, produksi kasétna ceuyah ku nu meuli, ngaran Daya Asmara beuki ngélébét, sarta harga panggungan jadi undak, kitu deui jadwal panggungan beuki ngerepan.

Dina taun 1990-an, ijem sering diajak manggung ku seniman Bandung, diantarana nu kungsi ngagupay dirina nyaeta dalang Asép Sunandar, pupuhu Giri harja III jeung Asép Truna, malah jeung Asep Truna mah kungsi nyieun album bobodoran, judulna Wayang Bodor.

Dina taun éta kénéh bareng jeung Kusye personil De Bodors, katut dalang Asép Truna, dipercaya ku TVRI stasiun Bandung, ngeusian acara sobat Si Cépot, Éta acara sababaraha taun kungsi dijadikeun program maneuh, kalawan dijomantarakeun saminggu sakali.

“Poho taun sabaraha, jeung tanggal katut bulanna, nu écés mah masih dina taun 1990-an, kagunturan madu, karagragan menyan putih, Ijem bisa jadi artis, merankeun pamajikan dukun, nu jadi dukuna Asép Sunandar, judul filmna Si Kabayan dan Gadis Kota, nu nulis skenario na sastrawan ngora ti Bandung, Eddy D. Iskandar. Sanggeusna ngaran kuring ngajeblag dina layar lebar, urang Karawang beuki resepeun, atuh manggung téh hésé reureuhna,” ceuk Ijem, katembong  agul ku bisana unggah kana layar lebar.

Keur meumeujeuhna ngaran grup Topéng Sohor, Ali Saban Sang Maestro Topéng Banjét, ninggalkeun alam dunya pikeun salalawasna. Kitu deui Askin geus teu bisa deui manggung, Ijem ngadegkeun grup anyar, Déwi Asmara.

Kiwari grup Déwi Asmara, mangrupa salasahiji grup Topéng Banjét nu kawilang éksis di Karawang. Panjak jeung pamaénna diwangun ku anak-anakna sarta dulur-dulurna. Peran bodor minangka gaganti lanceukna nyaéta Hérman alias AA Gober, Jeung Ade alias AA Manyin. Atuh penari Topéngna, anakna nu pangais bungsu nyaeta Susi. Jumlah anggota grupna 30 urang, ngawengku pamaén jeung nayaga.

Ti mimiti Ijem lahir nepi ka incuan, teu incah balilahan dina dunya seni Topéng, sagemblengna, hirupna nyarandé kana kasenian.

Kumaha kasang tukang kahirupan  Emas alias Ijem nepi ka bisa unggah ka dunya rekaman sarta bisa maen film? Hayu geura urang aos traskrip wangkongan antara “SB” sareng Ijem

Ti iraha mimiti diajar nopéng?

Ti jaman pemberontakan, atawa jaman bangsa urang baruntak ka tangtara walanda

Kasaha guguruna

Ka indung jeung ka bapa, ngan teu langsung diajar kawas ayeuna, baheula cukup ngabandungan, mun aranjeunna keur manggung, saterusna, mun urang teu teu tetelepek tatanya, sarta teu motékar, lapur moal bisa.

Taun sabaraha, mitembeyan manggung

Teu inget tauna mah, ngan nu jelas mah, waktu jaman béas jagong, ema ngamén apruk-aprukan ti lembur ka lembur, inget kénéh mimiti ti gokgik, terus ka cikampek, ti dinya ka Cikalong, ti Cikalong ka Padalarang, terus ka Ujungberung, Ranca Ékék, terus ka wewengkon Bandung kota. Éta téh badarat, da can loba kandaraan kawas kiwari. Balikna kitu dipaké ngamén, lalampahan saperti kitu téh aya kana genep bulanna.

Saurna, kungsi lami di jakarta

Heuheuy deuh, enya kungsi aya kana sabulan hirup di Jakarta

Manggung rupina

Lain manggung, trapi…kéder, alias sasab, atawa kapahung, bingung kudu ka mana balik

Ngawitan manggung, jadi peran naon?

Ngibing jeung ngawih, da anu pangheulana kacangkem nyaéta ngibing tari gaplék, éta ibingan ku ema diropéa, sarta ayeuna geus jadi ibingan has grup Topéng Déwi Asmara, nyaéta grup Topéng nu dikokolakeun ku ema.

Ti iraha tiasa ngabodor?

Waktu grup bapa Sapar manggung, harita téh kuring keur ngabandungan bobodoran, naha atuh lanceuk kuring, nyuntrungkeun. Nepi ka kuring nyolontod ka panggung, ngadupak, bodor, terus labuh, diréspon ku éta bodor, ger téh nu lalajo seuri, disangkana kuring ngabodor.

Saha nu mimiti nitah ngabodor?

Nya Ali saban, ti mimiti nyuntrungkeun téa, tuluy dipasangkeun jeung Ali, katut Askin, jeung dua pentolan seniman komedi Topéng banjét nyetél pisan. Ngabodor téh kawas pingpong, silih eusian jeung silih cemés. Da kitu koncina ngabojég mah, ulah silih réngkas, jeung tong hayang jadi obyék nu diseungseurikeun, kudu silih eledan, jeung kudu rido lamun jadi obyék penderita.

Naon pangna milih peran bodor?

Nu jadi pangjurunglaku milih jadi juru bodor, kahiji hayang ngahibur, ka dua hayang méré bongbolongan kalawan teu nerag, ka tilu hayang mantuan pamaréntah ngembarkeun pangwangunan, ka opat hayang diseungseurikeun, ka lima kajurung ku kabutuh.

Naon palakiahna sangkan jadi bodor nu suksés?

Kahiji bodor kudu seukeut deuleu jeung pangreungeu. Leubeut ku ide, beunghar ku pangabisa. Jeung leukeun diajar, sarta salawasna ngindung ka waktu ngabapa ka jaman.

Di antara pola bobodoran, mana nu pangdipikaresepna?

Nu pangdipkaresepna nyaéta raradioan.  Kuring nu nyetél radiona, Si Gober nu jadi radiona. Waktu kuring merankeun jalma nu nyetél radio, Sigober nyoara kawas radio, mimiti nu distel téh gelombang radio Cina, Si Gober tapis pisan nyarita Cicinaan. Ceuk Ema téh ey…. Eta mah babah keur paséa. Terus diputer kana gelombang nu lian, nu dijadikeun raradion téh teko. Ngong Si Gober nyarita “Dasar teu boga polo, téko paralat-purilit!” Ngadéngé kitu Ema séwot, manéh nu teu boga polo mah, pamajikan hayang radio, teu dipangmeulikeun!” Jawab Si Gober, “Untung sia dikawin ku aing, mun henteu mah, kana jomlona!” Ema teu éléh géléng, “Aing mah teu dikawin ku sia ogé, bakal loba nu ngalamar, malah mun teu dipegatan mah, bakal di kawin ku Mike Tyson!”.

 

Pangalaman

Ngaran aslina, Emas. Pangna ngarana euwueh panjangna, sabab baheula mah ilahar méré ngaran ka budak téh sauted

Lahir taun 1931, poé, nu apal tanggal jeung bulana nyaéta Ma Paraji, waktu deuk nyieun akte kalahiran, Ma parajina kaburu maot. Cenah mah kungsi pun bapa nyatet titi mangsa kalahiran dina panto dapur, waktu pantona rujad, tur dijadikeun suluh, titi mangsa kalahiran leungit bareng jeung panto dapur jadi areng.

Ti keur orok kénéh geus di wanohkeun kana dunya panggung

Bisa ngigel dina jaman pemberontakan pajoang ngalawan Walanda

Mimiti manggung tina jaman béas jagong

Ngawangun rumah tangga dina umur 17 taun, sarta ngalaman tilu kali boga salaki, sarta ngabogaan anak tujuh, nyaéta Hérman, Adé, Nuryati, Engkus, Susi jeung Tini

Taun 1960-an jeung Ali saban, Askin, Maah, jeung Suwanda ngadegkeun grup Topéng Daya Asmara

Taun 1974, bobodorana direkam ku Asmara Record

Taun 1980 di kontrak ku MTR record

Taun 1990-an, nyieun album bobodoran jeung Asép Truna, Maén film jadi pamajikan dukun, dina film nu judulna Sikabayan dan Gadis Kota, sarta, sarta dipercaya ngeusian acara TVRI Bandung, dina acara Sobat Si Cepot.

Ti taun 1990 nepi ka kiwari ngokolakeun grup Topéng Déwi Asmara. ****

 

Majalah Seni Budaya edisi 168, Oktober 2005