Kategori: Drama | Diterbitkan pada: 13-12-2007 |
Naskah Proklamasi
Ku DHIPA GALUH PURBA
BABAK III
Mang Upan muncul sambil membawa sapu. Lalu bersiul-siul sambil menyapu.
Mang Upan
Duh, Jungjunan Ibu Alis anu geulis… mugi salira henteu janten nangis. Margi titis tulis téh geuningan mani sadis. Kumaha atuda Lis, Akang mah ukur jalmi nunggeulis. Icis dina loket ogé ipis.
Bu Alis anu geulis tur manis, Akang nuju ngarintis usaha kana ngukut kapinis. Apan sayang kapinis téh tiasa laris kana icis, sareng wartosna mah rada awis. Kaleresan Akang gaduh tempat niis di lembur pasisian Ciamis. Sanaos kaayaan hawana kacida tiris, tapi Akang teu ngaraos gigis, demi ngudag anu namina bisnis.
Bu Alis anu geulis, Paniisisan téh ngawitanna mah iris. Teras ku Akang diroris. Horéng téh ukur miis. Kapinis sok wiwis. Cenah mah wiwis kapinis téh rada najis. Sok ras emut ka Bu Alis, basa nuju wiwis dina kasur anu kenging mésér ti
Bu Alis anu geulis tur manis, basa urang nuju romantis, pikiran mah ngalayang ka Néng Iis. Néng Iis anu geulis. Néng Iis anu manis. Sasaha ogé moal aya anu bireuk ka Néng Iis, margi anjeunna tos janten hiji artis anu laris. Anehna, Néng Iis ngalengis, hoyongeun nyabak kumis
Bu Alis anu geulis, kiwari pangaboga Akang tos ledis. Mending kénéh nikah ka Cép Muhlis, urang Cimanggis. Najan dina rambutna seueur huis, tapi Manéhna ogé gaduheun kumis. Pakéanana teu weléh nécis. Jaba padamelanna jadi supir bis. Wartosna mah nyandak bis jurusan Prancis- Tumaritis. Raos, Lis. Upami Bu Alis badé ka Prancis, Bu Alis teu kedah mésér karcis. Bu Alis mah bakal gratis, margi janten istrina Cép Muhlis. Upami naék bis, tong seueur nuang bugis. Kadé hilap mekel kempis kanggo wiwis.
Duh Bu Alis, basa tokoh réformis Amin Rais ….
Hadirin
(Memotong) Hoyah…! Kanyahoan ayeuna mah, Si Mang Upan téh kabungbulengan ku Ibu Guru Alis.
Semua hadirin menyoraki Mang Upan.
Mang Upan
Tong maké salusurakan sagala, ieuh! Sirik mah, sirik wéh. Bisi harayang nyaho, cinta itu anugrah, maka berbahagialah…
Hadirin
Anugrah sotéh ceuk Mang Upan. Da ceuk Bu Alis mah musibah.
Mang Upan
Silaing cangcaya ka kuring? Montong disebut Si Upan urang Garut, lamun teu bisa meruhkeun Bu Alis.
Bersamaan itu, muncul Bu Alis dari arah belakang Mang Upan.
Bu Alis
Mang, henteu mendakan juragan kepala?
Mang Upan
Aéh, euh, ta…tadi mah angkeut, aéh angkat sareng Pa Guru.
Bu Alis
Teu acan marulih deui, kitu?
Mang Upan
Tttt…teu…teurab, aéh teu acan, Bu…
Bu Alis
Ari Mang Upan kunaon? Mani siga anu kasima kitu.
Hadirin
Éta Bu Guru, Mang Upan téh…
Mang Upan
(Menukas) Jempé siah, bisi dikénca!
Mang Upan
Dupi, dupi Néng Alis, aéh, Bu Alis teu acan mulih?
Bu Alis
Apan ieu abdi, Mang.
Mang Upan
Aéh, sumuhun. Maksad téh, badé mulih?
Bu Alis
Sumuhun, Mang.
Mang Upan
Wang jajapkeun atuh ku Aa, aéh ku Emang.
Bu Alis
Alim ah, sieun diseuseulan ku istrina Mang Upan.
Mang Upan
Moal, ibu. Moal pisan. Moal wantuneun nyeuseulan ka abdi mah.
Bu Alis
Mang Upan
Ibu, bilih hoyong terang mah, Emang nikah sareng Si Iroh téh alatan kapaksa wungkul.
Bu Alis
Kapaksa kumaha, Mang?
Mang Upan
Sumuhun, apan ari di kampung mah, sok dijodo-jodokeun geuning. Panjang lalakonna mah, tapi engké ku Emang didadarkeun. Cindekna mah Emang téh da teu bogoh-bogoh acan ka Si Iroh téh.
Bu Alis
Piraku, Emang? Apan ayeuna téh tos gaduh putra, sanés?
Mang Upan
Duh, Bu Guru, Emang téh abot nyarioskeunana. Balaka baé, Emang téh diperkosa alias digadabah…
Bu Alis
Piraku diperkosa dugi ka gaduh putra dua?
Mang Upan
Apan digadabahna ogé, dua jirangan, Ibu. Emang téh kapaksa baé ngalayan, demi ngajalankeun bakti ka nu janten istri. Sanaos Emang téh sasatna
Bu Alis
Naonna, Mang, nu
Mang Upan
Sumuhun, kulemna…
Bu Alis
Na ari Emang, bogohna ka saha atuh?
Mang Upan
Saleresna mah Emang téh katarik ati, kapentang
Bi iroh sudah tak tahan lagi mendengarnya. Ia langsung mendamprat Mang Upan.
Bi Iroh
Bogoh ka saha siah? Hayoh ngomong!
Mang Upan
(Kaget) Aéh, damang nyai?
Bi Iroh
Naon éta téh, maké jeung ngajak sasalaman sagala rupa? Kawas keur lebaran wéh…
Mang Upan
Is, ari nyai. Perkara sasalaman mah teu kudu keur lebaran baé. Justru anu alus mah, unggal panggih jeung sasaha ogé, urang téh kudu sasalaman.
Bi Iroh
Itu geura, kalah ka ceramah deuih! Dasar lalaki nurustunjung! Peureum-peureum tujuh puluh. Sakitu mani bolotot-bolotot waé téh. Poé mangkukna kakara apal kuring ogé, pangna kuring bogoh ka silaing téh, horéng didukunkeun ka Bah Dinta…
Mang Upan
Sabar, sabar. Kesabaran itu pahit, tapi buahnya manis.
Bi Iroh
Teu! Kajeun manis buahna manis kuring mah…
Muncul Juragan kepala dan Pa Guru.
Juragan Kepala
Aéh, aéh, kunaon ieu téh maké jeung paraséa di dieu? Na mani euweuh kaéra pisan atuh! Apan urang téh dilalajoanan ku batur?
Mang Upan
Aduh, hapunten Juragan…
Bi Iroh
Hapunten, hapunten nanahaon! Kamu téh geus ngahianat cinta, nyaho! (Sambil Menangis) Hariring dangding, kiwari geus lain nu kuring. Haleuang sora, ayeuna teu miboga. Keretas bodas, pinuh gurat mangsi beureum, tinggeleber, ting sariak dina kongkolak panon. Nutupan paneuteup nu angkeub, nyimbutan kadeudeuh nu laas…
Juragan Kepala
Ibi, geus engké deui atuh nyajakna. Da moal leuwih alus ti Hadi ieuh atuh! Moal, moal meunang, ngalawan Hadi AKS mah!
Bi Iroh
Atuda bangkawarah pisan, juragan…
Juragan Kepala
Éh, ieu mah kalah siga nu ngahajakeun atuh nya. Engké deui, lamun rék paséa téh kudu néangan heula tempat nu nyingkur, bisi kata-kata mutiarana ditarurutan ku barudak. Mangkaning ayeuna mah keur usum plagiator deuih. Kumaha lamun kecap Ibi téh diplagiat ku batur, nyaah pisan pan, hak cipta éta téh. Hak cipta ditangtayungan ku undang-undang!
Muncul Mang Amanta dan Bi Popon dengan tergesa-gesa.
Juragan Kepala
Geuning Emang. Aya naon ieu téh, mani siga anu rarusuh kitu?
Mang Amanta
Kieu Juragan, pangna Emang sareng Embina maksakeun, jauh dijugjug anggang ditéang téh…
Pa Guru
Pok-pok atuh, mang, rék nyarita mah. Teu kudu kukurilingan heula ka ditu-ka dieu…
Mang Amanta
Har, kukurilingan kumaha Pa Guru? Apan Emang téh tatadi mula ogé di dieu?
Pa Guru
Kukurilingan maksud kuring, minangkana mah métafor…
Juragan Kepala
Meunggeus, teu kudu ngawangkong kasusastraan heula ayeuna mah. Sok, Emang, orayna kaluarkeun!
Mang Amanta
Oray mana, Juragan? Da Emang mah teu nyandak oray?
Bi Popon
Yeuh, manéhna, oray vérs Juragan mah, oray métafor…
Mang Amanta
Oh, métafora kituh! Lain tatadi atuh ngabéjaanna.
Juragan Kepala
Sok, Emang, aya naon Emang téh, pangna jauh dijugjug anggang ditéang?
Bi Popon
(Berbisik) Tuh, pan, ari ka Juragan Kepala mah, teu wanieun nyarék, najan jelas-jelas nyaritana kukurilingan heula.
Mang Amanta
Kieu, Juragan, saangkatna Juragan sareng Pa Guru téh, Emang sareng Embina harita kénéh langsung milarian pun anak. Emang téh ber…
Pa Guru
Hiber
Mang Amanta
Sanés, maksad téh; ber ka ditu, ber ka dieu. Nya Alhamdulillah dugi ka kapendakna, nuju ngahéroan Néng Cici di Banjarsari.
Juragan Kepala
Tuluy kumaha, Mang?
Mang Amanta
Nya langsung baé budak téh ditaros perkawis anu nandatangan naskah proklamasi téa.
Juragan Kepala
Kumaha tah jawabanana?
Mang Amanta
Numawi, budak téh teu ngaku, Juragan. Sakitu ku Emang tos dicehcer, digebugan ku gagang sapu ogé, tetep baé teu ngaku. (Kepada Bi Popon) Kalah capé anu nyiksana, nya?
Bi Popon
Leres, Juragan. Ku Ibi ogé digélang cepilna ngarah ngaku. Namung paralun, kalah Ibi anu leuleus… (Kepada Mang Amanta) Naon basa malayuna, leuleus taya tangan pangawasa téh?
Mang Amanta
Lemah lunglai, tidak tangan penguasa.
Juragan Kepala
Jadi kumaha tungtungna, Mang?
Mang Amanta
Janten, sanggem Emang mah, rupina pun anak téh mémang henteu nanda tangan naskah proklamasi. Namung, duka upami Si Aték atanapi Si Akung mah, da pun anak téh dalitna sareng budak dua éta. Kamari ieu ogé, Si Akung mah kalibet kasus maling sendal. Mangkukna Si Aték, jadi tersangka anu sok noongan nu keur siram di tampian.
Juragan Kepala
Ké, ké, ari budak Emangna ayeuna milu?
Mang Amanta
Henteu, Juragan. Ngahaja ku Emang téh ditalian di pacilingan. Mamanawian wéh atuh engké mah ngaku. Atuh dina teu ngakuna, manawi ngabéjaan saha-sahana, Juragan…
Juragan Kepala, pa Guru, Bu Alis, dan Mang Upan menggéléng-géléngkan kepalanya.
Juragan Kepala
Nepi ka kituna, ning.
Pa Guru
Sumuhun, Juragan, kuma deui atuda. Sakitu buktosna…
Tiba-tiba muncul Bi Ucu dan Si Buruy.
Bi Ucu
Kunaon ieu budak, ngadon ditalian di pacilingan? Ngalanggar hak asasi manusia, éta téh…
Mang Amanta
(Marah) Na ari Ibi, dititah ku saha dileupaskeun? Nyaho éta téh…
Juragan Kepala
Heup, heup, ulah katutuluyan. Kuring rék nyarita, yeuh. Coba regepkeun ku saréréa. Pangpangna mah ku hidep, Buruy. Ogé ku Mang Amanta jeung Bi Popon.
Semuanya terdiam. Juragan kepala menarik napas dulu.
Juragan Kepala
Anu néken naskah proklamasi téh taya lian Bung Karno. Harita, poé Juma’ah, tanggal 17 Agustus 1945, Bung Karno sareng Pa Hatta ngawakilan sakumna bangsa Indonésia, mroklamirkeun kamerdikaan Indonésia.
O.S
Proklamasi. Kami bangsa
Juragan Kepala
Poma, ulah nepi ka dipopohokeun. Ngarah urang salawasna inget, mun yén kamerdikaan
Pa Guru
Namung, pangapunten, Juragan. Palih dieu, urang teu tiasa ngalepatkeun kitu baé ka masarakat samodél Mang Amanta. Pangpangna mah da seueur pisan atuh, sajarah anu dimanipulasi téh. Antukna masarakat kiwari teu anoh kana historis bangsa, pon kitu deui para pahlawanna.
Juragan Kepala
Nya, ayeuna mah teu kudu silih salahkeun. Anggap baé kasus Si Buruy téh, minangka pépéling keur urang saréréa. Boa urang ogé salah, teu bisa ngahontal targét ngajar tur ngadidik barudak. Wang pada-pada instropeksi diri wéh ayeuna mah.
Buruy
(Sedih) Pa Guru sareng Bu Guru mah, teu lepat, Juragan. Abdi nu lepat mah. Rumaos mancangul sareng
Mang Amanta memeluk anaknya.
Mang Amanta
Geuning ayeuna mah éling, silaing téh…
Buruy
Hapunten Bapa, Ema. Ngawitan ayeuna mah, abdi jangji, badé suhud diajar, sareng nurut kana piwuruk sepuh.
Semuanya mengucapkan Hamdallah.
Tamat
Ranggon Panyileukan, 1999
Katerangan:
Ieu naskah drama téh kungsi dipagelarkeun di:
- Gedong Landmark Convention Hall, Jl. Braga 129 Bandung, ku Sanggar Seni Damar Bumi Citraloka (24 Agustus 1999)
- Panggung Hiburan Agustusan RW. 03 Kelurahan Cipadung Kidul, Kecamatan Cibiru (ayeuna mah Kecamatan Panyileukan), Kota Bandung, ku Sanggar Seni Damar Bumi Citraloka (Agustus 1999)
- Panggung Hiburan Agustusan RW. 02 Kelurahan Cipadung Kidul, Kecamatan Cibiru (ayeuna mah Kecamatan Panyileukan), Kota Bandung, ku Sanggar Seni Damar Bumi Citraloka (September 1999)
- Aula STIPER Balé Bandung, ku Sanggar Seni Greha Bubat 66 (2004)
- Aula UIN Sunan Gunung Djati Bandung, ku mahasiswa Jurnalistik UIN SGD Angkatan 2005 (2006)
Kanggo pakumpulan kasenian atanapi sanggar seni anu badé ngagarap ieu naskah, sumangga diwidian, kalebet ngawidian bilih badé dirévisi atanapi diluyukeun ku sutradarana. Simkuring moal nuhunkeun honor, nanging panuhun henteu ngicalkeun nami pangarangna. Hatur nuhun.
DHIPA GALUH PURBA




pami nu kahiji sareng nu kadua tos didudut, teras nu ka tilu dikantun hawatos hi…hi…hi…. sarakah
Kedah sadayana, Teh. margi pami sapalih-sapalih, engke bilih gantung caritaeun…
Wilujeng ah. Salam baktos ka wargi-wargi di Bogor…
DHIPA GALUH PURBA
teu acan aya nu enggal kang??? diantos ahhh dudutkeuneun heu..heu..heu… katiasa da mung eta. hatur nuhun
aya, mung teu acan kabujeng ngalebetkeunana. insyaAlloh ke saenggalna dipidangkeun.
sami-sami, hatur nuhun.
DHIPA GALUH PURBA
Kang Dipa ku abi di download nya?
mangga, mangga…
DHIPA GALUH PURBA
Alhamdulillah kang , naskah ieu sasih agustus kamari di anggo pentas ku rerencangan di tangerang , honornamah mannga candak ku nyalira engke di akherat . di antos naskas gratis nu sanesna.
Ngiring bingah, keun perkawis honor mah, da rezeki diatur ku Alloh SWT. Mangga, naskah mah moal dikoretkeun, antos we nyaaa… (tapi pami tiasa, nuhunkeun data2: kelompok nu ngagarapna, maenna dimana, kaping sabaraha, saha sutradarana, sareng kumaha tah respon ti nu nongton)
Hatur nuhun
DHIPA GALUH PURBA