Kategori: Drama | Diterbitkan pada: 13-12-2007 |
Naskah Proklamasi
Ku DHIPA GALUH PURBA
BABAK II
Mang Amanta dan istrinya (Bi Popon) masuk ke arena. Nampak keduanya berjalan dengan perlahan, seperti yang sangat kelelahan.
Hadirin
Marulih ti mana éta téh, mani siga anu lalungsé naker?
Mang Amanta
Biasa baé, Jang. Pekerjaan sehari-hari.
Hadirin
Naon téa pekerjaan sehari-hari téh?
Bi Popon
Alah, sok api-api teu apal baé. Apan Ibi téh kakara balik ti sawah.
Hadirin
Oh, kitu. Gaduh sabaraha héktar sawah téh, Ibi?
Bi Popon
Gandéng siah! Maké jeung nanya nu lain-lain. Lamun Ibi boga sawah ngahéktar mah, moal ogé buburuh di sawah Mang Jena, urang Simpar.
Mang Amanta
Enya, ari taeun téh sok ka mana-mendi baé. Lamun déwék boga sawah ngahéktar, meureun kuring téh kabeuli babi banén.
Hadirin
Na kanggo naon kitu Mang, babi banén téh?
Mang Amanta
Itu geura, aya ku kampungan pisan. Harianeun, nepi ka teu apal fungsi babi banén-babi banén acan mah.
Hadirin
Sumuhun, na kanggo naon kitu, Emang?
Mang Amanta
Ari babi banén téh nyaéta mobil méwah, nyaho.
Hadirin
Oh, sanés babi banén atuh, Emang. Bébibén kituh…!
Mang Amanta
Cik atuh, pilakadar salah saeutik, kawas lain jeung dulur baé. Da maksud déwék ogé ka dinya ieuh.
Bi Popon
Geus gandéng atuh, manéhna, tong loba teuing ngocoblak. Ieu waktu geus nyedek ka wanci tunggang gunung, na ari Si Buruy can balik baé? Ka mana heula atuh budak téh nya?
Mang Amanta
Nyao teuing lah. Paling ogé ngablu heula. Geus jangar mikiranna ogé, déwék mah. Budak téh nya kebluk, nya odob. Ari karesepna ngan abur-aburan teu puguh. Ngahéroan deui Néng Lina sigana mah.
Hadirin
Kutan kitu, budak téh Emang?
Mang Amanta
Enya puguh. Tapi da piraku ari kudu ditalian cokorna mah. Éta mimitina mah basa keur usum kompanyeu. Teu sirikna unggal aya partai anu kompanyeu, pasti wéh bebenyit téh miluan pawai. Tapi kétang aya alusna ogé, ngarah déwék teu kudu mangmeulikeun baju. Malah kamari ieu mah déwék ogé nginjeum kaos nu gambarna manuk. Hanjakal tidak bisa terbang.
Bi Popon
Sok ngaco baé ari nyarita téh. Warah atuh sakali-kali mah bebenyit téh, manéhna!
Mang Amanta
Enya bener. Wang sina eureun baé sakolana sakalian. Kahambur-hambur biaya pangpangna mah,
Hadirin
Éh, ari Emang. Lepat pisan tah pamadegan téh. Geus puguh Si Buruy téh bodo, hayoh kalah rék sina eureun sakola. Atuh kalah jadi beuki belegug. Karunya, Mang, budak téh moal boga keur bekel masa depan.
Mang Amanta
Alaaah… Si Écé ogé teu disakolakeun, geuning angger bisa hirup tina buburuh ngangon munding. Malah ladang ngangon munding téh, béjana geus kabeuli domba jeung télévisi dua in satengah. Komo Ajip Rosidi mah, teu sakola ogé, geuning angger wéh pinter. Kapaké ku urang Jepang ogé.
Hadirin
Da éta mah diajarna ogé rajin atuh, Mang. Loba maca buku!
Mang Amanta
Enya, naon héséna atuh sina macaan buku wéh, budak déwék ogé. Tuh dina lomari, loba pisan jangjawokan warisan ti karuhun. Bener teu, manéhna?
Bi Popon
Bener pisan éta téh. Tapi ari ibi mah mémang geus over dosis ngabandungan waragad sakola jaman ayeuna. Ongkoh dikudukeun sakola téh, tapi bayaranna teu kireum-kireum pisan. Matak sakalor jalma pantar ibi. Matak aya alusna deuih,
Hadirin
Bi Popon
Apan sakola leuwih luhur mah, biayana ogé kudu jéngké. Ayeuna baé, anu kudu dibayar téh rupa-rupa pisan. Geus puguheun ari sabangsaning duit SPP mah, sataun téh mani kudu duapuluh opat kali mayar.
Hadirin
Ké, ké,
Bi Popon
Belet silaing mah. Ceuk Si Buruy ogé, sataun téh aya duapuluh opat bulan.
Hadirin
Sakanyaho kuring mah, bayaran téh ti mimiti januari nepi ka désémber. Duabelas bulan, Ibi!
Bi Popon
Enya, ari bulan muharam, sapar, mulud, apan can kaitung éta téh?
Hadirin
Gusti! Ieu mah kudu ditalungtik yeuh. Cik, Ibi, aya bayaran naon deui di sakola téh?
Bi Popon
Loba pokona mah. Ti mimiti uang good morning, uang becrol nepi kauang pokrol. Katambah deui, aya uang I love you, anu kudu dibayar unggal poé.
Hadirin
Yeuh, Ibi, budak Ibi téh ana kitu mah uniko atuh, alias usaha nipu kolot. Di sakola mamana ogé, da euweuh ari bayaran anu kararitu mah.
Mang Amanta
Nyao teuing. Teu apal jeung teu hayang apal. Tapi ari kajadianna nipéng mah, bebenyit téh geus leuwih ti culanggung.
Bi Popon
Gusti, kutan budak téh geus wani nipu ka kolot? Paingan atuh dititah eureun sakola téh embungeun, pajarkeun téh Bu Guruna nyaaheun kacida, deukeut-deukeut kana katarik ati, kapentang asrama. Awas siah lamun balik, rék digélang ceulina sakalian.
Mang Amanta
Nyaan budak téh, leutik-leutik geus wani nipu. Padahal ari cita-citana mah luhur da, hayang jadi pangarang sunda. Goréng-goréngna ogé jadi persidén cenah. Jadi melang tungtungna mah, lamun jadi persidén téh kuang pagawéanna nipu jeung nipu rahayat wéh. Lah, mending kénéh ulah ari kitu mah. Dulur, dulur! Geura béwarakeun na koran, Si Buruy mah ulah aya nu milih kituh!
Bi Popon
Na ari manéhna, sok saengangna baé ari ngomong téh.
Mang Amanta
Aéh heueuh, rarasaan téh geus nyalonkeun. Keuheul atuda. Padahal lamun hayang duit mah, teu kudu nipéng ka kolot, da loba piusahaeun téh. Buburuh-buburuh démo kadinyah.
Hadirin
Buburuh démo kumaha, Mang?
Mang Amanta
Sok télmi pisan silaing mah.
Hadirin
Teu sangka Si Emang téh, geuning mani nyari-nyari politikus baé.
Mang Amanta
Is, puguh baé. Tikus-tikus gé, da berpolitik.
Bi Popon
Geus gandéng, montong disada baé, manéhna. Bisi aya cak-cak bodas geura. Mangkaning jaman ayeuna mah, lamun inohong geus ambek, nepi ka liang kubur ogé baris udag!
Juragan Kepala dan pa Guru muncul. Mang amanta dan Bi Popon kaget, tetapi menerimanya dengan penuh kesopanan.
Mang Amanta
Alah, gening aya ménak ieu téh. Mangga ka lebet, Juragan. Kumaha dEmang?
Juragan Kepala
Pangésto, Emang. Sabalikna, kumaha di dieu calageur?
Mang Amanta
Ah, sadamang-damangna wéh, Juragan.
Juragan Kepala
Sukur lamun kitu, bagja lamun enya.
Mang Amanta
Aéh, Juragan. To the pointer waé Emang mah, maklum da sok kagét setelah beristirahat, ari kasumpingan ménak téh. Tangtosna ogé, Juragan téh aya kaperyogian, numawi ayeuna kersa rurumpaheun ka saung butut.
Juragan Kepala
Enya puguh, kuring jeung Pa Guru ka dieu téh, rék ngabadamikeun perkara budak Emang, nya Si Buruy téa.
Mang Amanta
Moal naék kelas deui kitu, pun anak téh?
Juragan Kepala
Justru dina taun ayeuna mah, budak emang téh bakal ditaékeun. Ngan, aya hiji sarat anu kudu dicumponan.
Mang Amanta
Perkawis artos kitu? Aduuuh, Juragan, pamugi sing aya tinimbangan. Dina waktos ayeuna mah Emang téh nuju paceklik pisan. Sing karunya ka Emang, Juragan. Tos tilu dinten ogé, mun ngabubur wéh, ngarah irit béas.
Juragan Kepala
His, lain kudu ngaluarkeun duit, Emang. Atuhéta mah ngaranna nyuap. Paralun, amit-amit jabangbayi, ka sebrang ka palémbang. Teu meunang pisan nyuap téh. Haram hukumna ogé.
Mang Amanta
Naon atuh saratna, manawi?
Juragan Kepala
Kieu, Mang, kuring téh ukur hayang ngadéngé walonan ti budak Emang. Ari pertanyaanna téh da teu pira; saha anu nandatangan naskah proklamasi?
Mang Amanta
Teras?
Juragan Kepala
Enggeus, ngan sakitu. Sakali deui; Saha anu néken naskah proklamasi?
Mang Amanta
Alaaah, cinél atuh nu kitu mah. Cileuh, Juragan. Keun engké dilereskeun perkawis nu kitu mah. Céték pisan, Juragan, tidak akan harus huhutanan.
Juragan Kepala
Nya sukur ari gampil mah. Ayeuna kuring jeung Pa Guru rék amitan waé, bisi kahujanan di jalan.
Tiba-tiba muncul Bi Ucu (tetangga Mang Amanta) dengan raut wajah yang penuh emosi.
Bi Ucu
Punten! Bener di dieu aya Juragan Kepala?
Juragan Kepala
(Kaget) aéh, geuning bet apalan, aya kuring di dieu…
Mang Amanta
Is, tos biasa juragan di kampung mah, upami kasumpingan ménak téh sok ibur salembur, éar sa…
Bi Ucu
(Menukas) Ménak-ménak tujuh puluh, siah! Kuring mah datang ka dieu téh rék ngabudalkeun kapeurih ati jeung katunggara rasa. Haté nu diwewejét. Nepi ka cucuk jeung peurah ogé moal neurak kana sakujur awak, sabab kamerkaan ku tunggara nu taya hinggana.
Juragan Kepala
Haar, na boga salah naon kitu kuring téh?
Bi Ucu
Gandéng, tong sok seuneu-seuneu. Kéna-kéna jadi inohong Juragan téh. Sing inget keur harita ngedalkeun jangji-jangji anu salangit. Bulsit, Juragan! Kiwari Juragan téh kabuktian, henteu boga tanggung jawab!
Mang Amanta
Ibi, ieu téh Juragan kepala!
Bi Ucu
Enya apal, kuring ogé. Na ceuk saha Juragan Suku? Tapi da kuring mah moal keueung ngayonan sagara motah, atawa maung ngamuk gajah meta. Pokona mah kuring ukur sieun ku Gusti Nu Maha Suci. Allohuakbar!
Mang Amanta
Kélanan, Ibi, ulah sok ngalajur napsu jeung ngumbar amarah. Kudu tarapti sagala rupana ogé, supaya airnya bening dan ikannya didapatkan. Cik, sok écéskeun heula atuh, aya naon Si Ibi téh, sampai tidak ada petir, tidak ada angin, ojol-ojol ngambek ka Juragan Kepala.
Bi Ucu
Kurang jelas kumaha, Emang? Apan saréréa ogé apal, Si Kunéng, anak kuring, hahadéan jeung Juragan Kepala. Malah hahadéanna ogé geus kaleuleuwihi ieuh. Teu kudu dijelaskeun proséséna mah, da saréréa ogé geus kolot. Nu penting, ayeuna Si Kunéng keur bureuyeung, geus
Pa Guru
Astaghfirullohal’adzim! (Kepada Juragan Kepala) Hawatos ana kitu mah, Juragan. Saéna mah mending ditikah baé, batan Nyi Kunéng kawiwirangan mah. Perkawis Bu Guru Alis, sawios abdi rido janten gentosna.
Juragan Kepala
Emh, kahayangna éta mah…
Bi Ucu
Ayeuna mah, wayahna Juragan Kepala kudu milu jeung Ibi ka KUA. Kabeneran Ibi boga kawawuhan di ditu; Dédi Ahimsa Riyadi. Manéhna kakara ditarima gawé jadi tukang ngawinkeun.
Juragan Kepala
Sabar heula, ibi. Perkara ka KUA mah, gampil. Tapi ulah ngajak kuring, da kuring mah teu wawuh-wawuh acan ka budak Ibi téh. Sumpah, saksina ogé langit jeung bumi.
Bi Ucu
Itu geura. Kalah mungkir deuih! Na teu apal adi kuring téh sosobatan jeung tatanggana gubernur?
Juragan Kepala
Kieu baé atuh, Ibi. Ari Ibi iraha jeung di mana kungsi panggih jeung kuring? Da mun teu salah mah kakara ayeuna, pan.
Bi Ucu
Ari kuring mah, mémang rumasa can kungsi panggih. Tapi salaki kuring mah harita téh mindeng pisan, lamun sakalieun keur dagang ulén di setatsion.
Pa Guru
Ké, ké,
Bi Ucu
Itu geura, aya ku télmi. Apan Juragan Kapala téh sok di Statsion. Nya manéhna téh kepalana Statsion. Sanajan ayeuna mah karék sadar, meureunan Juragan Kepala téh, kepala copét atawa kepala buaya di Statsion.
Juragan Kepala
Aéh, aéh. Yeuh, Ibi, kuring mah lain Kepala Statsion. Kuring mah Kepala Sakola!
Mang Amanta
Tuh, pan, bener teu? Matak ulah sok parardu téh. Akhirnya Juragan Kepala ketiban harus mengganti ekor harimau.
Bi Ucu
Naon makudna, éta téh?
Mang Amanta
Heueuh, katempuhan buntut maung! Nu aya di hareupeun irung Ibi mah, Kepala Sakola di Cigorowék.
Bi Ucu
(Tersipu-sipu) Kutan? Atuh ari kitu mah Ibi téh lepat. Neda agung jembar pangapunten tina samudaya kalepatan. Mugia balungbang timur, caang bulan opatwelas, jalan gedé sasapuan.
Mang Amanta
Muhun, Juragan. Sakumaha saur Bi Ucu, Juragan harus makan besar selebarnya permaapan, dari segala kesalahan. Semoga balungbang timur, terang bulan empat belas, jalan besar sudah dibersihkan.
Juragan Kepala
Teu nanaon, ibi.
Bi Ucu
Hatur nuhun ari kitu mah. Maklum atuh, Juragan, Ibi téh nuju baluweng pisan. Sok wéh bayangkeun ku Juragan, budak Ibi hiji-hijina meunang musibah anu sasatna wiwirang di kolong catang. Asa tungkeb bumi alam, Ibi téh. Numawi, sakali deui, punten Ibi tos kapoékan…
Mang Amanta
Leres Juragan, Bi Ucu téh sudah kegelapan memarahi Juragan, semoga jangan ada ekorna.
Bi Ucu
Aéh, pami Bapa ieu parantos kagungan garwa?
Pa Guru
Ari sabenerna mah kuring téh enggeus, Ibi. Malah kuring téh kacida resep jeung nyaah ka pamajikan téh, pangpangna mah resep ménta jeung nyaah méré. Awahing ku nyaahna ka pamajikan, batan hayang miceun mah, kalah hayang nambahan kuring téh, Ibi.
Bi Ucu
Tah, tah…! Sugan wéh atuh asem di gunung, uyah di laut…
Pa Guru
Kieu wéh atuh Ibi, kuring mah seja niat ibadah, hayang nutupan wiwirang Ibi. Kuring sayagi pikeun dikawinkeun ka budak Ibi, Nyi Kunéng téa. Tapi,
Juragan Kepala
Aduh éta Pa Guru, aya ku ampun nya. Lain ogé rék ibadah, ari kitu carana mah. Hayu wang mulang, bisi béakeun ojég. (Kepada Mang Amanta) Kadé perkara Si Buruy, Mang. Kuring nganti jawabanana!
Mang Amanta
Tangtos diéstokeun pisan, juragan. Gampil lah perkawis nu kitu mah…
Juragan Kepala dan Pa Guru meninggalkan arena.
Mang Amanta
Alhamdulillah geuning, teu ménta duit ayeuna mah…
Bi Popon
Piraku wéh, pan geus jaman réformasi.
Mang Amanta
Hayu atuh, wang téangan bebenyit téh, ngarah gancang-gancang bérés urusanana.
Bi Ucu
Ari Si Buruy téh, sabaraha taun umurna, Mang?
Bi Popon
Lah, budak kuring mah can meujeuhna kawin, Ibi!
Bi Ucu
Éh, ditanya umur, kalah ngajawab perkara kawin.
Bi Popon
Limalas taun atuh! Rék naon nanayakeun umur Si Buruy?
Bi Ucu
Kawasna nurub cupu pisan, lamun réréndéngan jeung Si Kunéng…
Mang Amanta dan Bi Popon langsung meninggalkan arena. Bi Ucu mengejarnya, sambil memanggil-manggil Mang Amanta.




Pami anu ka hiji tos di dudut, nu kadua oge kedah he…he…he…..
His… nya tangtos we atuh Teteh…