Kategori: Drama | Diterbitkan pada: 13-12-2007 |
Naskah Proklamasi
Ku DHIPA GALUH PURBA
BABAK I
Diawali dengan Tatalu (Menabuh gamelan untuk memanggil para penonton). Kemudian muncul para ronggéng, yang menampilkan tarian rakyat. Ki Panjak masuk aréna setelah tarian selesai. Lalu menyalakan oncor, sekaligus membuka pergelaran longsér.
Pa Guru masuk aréna dengan raut wajah yang kusut. Berjalan mondar-mandir, seperti yang tengah memikirkan suatu masalah yang sangat berat.
Hadirin
Pa Guru
Enya puguh euy. Kuring téh lamun jalma mah, keur jangar bin rieut bin baluweng bin parusing bin sagala rupa pokona mah.
Hadirin
Deudeuh teuing. Na nuju ngémutan naon atuh Pa Guru téh?
Pa Guru
Euweuh deui anu dipikiran ku kuring mah, Jang. Ukur barudak. Beuki dieu téh asa leuwih balangor baé. Hariwang kuring téh, cacakan karék jadi budak SD, geus sakitu mancangulna. Komo deui lamun geus sakola di tingkat nu leuwih luhur deui. Rék kumaha jadina atuh bangsa urang téh.
Hadirin
Na kumaha kitu Pa Guru?
Pa Guru
Is, lain ngalawan deui ieuh! Baredang or barandelna ogé, geus ngaleuwihan batas kailaharan. Si Aték, poé mangkukna katohiyan keur lalajo orkés di Cigeuri. Padahal bébéjana mah apan gering ripuh. Tuluy Si Mélon anu geus ngadeukeutan kana anarkis mah. Poé kamari pisan Si Éta wani-wani malédogan kaca kelas.
Hadirin
Pédah naon éta téh Pa Guru?
Pa Guru
Teu pira pasualanna mah. Pilakadar buukna diturundulan. Keuheul atuda, bebenyit sagedé kitu geus hayang ngukut buuk panjang. Pajarkeun téh ngarah loba nu naksir cenah.
Hadirin
Teras, aya kajantenan naon deui Pa Guru?
Pa Guru
Yeuh, anu aktual kénéh mah, sababaraha bulan kaliwat, sakabéh barudak nyerbu imahna murid anyar.
Hadirin
Ké, ké, na asa rada kamalinaan teuing. Naon cenah masalahna nepi ka kitu?
Pa Guru
Éta mah gara-gara ngaran bapana murid anyar téa: Édi Tansil.
Hadirin
Alhamdulillah. Atuh ari kitu mah barudak téh jadi pahlawan. Apan aparat ogé geus teu metu néangan sakadang Édi Tansil téh.
Pa Guru
Heueuh lamun Édi Tansil anu korupsi mah, kuring ogé milu bungah. Da ieu mah Mang Édi Tansil, bapana Si Usro. Pagawéan sapopoéna ogé, sok buburuh macul di lembur Cigorowék.
Hadirin
Ooh…Upami kitu mah leres atuh, tos parah pisan barudak téh, Pa Guru. Komo deui upami papagah guru tos henteu digugu sareng ditiru mah, hartosna guru téh tos ical komara-na.
Pa Guru
Bisa jadi kitu. Mangkaning euweuh nu dagangna komara mah, nya. Aya ogé popotongan kuring, Komara Blézinky.
Hadirin
Atuda Pa Guru-na seueur teuing ngicalan buku sareng foto-kopian. Janten wéh Guru téh disamikeun sareng nu dagang.
Pa Guru
Ké, ké, kélanan.
Hadirin
Apan ti penerbit-na aya discont 35 persén?
Pa Guru
Geus gandéng atuh. Éta mah itung-itung ladang mangmanggulkeun ti kantor ka jero kelas. Atuda silaing mah nyawang guru téh ngan ti sisi négatifna baé. Cik atuh sakali-kali mah teuleuman téh sisi positifna, da kasejahteraan guru SD téh kurang diperhatikeun. Geus mangalam-alam kuring téh ngontrak jeung ngontrak, can kungsi kabiluyungan boga imah…
Hadirin
Tos, tos, Pa Guru, teu kénging ambek-ambekan kitu. Teu saé éta téh.
Pa Guru
Na teu meunang lamun guru ngambek? Ditincak-tincak teuing mah, sireum ogé bakal nyoco. Guru ogé da sarua sireum atuh, aéh sarua jelema…
Hadirin
Sumuhun, abdi ogé ngartos. Namung ieu mah uih deui kana perkara barudak
Pa Guru
Loba. Loba pisan. Lobaaa… pokona mah. Mister Loba-loba, Mister Loba-loba…
Hadirin
Cobi atuh, salah sahiji alatan naon?
Pa Guru
Di nagara urang téh loba teuing kajadian huru-hara; perang, kerusuhan massal, démontrasi anu anarkis, jeung réa-réa deui. Réformasi ku réformasina, remen disalah hartikeun, kalah loba anu parebut korsi. Tah, perkara éta téh jelas mangaruhan pisan kana psikologis barudak. Mangkaning barudak mah apan sok satingali-tingalina, anu lain tingalieunana. Sok sadéngé-déngéna, anu lain déngékeuneunana. Jeung sok saambeu-ambeuna, anu lain ambeueunana. Piraku sugan ari kuring kudu nyalonkeun persidén mah, kuriak barudak moal kaurus atuh.
Hadirin
Paingan atuh ana kitu mah. Kahartos, kahartos.
Pa Guru
Taktagé kitu tah, bisi silaing hayang nyaho mah. Jaba ayeuna téh kuring keur nyanghareupan hiji murid anu super mahiwal. Keur odob kabina-bina téh, katambah ciriwisna moal aya dua. Bandel kabina-bina. Surup jeung ngaranna; Buruy Odob The Katotoloyoh. Geus
Hadirin
Atuh bararau panginten?
Pa Guru
Lain ngendog kitu maksud kuring téh. Ieu mah ngendog téh disawang tina jihad konotasi. Hartina tara naék kelas.
Tiba-tiba muncul Mang Upan dengan tergesa-gesa.
Pa Guru
Aya naon, Mang Upan? Mani siga nu diudag hansip baé.
Mang Upan
Tiwas, Pa Guru, tiwas…!
Pa Guru
Tiwas nanahaon, ari Mang Upan? Saha anu tiwas téh? Sing pararuguh méré warta téh, kudu keuna unsur 5 W pleus 1 H-na. What?
Mang Upan
Tangkal cau
Pa Guru
Where?
Mang Upan
Nu palih kulon, Pa Guru.
Pa Guru
Who?
Mang Upan
Si Buruy
Pa Guru
Why?
Mang Upan
Diliangan.
Pa Guru
When?
Mang Upan
Bieu pisan, Pa Guru.
Pa Guru
How?
Mang Upan
Ah, teu wasa nyariosna, Pa Guru. Pokona mah 17 taun dot com.
Pa Guru
Lamun silaing kuliah di Jurnalistik, geus tangtu moal lulusna téh. Hayoh caritakeun sing bener!
Mang Upan
Sumuhun kieu, Pa Guru, Tangkal cau anu palih kulon barolong saageung-ageung kieu.
Pa Guru
Kutan? Enyaan ieu téh?
Mang Upan
Ih, sok teu percanten ari ka abdi téh. Leres pisan éta téh, Pa Guru. Malihan bieu mah kaperego pisan Si Buruy nuju ngaliangan tangkal cau anu badé dituar téa.
Pa Guru
Gusti Nu Agung. Nepi ka kituna. Naudzubillahimindalik. (Kepada Hadirin) Ari maranéh ngarti, nepi ka aya kajadian kitu téh?
Hadirin
Numawi rada teu ngartos ieu téh. Cik atuh écéskeun ku Pa Guru.
Pa Guru
Ah, pokona mah ieu kajadian téh dilantarankeun loba film atawa sinétron anu ngaéksploitasi séksual. Komo deui ayeuna mah aya istilah duét paéh atawa goyang jétpam téa geuning. Tah nu samodél kitu téh jelas-jelas bisa ngaruksak moralitas barudak, da puguh bisa dilalajoanan bébas na télévisi téa. Teu anéh lamun loba kajadian anu matak hareneg irung téh. Saperti; kasus Cigorowék Lautan Asmara, kasus késting sabun colék, jeung kasus-kasus séjénna. Loba kajadian anu bureuyeung méméh kawin, pemerkosaan, pelécéhan séksual, jeung sajabana.
Hadirin
Tapi
Pa Guru
Bisa jadi, éta salah sahijina. Tapi kalintang teu adilna, lamun urang ngaduduh ukur ka hiji jalma. Komo deui nyebutkeun Si Manéhna henteu bermoral mah. Tong loba teuing ngomong perkara moralitas lah, jeung kuring mah. Lamun rék madungdengkeun moralitas, sakabéh télévisi ogé geus kudu dibrédél tah…!
Hadirin
Apan Pa Guru, anu nyarios moralitas mah.
Pa Guru
Aéh heueuh nya. Jero teuing nyarita filsafat téh. Nepi ka mana bieu téh?
Hadirin
Sumuhun, tongtonan sarupi kitu téh, tos dugi ka mana dampakna ka barudak?
Pa Guru
Na ari silaing, kalah nanya deui. Apan sidik pisan; kasus ngaliangan tangkal cau téh, minangka salah sahiji réalitasna, you now?
Bu Guru muncul dengan gugup.
Bu Guru
Assalammu’alaikum Pa Guru, euh… aéh…
Pa Guru
Waalaikum salam, geulis, aéh Bu Guru. Kunaon mani siga anu grogi kitu? Biasa-biasa wéh atuh, teu kedah nyirikeun teuing.
Bu Guru
Dupi, dupi… Juragan Kepala nyondong?
Pa Guru
Apan Juragan Kepala mah nuju rapat di sareng Déwan Sekolah. Tapi bisi aya masalah mah, mending wakca baé ka kuring. Sabab Juragan Kepala geus ngalimpahkeun tugas-tugasna ka kuring.
Bu Guru
Pa Guru
Mémang enya da. Bu Alis mah rék kukumaha ogé, bakal tetep geulis. Cacak lamun kuring can boga Si Teueul mah…
Bu Guru
Geuning Pa Guru téh taya binana sareng barudak?!
Pa Guru
Aéh, aéh, aya ku poho. Hampura pisan, kalepasan bieu mah. Omat, ulah dianggap heureuy nya. Matakna Bu Alis téh kudu diajar ékting ngambek anu pikasieuneun. Sok geura, asup kuliah ka STSI Bandung, nyokot Jurusan Téater.
Bu Guru
Kumaha ari Pa Guru téh? Kalah ngalér-ngidul kitu. Ieu kumaha masalah barudak? Si Buruy mah bieu ogé tos wantun ngirim
Pa Guru
Deuleu étah! Kabina-bina teuing éta bebenyit. (Kepada Mang Upan) Cik kadituh, jiwir Si Buruy téh ka dieu!
Mang Upan meninggalkan arena.
Pa Guru
Cing ningali
Bu Guru
Mangga, ieu Pa Guru (Memberikan sepucuk
Pa Guru membuka
Pa Guru
(Membaca Surat) Bu Alis, di matamu aku menemukan pancaran kedamaian. Dalam sikapmu, aku menemukan telaga keteduhan. Akan kubangun istana cinta, walau harus bertiang derita dan beratap air mata. Oh, Bu Alis, sehitam jelaga jalan yang harus kutempuh, semerah api derita yang harus kujalani, namun seputih salju sayangku padamu. Oh..Bu Alis, seandainya…
Juragan Kepala
(Memotong sambil membentak) Meunggeus, meunggeus! Ieu téh rék ngajar murid, atawa rék bobogohan?
Pa Guru
Juragan Kepala
Is no good boga kalakuan siga kitu téh. Salaku guru, kuduna méré conto anu hadé ka sakabéh murid, lain kalah bobogohan di kantor. Euweuh kaéra pisan, sakitu budak barongkéakan téh.
Pa Guru
Sanés, Juragan, ieu mah…
Juragan Kepala
Étah-étah, loba pisan alesan nya. Pokona mah lamun rék bobogohan, aya aktu jeung tempatna anu leuwih merenah, lain di kantor guru.
Bu Guru
Namung, da ieu mah…
Juragan Kepala
Gandéng lah! Sugan téh artis wungkul anu sok beuki cilok téh. Geuning guru ogé kajadian cinta lokasi. (Kepada Bu Guru) Kalahka siah, kakara ogé poé mangkukna, nyebutkeun nyaah ka kuring téh.
Hadirin
Ooh…Juragan Kepala téh timburuan.
Juragan Kepala
Nya puguh atuh. Apan kuring téh geus paheut jangji, rék unggah ka balé nyungcung, geusan sapapait samamanis ngayonan ieu kahirupan. Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak, sabobot sapihanéan, téng manuk téng anak merak kukuncungan…
Mang Upan muncul, menggiringkan Si Buruy.
Juragan Kepala
Aéh, aéh, nanahaonan ieu budak dibawa kadieu? Apan keur dialajar lin?
Mang Upan
Har, apan abdi téh dipiwarang nyandak ieu murangkalih ku Pa Guru.
Pa Guru
Tah, leres éta téh Juragan. Margi kieu, anu bogoheun ka Bu Guru téh sanés sim kuring. Namung nya murangkalih ieu pisan. Mangga waé uningaan serat cinta-na ku Juragan.
Mang Upan
Sumuhun kitu, Juragan. Abdi mah badé permios deui baé, margi pameng ngantunkeun hanca padamelan.
Mang Upan meninggalkan arena. Sedangkan Juraga Kepala membaca
Juragan Kepala
Nya hampura baé atuh, Pa Guru. Ari sugan téh lain bebenyit ieu, anu boga lampahna.
Pa Guru
Wios, wios.
Juragan Kepala
Tong
Pa Guru
Sumuhun wios!
Juragan Kepala
Lain, Pa Guru. Kuring téh kabeneran deuih, aya perelu ka ieu bebenyit. Yeuh, bisi hayang nyaho mah…
Juragan Kepala berbisik kepada Pa Guru beberapa saat. Pa Guru mengangguk-anggukan kepala.
Juragan Kepala
Bener, hidep téh bogoh ka Bu Guru?
Buruy
Leres, Juragan. Sing wantun sumpahna ogé, moal…moal ngaheureuykeun abdi mah. Saksina ogé bumi sareng langit.
Juragan Kepala
Deuleu étah! Berenyit sagedé cileuh kieu, geus hayang bobogohan.
Buruy
Da cinta mah, henteu pandang usia, Juragan.
Juragan Kepala
Heueuh ari kituna mah. Tapi apanan hidep téh sakola ogé henteu naék baé. Rék kumaha bisa digawé? Rék kumaha ngabiayaan bobogohan? Mangkaning bobogohan téh merelukeun modal.
Buruy
Cinta sajati mah, teu kedah nganggo modal, Juragan.
Juragan Kepala
Geus gandéng lah! Siga nu heueuh baé. Cinta sajati tujuh mulud siah! Cinta sajati mah ukur sawangan jalma tukang ngimpi! Cinta sajati ukur sawangan jalma tukang ngumbar imajinasi!
Hadirin
Dulur-dulur, sigana mah Juragan Kepala téh timburuan ka Si Buruy.
Juragan Kepala
Geus, jempé, jempé! Kuring mah lain merkarakeun nu kitu patut. Wirang wéh deuih, ari kudu timburuan ka jajalmaan mah. Lain lépel! Nu jadi pasualan mah, ieu budak geus teu boga étika pisan. Leuheung basa lamun pinter, da ieu mah nurutkeun laporan ti Bu Guru ogé, kacida odobna. (Kepada Si Buruy) Geus sabaraha kali hidep téh, henteu naék kelas?
Buruy
Nembé
Pa Guru
Lain ogé nembé, ari
Juragan Kepala
(
Buruy
Kumaha upami Bu Guruna anu maksa bogoheun?
Juragan Kepala
Aéh, aéh,
Buruy
Da tangtosna ogé, saratna téh; abdi ulah bogoh ka Bu Guru.
Juragan Kepala
Lain, lain…! Lain éta saratna mah. Perkara hidep bogoh ka Bu Guru, pék téh teuing, ari Bu Guruna daékeun mah, da moal dihalang-halang.
Buruy
Naon atuh saratna, juragan?
Juragan Kepala
Jawab heula, sanggup atawa henteu?
Buruy
Mangga atuh lah.
Pa Guru
Tong maké ‘lah’ atuh, nyebut manggana. Siga nu kapaksa baé euyna mah.
Buruy
Juragan Kepala
Regepkeun yeuh, ukur hiji saratna mah…
Buruy
Interupsi! Sanés
Juragan Kepala
Na ari hidep, sok motong caritaan kolot atuh. Tong dibiasakeun éta téh. Teu sopan, nyaho!
Buruy
Nyaho, aéh sumuhun mangga, Juragan.
Juragan Kepala
Balikan deui yeuh. Ukur hiji saratna sangkan hidep naék kelas. Nyaéta hidep kudu ngajawab pananya ti kuring; saha anu nandatangan naskah proklamasi? Sakali deui; saha anu nandatangan naskah proklamasi?!
Buruy
(Ketakutan) Sanés, sanés abdi, juragan.
Juragan Kepala
Heueuh saha?
Buruy
Duka, Juragan, da abdi mah teu terang. Sanés, sanés ku abdi, Juragan. Sumpah, Juragan. Saksina ogé bumi sareng langit…
Tiba-tiba muncul Bi Iwah (Pedagang di sekolah).
Bi Iwah
Punten, Juragan, Ibi seja ngadeuheus. Aya anu badé didugikeun kalayan urgent pisan.
Buruy
Juragan, hoyong ka pengker heula.
Juragan Kepala
Cicing siah, can bérés. (Kepada Bi Iwah) Aya naon Ibi? Pok geura nyarita!
Bi Iwah
Kieu juragan, isin-na mah nataku. Isin pisan. Namung dalah dikumaha atuda, Ibi téh tos séépeun pisan modal…
Juragan Kepala
Ké, ké, kélanan, Ibi.
Bi Iwah
Sanés kitu, Juragan. Ibi mah teu gaduh maksad nambut artos ka Juragan.
Juragan Kepala
Enya, sok atuh nyarita sing bener. Ulah waka ditémpas, Pa Guru!
Bi Iwah
Juragan, salami ieu téh seueur pisan barudak anu sok ngaranjuk ka warung Ibi. Leuheung basa lamun arémut kana mayarna. Da ieu mah siga anu haré-haré baé. Malah dinten ieu téh, Ibi teu tiasa icalan, da séépeun pisan modal.
Juragan Kepala
Kutan?
Bi Iwah
Leres juragan, piraku Ibi ngabohong. Tah, murangkalih ieu pisan anu pangseueurna ngajeblug téh. Tos mangalam-alam henteu mayar baé.
Juragan Kepala
Oh, enya, enya, ngarti ana kitu mah. Keun Bi, ieu perkara wang prosés ku kuring, salaku kapala sakola. Ayeuna mah Ibi geura mulang baé heula.
Bi Iwah
Hatur nuhun pisan, Juragan. Diantos di péngkolan, aéh di rorompok…
Bi Iwah meninggalkan arena. Juragan Kepala menatap tajam kepada Si Buruy.
Juragan Kepala
Paingan atuh hidep téh ngadadak hayang ka cai. (Menarik napas sesaat) Bener hidep téh loba hutang ka Bi Iwah?
Buruy
Teu pisan-pisan, Juragan. Saksina ogé…
Pa Guru
Langit jeung bumi.
Juragan Kepala
Cik atuh, Pa Guru, geroan deui Bi Iwah téh!
Buruy
(Kaget) Leres kétang, Juragan. Namung da…ukur sakali, Juragan. Tilas cilok sakali, tilas sorabi sakali, tilas comro sakali, tilas ciréng tilu sakali…
Juragan Kepala
Geus, geus! Teu hadé hidep boga kabiasaan kitu téh. Boro-boro can bisa ngala duit, dalah sing geus bisa usaha ogé, ulah dibiasakeun unjak-anjuk, bisi jadi adat kakurung ku iga. Sok wéh ayeuna jawab,
Buruy
Ayeuna mah teu acan gaduh, Juragan. Namung…euh…
Bu Guru
Sawios, ku abdi wéh dipangmayarkeun…
Pa Guru
Emh, aya ku ngeunah Si Buruy. (Kepada Bu Guru) Sakalian atuh jeung nu kuring, urut kamari nyokot udud…
Juragan Kepala
Étah, étah, aya ku saruana nya Pa Guru.
Pa Guru
Sanés nganjuk abdi mah, Juragan. Kamari téh kaleresan teu aya pulangna di Bi Iwah. Artos abdi duaratus rébu salambar…
Si Buruy menangis.
Juragan Kepala
Tah déngékeun ku hidep, kurang kumaha nyaahna Bu Guru téh. Tapi omat, hidep téh ulah gé-ér. Bu Guru mangmayarkeun hidep téh, lain hartina Bu Guru bogoh ka hidep. Sanés kitu, Bu Guru?
Bu Guru
Leres pisan éta téh, juragan. (Kepada Buruy) Yeuh, Buruy, Ibu mah nyaah pisan ka hidep téh. Ibarat kanyaah indung ka nu jadi anakna sorangan.
Si Buruy semakin keras menangis.
Juragan Kepala
Geus gandéng, teu kudu méwék sagala. Goréng katingalina ogé. Ayeuna mah geura pok jawab, saha anu nadatangan naskah proklamasi téh?
Buruy
(Sambil Menangis) Da abdi mah teu terang, Juragan. Sumpah. Saksina ogé…
Pa Guru
Langit jeung bumi.
Juragan Kepala
Nya enggeus atuh, ari teu apal mah. (Kepada Bu Guru) Jung atuh, bawa deui ka kelas budak téh!
Bu Guru
Mangga, Akang, aéh…Juragan. Permios atuh. Assalammu’alaikum.
Bu Guru meninggalkan arena sambil menuntun tangan Si Buruy.
Juragan Kepala
Kumaha tah, lamun geus kieu Pa Guru?
Pa Guru
Kitu saé, Juragan. Abdi mah ngiringan waé.
Juragan Kepala
Hayu atuh, ulah diengkékeun deui, ngarah teu beurang teuing. Sakalian deuih nguruskeun perkara Bi iwah.
Juragan Kepala dan Pa Guru meninggalkan arena.
Sebelum memasuki babak selanjutnya, diselingi dulu dengan tarian rakyat.




Ieu anu ku sim kuring diantos-antos teh. Bade didudut Kang ahhh pikeun conto ka murangkalih di sakola. Pami aya nu siap sina dipentaskeun. Hatur nuhun.
Mangga, Ayi… aeh Teteh…
Mugia aya mangpaatna
Nuhun
DHIPA GALUH PURBA
Sampurasun,
Abdi pun toto, bade amit sateacana wireh ieu naskah teh kusimkuring saparakanca bade dipintonkeun, pamugi aya widi.
mugia janten bahan anu mangpaat pikeun abdi saparakanca hususna sareng kum sadaya para wargi
salam budaya
Sumangga Kang Toto, abdi seja sambung du’a mugia aya dina kalancaran, lungsur-langsar taya halangan-harungan tur sukses…
DHIPA GALUH PURBA
Sampurasun…
Kang seja widi, naskah bade dibantun kanggo tugas pun adi pentas drama di kelas. wening galih nu dipamrih. Hatur nuhun.
Assalamu’alaikum Wr. Wb. kaleureusan di Universitas Muhammadiyah Bengkulu teh aya riungan mahasiswa sunda (RUMASA), janteun eta naskah bade dicopy ku simkuring kangge referensi barudak. hatur nuhun widina ti Bapa Galuh.