Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 02-11-2008 |
Ku ATEP KURNIA
URANG Sunda resep dongéng. Bukti nu tembresna mah dongéng via radio. Antara taun 1970-an nepi ka 1990-an dunya dongéng dina radio ngabetot perhatian nu ngabarandunganana. Harita mah réa pisan radio nu nyiarkeun acara dongéng. Di Bandung, upamana, Radio Sangkuriang, Radio Garuda, jeung Radio Shinta nu sok nyiarkeunana. Atawa di wewengkon Sumedang, aya Radio Jussan jeung Radio Duta.
Wa Kepoh jeung Rachmat Dipraja mangrupa ikon-na. Duanana kakolomkeun juru dongéng radio nu pangkawentarna. Sorana teu weléh dianti-anti. Nu matak hélok mah éstu teu kawatesanan ku umur deuih pikeun ngabandungan hébatna
Carita-caritana mémang mataktak tibelat. Aya dongéng silat nu ngalalakonkeun para jawara reujeung élmu kadugalanana, saperti Si Buntung Jago Tutugan. Tokoh utamana, Andi, ngabogaan pakarang mangrupa haur konéng. Sedengkeun musuh kabuyutanana, Karna, boga ajian batu karang. Tangtu réa keneh carita-carita sejenna gé. Boh génre carita silat, mistéri, boh nu mangrupa romantika kahirupan. Modél Gumilar, Jaka Santang, Nurélah, Néng Élah, Ir. Mardi, jsté.
Tapi anu jarang kasungsi atawa kasebut-sebut téh nyaéta sumber-sumber lalakonna. Sihoréng dongéng-dongéng Sunda via radio téh aya gantar kakaitanana jeung pamedalan buku-buku roman pop Sunda dina mangsa 1960-1970-an. Harita mah buku-buku modél kitu loba nu pada mikaresep. Jumlahna nepi ka mangratus judul. Ditambah téh deuih tiap judulna gé ngurung hiji nepi ka sawatara puluh seri. Contona Waliwis Bodas (Tjaringin, 1969) karya
Nu narulisna gé réa deuih. Cara A. Roestandi nu nulis seri Andjar (Pusaka Sunda, 1967). Atawa A. Tolib nu ngarang Pusaka nu Ménta Wadal (Romanato, 1970). Atawa Juda Djaja jeung Djaka Tarum-na (Laksana, 1970). Ogé
Di antara sakitu réana ngaran pangarang roman Sunda, aya sawatara pangarang nu sok maké sandiasma (ngaran samaran). Cara Koko, Juda Djaja, atawa Supermen. Ngaran asli Koko jeung Juda Djaja nyaéta M. O. Suratman, hiji kapten manten nu dumuk di Jalan Babakan Tarogong,
Sedengkeun ngaran Supermén sihoréng sandiasmana S. Sukandar. Pang inyana maké éta ngaran sabab hiji mangsa basa inyana rék masrahkeun naskah ka pamedal, inyana poho neundeun naskahna nu digantelkeun dina Véspa. Tapi naskah horéng geus hiber aya nu ngarampidan, ti dinya pisan inyana mimiti maké ngaran Supermén.
Cek koropak pembaca (nu dimuat dina Sulit Ati Belang Bayah karya Wahyu Adam, 1972: 35-36) nepi ka taun 1972 aya sawatara pangarang nu masih aktif ngarang roman pop Sunda. Nyaéta Wahyu Adam, Ki Masram, Supermén, Juda Djaja, jeung Entang S. Maranéhna sok ngarumpul di Perpustakaan Anéka nu aya di Jalan Pagarsih No. 179A Bandung sarta diluluguan ku M. O. Suratman.
Tapi nepi ka kiwari, ceuk rasa mah tacan aya juru titén atawa kritikus nu nalungtik ngeunaan buku-buku modél kitu. Boh ngeunaan génre-na, kandungan sastra-na, boh pangaruhna ka masarakat Sunda. Pangaruhna perelu disebut sabab bisa jadi masarakat Sunda mah mikawanoh sastra Sunda téh asalna tina buku-buku roman pop téa. Walhasil, lain tina karya-karya nu jadi kanon sastra Sunda, saperti Baruang ka nu Ngarora (D.K. Ardiwinata), Mantri Jero (R. Memed Sastrahadiprawira), atawa Diarah Pati roman misteri karya Margasulaksana.
Nu jadi pasualan, kunaon pang nepi ka kajadian boom dina éra harita? Bisa jadi aya sawatara sabab. Di antarana, pungsi agén jeung taman bacaan nu jadi rawayan sumebarna roman pop Sunda, gedé pisan kontribusina. Buktina, mun seug pirajeunan niténan buku-buku roman pop téa, di jerona pasti sok aya gambaran ngeunaan agén nu ngadistribusikeun buku-bukuna. Salian ti éta, di jerona téh biasana sok aya ngaran-ngaran taman bacaan nu nyadiakeun buku-buku roman pop Sunda. Cara, keur pamedal Romanato jeung Sinar Wulan agénna téh Toko Buku Nasional Suka Asih nu aya di Jalan Rd. Dewi Sartika 1.H,
Bisa ogé tina jihat nu maracana. Nu maraca roman pop Sunda, bawirasa, lain jalma-jalma anu resep hal-ihwal ngeunaan kasusastraan. Atawa teu miduli:
Mungkin waé éta téh jadi sabab para kritikus sastra Sunda henteu nembongkeun katitén ku ayana éta roman-roman téa. Malah béh dituna nganggap yén taya mangpaat anu dipetik tina jalan macaan buku-buku samodél kitu. Sabab ceuk arinyana mah buku-buku nu pandena kitu téh ngan ngajarkeun kajumudan mikir jeung hal-hal anu cawokah. Padahal ceuk rasa mah, gagasan kritikus sastra Sunda nu milah-milah antara nu daria jeung pop nu jadi salah sahiji nu ngancurkeun tradisi roman pop Sunda.
Salian ti éta, bawirasa bédana antara sastra anu daria jeung sastra anu ngepop dina sastra Sunda mah ipis kacida. Malah rada hésé ngabédakeunana. Ogé sabenerna mah roman pop Sunda téh bisa dimangpaatkeun minangka média nu ngamumulé basa Sunda. Sabab justru ku roman pop, sastra Sunda ngaronjat popularitasna nepi ka masarakat réa nu pada mikaresep.
Ku kituna, kiwari sigana waktu nu mustari pikeun ngumpulkeun (sok sanajan leuir) sarta ngayakeun panalungtikan kana roman pop Sunda. Ku jalan kitu, éta téh sarua hartina jeung ngahargaan sumanget jeung kréatifitas para pangarang roman pop Sunda. Sabab kumaha baé ogé, roman-roman pop Sunda (sanajan salila ieu mah luput tina panitén para kritikus) geus ngilu ngeuyeuban sastra Sunda.***
Dimuat di Majalah Seni Budaya No. 182, Désémber 2006




Kang, nyuhunkeun informasi, Sibuntung jago tutugan aya bukuna kitu, tos lami abdi milarian teu mendak.
Mémang rada sesah milarian dina jaman ayeuna mah. Tapi sakaterang simkuring, nu gaduh “Si Buntung Jago Tutugan” téh Kang Rahmat Taufik Hidayat, anu sadidintenna janten pupuhu pamedal Kiblat Buku Utama. Pédah wé mantenna kantos némbong-némbong bukuna.
DHIPA GALUH PURBA
ngiring ngalangkung usul ka Cep Dhipa, punten ka penerbit saha bae nu kersa, kumaha upami ieu buku diterbitkeun deui kana wangun buku anu ‘moderen’, geuningan dongeng-dongeng radio mangrupa drama bersambung kenging S.Tijab serial Satria Madangkara sareng Tutur Tinular ge ayeuna mah tos diterbitkeun sarta bukuna pajeng pisan deuih, sok sanaos teu kalebet kana karya sastra nu berbeobot, da carios populer tea, dapon rame jeung dipikaresep Kitu deui carios serial “Puragabaya” kenging Saini KM dina basa Indonesia, anu meh sami sareng carios-carios karya SH Mintaredja, ayeuna pan tos diterbitkeun deui janten buku trilogi: Raden Anggadipati, Raden Banyaksumba, sareng Pertempuran Terakhir, anu diterbitkeun ku Bentang ti Jogjakarta. Naha ari urang Sunda atawa urang Bandung teu aya nu wantun nerbitkeun carios populer, anu cek itungan sim kuring mah bakal loba anu meulina. Tah, kalebet carios “Si Buntung Jago Tutugan” anu kantos janten kameumeut urang Sunda sareng janten kacapangan balarea,dina radio taun 70-an nepi ka 80-an. Pasti lah…..bakal ngajelegur, komo upami dibarung ku promosi anu hade mah, mo burung dibareulian, geura. Prung..ah!
Numawi kahengkeran penulis dongeng teh dina ngadokumentasikeun naskah. Basa abdi bade ngadamel skenario sinetron Si Rawing, dokumentasi naskahna teu aya, kalebet di Kang Yat R (pengarangna). Kenging-kenging teh kasetna we di PT. Supra. Alhamdulillah tina kasetna teras ditranskrip. Tapi nembe kenging 9 episode, garapanna sinetronna dibatalkeun. Untung we tos kenging DP ti Production House-na. Ayeuna insyaAlloh Si Rawing bade digarap kanggo pidangkeuneun di TV Lokal. Nyaaa… mugia we lancar, nuhunkeun pidu’ana. InsyaAlloh Sutradarana tos siap, nu ngawaragadan tos siap, kalebet PJTV oge, ngalangkungan Neng Siska, tos siap nayangkeun Si Rawing. Kantun prung ngalalanyahan. Nuju ngeker-ngeker, saha nu kira-kirana pipanteseun merankeun tokoh Si Rawing, Saraswati, Kartika, Bah Bewok, sareng sajabina.
Dongeng “Si Jabang Karang” mah alhamdulillah aya dokumentasina. Ayeuna nuju dikeureuyeuh diketik ulang, mung rada lami da kandelna oge 2500 kaca, HVS, spasi rangkap.
DHIPA GALUH PURBA
Ngiring nimbrung kang……
Ieu barudak kiwari….ngakuna urang sunda…..tapi diajak ngobrol bahasa sunda….parangas puringis…dataros yach ngerti dech 50% lah…klo ngomong…saeutik sauetik mah bisa lah…..
Ari sim kuring resep maca,..langkung resep ngupingkeun…. langkung asyik..ngupingkeun sareng ningali gambarna
Tah jaman kiwari teh langkung resep…molotot calik…ngupingkeun sareng ningali gambar,,,,,,ari sina ngupingkeun wungkul,cepilna…sigana cepilna tos rada laliwar……komo piwarang maca mah….hehe ga zaamans dech…..
Tah kukituna sim kuring ngedarkeun peluang bisnis ka jalmi nu kersa….nyaeta ngempelkeun….carita,,,dongeng.. sisindiran…sareng sajabina anu di bundel dina bentuk MP3 ….
Kukituna pasti bakal seueur sepuh anu meryogikeun materi sapertos nu kitu..kangge ngadidik putra putrina
supados ulah laliwar cepilna….sareng tiasa digunakeun kanggo mepende murangkalihna
Hatur nuhun
Kang, abdi salah sawiosna nu ka-”peurah”an dongeng sunda teh, nu ju budak sok pogot ngupingkeun eta dongeng dina radio, kaleresan upami teu lepat di Bandung mah nu sok dikupingkeun teh Mang Barna ti Radio Litasari. Sateuacan ngalih ka Bandung rorompok teh di Sumedang, nya kitu tea nuju jamanna Andi, Si Buntung Jago Tutugan tea. Dugia ka jaman Wa Kepoh resep kana dongeng Sunda teh. Nya ku icalna dongeng Sunda dina radio janten ngaraos kaicalan. Numutkeun pamendak sim kuring mah, dongeng sunda teh supel. Nanging caritana kedah tiasa ngigelan jaman. Plotna plot jaman kiwari, siga lagu Darso, Kabogoh Jauh, aya nyabit2 kecap “sms” sagala pan jadi up-to-date tah lagu Sunda teh.. Sok sanaos, seueur oge upami kiwari ngadagukeun dongeng anu plotna buhun oge.. Akhirul kalam, sono ka dongeng sunda kang, oge mugi2 dina Pameran Buku nu bade sumping, aya buku Roman Sunda anu disebat di luhur.. Hatur nuhun..