Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 13-05-2008 |

Karya Patandang, Nomor Naskah: 020

 

Poe Senen, di jurusan harita teh, kuring keur jongjon maca buku. Jol Si Nani
sobat kuring ti keur jaman SMA keneh, biasa siga nu riweuh.
 “ “Cilaka…Cilaka Rani! Cilaka siah urang mah ! “ Datang- datang meni
hariweusweus, baku si eta mah ari geus kitu teh, boga  sifat teh teu bisa
kalem, matak ku barudak reguler mah dilandihna ge Si

 Euceu Ribut.
“ Cilaka kunaon  Nan? “ tembal teh bari anteng maca buku. Buku ku manehna
dijewang,   “ Dengekeun siah Rani ari urang keur
 ngomong teh! Dengekeun, tuluy pangmikirankeun!” ngomongna kitu teh bari teu
sirikna popolotot, gek diuk gigireun, der ngobrol  bari pepeta.
Daek geulis, kuring bingung ngabandunganana oge. Eta tuda ngomongna teh bangun
nu rusuh, jadi teu puguh naon dengekeuneunana, jeung siga nu ambek deuih.
“ Nani, cik atuh nu bener ngomong teh, sing beres entep seureuhna, ngarah
puguh ngabandunganana!’ cekeng  daria.
“ Ih ari Si Astahiam! Na saha nu ngomongkeun tukang seureuh? Sugan teh ente
bener-bener ngadengekeun!”  kalah ka nyorongot dibejaan teh
“ Ah  maneh mah Nan, panyakit saliwang teh dikukut wae!.  Lain ngomongkeun
tukang seureuh tapi maksud urang , ari ngomong teh kudu merele, susun ti mimiti
kalayan imeut. Ngarti teu?” kuring rada nyeuneu.
“ Euuhhh sugan teh,

 kieu atuh Rin ari hayang jelas mah. Derekdek manehna
ngadongeng.” Kamari nilai UAS dibuka. Urang kaget, mata kuliah Psikologi
jeung
 Filsafat nilaina BL. Rani maneh ngontrak henteu  mata kuliah eta?”
“ Ohh eta mah atuh MKDU. Pan enggeus urang mah semester kamari! Tuluy kumaha
geus kitu?”
“ Nya ku urang  ditanyakeun we ka Pa Alif dosen Psikologi jeung Pa Burhan
dosen Filsafat. Ceuk Pa Alif  heueuh cenah aya  tugas nu can asup, rumasa eta
mah urang oge. Ngan palebah nanyakeun  ka Pa Burhan dosen Filsafat, urang
kalah ka dicarekan bebeakan. Padahal urang nanyakeun teh, heueuh hayang nyaho
we, da rarasaan  asa teu boga masalah dina Filsafat mah. Tapi  naha nilai bet
BL. Ari pok teh ceuk Pa Burhan , bongan niron cenah dina ujian! Kapanggihna teh
waktu ningali hasil pagawean urang, sarua pisan jeung Si Rudi. Malah Si Rudi oge
anu pinter sarua dibere BL. Rumasa urang ge lebah dinya mah. Ah Ente ge

 ngarti
meureun Ran!’ Si Nani meni lumengis.

“ Nani…Nani… ari maneh kalakauan teh  bet teu euih-euih? Cik atuh jeung
Pa
 Burhan mah ulah loba neangan masalah! Pan geus nyaho Pa Burhan mah beda jeung
dosen nu lain! Taliti pisan. Da sigana  kabeh pagawean mahasiswa ge ku manehna
mah dipariksana  nepi ka titik-titikna!”

“ Nyeta atuh Rin, teu sangka bet kieu jadina” manehna tungkul bangun
hanjakal.
“ Menta tugas we atuh?” pok teh mere bongbolongan..
“ Enggeus puguh ge, ngan kalahka mere nu kieu patut tah dosen atah adol teh!
Sarua we jeung bohong!”  Si Nani kukulutus, bari jeung nyebut dosen atah adol
sagala puguh manehna nu atah adol mah.

“ Mere naon, cikan  sim uing ngilikan!” pok  teh hayang nyaho
Kusiwel manehna ngaluarkeun keretas sacewir tina jero kantongna, song dibikeun.
Ku kuring tuluy dibaca. Eusina teh nota ti Pa Burhan keur Pa Jaka asistenna nu
unina kieu “

 Pa Jaka, masalah Bu Nani tolong diurus. Saya serahkan semuanya
kepada Pa Jaka saja karena saya  akan  berangkat ke Jakarta
 dalam rangka seminar nasional. Terimakasih.”

Kuring seuri leutik sanggeus maca surat eta, kacipta tuda. Menta tugas ka Pa
Jaka mah sarua we jeung  neangan pipaeheun. Komo mun seug manehna nyahoeun mah
kana kasus  Nani, wah matak cilaka kurang-kurangna kuat mental mah. Loba
mahasiswa  kajeun ngalontrak deui tibatan menta tugas ka Pa Jaka. Killer Man
disebutna oge ku barudak mah.

“ Kumaha atuh Ran? Sigana kana moal bisa milu ujian sidang ayeuna” omong
Nani semu putus asa. Karunya kuring ge ningali kitu mah.
Nan, kumaha mun bareng we ka Pa Jaka na jeung Rudi, pan sarua meureun
manehna oge kudu beberes nilai! “
“ Nya eta embungeun kamari diajak ge, Kajeun rek ngontrak deui we cenah.
Eukeur mah lila keneh manehna mah sidangna ge.
   Kumaha mun ngilu susulan we minggu

 hareup?”
“ Hih nyasat atuh ari  aya mah, pan mata kuliah eta mah ti baheula oge tara
aya susulan, ari lain keur nu
 gering mah!”
“ Aeh ..heueuh nya.”  Cekeng garo-garo teu ateul. Ah bet jadi milu bingung.
“ Kieu we atuh Nan, kumaha mun urang datangan we Pa Jaka ka imahna, enya ka
imahna ulah di kampus. Ngarah salse ngomongna”
“ Naon Rani? Ka imahna dedengean teh? Ari nyaneh ngomong teh sok nu
lain-lain! Atuh sarua we jeung nganjang ka kandang singa! Ih teu wararani
teuing aing mah!” Si Nani bibirigidigan.
“ Ulah kumeok memeh dipacok atuh Nan, sing bisa we diplomasina. Gunakeun
kabisa teh. Lain pinter diplomasi di dinya teh? Jeung deuih sagalak-galakna Pa
Jaka da moal nepi ka ngerekeb atuh! Nu penting mah dicoba heula, ulah mundur
sebelum bertempur!” jawab teh mere sumanget. Si Nani kalah ka ngahuleng
dikitukeun teh lain buru-buru mere jawaban. Tapi teu lila pok ngomong
“ Heueuh Nya

 Ran, na asana teh! Anteur atuh urang nya Ran? Keun we da apal
imahna mah di Jalan Saledri. Omat anteur nya Ran? Pageto we nya, bisa
 henteu?”
“ Ulah pageto, isuk we ngarah salse. Pageto mah aya ngajar.”
“ Ah pageto we, urusan ngajar mah pan sore lin? Isuk mah urangna rek usaha
heula, aya obyekan yeuh, rada lumayan sigana mah. Ayeuna urang teang heula, rek
milu Ran?”
“ Moal ah, sakeudeung deui aya jangji jeung babaturan. Uang dengerna we  nya
Nan?”
“ Beres lah!  Yu Ran, doakeun sing hasilnya!”  ngomongna kitu teh bari
celengok nyium pipi, tuluy ngaleos ninggalkeun kuring. Ku kuring diteuteup ti
tukang, leumpangna ngagedig bangun rusuh, biasa Si Euceu Ribut!

 Nani..Nani, muji kuring mah ku sumangetna. Atuda uyuhan si eta mah bisa kuliah
oge. Jelema sibuk.Jaba ngurus salon, ngajar , boga pausahaan catering. Matak
pantes ari usum ujian teh meni tibabaradug da eta kuliahna belang

 betong.
Ninggang di mata kuliah nu dosenna siga Pa Burhan… matak neunggar cadas.

Ah nya umumna mah kitu we mahasiswa kolot mah, jadwal kuliah teh
 pakepuk  jeung jadwal ngajar. Ari kuliah disaruakeun jeung barudak nu asupna
make jalur SPMB, anu disebutna mahasiswa regular tea, atuh puguh we sagalana
oge disaruakeun jeung maranehna, euweuh pisan tinimbanganana. Eta we kuring oge
ari balik kuliah teh meni asa di udag jurig, da kudu buru-buru nepi ka sakola,
didaragoan ku barudak di kelas. Geus puguh ari inditna mah kudu  pak pik pek
heula di imah nyayagikeun barudak jeung bapana.

Sakapeung kuring sok nanya ka diri sorangan, kunaon atuh kuring teh ngariripuh
maneh make jeung  kuliah deui sagala. Apan gawe enggeus, salaki boga, imah
pageuh, kolot aya budak balatak. Enya mun kuring geus lieur , pertanyaan kitu
teh sok jul jol. Komo lamun ahir bulan mah, nempo duit gajih loba potongan.
Enya da rumasa kuring mah

 sakola deui teh  lain loba duit, ieu mah bane wae
bakat ku hayang sakola luhur jiga batur. Bongan tuda umur 19 taun kuring  geus
dikawinkeun, kuliah ge
 kakara sataun, da asupna ka D1. Lian ti kitu, atuh ari ku sakola deui mah
sugan jeung sugan hirup teh rada menyat da ilmu nambahan. Matak  biayana oge
kumaha koprasi  bae!

Teuing atuh kuring teh ku hayang pisan nuluykeun sakola, komo barang disatujuan
ku salaki sarta hasilna teu nguciwakeun mah, diajar teh  asa beuki sumanget.
Cape, riweuh ge teu dirasa. Rido kuring mah, najan ampir unggal poe sare tara
kurang ti pukul satu peuting oge, alatan nerektek wae ngetik da loba tugas.
Atuh barudak katingalina teh saroleh pisan milu ngajurung ka indung.

Enya eta ge kungsi ngadenge , pajar keur guru mah sakola deui teh moal rugi da
bakal meunang kredit poin jeung bisa milu sertifikasi, anu cenah engkena teh
bakal dibere tunjangan sarua jeung gajih poko, cenah kitu

 ge. Kateuing bener
henteuna mah. Ah teu karana eta kuring mah, da kredit poin mah bisa direkayasa,
najan teu sarakola deui oge angger we gening cing terekel nu naraek
 tingkat mah, bari ngajarna mah asa tara katingali bener  da loba ngobrol di
kantor. Getolna teh mun usum dibagikeun duit we. Ih palias ari kudu tepi ka
kitu mah. Atuh nu lulus sertifikasi apan geus lain beja aya guru kedul ka
kelas, lulus. Heuyy deuuhh sok teu ngarti puguh ge ari di nagara urang.

“Ngalamun wae!” Gebeg teh, tak-tak aya nu nepak , dilieuk , horeng
sobat-sobat hungkul, heueuh apan jangji ayeuna teh rek diskusi masalah semantik
di Parter. Atuh bring wae ka Parter, dariuk handapeun tangkal camara. Dua jam ge
geus beres materi teh dibahasna, tinggal nyieun laporanana jeung ngabereskeun
makalah keur presentasikeuneun isuk.
“ Ran, pek wae nyieun laporan mah kumaha Rani, Heni, Siti, Oom jeung Lina
nya? Urang mah nyaho beres bae.

 Keun we soal konsumsina mah bagian urang. Pek
pilih ayam bakar? Gurame goreng atawa nasi kapau? Omong Ria.
“ Enak aje! Sakalian atuh jeung ngajilid, moto copy na oge nya?” ceuk
kuring bari
 seuri.
“ Beres bos! “ tembal Ria bari ngacungkeun leungeun, tuluy gura-giru indit
da  didagoan cenah ku salakina.
Aya deui batur model Si Nani teh. Sarua deuih Ria oge kaayaanana riweuh. Bedana
si eta mah loba duit. Malum salakina pejabat. Urang Cianjur Ria teh, boga salaki
ka Kapolda. Ka kampus oge teu weleh turun unggah mobil , matak bungah keur
kuring da bisa milu balik. Lumayan ngirit-ngirit ongkos. Bageur deuih si eta
mah keur geulis teh. Komo ka kuring mah, basana teh asa ka dulur  pet ku hinis
cenah.

Isuk-isuk poe Rebo, beres kaprak-keprek di imah, torojol Nani , meunang dangdan
pantes naker.
“ Aeh..aeh, rek ka mana Nan meni gaya? “ cekeng  bari nyidik-nyidik
manehna.
“ Montong loba omong,

 apan rek ka Pa Jaka tea, hayoh lain rek nganteur?
Gening masih keneh di cacalana pondok, lain gera dangdan, buru atuh disalin
bisi kaburu beurang! Omongna bari gek diuk dina korsi makan, am kana roti bakar
sesa
 sarapan barudak.
“ Euweuh kuliah pan poe ieu mah Ran? ‘
“ Kosong kuliah mah tapi engke jam 3 sore aya ngajar 2 jam pelajaran”
cekeng teh.
“ Kaburu lah jam sakitu mah”
“ Ari masak keur barudak? Cekeng bari kerung
“ Aaahh nu kitu dipikiran, tah aya gepuk jeung pais lauk keur nyampakeun
bapana mah, engke beurang urang meuli pais hayam di pengkolan!”
“ Uluuuhh, bener ieu teh? Alaahh meni seungit kieu gepukna, saha nu ngagepuk
Nan? ‘
“ Alaahh loba omong pisan nya, hayu buru urang anteur bisi kaburu beurang!’
 Dikitukeun teh kuring buru-buru ganti baju, dangdan ge teu sirikna rurusuhan,
padu diwedak we, geus geulis ieuh barina ge..he..hehe.. ceuk salaki kitu ge,
kateuing

 ceuk salaki batur mah  he..he..he…, teu aleg pisan nya pipikiran
teh.
Beres dangdan, papagah  bari jeung ngomat-ngomatan ka si cikal, nu kabeneran
sakola beurang ,supaya mapagkeun si bungsu balik ti TK. Geus kitu mah leos bae
 indit jeung Nani.

Jauh gening imah Pa Jaka teh, ti jalan gede teh make kudu kana beca sagala.
Ngan edas, hemeng ku kalakuan Si Nani,  sapaparat jalan  panon teu leupas
ningali lalampahanana . Ditempo-tempo teh biwirna ngan kunyam kunyem wae, panon
rada dipeureumkeun siga hayam rek paeh ku cekak. Diajak ngobrol teh teu ngawaro,
kalah hayoh nyarek ulah loba omong cenah. Pajarkeun teh keur mapatkeun ajian.
Teuing ajian nanahaon da katingalina teh badis we dukun sebul.

Teu cukup ku kunyam - kunyem dina jero beca teh, kusiwel ngaluarkeun menyan
jeung tapas kalapa,cekes nyekeskeun korek api. La ilahailalloh, eta gera make
jeung meuleum menyan sagala, meni mabek. Da eta we tukang beca ge

 tangka
ohek-ohekan, teu kuat dipuput ku menyan meureun..Ari kuring bati olohok bae
ningali pamolahna teh.
“ Nani ! Ari maneh nanaonan kalakuan teh kawas jelema teu hideng? “ kuring
nanya bakat ku panasaran, ditanya teh manehna kalahka seuri.
“ Rani,..Rani,cicing tong loba omong! Ieu teh resep ti Bah Dira dukun
Citepus, ulah salah urang keur mapatkeun jampe
 pamake supaya bisa ngaleumpeuhkeun hate Pa jaka! Ngarti Rani? “ pokna kalem
naker.
“ Astagfirulloh Nani, musrik siah kikituan teh!” kuring morongos bari
istigfar, teu sangka atuda Si Nani kitu peta.
“ Tenang…tenang, tanggung jawab Nani”, omongna, angger kalem.
“ Stop….stop, heup bae di dieu Mang! “ reg beca teh eureun hareupeun
warung.
“ Na eureun di dieu? Pan itu imahna mah ? “ pok teh  teu ngarti.
“ Ah keun we di dieu! Kieu nya Ran, Rani mah teu kudu milu asup ka imah Pa
Jaka, dagoan bae di warung ieu nya? Bisi kuring teu

 bebas ngomong! Eraeun deuih
Pa jaka na ningali Rani mah. Tah bari ngadagoan, ieu cekel. Mun engke katingali
kuring kaluar ti imah Pa Jaka, buru-buru eusina awurkeun nya?” ngomong kituna
teh bari song ngasongkeun bungkusan ka kuring, dibuka teh horeng rampe.
Kuring bingung, cenah menta dianteur tapi kalahka nitah ngadagoan di warung.
  Embung ah sieun kababawa musrik urang
 mah! Pek we awurkeun ku sorangan.
“ Moal atuh Ran, pira ge ngawurkeun hungkul!’
“ Heueuh jig atuh buru, omat tong lila nya? Kade deuih poho format nilaina
dibawa!”’ kuring eleh deet, barina ge ketang  haroream teuing kudu panggih
jeung Pa jaka. Mending ngadagoan di warung, bisa-bisa bari jajan.

Teu diengkekeun deui, leos Si Nani indit muru imah Pa Jaka. Imah nu buruanana
linduh ku tatangkalan, endah ku kekembangan. Dituturkeun ku paneuteup kuring.
Sapuluh menit, satengah jam. Si Nani can tembong kaluar. Antukna geus

 ampir
tilu jam kuring cinekul di warung, manehna can katingali ka luar keneh wae.
Bujur asa geus panas balas diuk wae, beuheung ge asa sosonggeteun balas
ngalieukan manehna ka luar ti pakarangan. Weleh teu katingali irung-irungna
acan.Na tuluy ka mana atuh mangkeluk teh, piraku dileg-leg jurig onaman.
 Rek diteang asa-asa, da inget kana talatahna anu omat-omatan pisan ulah neang
da kitu cenah papatah ti ki
 dukun teh. Bingung jadina teh, didagoan kesel jaba melang ka barudak di imah.
Tungtungna mah leos bae balik. Belewer we bungkusan rampe teh dialungkeun,
kateuing rag-rag di mana.

Pasosore, balik ngajar nyampak Nani aya di tengah imah, diuk nanghunjar lambar,
ngarendeng jeung si bungsu nu keur anteng lalajo TV. Ku kuring langsung
ditongtak, keuheul tuda, ngulinkeun pisan!
“ Nani! Ari maneh tadi teh nanahaon heula? Di dagoan meni ngampleng, teu
ngarasakeun pisan! Dileg-leg jurig puguh deui atuh!” pok

 teh rada teugeug
bakat ku ambek.
“ Hampura urang Rin, kumah atuda ngajak ngobrol wae ituna.’
“ Dilayanan bae atuh, ngomong we saperluna.”
“ Ih ari teun teh, apan urang nu butuhna oge, nya wayahna bae.”  Pok na teh
bari lumah-lameh ngolo supaya kuring teu ambek.
“ Geus lah tong ngambek, mending ge dengekeun dongengna, tuh pais hayamna
jeung soto geus aya dina meja makan’ kuring eleh deet, jeung enyana hayang
 nyaho dongengna deuih.
“ Pok atuh ngadongeng, kumaha tadi teh hasil henteu?” cekeng bari regot
nginum jus alpuket nu aya na meja leutik gigireun TV, jigana bawa manehna.
“ Cumlaude atuh Rin! “ omongna bari ngacungkeun jempol. Puguh kuring
reuwas.
“ Nu bener Nan? Cikan nempo format nilaina”
“ Is ulah waka, dengekeun heula mending ge”
“ Heueuh, pok-pok atuh” cekeng panasaran.
“ Waktu urang ngetrok panto imahna, urang mapatkeun ajian heula. Na da eta
mah  teu

 sakara-kara, nu muka panto teh manehna pisan. Amis budi bear marahmay.
Pok na teh, haturan BuNani aya pikersaeun naon? Urang sorangan ge asa teu
percaya ningali sikep Pa Jaka kitu”
“ Geus kitu tuluy kumaha?” bet jadi milu panasaran. Da enya atuh, heran
kuring ge ari ngadenge sikep Pa Jaka kitu mah. Da di kampus mah, ih sigana cadu
kudu surungah serengeh ka mahasiswa. Komo ka mahasiswa kolot samodel kuring
mah,. kucem bae beungeutna teh. Seug komo
 mun keur pareng ngawas ujian, matak soak. Padahal mun di sidik-sidik mah,
kasep Pa Jaka teh, kitu ge ceuk barudak nu nalaksir da ari ceuk kuring mah,
nya…kasep we ketang  da normal kuring ge.
“ Urang asup, tuluy diuk pahareup-hareup. Song nota nu ti Pa Burhan ku urang
dibikeun, tuluy dibaca ku Pa Jaka, sugan teh rek ambek, eh kalahka serengeh
seuri!”
“ Bogoheun meureun Nan!” kuring motong omongan
“ Dengekeun heula Rani. Geus kitu teh tuluy nanya ka

 urang, kawit ti mana, di
mana linggih cenah meni lemes naker. Atuh ti dinya mah der ngobrol ngaler
ngidul. Aki, nini. buyut  kum ka seke selerna, kabeh kalaluar. Kabeh
diobrolkeun, urang ge geus jangar ngabadunganana, tapi rek balik kumaha atuda
ari can hasil mah.’
“ Ari Nani ngobrolkeun pribadi Nani deuih?”
“ Nya saperluna wae, naon anu ditanyakeun ku manehna, ku urang dijawab. Tapi
Ran, aya untungna oge, urang jadi nyaho pribadi Pa Jaka,horeng bujangan keneh
 gening Pa Jaka teh. Geus tilu kali cenah diputuskeun ku kabogohna, malah
ditingalikeun poto-poto kabogohna teh ka urang. Ayeuna keur bingung cenah sabab
kolotna di lembur ngaburu-buru nitah kawin.’
“ Euleuh, paingan atuh  barudak meni marijah ari pareng aya Pa Jaka di kelas
teh, kumaha tah geus kitu?”
“ Ngadenge manehna bujangan keneh teh, jorojoy kuring boga gagasan. Kuring
ngomong boga alo nu keur kuliah di Unisba, geulis jeung

 kayungyun. Ku kuring
dicoba rek diwawuhkeun ka Pa jaka. Na atuh Ran, barang ngadenge kitu, manehna
meni bungaheun pisan, komo barang dibejaan alo  dijilbab mah, teu sirikna
hayang indit harita, hayang gera ditepungkeun. Ngan ceuk urang teh, teu kedah
rurusuhan pan kedah diwartosan heula ituna, nya tungtungna mah pageto cenah
manehna rek nganjang ka imah nepungan alo. Geus kitu mah teu sakara-kara,
kotret bae Pa Jaka nulis dina format nilai nu disodorkeun ku urang, tah ieu
hasilna!” omong
 Nani bari song ngasongkeun  format nilai ka kuring. Ku kuring teu sirina
direbut tina leungeunna, Masyaalloh! Manehna meunang nilai A. Kuring gogodeg
teu percaya.

“ Gening meunang nilai A, soal naon bae nu ditanyakeunana?”
“ Ah, eta bae soal alo urang, kolot urang , pagawean urang.Kasimpulanana mah
pageto,manehna rek nganjang ka imah nepungan alo! “  omong Nani semu atoh.
“ Jurig siah nani! Bisaan maneh

 mah,”
“ Ih, siapa dulu dooong, Nanniii….” omongna bari ngadangah-dangah
beungeut, bet asa ningali si cepot keur manggung.

 Ah nyaan teu ngarti kuring mah, naha pantar Pa Jaka bet gampang kitu mere
nilai ka Si Nani. Biasana boro-boro mere nilai A manehna mah, kuring ge anu ti
suk-suk ti dung-dung diajar, ukur dibere B. Komo barudak mah loba anu dibere D
jeung E. Pedit pisan atuda Pa Jaka mah kana meunteun teh. Jaba materi kuliahna
teh matak jangar deuih, filsafat tea atuh. Ari ieu jaba nilai
 susulan, jaba teu ditanya materi kuliah, bet dibere A. Ah geus milik Si Nani
we meureun, da kitu gening jaman ayeuna mah sagala rupa oge loba nu katarik ku
milik batan ku prestasi. Da heueuh atuh lain teu ngabibisani pantar Si Nani
meunang nilai A dina Filsafat mah, matak guyur kampus. Emh, mun seug barudak di
kampus arapaleun, moal teu dalemontrasi tah. Teu kitu kumaha, kuring apal pisan
kumaha  Nani sapopoena,

 eukeur mah batur sakola ti SMA keneh, kuliah bareng,
tugas ngajar oge sarua deuih ditempatkeunana teh. Matak asa teu percaya  bisa
meunang peunteun A, jeung buku wae manehna mah musuh.
“ Heueuh sukur we beres mah Nan, bisa atuh ayeuna mah milu sidang ” pok teh
milu bungah.
“ Beres ari urusan nilai mah Ran, ngan urusan urang can beres. Aya deui
persoalan teh, omat kudu ditulungan deui nya.” Omongna  semu bingung.
“Naon deui atuh?” kuring teu ngarti
“ Eta Pa Jaka! Cenah teu kendat nyaritana.
“ Haaarr
 apan geus beres, lain pageto rek nganjang ka imah?”
“ Puguh eta nu jadi masalah, mun engke jadi nganjang ka imah kumaha?”
“ Naa make jeung kumaha sagala, kari tepungkeun we jeung alo Nani!”
“ Alo-alo tujuh puluh! Alo ti mana horeng, pan Rani nyaho sorangan, Nani mah
teu boga dulur. Aya oge Si Oci anak urang, da leutik keneh kakara ge kelas tilu
SD.”
“ Jadi Nani teh ngabohong nya

 ka Pa Jaka?” pok teh rada reuwas.
“ Kapaksa we Ran, da teu kitu mah pasti Pa jaka moal daek mere nilai. Atawa
dina merena oge, urang pasti dibere soal-soal heula, anu geus kasawang, moal
bisa ngajawabna.’
“ Aduh Nani, kumaha atuh ari geus kieu? Kumaha lamun Pa Jaka nyahoeun Nani
ngabohong?” kuring jadi milu manghariwangkeun.
“ Puguh eta nu jadi pikiran teh, sok sieun nilai dibatalkeun deui, tulungan
atuh Ran.” omongna lumengis.
‘ Lieur urang mah ah! Kumaha nulunganana barina ge.” Pusing tungtungna mah
ku kalakuan Si
 Nani teh. Etah gera wani kitu ka dosen. Doraka siah Nani.
“ Ran, apan Rani lain boga alo? Widuri budak geulis anu kuliah di Unpad tea?
Kumaha tah mun diinjeum ku Nani, api-api we lah rek diakukeun alo Nani. Bae da
Pa Jaka mah moal nyahoeun ieuh, sugan we jadi ngajodo. Kumah Ran, satuju
henteu?”
“ Teuing ah! Kumaha dinya we.Barina ge Si Duri mah da geus boga

 papacangan.
Lieur urang mah Nan, urus we ku sorangan, teu hayang miluan urusan eta mah
ah.” Leos we kuring mah ka cai.
Si Nani ngiclik nuturkeun, ngan tuluy mengkol palebah kamar Si Cikal, rek menta
dianteur nepungan Widuri jigana mah.
Bingung, kuring bati bingung! Teu kacipta alo kuring  kudu jadi korban
diplomasi format nilai. Widuri geulis, mun kudu kitu teh hampura bibi.***