Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 08-12-2008 |
Ku ROCHAJAT HARUN
Hanjakal pribados teu tiasa hadir dina acara pamilihan Moka sa Jawa Barat nu diayakeun finalna teh ping
Dina Tahun pengker, oge kantos aya pamilihan Moka pikeun tingkat Kota Bandung. Bewara nu kabaca dina koran Pikiran Rakyat waktos harita sarengsena pamilihan Mojang sareng Jajaka
Sakaterang pribados, maksad diayakeun pamilihan Moka teh taya sanes tujuan utamina mah kanggo ngamajengkeun budaya Sunda, kalebet bahasana. Pikeun barudak anom jaman kiwari mah cumarios dina basa Sunda teh asa beuki pikasediheun. Padahal, bahasa teh ngarupikeun jatidiri atanapi pondasi pameungkeut (binding faktor) pikeun urang Sunda.
Bawiraos kitu, alhamdulillah acara pamilihan Moka tingkat Jawa Barat teh parantos lekasan kalayan lumangsung aya dina kalancaran. Sanaos mung saukur ngaos dina koran PR sareng Galura, nya bangga oge kana ieu acara-acara pamilihan Moka teh. Angot saatosna uninga saha-sahana nu janten Dewan Yuri, nu di sesepuhan ku pak Eddy D. Iskandar nu teu bireuk deui kanggo urang Sunda mah. Mantenna disarengan ku para inohong Sunda sanesna nyeta Ibu Popong Otje Djundjunan, Frances B. Affandi, Bambang Aryana, sareng Ir. Chand Parwez Servia.
Nu janten pinilih Moka Jabar 2008 teh nyaeta Aninda Sekar Putri ti Kota Bandung sareng Jefri Noor ti Kota Bogor. Sateuacanna grand final, para calon pinunjul Moka Jabar 2008 teh, wartosna diuji heula ngeunaan sababaraha materi. Di antawisna bae kedah nembongkeun potensi daerah asalna, kalebet kasenianana. Mung hanjakal teu patos jelas
Aya komentar sae ti pak Aat Suratin saurna: “Mun nu jadi udaganna jadi duta budaya jeung pariwisata, unjuk kabisa atawa midangkeun kabinangkitan seni Sunda teh kudu dianggap penting. Calon duta budaya kudu boga bekel anu munel dina widang seni budaya. Rek jadi duta kumaha mun dirina teu pati wanoh kana budayana?” Kitu pisaur mang Aat Suratin, seniman anu nyutradaraan drama seri Inohong di Bojongrangkong.
Aya pamendak sae ti seniman karawitan Nano S. nu nyaurkeun: “Can undakna ajen kaparigelan Moka teh teu leupas tina hengkerna atikan seni jeung budaya di lembaga pendidikan. Kukituna ka parapaniten supados langkung wijaksana. Ku daraekna diajar kana kasenian oge geus untung, da dina jaman kiwari mah nonoman Sunda teh geus meh pareumeun obor kana budayana. Sugan we ngaliwatan pasanggiri Moka mah sumanget nonoman sejena teh bakal kahudangkeun,” pokna.
Waktos ku pribados ditaros kuma cumarios Sundana eta para Moka, mang Nano ngawaler enteng
Di payuneun para wartawan, dina acara konprensi pers, pinilih Aninda jeung Jefri negeskeun, duanana bade konsekuen kana tekadna, nyeta mancen tugas jadi duta budaya, pikeun nanjeurkeun komara budaya daerah, utamana budaya Sunda. Kalebet tugas-tugas sa nesna nu aya mangpaatna kanggo masarakat. Mugi-mugi we nya Eneng sareng Encep Moka, eta dina mancen tugas nu sakitu mulyana teh, disarengan ku itikad kiat ngomean kakirangan prakprakanana cumarios Sunda. Oge kalebet rengkak polah nu kedah Nyunda tea. Ari jenengan mah pedah eta kawas urang Eropah, hapunten cep Jefri, teu nanaon saheulaanan mah. Hawatos pasihan sepuhna.
Rupina, mangga urang sami-sami introspeksi,
Saupamina bae kaayaan lingkungan nu kirang ngadukung, rehna taya palajaran basa Sunda di sakola-sakola, teu ayana buku-buku palajaran basa Sunda sareng alesan-alesan sanesna, rupina pamendak pribados mah tiasa oge ku cara sanes. Tos waktosna urang sami niat kiat sauyunan ku sagala cara pikeun ngamajengkeun basa atanapi budaya Sunda. Tiasa ku jalur pendidikan formal atanapi non-formal utamina bae dina cumarios sadidinten. Cenah eta teu aya guru, nya mangga pilarian we atuh saha-saha nu masih keneh tiasa ngocoblak ku basa Sunda. Di satiap tempat di Jawa Barat pasti aya. Teu kedah ngantosan para guru lulusan Fakultas Sastra Sunda pedalan UPI atanapi UNPAD.
Bawiraos kitu, pribados ngaraos reueus sareng apresiatif kana tarekah nu ngarupikeun kagiatan-kagiatan kiwari pikeun ngamajengkeun budaya Sunda kalebet bahasana. Diantawisna bae acara nyunda di sababaraha pusat pertelevisian Jabar, boh pikeun ngamajengkeun seni tembangna atanapi unsur-unsur budaya Sunda sanesna. Kantos sababarah waktos kapengker aya ajakan ti pupuhu Disbudpar Jabar supados di satiap kantor dianjurkeun pisan cumarios nganggo basa Sunda. Sanaos
Kagiatan sanesna nyeta korespondensi dina Internet, aya sababara situs nu ngagunakeun basa Sunda. Tiasa dianggo kanggo rupi-rupi kaperyogian. Diantawisna carita pondok, karya-karya nu sifatna ilmiah, sajak, bewara kiwari, budaya Sunda sareng sajabina. Situs-situs nu kaleresan pribados sok remen korespondensi dina basa Sunda diantawisna bae: Galuh-Purba.com; Kusnet.com; sareng Nenensnest.com. Oge wartosna mah masih seueur keneh situs nu ngahaja muka rohangan atanapi muka kategori basa Sunda. Alhamdulillah, bet mani asa reueus. Geuning basa Sunda teh tiasa nga-global, sanes ngahiyang tinggal ngaran.***


































assalamu’alaikum wr.wb
bapa anu dipika hormat…, kumaha damang pa?
suku sunda gaduh seueur pisan harta na, mulai tina bahasa anu gaduh logat rupi-rupi, budaya anu sakitu seueurna, tuangeun anu gaduh ciri khas benten sareng suku sanes dugikeun lingkungan anu sakitu luasna.
ningali lingkungan sareng sadaya kaadaan budaya sunda ayeuna tiasa disebat cekap hawatos pisan khusuna pikeun barudak anom anu bakal janten paneras bangsa ieu. mung, teu tiasa dipungkiri, kumargi seueurna pangaruh budaya luar khususna barat atos sakedikna ngarobih sababaraha siki budaya indonesia khususna sunda anu kedah na urang sadaya ngajaga pikeun kapelihara sareng ngembangkeun pikeun janten piangge eun. ku kituna salah sahiji anu tiasa ngabantos sagala masalah ieu teh nyaeta diayakeunna moka anu janten cerminan para barudak anom supados tiasa ngalestarikeun budaya sunda urang sadaya. kunaon moka? kumargi mojang sareng jajaka ieu anu kedah diteladanan ku sadaya barudak anom sunda, mulai tina cumariosan dugi ka rengkak polah sunda, supados terpacu sareng aya na motivasi anu langkung ageung supados tiasa ngamalkeun ieu sadaya sadidintena. kukituna diayakeunna moka teh gaduh peran sareng pangaruh kuat sareng ageung kangge parobihan budaya sunda khususna pariwisata sunda anu kedah dilestarikeun sareng dijagi. kedah ayana niat itikad nu iklah sareng ayana kahoyongan dupi introspeksi ti diri urang sadaya.
hapunten bilih bahsa sunda na amburadul, hehehe…..
kumargi nuju sami-sami nyobi sareng diajar ngamalkeun budaya sunda.haturnuhun pa,
leres pisan pak!dina pamilihan mojang jajaka teh karaosna ngan saukur pamilihan model hungkul, dina tujuan nu utamina mah teu sabanding sareng hasil digawe moka nu parantos kapilih, tos sabaraha tahun moka ieu diayakeun nu tujuan utamina kanggo ngenalkeun potensi ti jawa barat boh eta pariwisatana,budayana,adat istiadatna, geuning kitu-kitu keneh, kedahna mah ajang sapertos kitu teh tiasa ngangkat potensi nu aya di jawa barat ieu. nu hoyong seuri mah aya keneh finalis moka nu can bentes nyarios sunda’na, matakna rumasa urang sunda mah, urang teh kedah ngalastarikeun basa sunda, boh eta di lingkungan bumi,lingkungan sakola, sae na mah dimana-mana oge urang teh kedah nyarios sunda. upami sanes ku urang diheula’an mah rek kusaha deui pan leres teu pak?
wasalam….
ass..
kumaha bapa damang???
muhun pak abdi satuju pisan sareng pacariosan bapa..
saleresna naon tujuan tina dina diayakeun nana mojang-jajaka teh upami geuningan para mjang sareng jajaka na oge teu tisasa nyarios bahasa sunda, teu aya tutur kata sareng bahasa na teh, salian tinu elmu-elmu anu di lombakeun..
Geuning dijaman kiwari anu makin modern teh basa Sunda teh tiasa nga-global, sanes ngahiyang tinggal ngaran.
mudah-mudahan kanggo kapayun na bahasa sunda tiasa di budidayakeun deui hususna kanggo urang sunda satempat terutami kanggo barudak ngora anu ayeuna teh seeurna ngaraos gengsi nganggo bahasa sunda teh, umum na kanggo kegiatan pariwisata nu aya di daerah sunda supados diperkenalkeun ka para wisatawan anu nganjang..
hatur nuhun..
Assalam….
kumaha bade majuna budaya wisata nu aya di jawa barat. lamun duta wisatana teu tiasa atawa teu ngartos basa sunda sunda acan! arek kumaha ngenalkeun potensi wisata nu aya di jawa barat, jeung adat-istiadat. amun si duta ieu can paham pisan kana basa sunda. kedahnamah, dina pemilihan moka jawa barat kedah di uji heula pengetahuanana terutama pengetahuan bahasa sundana. ngan ulah saukur pengetahuan umumna wungkul……
wassalm…..
Ass…..
Leres pisan saur bapak……pemilihan mojang jajaka tahun tahun ayeuna mah teu cara pemilihan tahun tahun baheula….sepuh abdi oge nyariosken ciga kitu…pemilihan moka jaman ayeuna mah ngan saukur kontes kageulisan jeung kagantegan hungkul…..teu benten sareng pemilihan model…..tapi pengetahuana teh kurang keneh…salah sahiji contona tina penggunaan basa sunda sorangan…..da jaman ayeuna mah tos jarang pemuda anu masih ngangge basa sunda…saurna mah gengsi….tapi seuseueurna mah anu teu tiasa ngagunkeun nana…….da ti aalit teu diajrkeun basa sunda anu sae…….
contona abdi…..tiasa basa sunda tapi ngan saukur sunda kasar….teu ngertos upami kedah maca basa sunda lemeus……komo deui ngobrol sareung sepuh anu ngangge basa sunda asli…Padahal basa sunda teh salah sahiji budaya anu kudu dipelihara…..
Saur sim kuring mah kanggo ngajagi kabudayaan basa sunda ieu…langkung sae upami basa sunda teh di ajarkeun ti aalit nuju di SD keneh dugi ka kuliah oge langkung sae mah dianggo keneh……meh kabiasaan….jadi weh basa sunda teh teu asing di mata barudak ayeuna…..
hapunten bapak upami basa sunda abdi rada kasar,heuuuuuuuheuuu
WS……….
Ass,
Maaf sebelumnya karena saya berkomentar dalam bahasa Indonesia. …
Sangat disayangkan jika pemenang MOKA kali ini tidakk lancar berbahasa sunda. Padahal sebagai duta wisata sudah seharusnya mereka lancar berbahasa daerah.
“Think Globally act locally” itulah seharusnya pemenang MOKA sebagai duta wisata provinsi Jawa Barat. Bahasa Inggris?? Itu penting untuk dikuasai tapi jangan sampai kita melupakan bahasa daerah. Apalagi jika ingin dijadikan duta wisata. Sebaiknya kita mencontoh bangsa Jepang yang walaupun sedemikian modern budayanya tapi mereka sama sekali tidak lupa akan budayanya.
Ass…. bapa damang?
Sae pa leres pisan seratan bapa. Kedahna mah pungsi MOKA pikeun Duta Pariwisata ngagungan potensi sinareng bakat nu dilebetna nyaeta pinter, bager, bener, elok rupana, saerenga nagrtos seluk beluk kabudayaan sunda. Tatapi nu ayena-ayena mah ngan saukur geulis sareng pinter weh di agul-agulkeun ku para juri teh. Memang teu lepat da manusia mah jauh ti kasempurnaan teh. Tatapi nu kedah di payunan nyaeta kumaha peran MOKA nu kapilih teh peran na kanggo JAWA BARAT teh, terutami pikeun pariwisata di JAWA BARAT pan MOKA teh saurna mah DUTA PARIWISATA. Ari ngan saukur mejeng mah atos weh ngontrak artis sareng aktor papan atas lamun tujuan utama na mah ngan sauukur ngadongktak popularitas JAWA BARAT di mata nasional. Da lamun MOKA na artis mah insyaalh JAWA BARAT teh enggal terkenalna mah, komo dei lamun artis/aktor na ka sandung ku gosip mah!HEEEEEE…….
Nya mudah-mudahan eta mah lepat. Kedahna mah pungsi utama MOKA nu leres mah nu di cariosken ku bapa di luhur. Nuhun Pa, punten seur ceceletukan na da abdi mah te aya maksad nu lepat
muhun Pak Kedahnamah moka teh tiasa janteun duta wisata anu tiasa masarkeun daerahna supados tiasa ka tingal kunu sejena,
naha pangna kitu??
kumargi moka teh dipilih na teh ditinggal tina cinta kanu budayana, kapinteranana, sareng rarayna,
tapi kedah terang budaya nyalira supados tiasa nyampeykeun pesan kanggo anu sanes
Aslm. Abdi mah bisana saetik pak….. Moka duta wisata teu beda jeng Bujang dayang di Belitung, tempat tinggal abdi teh.. Ayeuna memang masih kurangna pengetahuan mereka akan berbahasa ( daerah, indonesia, inggris ). Pokokna mah seorang Mojang / jajaka kudu ngerti daerah yang di promosikannya karena mereka adalah duta - duta wisata yang cukup bisa diandalkeun. Wslm ( Sebelumnya maaf karena Panji belum begitu bisa bahasa sunda )
assalamualaikum wr.wb
sateuacana simkuring neda dihapunten bilih seratan basa sunda simkuring seueur kalepatan.
simkuring satuju sareng eusi artikel bapa diluhur. ningali kanyataan jaman kiwari, fungsi MOKA anu saleresna teh rada teu dipalire nyaeta salaku duta wisata anu kedah uninga kanu sagala rupi kakayaan budaya Jawa Barat, salian ti eta kedah parigel ngagunakeun undak usuk basa daerahna nyalira nyaeta bahasa sunda. tapi ningali kanyataan nu ayeuna malah pemilihan MOKA teh leuwih mayunkeun kasaean fisik luarna wae. muhun saleresna eta oge penting kumargi eta teh salah sahiji kriteria pamilihan, tapi tinu prak na asa rada ngahariwangkeun, kumargi peran MOKA ayeuna kanggo kamajuan pariwisata Jawa Barat asa hawar-hawar hungkul.
hatur nuhun,,
Assalam…
sateuacana simkuring neda dihapunteun bilih seratan basa sunda simkuring seueur kaleupatan.
maaf bp, saya bener-bener blank untuk bisa mengutarakan pendapat dgn bhsa sunda, ma`lum pa, saya orang brebes,,
memang ide yang sangat brilian dengan diadakannya ajang pemilihan duta wisata yang nantinya akan mengemban tugas mempromosikan kebudayaan sunda khususnya, tentunya unsur-unsur didalamnya termasuk penguasaan terhadap bahasa yang dijunjung menjadi syarat mutlak, namun pada kenyataannya, anak muda zaman sekarang lebih dominan tertarik kepada hal-hal yang bersifat up to date, disangkanya mereka belum keren kalau mereka belum disebut anak gaul, akibatnya banyak dari mereka yang melupakan kebudayaan lama yang notabenenya menjadi identitas daerah, hal ini dapat dipengaruhi oleh perkembangan tekhnologi serta lingkungan seperti yang telah saya paparkan diatas, mereka mengesampingkan kebudayaan, hal ini sangat dilematis, namun ini merupakan salah satu tugas berat kita semua untuk memperbaikinya kembali, khususnya bagi para generasi musda, bahwa tidak hanya bahasa nasional atau bahasa gaul saja yang harus klita junjung tinggi, namun bahasa daerah, entah itu bhs sunda, jawa , sumatra dsb harus kita kuasai, apalagi sebagai moka terpilih, hendaknya kemahiran dalam berbahasa daerah menjadi faktor penunujang yang utama sukses gagalnya program duta wisata ini, siapa lgi yang akan meng-ekspos kebudayaan kita kalau bukan kita yang mempertahankannya,,
sebelumnya saya meminta maaf karena komennya menggunakan bahasa indonesia, mohon ma`lumnya pa…
wassalam…
ASS. .
abdi satuju pisan sareng cariosan bapa,
diayakeun pamilihan moka teh kanggo ngenalkeun kabudayaan urang sunda ka global,
tapi ningali ti peran mokana oge anu teu tiasa nyarios sunda, abdi sedih.
tapi, abdi salaku urang sunda oge rada teu lancar nyarios bahasa sunda teh,
mudah-mudahan di jaman engke mah, bahasa sunda teh jadi tenar deui, teuras tiasa dijadikeun bahasa sapopoe.
Sampurasun!
simkuring bade tumaros ka pengurus web dupi upami hoyong diajar beluk kedah kasaha sareng kamananya Pak?
hatur nuhun,