Kategori: Cahaya Ilahi | Diterbitkan pada: 24-09-2008 |
Ku Asep Salahudin
Tarekah utama Nabi Muhammad SAW nalika ngawujudkeun umat Islam anu onjoy teh nyaeta ku cara ngawangun atikan anu weweg. Ku sabab eta pisan, sakumaha katitenan dina buku-buku sejarah, kawijakan anu dikaluarkeun ku Nabi SAW utamana diancokeun pikeun ngaronjatkeun ajen dunya atikan.
Kumaha carana? Nya di antarana nempatkeun masjid lain saukur dipake tempat solat, tapi oge dipake ngatik masarakat ngeunaan bag-bagan jampe paeh kaaheratan jeung kadunyaan. Ku Kanjeng Nabi SAW, masjid dijadikeun puseur sagala kagiatan umat: ritual, sosial, ekonomi, jeung budaya.
Malah ceuk beja mah, samemeh prak perang nanjeurkeun bebeneran teh, strategina mah dibadamikeun heula di masjid. Urang oge uninga, salah sahiji opsi dibebaskeunana tawanan perang kafir Qurais nyaeta lamun maranehna teu boga duit keur nebus (duit ieu teu sapeser-peser acan asup kana pesak Nabi, sadayana estuning diangge bajoang jeung dakwah Islam), nya maranehna kudu sanggup ngajar ka barudak muslim anu can barisaeun maca jeung nulis.
Perhatosan Nabi SAW anu kacida ageungna kana pasualan atikan ieu ku urang oge katoong tina sawatara dawuhanana. Di antarana wae, “Thalabul ilmi faridotun ‘ala kulli muslimin wa muslimat” (Neangan elmu teh wajib pikeun satiap muslim jeung muslimat), “Uthlubul ilma wa lao bish shin” (Paluruh elmu sok sanajan ayana di nagri Cina), “Uthlubul ilma minal mahdi ilal lahdi” (Teangan elmu ti mimiti brol lahir nepi ka liang kubur), “Innamal ulama warasatul anbiya” (Anu baroga elmu, eta teh ahli waris para Nabi). Dina hadis sejen, Nabi SAW nandeskeun, “Dina poe kiamat bakal ditimbang mangsi ulama jeung getih syuhada, kabuktian mangsi ulama leuwih beurat tinimbang getih syuhada”
Lamun urang nitenan ayat-ayat Al-Qur’an, ku penting-pentingna atikan, apan kecap “elmu” jeung rundayanana teh leuwih ti 780. Malah ayat anu munggaran turun ka Nabi oge apanan nyabit-nyabit pentingna maca, pulpen, jeung jejer ngeunaan aspek biologis manusa sakumaha dina
Dina
Tuladan ti Nabi
Dina hal ieu pisan Nabi nembrakkeun hiji tuladan anu kacida mibanda ambahan pikahareupeun hubunganana jeung atikan (elmu). Saolah-olah Nabi ngabewarakeun rehna naon wae potensi anu aya di wewengkon umat Islam –sok sanajan eta potensi teh dipimilik ku jalma kapir– bisa digunakeun pikeun ngaronjatkeun sumber daya manusa sangkan umat Islam miboga pangaweruh anu jembar, pandangan anu lega jeung visioner (visoner lain wungkul pinter ngarancang pikahareupeun samet di dunya tapi oge nembus nyawang-ngarancang pitempateun ka alam supagi anu bakal kasorang nalika urang mulang)
Potret nagara Madinah mangrupa buah tina proses panjang atikan anu dipelak ku Kanjeng Nabi SAW. Hiji potret masarakat, nu ceuk sosiolog kahot Robert N. Bellah tea mah, nu kacida pisan moderen dina mangsa harita. Potret masarakat plural di mana antara jalma hiji jeung anu lianna sadar kana hak jeung kawajibanana, silih mulyakeun (lain silih ngakalakeun), sagala pasualan anu pakuat-pakait jeung balarea diputuskeun ngaliwatan musawarah, kaadilan bisa dirasakeun ku sakumna masarakat bari henteu pilih bulu, sikep jembar hate, toleran jadi watek sosial, kakuatan logika leuwih diutamakeun tinimbang logika kakuatan. Kabehanana eta teh mangrupa eunteung masarakat terdidik. Pantulan nagara anu otak pangeusina pinuh ku elmu pangaweruh.
Etos tarbiyah saperti kitu dina mangsa-mangsa saterusna, pangpangna dina abad pertengahan, geus jadi roh umat Islam pikeun terus ngembangkeun atikan, ngagiatkeun panaluntikan, ngaramekeun gawe nerjemahkeun, ngintensipkeun kontak budaya jeung bangsa deungeun. Kaom dermawan jeung para pangagung pulitik Islam paheula-heula ngaluarkeun jeung ngawakapkeun taneuhna pikeun digunakeun kagiatan atikan. Sajarah geus nyatet lembaga-lembaga atikan anu kakoncara ka janapria jeung teu diragukeun deui dedikasi kaelmuanana jaman harita saperti Dar al-’Ilmi (akademi sain), Baitul Hikmah (pabukon panggedena jeung pangkumplitna sakolong langit, ngoleksi ratusan rewu judul buku samemeh antukna diduruk tentara primitip ti Mongol), Universitas Nidzamiyah jeung Jami’ah-jam’iah (paguron-paguron) lainna. Tempat-tempat bieu geus ngalahirkeun ilmuwan-ilmuwan tingkat dunya dina disiplin ilmu anu warna-warni seperti Ibn Sina (kadokteran), Al-Khawarizm (matematika), Ibn Rusyd (pilsapat) Al-Ghajali (teologi), Ibn Khaldun (sosiologi), imam Syafii (pikih), Bukhori (hadis), Al-Qurtubi (tapsir), Ibn Arabi (tasawuf), Az-Zamakhsyari (bahasa), jeung rea-rea deui.
Modal pendidikan eta pisan anu geus nempatkeun dunya Islam harita pada ngajenan. Dipikagimir. Dipikaserab. Dijadikeun kiblat peradaban, tujuan ngelmu ti satiap madhab papat nalika bangsa luar harita masih keneh disimbutan mega tahayyul, hurapat, jeung kabodoan. Sakumaha dicatet tareh nalika elmu-elmu akliah (sain) ngarambah Eropah satuluyna nya ku urang Eropa pisan elmu eta diulik anu antukna maranehna meunang pencerahan (aufklarung) anu akhirna mah jadi bibit-buit lahirna renaisans jeung revolusi industri.
Tujuan Ngelmu
Mun ku urang dilenyepan sabda Nabi SAW jeung dawuh-dawuh Gusti tetela elmu jeung ngelmu dina ajaran Islam mibanda tujuan anu luhur. Sakumaha dicatet Mahdi Ghulsyani dina The Holy Quran and the Sciences of Nature. Copelna aya opat tujuan: kahiji, elmu jadi wasilah pikeun ngadeukeutkeun diri (taqarrub) ka Alloh sakumaha disaurkeun ku Nabi SAW, “Saestuna Alloh diturut jeung disembah kudu dumasar kana elmu. Nya kitu deui kamajuan dunya jeung aherat eta oge tatapakan elmu, sakumaha kajahatan dunya jeug aherat alatan bodo.”, “Singsaha wae anu tambah elmuna, tapi hidayahna henteu nambahan, mangka manehna beuki jauh ti Mantenna”, “Singsaha wae anu neangan elmu teu dibarengan ku niat karana Alloh jeung micangcam salian Alloh, mangka pek geura siap-siap kana naraka.”
Satiap elmu tapi teu jadi pangjajap kana taqarrub ilalloh sarua jeung tumpukan buku digandong dina tonggong sato, “Paumpamaan jalma-jalma anu ditaekeun ka dirina Taurat, saterusna manehna henteu ngangkat, badis sato anu mamawa kitab kandel kaditu kadieu….” (QS. Al-Jumah: 5) Atawa dina basa panyajak Sa’di mah, “Hirup teh sirna kajaba nalika nyebut Asma-Na / teu aya basa anu sieup kajaba (naluntik) rusiah-rusiah cinta / Sa’di! Seuseuh hate anjeun tina sagala / kajaba Anjeunna / elmu anu teu ngajajapkeun ka Mantena sawangun jeung bodo.
Kadua, elmu bakal efektip enggoning ngabantu ngembangkeun masarakat Islam jeung ngarealisasikeun tujuan-tujuana. Dina hiji hadis Nabi nyarios, “Singsaha wae anu keuna ku pati nalika keur diajar keur ngahirupkeun Islam, mangka di surga manehna sadarajat di handapan Nabi.”
Katilu, pikeun nungtun jalma lian sakumaha diisaratkeun nabi, “Alloh bakal mikaasih generasi Kuring. Anjeuna ditaros, ‘Saha generasi eta teh?’ Walerna, ‘Maranehna anu ngahirupkeun sunnah-sunnah kuring jeung ngajarkeun ka hamba-hamba Alloh.”
Kaopat, keur mecahkeun pasualan-pasualan masarakat, mere jalan kaluar tina problem anu pajurawet sakumaha ditandeskeun ku nabi, “Satiap manusa eta teh kulawarga Alloh, jeung manusa anu pangdipikacinta teh nyaeta anu pangmangpaatna ka kulawarga-Na”
Pakta kiwari
Pakta sajarah ngeunaan paelmuan jaman baheula boh mangsa nabi atawa abad pertengahan lamun seug dibandingkeun jeung kaayaan umat Islam kiwari matak ngahelas. Rek teu ngahelas kumaha, sakumaha kasaksian ku urang tong jauh-jauh, di lemah cai sorangan anu ceuk batur mah populasi umat Islam panglobana sadunya, lembaga-lemabaga atikanana remen diurus sahayuna. Tradisi observasi, panaluntikan, resep maca buku, pahade-hade nulis kitab, pabalap-balap ngarang buku, estuning geus leungit ti dunya urang.
Mun seug aya anu disebut panaluntikan jigana mah kalolobaanana henteu nyumponan standar ilmiah. Di tilik tina jihat sejen atuh kurikulum anu dipake karereaanana mah orientasina teh lain ka hareup tapi mundur ka tukang. Satuhu nalar elmu-elmu hebeul bari saeutik oge teu dibarengan sikep kritis analitis, leuheung lamun elmu eta teh relevan jeung kahirupan sapopoe malah ieu mah rereana tojaiyah jeung problem anu disangharepan ku urang.
Dina babasan Arkoun mah cenah umat Islam teh kiwari keur katimpah musibah gede nyaeta: taqdisul afkaril islamy: Mupusti pamikiran-pamikiran Islam. Nganggap produk jaman baheula teh suci sarta matak kawalat lamun digugat. Islam kiwari leuwih nonjol warna ideologisna tinimang epistimologisna. Antukna teu aneh lamun ayeuna umat Islam henteu maju-maju.
Pamunngkas, dina hiji ayat, Alloh nandeskeunyen umat Islam teh umat anu panghadena. Sakumaha ka maphum ciciren eta ngan ukur bisa dihontal, taya lian ku elmu jeung sistim atikan anu hade. Lamun teu di ngabebenah deui, dina sagala hal, pangpangna anu aya pakuat-pakaitna jeung dunya atikan mangka salilana gelar khair ummah saukur milik Nabi SAW jeung masarakat kamari (salaf), ari urang ngan ukur bisa ngalamun, sakali-kali nyawang pinuh panineungan ka alam katukang. Bati kumecrak ningal kajayaan jaman baheula.
Hal ieu jelas mangrupa tangtangan rongkah umat Islam anu kudu dibeberes ku sakumna umat. Anu inti-intina mah tanpa komitmen anu ngagedur pikeun nanjeurkeun elmu, mekarkeun atikan maka salilana urang bakal tinggaleun, salilana jadi objek (maf’ul) lain subjek (fail) anu nangtukeun lajuning sajarah.
Cindekna mah kebengharan jeung kamajuan elmu-atikan jaman katukang ku urang-urang jadikeun obor pikeun nyaangan lampah kaharep, ceuk Tocqueville te mah (1805-1859). “Mun jaman baheula gagal nyaangan jaman kiwari, mangka tong ngarepkeun jaman supagi bakal leuwih ngebrak! Wallahu’alam.***







