Kategori: Obituari | Diterbitkan pada: 01-10-2007 |

Ku TATANG BENYAMIN KOSWARA

 

MOAL bireuk deui ka Tati Saléh (l. Jakarta, 24 Juli 1944). Jenenganana dipikawanoh ku balaréa minangka hiji seniwati nu parigel, motékar tur sarwa bisa. Anjeunna téh juru kawih, juru tembang, anu naratas seni jaipongan (babarengan sareng Gugum Gumbira), tug dugi ka kantos maén dina sawatara judul film sareng sinétron. Tangtos baé sareng Yayasan Cangkurileung ogé kacida dalitna, da kantos aktip di Taman Cangkurileung sareng Ganda Mekar. Teu kaleuleuwihi upama Tati Saléh ogé disebat salahsahiji maéstro kawih. Ti nuju sakola kénéh di SDN Ciamis (1952-1958), Tati aktip di Taman Cangkurileung, da bakatna tos katara tur diasah di bubudak.

Innalillahi wa Inna Illaihi Roziun, kiwari Tati Saléh tos mulih ka jati mulang ka asal, dipundut ku Nu Maha Kagungan. Écésna dinten Kemis, 9 Pébuari 2006, di Rumah Sakit Imanuél, bada asar. Layonna parantos dikurebkeun di pajaratan lembur matuh karang pamidanganana, di wewengkon Kota Kulon, Kel/Kec. Ciamis, Kab. Ciamis. Apan ieu béntang panggung téh minangka turunan priyayi Ciamis. Kilang kitu, sanajan kasebatna putra priyayi, Tati Saléh mah éstuning henteu adigung atanapi sombo alatan teureuh ménak. Ka sasaha ogé teu weléh soméah tur daréhdéh. Nu mawi, seueur nu ngarasa kaleungitan, boh di lingkungan kulawargi, seniman,  atanapi masarakat sabudeureunana. Tati Saléh mémang saléhah.

Panineungan pamungkas sareng Tati Saléh, nganteng nepi ka kiwari tur hésé dipopohokeunana. Harita, poé Jumaah (3/02/06), Tati Saléh babarengan jeung kuring ka Jakarta. Sapanjang jalan Bandung-Jakarta, ngawangkong ngalér-ngidul, lir anu hayang nyacapkeun rupaning katineung, sateuacan Tati mulang ka alam kalanggengan. Sasarengan ka Jakarta téh, maksadna badé ngareuah-reuah atanapi pakaulan jatukrami putra Bapa Agum Gumelar, Armi Dianti Gumelar ka Taufik Hidayat. Kabeneran kuring kapapancénan pikeun ngokolakeun kasenian Sunda dina éta acara pertikahan.

Dina acara jatukrami putra Bapa Gugum gumbira, Tati Saléh kaul sababaraha judul kawih, lir anu hoyong nyacapkeun kasono ka masarakat, lir anu amitan seja ngantunkeun salawasna. Mungguhing yuswa mah mung Alloh Nu Maha Uninga, taya hiji ogé anu terang. Kuring ogé anteng baé metik kacapi, mirig galindeng Tati Saléh anu harita midangkeun kawih “Dareuda”, “Jeruk Manis”, “Kasenian”, “Badminton”, katut “Peuting jeung Pangharepan”. Ras émut kasauran Mang Koko kapungkur, yén Tati Saléh mah pantes pisan upama ngagalindengkeun kawih “Peuting Jeung Pangharepan”. Tati Saléh kalebet salahsahiji murid Mang Koko anu percéka. Basa nuju sakola di Konservatori Karawitan (1961-1964), Tati Saléh sakelas sareng Nano. S.

Kuring teu nyangka sacongo buuk, manahoréng harita téh, poé Saptu di Hotél Mulia Jakarta, minangka pamungkasna mirig haleuang Tati Saléh, babarengan jeung grup Guruminda anu diaping ku Dudu Kamaludin. Sabada réngsé pagelaran kasenian, kuring papisah jeung Tati Saléh di Jakarta, da mulang ka Bandung mah henteu sareng deui. Muga baé mungkas ngahaleuang di hotél Mulya téh minangka hiji isarat anu nuduhkeun yén Tati Saléh baris diperenahkeun di tempat mulya mungguhing Alloh SWT.

Taya deui kecap nu tiasa kedal iwal ti ngahaturkeun Wilujeng miang, Tati Saléh nu saléhah. Kuring, asmana Yayasan Cangkurileung katut réngréngan ais pangampih Majalah Seni Budaya ngiring béla sungkawa nu taya papadana, ogé teu hilap seja jajap du’a, mugia baé Tati Saléh ditampi iman-islamna, dihapunten samudaya dosana, tug dugi ka teu kendat-kendat miharep sangkan Tati Saléh diperenahkeun di tempat mulya mungguhing Alloh SWT, Amiin.***

 

Dimuat di Majalah Seni Budaya No. 172, Februari 2006