Kategori: Seni Budaya | Diterbitkan pada: 21-02-2011 |

Paguyuban Panglawangungan Sastra Sunda (PPSS) gawé bareng jeung Universitas Padjadjaran (UNPAD), baris ngagelar acara Miéling Poé Basa Indung Internasional, poé Senén, 21 Februari 2011, jam 09.00 nepi ka réngsé, di Balé Rumawat UNPAD, Jl. Dipatiukur No.35, Bandung.

 Rupaning acara bakal digelar pikeun ngareuah-reuah poé basa Indung. Diantarana:

  • Lomba Tarucing Cakra dina internét (Teka-Teki Silang) pikeun umum jeung pelajar. Para pinunjul tina ieu lomba baris dilélér hadiah:  I-PAD,  NETBOOK,  BLACKBERRY, CAMERA DIGITAL, jeung FLASDISK.
  • Bedah buku Rasiah Kodeu Biner (Kiblat Buku Utama, 2010), karya Dadan Sutisna. Ieu buku minangka karya nu kapilih pikeun dilélér Hadiah Sastra Samsudi 2011.
  • Gelaring Buku: Kamus Sunda-Indonesia (Kiblat Buku Utama, 2011), karya R. Satjadibrata
  • Gelaring Buku: Novel trilogi Rangga Maléla (Kiblat Buku Utama, 2011), Karya Olla S. Sumarnaputra
  • Gelaring Buku jeung CD: Komputerisasi Aksara Sunda (Yayasan Purbatisti, 2011), Karya Dadan Sutisna, Etty RS, jeung Tedi Permadi.
  • Sisindiran jeung Wawangsalan Anyar, Karya Dedy Widyagiri.
  • Nini Aki maca Sajak masih di Bale Rumawat (Ganjar Kurnia, Abdulah Mustapa, Deddy Windyagiri, Yayat Hendayana, Aam Amilia, Hasan Wahyu Antakusumah, Adang. S, Juniarso Ridwan, jeung sajabana) 
  • Hiburan Kliningan Kacapi Tunggal Ibu Yoyoh Supriatin

Acara dibuka pikeun umum, kalayan henteu disuhunkeun tikét (gratis). Informasi acara nu langkung paos, tiasa kontak ka: 081320380476 (Apip) atanapi 081809992699 (Adip).***