Kategori: Sosok | Diterbitkan pada: 03-10-2007 |
Ku DHIPA GALUH PURBA & M. NANA MUNAJAT
Teu saeutik para nonoman anu ancrub tur icikibung dina dunya téater. Malah upama geus ancrub téh, béjana sok wegah hanjat deui. Dina harti satuluyna ngarasa nikmat ngumbar éksprési seni. Contona tilu urang mojang anu sawatara waktu kaliwat dicerek ku “SB”. Mélla Rosdiana, Triani Fuji Astuti, jeung Nita Rizka Frillia. Hayu wang barandungan, kumaha baé atuh lalampahan tilu mojang méncrang téh.
*
MUNGGARAN panggih jeung Mélla téh, basa keur ngadéklamasikeun hiji sajak di Galery IAIN SGD Bandung, mareng jeung pintonan pagelaran produksi Téater Salsabil, anu judulna Rasulullah dan Raksasa dari Turki. Bubuhan kuliah di IAIN (Institut Agama Islam Negeri) Sunan Gunung Djati Bandung, Mélla mah boga pamanggih, upama téater téh bisa dijadikeun hiji média anu komunikatif
pikeun syi’ar Islam. Dina harti, Mélla hayang dakwah ngaliwatan téater. Saméméh kiwari aktif di kelompok Téater Salsabil, Mélla kungsi ngarojong pagelaran Téater Hijrah, asuhan Pusdai Jawa Barat. Kurang leuwih sapuluh garapan téater, anu kungsi dirojong ku Mélla. Ceuk Mélla, kabéhanana ogé ninggalkeun panineu-
ngan anu nepi ka kiwari nyangsang dina tungtung sawangan. Tapi aya di antarana anu inget baé nepi ka kiwari, nyaéta basa Mélla merankeun tokoh Nu gélo dina Monolog anu judulna Kararas. “Sangat berkesan,” kitu ceuk Mélla bari neuteup ka jauhna. “Sangat berkesan kumaha? Naha Mélla téh kateterasan jadi tokoh éta?” ceuk “SB”, rada ngabanyolan. “Nya henteu atuh. Abdi mah normal pisan,” témbal Mella, bari nembongkeun imutna.
Ngaran lengkepna Mélla Rosdiana. Ayeuna geus kuliah tingkat opat, di Jurusan Bahasa & Sastra Arab, Fakultas Adab. Ari cita-citana mah hayang jadi dokter. Tapi teuing kumaha, kalah méngkol kana seni. “Ngawitanna mah resep puisi abdi téh. Teras baé jadi kapincut ku téater.” kitu ceuk ieu mojang wedalan tanggal 9 Juni 1981. Rék nepi ka iraha Mélla icikibung dina dunya téater? “Pokona mah dugi ka abdi mendak sesuatu,” témbalna. Naon atuh sesuatu téh? “Ah, pokona mah sesuatu baé. Rusiah éta mah…”Mélla mungkas wangkongan jeung “SB”. Lain teu betaheun, tapi geus kadéngé sora adan ti munara masjid. Da puguh ngawangkong téh apan dina téras Masjid IAIN SGD. Mélla amitan ka “SB” bari tuluy ngaléos ka tempat wudu. Bisi aya anu hayang nepungan Mélla, tinggal téangan baé di Téater Salsabil, salah sahiji widang kagiatan LDM (Lembaga Dakwah Mahasiswa) . Tapi mémang Mélla mah rada lingas kétang. Sabab kagiatanna kaitung euyeub. Ayeuna ogé aktip jadi anggota Belantara, Kelompok Pecinta Alam. Najan ari ngakuna mah, rék mokuskeun nyusun skripsi.
*
TRIANI Fuji Astuti. Ieu mah lain baé resep kana téater téh. Buktina Triani kuliah di Jurusan Téater STSI (Sekolah Tinggi Seni Indonésia) Bandung. Ieu mojang lenjang wedalan 1 Séptémber 1979 téh sabenerna mah katurunan Jawa. Ibuna ti Jogjakarta, ramana ti Jawa Timur. Tapi kacintaanna kana Seni Budaya Sunda, geus tumuwuh, ti mimiti asup kuliah. Kungsi ngarojong pagelaran Longsér Antar Pulau (LAP) di TVRI Bandung, anu lobana sabelas épisode. Puguh deui ari maén téater modern mah, da puguh deukeut pisan jeung dunyana. Triani kungsi ngarojong pagelaran téater anu judulna Impian Tengah Musim, Tempat Peristirahatan, Faust, jeung sajabana. Nepi ka kiwari, Triani masih aktip ngarojong pagelaran téater, boh milu ngarojong maén, atawa ngarojong dina widang kaproduksianana.
Asup ka STSI Bandung, éstuning kahayangna sorangan, taya nu nitah, komo maksa. Malah kolotna mah da ngarepkeun Triani sangkan kuliah di Akper (Akademi Perawatan). Tapi ku lantaran Triani maksa, antukna mah kolotna ogé léah. Triani diwidian kuliah ka STSI Bandung. Batan kudu meunggaskeun kahayang jeung cita-cita Triani. Puguh baé bungahna mah. Ngan henteu igel-igelan wungkul kawasna téh. Basa kamari ieu Triani ditepungan ku “SB”, kabeneran Triani keur rada rurusuhan, rék ka Jakarta. “Hapunten, sanés nyapirakeun SB. Abdi mémang aya kaperyogian anu ngadadak.” kitu ceunah ceuk Triani téh. Tapi bisi aya nu panasaran kénéh mah, tepungan waé ka padumukanna, Komplék Sentosa Asih Jaya, Jalan Sentosa Asih III, Blok Y.1 No.9, Bandung.
*
RADA salsé ngawangkong jeung Nita mah. Keur mah ti Bandung ka Subang téh rada jauh. Piraku Nita ngarurusuh mah. Mangkaning saacanna kudu kukurilingan heula, maluruh alamat padumukanna. Tapi teu pati hésé kétang. Ukur tatanya sapuluh kali ogé, ahirna “SB” bisa anjog ka Jabong 1, RT.17 / 06, Désa Curug Réndéng, Jalan Cagak, Subang. Nita, hiji mojang anu kungsi jadi pinunjul maén gondang sa-Kabupatén Subang téh, ngabagéakeun “SB” kalayan daréhdéh naker. Pon kitu deui sepuhna Nita, Bapa Tédi Sukardi jeung Ibu Nani Rohaéni, teu kurang daréhdéhna. Paingan atuh Nita kungsi jadi pinunjul cerdas cermat, da geuning ibu-ramana ogé ngawulang di salah sahiji SD Subang. Carék paribasa Téng manuk téng, anak merak kukuncungan. Mangkaning Nita mah aya tambahna deuih, nyaéta resep neuleruman dunya kasenian. Kumaha éta téh mimitina? “Ah, pokona mah resep baé. Abdi tiasa bébas beréksprési…” kitu ceuk Nita, basa muka wangkongan jeung “SB”. Pangpangna mah ieu mojang anu resep kana warna biru ngora téh, ngarasa kabandang ku cara ngalatihna Abah, salah sahiji praktisi téater di Subang. Duka saha ngaran asli Abah téh, da Nita teu kungsi ngécéskeun.
Ngaran lengkepna Nita Rizka Affrilia. Lahir di Subang, 10 April 1986. Rumaja kénéh pisan Nita téh. Sakolana ogé kakara kelas 2 di SMU Negeri 3 Subang. Tapi da tangtunganna mah mani siga anu geus sawawa baé. Jangkungna 160 Cm, beurat awakna 45 Kg. Kilang kitu, “SB” kudu nyebut Tétéh ka Nita. Lain nanaon ieu mah, apan Nita téh sapopoéna sok disebut Tétéh. Boh ku sahandapeun, sapantar, pon pilalagi saluhureunna. Ieu budak cikal ti dua sadulur téh, boga angen-angen pikeun ngamekarkeun téater, hususna di SMU Negeri 3, umumna di wewengkon Subang.
Kiwari Nita keur nataharkeun hiji pagelaran téater. Kapilih jadi pamaén utama antagonis. Geuning? Apan sakitu bageur tur soméahna, naha bet jadi jahat? “Wios atuh, da saukur dina panggung wungkul. Sareng deui, aktor téater mah kedah tiasa merankeun tokoh nu kumaha baé,” témbalna bari malédog imut ka “SB”. Kawasna Nita, aéh Tétéh mah bakal leuwih daria deui icikibung dina dunya téater, sanajan lamun diitung lilana mikawanoh téater mah, kakara sawelas bulan. Basa ditanya guru favoritna di sakola, Nita mah resep ka guru Fisika cenah. Aéh, aéh, naha henteu guru kasenian? “Ka sadayana ogé abdi mah resep. Namung ieu mah favoritna…” Nita ngécéskeun. Tapi barang ditanya urusan kikindeuwan, Nita siga nu rada ngaranjug. Kilang kitu, Nita tetep nataan figur tangtungan jajaka, anu baris dipilih keur batur sapapait samamanisna. Cenah mah Nita miharep hiji jajaka anu siga Bread Pit, gagah, satia, romantis, jeung –pangpangna mah– jalmi soléh. Tos aya éta téh, Téh? “Duka ah.” témbalna bari rada ngadilak. Tapi mending tanyakeun baé langsung ka jinisna, perkara éta mah. Piraku deuih, diuar-uar dina majalah. Bisi disangka promosi.***
Dimuat di Majalah Seni Budaya No. 140, Juni 2003







