Kategori: Sosok | Diterbitkan pada: 24-09-2007 |
Ku DHIPA GALUH PURBA
MUNGGARAN tepung di wewengkon Haurngombong, Sumedang, caketeun tempat peneropong matahari. “Ngahaja abdi miang ti Garut, hoyong nyobian meneropong matahari…” kitu saurna
Sebat baé namina Méi, da ari dipanjangkeun mah sakitu ngagebayna apan, Méirida Déwi Safitri.
Méi kapeto jadi salahsahiji pamaén éta sinétron kalayan merankeun tokoh wartawati. Teu anéh basa nuju diwawancara ogé, Méi
Paingan mani camperenik tur calakan, jangkung 160 cm, beurat 44 kg, kaitung proporsional. Pantes upama Méi kapilih jadi kapilih Mojang Garut 2005. Hanjakal “SB” teu kaburu nepangan jajaka Garut pasanganana anu kapilih jadi Moka Garut 2005. Méi, luyu sareng jenenganana, lahirna ogé sasih Méi, écésna 19 Méi 1988. Tangtos baé bali geusan ngajadina di Garut.
Ti bubudak, Méi mémang nyorang kahirupan di Garut. Ti ngawitan sakola di SDN Gagak Lumayung 2 Garut, SMPN 6 Garut, nepi ka SMKN 1 Tarogong Garut. Malah ayeuna ogé, Méi neraskeun kuliah di Uniga, Fak Ékonomi, jurusan Akutansi. Méi, putra kadua ti opat sadulur ti pasangan Ibu Soekmayati sareng Bapa Muhammad Yahya. Cita-citana hoyong jadi akuntan, tapi duka kumaha kalah ngaléok kana widang kasenian.
Méi mémang mikalandep dunya kasenian. Saméméh kapilih jadi Mojang Garut, Méi kungsi dilélér rupaning pangajén dina widang modelling. Ka dieunakeun, Méi kataji ku dunya ékting. Kilang kitu, sanés hartosna asal maén. Méi kaasup pamaén anu pipilih. Contona mah, upama aya nu nawisan peran séksi, pasti Méi bakal nampik. Nurutkeun Méi, kungsi aya sawatara urang nu nawarin maén sinétron, tapi seueur anu ditampik, da henteu luyu sareng kereteg manah.
Minangka Mojang Garut, tangtos baé Méi weruh ngeunaan tempat-tempat wisata di Garut. Méi mémang gaduh harepan, sangkan Garut langkung kakoncara, boh dina widang pariwisata atanapi kesenian, hususna seni Sunda. Nurutkeun Méi, kiwari kasenian Sunda téh ampir kaléléd ku budaya deungeun anu teu luyu sareng kapribadian urang sunda.
Kumaha ari perkara bahasa? Nurutkeun Méi, bahasa Sunda ogé beuki kadesek. Di Garut, hususna di puseur dayeuhna, tos seueur rumaja anu alim ngagunakeun basa Sunda. Alatan isin atanapi sieun lepat téa. “Jadi, numutkeun abdi mah, barudak rumaja téh mending sina nyarios basa Sunda satiasana baé, ulah waka dibeungbeuratan ku unak-anik sabangsaning undak-usuk basa…” kitu saur Méi.
Kilang kitu, Méi ogé henteu ngaleuleungit, yén mangsa kiwari masih kénéh seueur para nonoman anu berjoang nanjeurkeun seni budaya Sunda. “Tangtos kedah dirojong ku para sepuh…” kitu saur Méi. Naha Méi bet nyarios kitu?
Masih kénéh betah saleresna mah ngawangkong sareng Méi. Hanjakal pisan Méi tos disauran ku sutradara, badé ngawitan shooting. Antukna Méi amitan ka “SB”, bersambung baé ngawangkongna. InsyaAlloh ké upami pendak deui, badé diwawancara pikeun anu kadua kalina. Bilih aya nu hoyong wawanohan mah, kantun pegat baé di terminal beus Cicaheum. Pangna kitu, apan ayeuna mah Méi sok didugdag Garut-Bandung. Aya kalana ngéndong di wargina, di wewengkon Griya Bandung Asri,
Majalah Seni Budaya edisi 170, Desember 2005







