Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 20-06-2008 |

(—keur Purba nu Teu jadi Datang)

Ku DHIPA GALUH PURBA

Purba ngawang-ngawang ngambah jomantara
dina balilihan raheutna mata haté indung
guyang ku cimata bungah, nalangsa
nu leyur ngabudah ngeueum lalampahan
purba saksi tina hiji carita
kanyaah, kadeudeuh, nu ngagulung
dina lulurung kalbu
natrat na belegbegna peteng
najan bulan mumul némbongan
béntang taya kalangkangna

purba ngalayang nobros méga nu haleungheum cimata
méga luhureun Jakarta, luhureun Taiwan
luhureun Los Angeles, luhureun Dallas
dimana bedahna méga-méga cimata?

Bagéa purba nu bakal manggul pakarang cinta
jurit tresna sayaga tatahar mapag asmara
wadya deudeuh geus meungkeut hidep
sarasa, sacinta, di tungtung jeung tungtung dunya
najan anggang lain sawangan
geura makalangan, nanjeur tur murba na alam cinta
murba! murba!

Rék murba di mana?
naha nu mapag hémpak neuteup méga?
langit angkeub
méga-méga cimata bakal bedah
jajap purba nu mulang
purba nu teu jadi datang

wilujeng miang… purba saniskara purba
Duh… purba


Bandung, 19 Juni 2008

(Eulis, muga Anjeun Sabar Salawasna, Innalillahi wa Inna Illaihi Rozi’un)

:))