Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 18-05-2011 |
Catetan DHIPA GALUH PURBA
MEDALNA buku Laras Pada Karawitan Sunda anu ditulis ku Mariko Sasaki kalintang matak ngajenghok. Lain pédah eusi bukuna anu nembrakeun pamanggih anyar pikareueuseun, tapi ieu mah sabalikna pisan. Pikiran jeung sawangan Mariko nu kacida nyapirakeun laras “Da Mi Na TI La”, mangrupa hiji pasualan anu puguh baé henteu bisa diantep. Komo deui dina bukuna, Mariko nyieun kacindekan yén téori Radén Machyar Kusumadinata téh bisa disebut kaliru tur aya hadena henteu diajarkeun di lingkungan sakola. Anu leuwih ngaranjug, buku karangan Mariko téh dipedalkeun ku Pusat Penelitian dan Pengembangan Seni Tradisional Universitas Pendidikan Indonesia (P4ST UPI), anu kanyataanana di UPI Bandung sorangan ogé apan neuleuman kawih jeung waditra Sunda téh ngagunakeun “DA Mi Na Ti La” nepi ka kiwari.
Radén Machyar anu marajian gumelarna serat kanayagan karawitan Sunda atawa notasi Sunda “Da Mi Na Ti La” téa. Saméméh Indonésia merdéka, notasi lagu Sunda mah geus gumelar, nyatana dina taun 1923. Ku ayana serat kanayagan, mangrébu lagu bisa diabadikeun tug nepi ka kiwari. Kalebet kawih-kawih Mang Koko ogé ngagunakeun serat kanayagan. Jadi, lamun serat kanayagan teu pantes diajarkeun di sakola, tangtu kacida nyapirakeun. Jeung deui, Mariko henteu ngasongkeun téori anyar nu dianggapna leuwih pantes. Ku kituna, Mariko ukur nyawad bari henteu bisa nuduhkeun solusi nu anyar. Geus kabuktian yén lagu-lagu Sunda mibanda ciri nu mandiri, henteu bisa disaruakeun jeung lagu-lagu barat. Radén Machyar pisan anu antukna ngabuktikeun yén henteu sakabéh lagu di dunya bisa dipirig ku musik barat. Tangtu baé béda jeung Mariko anu ngan saukur bisa nyawad. Lantaran Radén Machyar mah bari jeung prakna nyiptakeun laras Sunda tur diaku ku para ahli seni dunya.
Pikeun ngamekarkeun pamanggihna, Radén Machyar kungsi nulis buku Élmuning Kawih Sunda (1923), Diajar Mamaos Surupan Saléndro (1928), Kawih Murangkalih (1940), Sekar Arum (1940), jeung sajabana. Dina kaayaan bangsa urang masih kénéh dina sengkeran penjajah, Radén Machyar jeung para seniman séjénna geus bisa ngalahirkeun karya nu linuhung, sarta bisa kawariskeun ka anak-incuna, kalayan digunakeun nepi ka kiwari, boh di sakolaan pon kitu deui di kampus nu medalkeun buku Mariko. Nu matak, lumrah pisan Nano. S nyebutkeun “Dipoyok Dilebok” dina hiji tulisanna anu dimuat di Cupumanik (Juni 2010). Ceuk Nano dina tulisanna, Mariko mah datangna ka Bandung téh henteu nalungtik pendidikan kasenian di sakolaan, malah nyuprih élmuna ogé di paguron luhur seni Yogyakarta. Mariko henteu kacaturkeun diajar di SMKI atawa di STSI Bandung. Jadi, Mariko nalungtik seni Sunda bari jeung henteu nanyakeun ka ahlina.
Kilang kitu, dina runtuyan biodatana mah disebutkeun yén Mariko téh kungsi jadi fellow ti The Japan Foundation jeung The Agency for Cultural Affairs (Bunka-co) pikeun nalungtik karawitan Sunda di Bandung. Jadi, buku Mariko téh bisa baé diarandel. Lamun geus kitu, tangtu kaayaan karawitan Sunda téh parna, luyu jeung anu ditétélakeun ku Priadi Dwi Hardjito (Cupumanik, April 2010), yén ku ayana buku Mariko, kondisi karawitan Sunda téh dina kaayaan anu bahaya. Ku kituna, para seniman, budayawan, katut masarakat Sunda ulah cicingeun. Perelu aya ketak pikeun nandeskeun yén pikiran Mariko téh kalintang ngaco. Nu munggaran nyieun ketak téh kuduna mah UPI, ku cara narik buku karangan Mariko, kajaba lamun UPI moal ngagunakeun deui “DA Mi Na Ti La”.***







