Kategori: Info | Diterbitkan pada: 27-12-2010 |
Padépokan Seni Ringkang Gumiwang baris ngagelar pintonan anéka kasenian Sunda dina malem taun anyar 2011. Pintonan nu baris kapidangkeun diantarana Sandiwara Sunda Komédi “Raja Lieur”, Tembang Lawas, Anéka Tari, Maca Puisi, jeung maca Carita Pondok. Ieu runtuyan garapan téh disutradaraan ku Wa Kabul.
Luyu jeung jejerna, acara bakal lumangsung tanggal 31 Désémber 2010m jam 20.00 WIB tug nepi ka réngsé. Padépokan Seni Ringkang Gumiwang umajak ka sakumna nu micinta kasenian Sunda pikeun nyaksian sakur pintonan.








