Kategori: Suatu Hari | Diterbitkan pada: 22-10-2008 |


Minangka Catetan Tina Kereteg Ati (2)

 

Dibarung ku rasa bungah, seja ngabéwarakeun wiréh Majalah Seni Budaya (SB), anu sawatara waktu kaliwat dibéwarakeun eureun medal, kiwari Alhamdulillah bisa medal deui. Ieu majalah anu dirintis ku maéstro karawitan Mang Koko ti taun 1970 téh dina bulan Juni kamari kajiret ku sawatara pasualan anu patali jeung waragad. Nurutkeun Tatang Benyamin Koswara, pamingpin umum Majalah Seni Budaya, ku ayana harga keretas naék tur undakna waragad nyitak, widang pausahaan geus henteu sanggupeun ngawaragadan pamedalan Majalah Seni Budaya. Tacan deuih ditambah ku nyirorotna oplah majalah tina asalna 6000 eksemplar jadi 2900 eksemplar. Ari harga jualna henteu ditaékeun, tetep baé Rp 3000,-/eksemplar. Ieu majalah téh medal sabulan sakali. Hartina nu langganan Majalah Seni Budaya ngaluarkeun duit Rp 3000,-/bulan.

Tadina geus diponis “maot”. Taya harepan deui pikeun medal, lantaran taya anu haat nulungan kahirupan ieu majalah. Tapi mungguhing kaagungan Alloh SWT, bulan Juli 2008 diparengkeun amprok jeung hiji sobat anu ngaranna Yus R. Ismail. Sarua tukang nulis, malah nulisna leuwih tiheula tur leuwih produktif batan kuring. Aya leuwihna deuih, Yus dipikawanoh tukang nulis resensi film. Kuring mah teu bisa ngaresensi film, sanajan bisa nulis skenario ogé. Kungsi karya kuring ngahiji jeung karya Yus dina sajudul buku antologi Bandung dalam Puisi (Yayasan Jendela Seni, 2006).

Saterusna anu leuwih daria ngobrolkeun kahirupan Majalah Seni Budaya téh nyatana Lukman Hakim, anu jabatanna di majalah salaku wapimred I. Ringkes carita, sabada Kang Lukman jeung Yus R. Ismail padungdengan, ahirna aya kasapukan pikeun ngahirupkeun deui Majalah seni Budaya. Nya anu siap ngawaragadanna taya lian Yus R. Ismail. Sajabana ti kudu ngawaragadan nyitak jeung operasional majalah téh, Yus ogé kudu nyicil tunggakan ka percetakan CV. Geger Sunten, urut nyitak majalah édisi saméméhna anu tacan kabayar.  

Beurat nyuhun, beurat nanggung, beurat narimakeunana awahing ku ngarasa bagja ditulungan ku Ki Sobat, Yus R. Ismail. Ari Yus téh lahir di Rancakalong, Sumedang, 10 Januari 1970. Tulisanana dimuat di Pikiran Rakyat, Bandung Pos, Horison, Majalah Aneka,  Ceria, Annida, Jendela Newsletter, Nova, jsté. Kungsi Yus jadi wartawan Sunda Manggung, sarta ayeuna jadi direktur penerbit  Pustaka Latifah, anu alamatna di Jl. Taman Merkuri Timur I No. 4, Bandung, 40286, Tlp: (022) 7530782. E-mail: pustakalatifah@yahoo.com.

Majalah Seni Budaya henteu dibeuli, tapi dipangjeujeuhkeun urusan marketingna. Pamingpin Redaksina tetep Kang Tatang Benyamin Koswara. Demi Yus R. Ismail jadi Pamingpin Perusahaan. Réngréngan redaksi nu séjénna henteu réa nu robah, ukur ditambahan “kakuatan” ku jurnalis Dadan Sungkawa. Ari Dadan Sungkawa téh salahsahiji nu ngokolakeun Komunitas Lawang Gintung.

Saméméhna mah Dadan Sungkawa téh sok pahili jeung Dadan Sutisna Sungkawa (redaktur Cupumanik). Baheula mah Dadan Sutisna mémang ngaranna téh sok ditambahan ku “Sungkawa”. Kuring kungsi mépélingan ka Dadan Sutisna, sangkan ngéléhan baé, ngaleupaskeun ngaran ‘Sungkawa’. Tapi keukeuh Dadan Sutisna hayang diémbohan ku ‘Sungkawa’. Pajarkeun téh meunang ngabubur beureum ngabubur bodas, kudu ngajénan ngaran paméré kolot. Duka kunaon éta dua pangarang téh mani keukeuh parebut ngaran ‘Sungkawa’. Padahal ceuk kamus Basa Sunda ogé ‘Sungkawa’ téh hartina nu keur nandangan kasusah, prihatin, atawa sedih. Duanana neugtreug embung ngéléhan, pada-pada mertahankeun “Sungkawa”. Tapi lila-lila mah Dadan Sutisna léah manah. Ceuk Dadan, “Baé lah urang nu ngéléhan. Sabab urang mah najan kaleungitan ‘Sungkawa’ ogé, masih boga kénéh ‘Sutisna’. Coba Kang Dadan Sungkawa mah, lamun kaleungitan ‘Sungkawa’ téh éstuning kari ‘Dadan’ wungkul. Nya, ti harita mah jadi aman, saprak Dadan Sutisna ngaleupaskeun ngaran ‘Sungkawa’. Geus tara pahili deui. Lamun nyaritakeun Dadan Sutisna, pasti maksudna Dadan Pasirloa, Kadakajaya, Tanjungsari, Sumedang. Sabalikna, lamun nyaritakeun Dadan Sungkawa, pasti maksudna Dadan aktivis Lawang Gintung.

Sakali deui, alhamdulillah, kiwari Majalah Seni Budaya geus medal deui ku alpukahna Yus R. Ismail. Malah ayeuna mah ditambahan halamanna ogé, anu asalna 36 kaca, ayeuna jadi 44 kaca. Muga baé kahadéan Ki Sobat téh kénging ganjaran nu langkung jembar ti Alloh SWT, amin.

Ka sakumna masarakat anu micinta budaya Sunda, teu hilap, kuring umajak pikeun milu ngarojong kalumangsungan ieu majalah anu dirintis ku Mang Koko suwargi. Carana ngarojong mah basajan baé, nyatana ku jalan ngalanggan Majalah Seni Budaya. Katerangan nu langkung lengkep ngeunaan ngalanggan majalah, mangga kontak baé ka: 022- 92698139.***

 

Baktosna

DHIPA GALUH PURBA

Wakil Pamingpin Redaksi II Majalah Seni Budaya