Kategori: Suatu Hari | Diterbitkan pada: 02-11-2008 |

Tangtungan nu geulis bawana ngajadi, soméah ka somah jeung sémah, Luna Maya ngaranana. Béntang film jeung béntang iklan kalahiran Dénpasar, Bali, 26 Agustus 1983, mangrupa blasteran Jawa-Austria. Ku kasibukanana, Luna kudu cuti kuliah ti jurusan HI. Tapi tebusanna satimpal. Sabada maén di leuwih ti 10 judul film, ngaran Luna beuki dipikawanoh ku balaréa. Luna kapilih jadi salahsahiji nominasi Festival Film Indonesia pikeun katégori pamaén wanoja pinunjul ngaliwatan film Ruang. Luna ogé kakoncara minangka artis séksi. Kumaha atuh sanggeus disahkeunana Undang-undang (UU) Anti Pornografi?

Mémang bener UU Pornografi geus disahkeun ku DPR, kalayan dituturkeun ku rupaning réspon ti masarakat. Aya anu pro jeung aya ogé anu kontra. Nya, Luna Maya mah kaasup anu ngritik kana éta aturan hukum. Nurutkeun Luna, disahkeunana éta UU téh minangka upaya keur membodohi masarakat. “Contona ayeuna di Jakarta pan beuki panas nerekab. Upama aya wanoja maké busana tanktop kaluar ti imah, naha bakal langsung dicerek? Tuluy dulur-dulur urang di Papua, masih kénéh maké koteka, naha rék ditéwakan?” kitu ceuk Luna di Kafe Euphoria, Gedong Menara Prima, Méga Kuningan, Jakarta Selatan, Jumaah (31/10/08).

Padahal, ceuk Luna kénéh, saban manusa dilahirkeun dina kaayaan buligir kalayan nafsu saban manusa mah moal bisa diwatesanan ku aturan. Luna ogé ngarasa hariwang, UU antipornografi bisi kalah disalahartikeun tur dimangfaatkeun ku sakelompok jalma anu teu boga tanggungjawab. Misalna ngalakukeun tindakan sakahayangna. Kitu ceuk ieu modél iklan salahsahiji operator seluler kakoncara.

Luna ogé boga pamadegan yén éta undang-undang ngaleutikeun semboyan bangsa Indonésia Bhinneka Tunggal Ika. Teu pamohalan ku ayana disahkeunana éta UU ngalantarankeun poténsi perpecahan di masarakat. UU Pornografi, ceuk Luna, bisa ogé nyungkeret kréativitas, kaasup ngawatesanan ruang gerak para sinéas. “Matakna, karunya ka nu sok maraén film atawa anu nyarieun film. Aranjeunna jadi kahalangan ku ayana sieun ngarempak éta undang-undang,” ceuk Luna, sarta nandeskeun yén manéhna mah moal rék kapangaruhan ku éta undang-undang, da rohangan kréatifna embung diwatesanan. Ceuk Luna, sidang-sidang anu digelar ku para anggota DPR mangsa ngabahas UU Pornografi téh henteu efektif. Padahal mah dana anu dipaké rapat ngabahas UU Pornografi, mending kénéh dimangfaatkeun keur hal-hal anu leuwih mangpaat keur masarakat leutik.

Luna, anu sapopoéna sok katingali stylish, gaul, modis, jeung anggun. Kaparigelanna dina mix and match busana ngainspirasian manéhna pikeun ngararancang muka butik nu labelna ‘LM For Hardware’. Sigana mah mangrupa cadangan usaha pikeun natharkeun kahirupan satuluyna upama geus eureun tina panggung hiburan.***

 

Maruta Bayu/GP.Com