Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 27-03-2008 |

Karya Patandang, Nomor Naskah: 014

 

Samantasna cacap ngadenge eta lagu, reup, panon peureum. Biwir imut bari teu nyari oge. Kolenyay,…bray, caang pikiran teh, lir bulan opat welas nu narawangan hate nu rungseb. Harita ngadadak bungangang, lir nu geus nampa gajih, lamun tea mah boga gajih. Lamun teu boga tea mah, bae lah lir nu geus meunang Lotre buntut.

Sagalana asa ngora deui, keur meujeuhna belekesentreng, buta tulang buta daging ngadenge halimpuna eta sora, mani asa di memenan, di ayun ambing. Keur ngararasakeun kangeunah, na atuh ari beletak teh, disatukangeun, si bungsu nakol sirah make pepedangan. Lalamunan teh lansung saharita mancawura hese dueui mulungan nana.

Ceuk jero pikir, ku asa teuteuingeun eta mah budak, teu meunang we kolot teh senang. Geus puguh teu manggih dahar nungeunah, atuh ceuli-ceuli nikmat dedengean.

Samantasna mandi, gura-giru kuring nyokot kertas. Getret nulis, sakolepat tadi asa ka ilhaman ku judul eta lagu, rek dijieun carita. Karak oge satengahna nu aya dina uteuk teh ditulis na kertas. Na ari celengkeung teh tiluar aya budak nu rek meuli Basreng. Kuring gegeroan ka pamajikan teu ngajawab, da puguh keur gogorengan didapur. Najan holoream oge kuring kapaksa ngojengkang ngaladangan eta budak, na ari gorehel, teu sapira, budak teh meulina ngan lima ratus perakeun. Uuh ieumah geus aya deui bae gangguan teh. Gek deui kuring diuk nyinghareupan meja. Carita nu rek ditulis tadi lebeng poho deui.

Meungpeung budak tibra sare, aya kasempetan pikeun ngaso. Cetrek, tip (Tape) the disetel deui. Ngong sora na pita kadenge ngahaleuang,  asa ngeunah euweuh nungagangu pamajikan keur indit kapasar ieuh. Kalayang pikiran kumalayang. Kop kana tulisan rek dituluykeun karak oge rek ngamimitian, ti luareun imah geus aya nungagegero deui sora awewe nu rek ngadon meuli lotek. Lamun kongang mah ieu pulpen geus dibaledogkeun boa, kesel-kesel oge kapaksa kuring nyampeurkeun manehna.

“ Bade meser naon teh,! ? “ Omong kuring.

“ Ieu, bade meser Lotek !  Tilu pincuk mah, kalereleresan aya tamu titebih. Hoyong nyobian tuang sareng Lotek Komplek!.” Ceuk omongna alewoh semu ngolo.

“ Aduh! Teh, punten pisan. Kaleresan istri nuju angkat ka pasar! Kumaha atuh nya ? da abdi teu tiasa ngaladangan. Sieun teu raos !.” jelas kuring.

“ Alaaah,! Piraku teuing ! sok sawios ku Akang, etang-etang diajar. Engke ku abdi disampeur kadieu! Ieu, bade meser Roko heula.” 

Tambahna. Kituna teh bari ngaleos ninggalkeun kuring sorangan nubingung ku pipetaeun. Ari teu diladangan piraku teuing, manehna geus ngumahakeun. Jeung lumayan deuih rada mucekil ari Tilu Bungkus tea mah. Ceuk pikir kumaha engke we, da puguh ari samara mah saaya-aya didinya .

Sok sanajan kesang luat-leet oge teu burung lotek teh kacumponan. Ngeunaan rasa mah, kumaha ieuh nu ngadahar. Ari lotek mah kitu-kitu keneh meureun.

Teu pati lila. Torojol pamajikan mulang. Manehna ulak- ilik kana dagangan bari cumarita.

“ ari pilotekeun kamana? Kari sakieu deui! “ omongna.

“ Tadi aya nu meuli ! urang tukang, Tilu bungkus. Dua rewuan. Dieuweuh-euweuh oge keukeuh hayang diladangan.” Tembal kuring teu pati nolih.

“ Beu!,.. na ngaladangan teh! Bro-broan, kawas nu nyungkun bae Kang!!

Matak oge lamun keur ngaladangn teh talingakeun! Ameh apal.”  Omong pamajikan dibarung ku keuheul.

“ Heueuh, kudu kumaha atuh Da teu apal ieuh?” tempas kuring, sarua keuheul.

Sabot keur parearea omong. Torojol si Teteh nu meuli tadi dating deui. Katembong beungeutna baketut.

“ Tah, euceu!..Akang! Lotek teh  asaan! Najan loba oge ari pipanyakiteun mah keur naon! Nya Asin!…bau cikur deuih! Katambah henek ku pecin! Dimana-mana oge Lotek mah tara ieuh make pecin ! “  Ceuk kecapna bari mikeun bungkusan nu geus acak-acakan. Demi kuring jeung pamajikan ngadenge omongan nu sarupa kitu teu bisa kumaha.

Heueuh, sugan kuring mah pecin nu diluhureun turub ples teh sarua pikeun bumbu Lotek. Ari sihoreng sesa pamulangan pedah euweuh receh ti warung.

 

 

—– Rengse —–