Kategori: Cerpen Sunda | Diterbitkan pada: 03-12-2009 |
Carpon Hérmawan Aksan
PANON poé can pati lila mucunghul tina sesela gedong-gedong sigrong. Kulik keur jongjon nungguan beus
Tapi, basa aya mobil taksi konéng eureun di dinya, pulas sakadang sato téh robah jadi konéng. Tuluy, sanggeus taksi ngageuleuyeung deui, awak sato robah deui jadi beureum kotor. Emh, teu salah deui, éta téh tangtu londok. Kulik mingkin yakin basa éta sato téh gancang robah deui pulasna, gumantung di mana si sato harita. Deukeut aspal, awakna sarua jeung aspal. Deukeut béca, sarua jeung béca. Kitu deui basa si sato ngadeukeutan mobil angkot héjo, cai anu nguyumbang hideung, ruab, kardus, jeung réa-réa deui.
Bakating ku anteng ningali éta sato, Kulik nepi ka poho rek indit gawé. Asa hayang manéhna ngudag sakadang londok. Baé lah, da kantor pamaréntah mah geus biasa datang telat jeung balik gancang téh.
Ngan baé, ku lantaran ngalamun soal kantor sakeudeung, si sato téh les wé leungit teuing ka mana.
Tilu puluh taun, leuwih meureun, Kulik teu kungsi ningali londok deui. Baréto mah manéhna resep néangan nu kararitu nepi ka sisi leuweung deukeut lembur. Resep manéhna miara éta sato ku lantaran resep ningali pulas awakna anu robah-robah gumantung keur aya di mana. Pikeun budak kelas opat mah tangtu anéh pisan. Ngan hanjakal, éta sato téh
Ras wé manéhna inget lagu: trang-trang koléntrang, si londok paéh nundutan…
Ngaran nu saenyana mah alus, Lutfi Syaifullah. Komo sanggeus bérés kuliah mah, apan jadi Drs. Lutfi Syaifullah. Teuing kumaha mimitina, bet jadi katelah Kulik. Pédah hayang gampangna wé meureun létah urang mah.
Drs. Lutfi Syaifullah alias Kulik ngajanteng kénéh. Kumaha bet bisa aya londok di jalan raya? Da euweuh tangkal di jalan ieu mah. Komo deui leuweung. Kabur kitu ti kebon binatang? Tapi apan kebon binatang mah jauh ti dinya. Kabur tina kandang piaraan kitu? Atawa aya anu ngahaja ngaleupaskeun?
Ngan sagala pertanyaan ngeunaan éta sato téh gancang kadéséh basa manéhna geus aya di buruan kantor. Biasa, kabéh babaturanana keur jaradi pengamat pulitik. Serieus ngobrolkeun saha kira-kirana nu bakal jadi bupati anyar. Kulik mah ukur ngadéngékeun wungkul. Sakapeung unggeuk-unggeukan bangun anu ngarti. Sakapeung deui kerung mun aya nu nyarita
Basa isukna keur nungguan deui beus
“Ngan anéhna, batur mah bangun anu teu miroséa aya tilu londok di dinya. Piraku teu nyarahoeun mah. Nu keur laleumpang jongjon wé laleumpang. Awéwé-awéwé gareulis nu maraké blazer jeung dierok mini angger pating cikikik, bangun anu teu kapangaruhan ku ayana londok. Apan biasana mah awéwé modél kitu téh osok pating jarerit mun ningali sasatoan anu aranéh. Tukang pisang goréng jeung géhu jongjon wé nyérokan géhu. Teu naringali kitu nya? Piraku. Tilu londok téh deukeut pisan. Teu kanyahoan kitu, pédah pulas awakna sarua pisan jeung di mana ayana si londok? Atawa disangkana éta téh kadal biasa meureun?
Basa geus nepi ka kantorna, Kulik ngagebeg deui. Aya londok ngeteyep ngaliwatan gapura kantor. Nu ieu mah rada gedé tur gancang. Huluna teu luak-lieuk. Ngan sungutna mah angger calangap. Létahna sarua, elol-elolan. Teu jauh, tukangeunana, mucunghul deui sato nu sarua kénéh. Tilu sakalian. Ngan anéh, satpam duaan téh bangun anu haré-haré wé. Apan kuduna mah maranéhna téh ngawaskeun gapura. Aya paribasa, laleur gé teu meunang asup. Apan ieu mah londok anu sakitu gedéna batan laleur. Tapi da jelema séjénna ogé sarua haré-haré. Teu nyarahoeun kitu?
Di kantor, Kulik ngaharéwos ka batur katuhueunana, nyaritakeun soal londok.
“Pa Engkos ningali?”
“Naon? Londok? Henteu. Di mana?”
Kulik ogé nanya ka Pa Bud anu kéncaeunana.
“Tilu? Alah, piraku?”
Nu séjénna ilubiung.
“Mun aya mah tangtu ibur atuh!”
Ngan teu lila adu renyom soal londok téh. Jejer obrolan geus pindah deui kana pulitik. Geus kitu mah, kabéh ngarasa jadi pengamat panghébatna. Paréa-réa omong. Patarik-tarik sora. Asa aing wungkul nu bener. Peresis pisan anggota DPR. Ceuk nu hiji, cenah partéy anu téh teu bisa ngamangpaatkeun mayoritas anggota déwan, nepi ka euweuh hiji gé calonna anu lolos. Ceuk nu séjén, lain teu bisa ngamangpaatkeun, éta mah pédah anggota déwanna sorangan teu boga loyalitas ka partéy. Ceuk nu séjén deui, bari ku basa anu légég téa, partéy leutik bisa ngaloloskeun calonna ku lantaran apal kana psikoantropologi manusa ayeuna anu kudu bisa adaptatip gumantung lingkunganana. “Lamun batur beureum, kudu ngilu beureum. Batur konéng, ngilu konéng,” ceuk si légég.
Sirah Kulik karasa jangar. Geuwat manéhna nitah si office boy pangmeulikeun oskadon.
Isukna, Kulik manggihan londok deui. Beuki loba ayeuna mah. Tilu, opat, salapan, sapuluh, tilu welas, alah, loba pisan geuningan. Éta sato téh kabéh ngeteyep bari luak-lieuk, sungutna caralangap, létahna elél-elélan. Ngan anéh, keukeuh batur mah euweuh anu maliré. Enya kitu batur mah teu nyahoeun sakitu lobana londok? Kulik tambah jangar. Komo basa manéhna nyarita deui ka babaturanana sakantor, karasa manéhna pada ngaromongkeun. Malah mah aya ogé anu némpélkeun curuk kana tarang sagala.
Kulik neleg deui oskadon. Tilu siki sakalian. Ceuk saha aing gélo, gerentes haténa. Pagawéanana barérés, boh di kantor boh di imah. Pédah sok tara pipilueun kitu mun batur keur parebut komisi? Enya éta gé sok aya wé nu nepi, pajar manéhna bodo mun jaman ayeuna teu ngamangpaatkeun jabatan mah.
Di imah, kahirupanana biasa wé, sama jeung batur. Hirup guyub jeung pamajikan anu gawé jadi guru SMP. Budakna dua, nu hiji geus kuliah, nu hiji deui SMA kénéh.
Pikeun ngayakinkeun yén manéhna cageur, Kulik manggihan salasahiji babaturanana anu muka prakték jadi psikolog.
“Pa Kulik séhat pisan, teu kirang nanaon,” ceuk Ibu Psikolog.
“Tapi naha batur bet nyangka nu henteu-henteu?”
“Ah, wios atuh Pa Kulik. Lami-lami gé baroseneun nyalira geura. Ayeuna mah mending gé Pa Kulik sing seueur istirahat. Panginten saé upami nyandak cuti. Rékréasi wé sareng kulawargi. Pami peryogi, duaan wé sareng garwa. Apan urang téh kedah ngarasakeun ‘honey moon’ kadua.”
Najan teu pati loba tabunganana, Kulik jeung pamajikanana indit ka Puncak, nyéwa bungalow dua peuting. Karasa bagja boga pamajikan anu satia. Komo sanggeus kabuktian yen manéhna masih kuat kénéh babarengan naék ka puncak, sanajan tangtu teu kawas basa honey moon kahiji. “Normal kénéh aing téh,” gerentesna.
Ngan baé, hirup normal basa rékréasi jeung cuti pondok téh teu bisa karasa satuluyna. Sabab, barang manéhna asup deui ngantor, nu katingali téh kalahka beuki parna. Méh di saban juru, di unggal parapatan, di sisi jalan, beuki loba wé londok. Huluna luak-lieuk. Sungut calangap. Létah elél-elélan. Kabéh kararitu. Sorana ngahéos jiga sora oray. Mun dijumlah-jamléh, aya meureun kana ratusan. Atawa rébuan kitu?
Nu matak pikareuwaseun deui, dijero kantor gé aya opat atawa lima londok ting keteyep. Ngan euweuh batur mah hiji ge anu miroséa. Nu gawé jongjon digawé. Nu ngobrol nya uplek wé ngarobrol.
Kulik beuki teu bisa nahan. Geus teu asup akal atuh.
Kulik ngan ukur bisa nonjokan sirahna sorangan.
Panonna kitu nu geus teu bérés téh? Ah, piraku. Nepi ka umur sakitu, manéhna mah teu kudu maké kacamata. Boh maca boh ningali jauh, euweuh masalah. Ngan baé, sakadar hayang ngayakinkeun wungkul, balik ti kantor manéhna nyimpang heula ka klinik mata teu jauh ti kantorna.
Bérés mariksa, dokter nyarita kalawan yakin ainul yakin yén panon Kulik téh euweuh masalah.
Jadi, naon atuh?
Kulik putus harepan. Ieu cocoba téh bet karasa ngancurleburkeun kayakinan dirina sorangan. Salila ieu manéhna ngarasa bagja bisa ngalakonan hirup ku cara jujur. Sanajan imahna masih kénéh nyelap di gang leutik, kabagjaanana tara kurang. Sakapeung mah ngalaman pamajikanana ménta pangmeulikeun itu jeung ieu, tapi Kulik osok bisa ngélingkeun yén gajihna teu sabaraha.
Tah, ayeuna, naha jelema modél manéhna anu meunang cocoba jiga kitu?
Poé isukna, Kulik beuki gegebegan waé. Ayeuna mah londok téh ngalayah di mana-mana. Leuwih loba batan manusa. Aya nu leumpang ngeteyep di sisi jalan, aya nu naék mobil, naék angkot, naék motor. Aya nu keur silih tangkeup. Aya nu arudud.
Kulik beuki olohok basa ningali loba anu ngan awakna londok tapi sirahna jelema. Atawa sabalikna, awakna jelema kénéh tapi sirahna geus jadi londok. Sarua éta gé, sirahna luak-lieuk, sungutna calangap, létahna elol-elolan, jeung sorana ngahéos jiga sora oray. Aya ogé anu sukuna wungkul suku londok, leumpang ngeteyep euweuh soraan. Aya deui anu leungeunna wungkul leungeun londok, kawas nu keur gugupay ku ramo anu karijut.
Ayeuna mah Kulik teu bisa deui mikir nanaon. Pasrah wé nu aya.
Komo basa nepi ka imahna, sirah pamajikanana gé geus robah jadi londok. Sungutna calangap, létahna elol-elolan. Kulik ngan neuteup sakeudeung, tuluy léos ka kamar mandi. Ah, geus kuduna kieu meureun dunya téh. Bisa jadi enya, manéhna wungkul anu justru teu normal téh. Da batur mah teu anéheun. Mun manéhna ngarasa kénéh anéh, hartina batur ningali manéhna anéh.
Ngan haténa angger teu méréan. Naha mun aya suksési téh jelema bet jaradi londok? Ah, ayeuna mah kudu jiga batur meureun. Kaayaan kitu téh kudu dianggap lumrah.
Teu lila, basa manéhna ningali dina kaca, kasampak sirahna geus robah jadi londok. Sungutna calangap. Létahna elol-elolan.
Ngan anéhna, ayeuna mah manéhna ngarasa bagja sanggeus jadi londok.•
Dimuat dina majalah Manglé No. 2086







