Kategori: Sosok | Diterbitkan pada: 21-09-2007 |

Ku DHIPA GALUH PURBA
IWAL ti ngasongkeun tangtungan nu ngandung pangirut, hiji artis sinétron téh kudu mibanda IQ nu kuat. Lamun henteu kitu mah, tangtuna ogé bakal tinggaleun. Pang kitu, waktu pikeun ngapalkeun naskah skenario téh kawilang werit. Saperti anu mindeng kaalaman ku Liza Chaniago, artis nu geus sakitu lilana makalangan dina dunya ékting. Aya kalana, Liza kakara nampa naskah skenario di lokasi shooting. Puguh baé panyakit “hésé apal, gampang poho” téh, kudu disieuhkeun ti anggalna mula. Ngahaja “SM” nepungan Liza ka padumukanana, Perumahan Villa Indah Pesona, C.5 No. 16, Blok Pintu, Cikampék, pikeun dipidangkeun dina Rumaja Midang. Yu, geura, urang barandungan lalampahanana.
*
TEU pati béda jeung Yoga Asmara (anu midang dina Sunda Midang édisi 1), Liza ogé resep neuleuman élmu béla diri. Komo deui, ayeuna-ayeuna Liza mindeng maén dina sinétron klasik laga, saperti Wiro Sableng, Joko Sableng, Jaka Tingkir, Dendam Nyi Pélét, Mistéri Gunung Merapi, Jacklyn, jeung sajabana. Kangaranan sinétron laga, puguh baé loba pisan adegan hut-hét atawa tarung patutunggalan. Lebah dieu, beuki karasa pentingna mibanda kamampuan élmu béla diri téh. Sabab dina émprona ékting, bakal katara pisan antara anu enya-enya bisa béla diri jeung anu ukur api-api bisa. Pikeun Liza, adegan-adegan anu beurat ogé, henteu merelukeun stand man (peran pengganti). Upama aya adegan ngapung, Liza tara gimir ku digantung ngagunakeun seling. Atuh ku ayana ngawasa élmu béla diri, tangtu awak baris kalatih, da mindeng olahraga téa. Antukna kaséhatan ogé kajaga. Mangkaning dina mangsana shooting, stamina awak téh kudfu bener-bener jag-jag.
Kalayan modal jangkung 160 Cm, jeung beurat awak 55 Kg, ditambah kamampuan ékting jeung béla diri, Liza bisa kapaké pikeun ngarojong sababaraha judul film layar lébar jeung sinétron, katut béntang iklan. Geura, urang tataan, aya sababara judul Film Layar Lébar nu kungsi dirojong ku Liza, di antarana Ecstasy & Pil Cinta, Sex & Kriminal, Cinta di Balik Istri, Gairah Tabu, Gairah 100 %, Macho, Penyimpangan Sex, jeung sajabana. Demi ékting dina iklan mah, can kaitung réa, kakara tilu rupa iklan. Di antara ngarojong iklan Demam Berdarah, Kartu Séhat, jeung Sabuk Pengaman.
Ku ayana préstasi Liza anu kaitung nyongcolang, ieu mojang anu lahir di Jakarta, 28 Séptémber 1977 téh, kungsi jadi béntang tamu dina sababaraha acara dina TV, saperti Ngelaba, Cak Kabul, Cashing, jeung sajabana. Kumaha ari maén dina Sinétron mistéri atawa mistik? Liza ogé teu kaliwat, ngarojong sinétron Siluman Harimau (Lunar Jaya Film-TPI), Siluman Kelelawar, jeung Siluman-Siluman séjénna. Éstura sagala rupa dicabak téa, meungpeung nuju anom kénéh, milarian pangalaman. Kitu ceuk Liza.
Ngobrol perkara kagiatan séjén, luareun maén sinétron, film, atawa béntang iklan, horéng Liza dipikawanoh minangka hiji présénter atawa MC. Buktiona, Liza kungsi jadi MC diba sababaraha acara, saperti di Blok M Plasa, Hotél Cempaka, Hotél Sahid Jaya, Hotél Ibis Kemayoran, Hotél Hilton, Hotél Séntral, Hotél Horison, Hotél Le Mero Dicn, Gedong Olahraga , jeung réa-réa deui.
Dimuat di Majalah Seni Budaya edisi 159, Januari 2005







