Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 02-11-2008 |
Ku DARPAN
Manéhna sok ngahajakeun datang ka dinya
Nyawang layung nu warnana tetep nu éta
Teu ngijih teu halodo konéngna matak kabita
Manéhna teu bosen imut salila layung mulas langit
Siga milu bungah nganteurkeun panonpoé nu rék tibra
Padahal haténa kawas walungan Cikandang
Teu weléh bangreung
Waktu layung leungit di Cikandang
Diseuseup hawa burit nu alum
Dipiceun deui hawa dibarung geter
Tuluy manéhna lunta
Jajap cintana nu weléh teu daék ngarti
Mun layung geus diiwat ku sakadang peuting
2006
Dimuat di Majalah Cupumanik








Enya, asa teu percaya mun dipiasih geus aya nu boga.
Enya, asa teu percaya mun nu dipiasih geus aya nu boga.
Cahaya layung nu diiwat tur diseuseup ku poekna peuting meureun teu bisa kumaha
kahayangna mah anteng paadu teuteup jeung tingtrimna wanci reupreupan
dalah dikumaha geuning unggal datang ngan ukur nyawang dikaanggangan hanjakal….