Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 03-12-2009 |


Sajak DARPAN

 

Manéhna sok ngahajakeun datang ka dinya

nyawang layung nu warnana tetep nu éta

teu ngijih teu halodo konéngna matak kabita

 

Manéhna teu bosen imut salila layung mulas langit

siga milu bungah nganteurkeun panonpoé nu rék tibra

padahal haténa kawas walungan Cikandang

teu weléh bangreung

 

Waktu layung leungit di Cikandang

diseuseup hawa burit nu alum

dipiceun deui hawa dibarung geter

 

Tuluy manéhna lunta

jajap cintana nu weléh teu daék ngarti

mun layung geus diiwat ku sakadang peuting

 

 

Dimuat dina majalah Cupumanik/Juni 2007