Kategori: Cerpen Sunda | Diterbitkan pada: 02-08-2008 |
Karya Patandang Nomor Naskah: 032
Ukur palataran bala saenyana mah di dinya téh. Taneuhna beueus semu hipu, arang kasorot cahya panon poé. Jalan anu muru ka dinya gé ukur jalan satapak. Panjang jeung netek. Kudu sosorompod heula. Kudu guguntayangan heula. Kawantu pernahna di jero leuweung tutugan gunung, nu masih kénéh rembet kakayonna. Tiiseun jeung geueuman. Arang langka aya nu ngahajakeun ngulampreng ka lebah dinya.
Tapi harita mah Leuweung Kiaragantung nu biasana simpé téh témbong haneuteun. Kadéngé halokhak jeung haliwuna mangpuluh-puluh jalma. Kabéh tamplok ka éta palataran.
Sabada nigasan tatangkalan nu ngahalangan, gecruk taneuhna dipaculan. Teu lega, ukur limapuluh genep méter pasagi. Dina émprona mah remen kateug, da pacul sok nyalahan ngahanca aakaran. Kapaksa ditigasan heula. Tuluy dirabut atawa dicokél.
Batur-batur tinggarimbung téh manéhna mah cunggelik sorangan. Siga nu ngahaja hayang misahkeun manéh. Da ti barang datang gé teu incah-incah. Angger di dinya kénéh, diuk handapeun tangkal surén. Ngoléséd sotéh lamun rék nyokot cai nginum. Geus sababaraha regot mah, gék deui dina tempatna cikénéh diuk. Ngahuleng deui kawas tadi.
Réaan geuning nu datang téh, gerentesna. Enya, da geus kasawang ku manéhna ti mimiti gé. Tangtu bakal nimbulkeun kapanasaran urang lembur. Sahenteuna atuh di wewengkon tepiswiring, béja téh gancang pisan nerekabna. Padahal teu kungsi nyorang tilu kali rapat di Kalurahan. Ukur babadamian kitu waé. Sanggeus panceg waktuna, laju ngiberan pihak terkait. Pangpangna ka Kapolsek.
“Ké gé nu ti kota badé sarumping,” cék Lurah harita, waktu ngobrol jeung manéhna.
Ehm, geuning kakara bisa kalaksanakeun ayeuna, gerentesna deui. Teu karasa tina létahna kedal hamdalah, muji sukur ka Pangéran.
Sabot manéhna ngaheneng, rentang-rentang ti kajauhan Lurah nyampeurkeun. Katara leungeunna nanggeuy piring. Gék diuk gigireunana bari nunda piring.
“Tos sabaraha hiji Pa Lurah, nu kapendak?” Tanya manéhna, halon.
“Nembé lima, tapi can diangkat sadayana. Némbe dua nu tiasa dikaluhurkeun mah, Yi Andi,” témbal Lurah bari nunjuk ka peuntaseunana. Katara kantong pulas beureum ngajarepat sadua-dua.
Rénghap manéhna ngarénghap jero. Sawatara jongjonan mah ngadon neuteup kana kantong beureum nu cikénéh dituduhkeun.
“Ngaleueut heula wé mending gé, Yi,” cék Lurah deui.
Tibang ngarérét meueusan. Tuluy unggeuk dibarung imut.
Ngaheneng sakedapan, taya nu cacarita. Lurah anteng manco ka hareup, ngawaskeun nu keur baranggawé. Kalan-kalan kadéngé sorana paparéntah ka nu aya di dinya. Lep jempling deui.
Kitu deui manéhna. Anteng nakeranan katingalina téh. Ngan siki panonna wungkul nu sok pipindahan téh. Sakapeung nuju kana biwir lombang, ngimeutan jalma-jalma anu aya di sabudeureunana. Ka nu keur narangtung. Nu keur kokoréh di jero lombang. Imeut taya nu kaliwat. Sakapeung tanggah, neuteup ruruban tatangkalan. Tapi antukna mah paneuteupna téh eureun lebah kantong pulas beureum peuntaseunana. Karasa aya nu nyérését kana haténa.
Mun geus kitu, luk wé tungkul. Teu wasa lémék nanaon. Batur-batur haliwu téh, manéhna mah teu sakémék-kémék acan. Bahamna lir nu dikonci. Dikonci ku galécok haténa sorangan. Dikonci ku rupa-rupa rasa nu pacaruk jeroeun dadana. Rasa nu geus disidem sakitu lilana.
Ah, naha atuh ahirna téh bet di dieu, gerentesna. Enya, sagala rupa kapanasaran anu nyangkaruk téh, bet kajawabna di jero leuweung anu tiiseun. Jauh ka mana-mendi.
Ras manéhna inget, kana kajadian sawatara welas taun ka tukang. Enya, harita geuning bet bijil ti cungap pisan sagala rupana téh. Teu nyangka sacongo buuk baris meunang katerangan nu patukangtonggong, jeung nu salila ieu ku manéhna dipiyakin.
“Ndi, saenyana hidep ka Mamah téh pernahna ukur bibi,” cénah harita.
Ngarénjag sataker kebek, olohok matasimeuteun. Najan can kabéh kumpul pangacian, babarabat wé ngadongéng panjang pisan.
Horéng jalma anu dianggap indung salila ieu téh ukur adi indungna pituin. Ari bapa tegesna mah urang Makasar. Indit ka Pulo Jawa lantaran hayang nyingkahan kaayaan nu keur meumeujeuhna harénghéng, alatan babaruntakanana Kahar Muzakar. Pruk kawin ka anak dalang urang Cibitung, tur tuluy bumetah di dinya.
“Da kapan ngaran Andi téh, lantaran Bapa teges hidep turunan ménak bugis,” cénah deui.
Sabada boga anak hiji, manéhna téa, tuluy bitu ririweuhan. Akina, Dalang Nata, milu kaciduk. Laju heuleut sababaraha minggu ti harita, tengah peuting, kolotna ogé aya nu nyulik!
Ari manéhna mah salamet, kaburu dibawa ngalolos ku bibina, tuluy ngungsi ka Bandung. Di Bandung nyiruruk di imah dulurna. Laju sababaraha taun ti harita tuluy kawin tur dipercaya boga katurunan sorangan.
Nya ahirna mah manéhna gé diaku anakna sorangan. Teu diwilah-wilah. Kumaha baé béhna kolot ka nu jadi anak. Dina surat ijasah jeung surat-surat resmi lainna, atra pisan ngaran maranéhna nu ditulis téh. Emang jeung bibina.
“Lain nanaon, paur hidep bakal milu nanggung akibatna. Da sahenteuna meureun ngaran kolot hidep téh aya dina daptar nu boga kawasa.”
Meunang sababaraha taun mah bibina teu wani balik ka lembur. Bada sapuluh taun, kakara laha-loho deui. Nyoba-nyoba néangan katerangan nu jéntré ngeunaan lanceukna.
Kungsi éta gé ngadéngé, cénah langsung dibawa, dihijikeun jeung nu lianna. Tapi lebeng, taya hiji gé nu bisa nyindekkeun dibawa ka mana. Ngan cénah kamungkinan gedé mah sarua jeung bapana. Ka pulo hara-haraeun di Maluku.
Tilu taun ti harita, tuluy maluruh ka nu kakara bébas ti ditu. Deui-deui lebeng. Orokaya, kalah ngeunaan bapana iber nu katampa téh. Cénah Dalang Nata téh geus taya dikieuna, teu kaburu meunang rémisi.
Lain deui ngarénjagna. Can gé leler, anu matak leuwih reuwas jeung ngangres, cénah maotna nelasan manéh. Nginum obat serangga.
Sasatna kapupul bayu harita téh. Néangan lanceuk teu manggih raratan, bapa sorangan geus ninggalkeun. Buntu pilakueun. Antukna pasrah. Nyanggakeun sadaya-daya ka nu Maha Kawasa.
“Tadina mah saméméh balaka téh, hayang apal heula raratan kolot hidep. Mun enya téa mah geus taya dikieuna, atuh puguh-puguh kuburanana. Ngan da sidik kaayaanana kieu, ngadagoan naon deui. Jeung da ku pertimbangan mah, hidep geus lain budak deui. Goréng ongkoh lamun tuluy-tuluyan disidem ogé. Da sahenteuna bakal tuluy jadi bangbaluh.”
Manéhna ngarénghap jero. Ronghéap tanggah, nyérangkeun deui lombang katut jalma-jalma anu aya di sakurilingna. Lain teu hayang nempo ti kadeukeutan manéhna téh. Ngan teuing rarasaanana bet ku baluas temenan. Ukur wasa neuteup ti kajauhan. Teu wani ngadeukeutan-ngadeukeutan acan.
“Pa Lurah, ieu hiji deui. Urang angkat,” cék sora ti lebah lombang.
“Dikantun heula atuh,Yi,” cék Lurah ka manéhna.
Manéhna tibang unggeuk meueusan.
Koréjat Lurah nangtung lalaunan, laju indit ninggalkeun manéhna.
Waktu ningali tulang tangkorék téh diangkat hiji-hiji, manéhna nahan ambekan. Mimiti tulang suku heula nu katara téh. Néma kana tulang iga, tulang leungeun, tuluy bagian-bagian nu séjénna deui. Réa di antarana anu geus sararemplék. Bubuhan geus mangpuluh-puluh taun.
Nu araya di dinya tingareuleuh. Réa nu gogodeg bari cruk-crek.
“Deudeuh teuing, teu kacipta kumaha keur kajadianana. Meni disaliangkeun,” cék nu hiji.
“Abong heueuh,” cék hiji deui nu leuwih kolot.
“Kumaha kitu?”
“Heueuh, ngaranna gé jaman nagara teu aman. Nyawa téh lir nu euweuh hargaan.”
“Ning ieu mah bet kakara kapanggih ayeuna.”
“Da saenyana mah aya saksi nu apaleun. Ngan boroampar tatalépa, teu wani ucah-acéh. Sieun didor. Ari ayeuna mah kapan geus ganti pamaréntahna gé.”
Manéhna ngalieuk ka lebah datangna wangkongan. Meunang sakedapan mah ukur neteup seukeut, tuluy ngalieus. Beuki pagaliwota rarasaan na jero haténa. Nongtoréng deui caritaan ti bibina.
“Harita Mamah ukur wasa nyumput dina dapuran cau bari ngais hidep, waktu nempo indung bapa hidep, diséréd bari digebugan ku pohpor bedil. Padahal Ceu Rokayah jeung Kang Jaén mah teu kalibet nanaon. Béh dieu, kakara kanyahoan. Horéng nu jadi marga lantaranana, pédah Bapa Nata kungsi miluan pawéy di Kacamatan. Tuluy aya nu ngelakeun, disakompétdaunkeun jeung Lekra. Padahal harita, daékna pawéy gé bané wé kapaksa.”
Rahuh manéhna ngarahuh deui. Katara pasemonna alum.
***
Teu reureuh angin ngahiliwir, lulumpatan ti pucuk ka pucuk. Tingkérésék, tingrarekot, mangpirang-pirang kalakay maluguran. Di kulon, panon poé ngageubra tukangeun gunung.
Waktu patromak bur-bar caang, tangkorék téh kabéh geus diunggahkeun ti jero lombang. Ngan cék anu ti forensik, geus teu bisa diidentifikasi hiji-hijina. Salian ti réa bagian nu teu lengkep, ogé posisina pasoléngkrah. Da cénah sigana mah nguburna dihunyudkeun. Antukna Lurah nyokot putusan, rék dibawa harita kénéh. Rék dipulasara di lembur sakumaha mistina.
Sabot saréréa bébérés, kasampak Lurah geus nangtung gigireun manéhna.
“Ulah janten pegat silaturahmi, sing sering waé ngalongokan lembur,” omong Lurah, laun.
Manéhna ngalieuk. Lurah gé milu neuteup, tuluy ngarénghap panjang.
“Bapa mah darma katalian ku pancén. Rék kuminis rék lain Bapa teu apal, jeung teu hayang apal. Éta mah urusan sajarah. Tapi teu sakuduna ngorbankeun pirang-pirang nyawa jeung harkat darajat manusa.”
Eureun heula sakeudeung.
“Muga-muga wé ulah kajadian deui jiga kieu. Cukup nepi ka Kiaragantung.”
Luk manéhna tungkul, teu ngawalon nanaon. Da mimiti karasa aya nu nyelek dina tikorona.
“Hayu…” cék Lurah deui bari ngaléng manéhna.
Layung mimiti ngempur mayung di awang-awang. Di langit cangra nu beureum kahibaran, katara célak-célak manuk hiber ngabubuhan. Bareng jeung kalakay nu maluguran, sakeclak-sakeclak cimatana murag.
09-06-2006.








om, abdi teh pgn nyari contoh surat resmi bukan cerpen. kepriben kiye..