Kategori: Gelenyu | Diterbitkan pada: 02-11-2007 |
Ku DHIPA GALUH PURBA
Pait peuheurna jadi pangarang, ku Si Among mah geus kaalaman. Ti mimiti dicarékan ku Kadus Ukar (alatan mindeng teuing ngritik kawijakanana), dibaeudan ku Bah Dinta (pédah ngaranana remen dijieun tokoh carita), nepi ka diudag-udag ku kabogoh Néng Lina, basa nyieun karangan anu judulna ‘Semalam Di Kamar Néng Lina’. Geus karuhan ari urusan jeung tukang warung mah, lain sakali dua kali. Kungsi sakali mangsa diriungkeun ku Mang RT, alatan nganjukan baé udud jeung kopi. Ari palebah mayarna, kudu ngadagoan heula karanganana dimuat dina koran atawa majalah. Mangkaning dimuatna
Cita-citana hayang jadi pangarang, geus ti jaman harga béas salapan ratus. Diajarna ogé kaasup otodidak. Kungsi mati geni di para seuneu, tapa di luhur caringin, saré di Makam Cilanglung, meuting di Ciramping, jeung ngadeuheusan tempat-tempat karamat. Beungeutna nepi ka barengep ogé, apan bati néangan inspirasi, basa manéhna mujasmedi dina dahan kiara, handapeun pisan sayang nyiruan. Satuluyna mah Si Among remen ngayakeun observasi ka tepis wiring. Ngadon leuleumpangan
Satengah taun katukang, Si Among nékad pikeun ninggalkeun bali geusan ngajadina, lembur Cigorowék. Manéhna ngumbara ka
Dina hiji poé, basa Si Among keur ngahuleng hareupeun tukang bajigur, Manéhna patepung jeung Néng Susi. Puguh baé panonna mani molotot mata simeuteun, ningali rupa Néng Susi anu geulis kawanti-wanti, endah kabina-bina, mapaésan tangtunganna anu jangkung lenjang, pakulitan bodas beresih, taya cawadeunana. Dasar Si Among (anu salawasna sok ditampikan baé ku awéwé), ningali Néng Susi téh langsung baé katarik ati, kapentang
Teuing kumaha prosésna. Sakali ieu mah, Si Among meunang kabagjaan dina urusan cinta. Néng Susi teu nampik, basa Si Among ngedalkeun kereteg haténa anu nyangkaruk dina
Mémang ari gosip mah éta ogé aya. Nurutkeun tukang cingcaw anu biasa mangkal di Babakan Ciamis; basa rék ngedalkeun cintana ka Néng Susi, Si Among téh nyelang heula balik ka Cigorowék. Rék ménta bantuan jangjawokan ka Bah Dinta cenah mah. Tapi teuing bener, teuing henteu. Kilang kitu, Jang Riswa, anu geus aya kana dua taunna miharep Néng Susi, ngahaja ngadegkeun TPDSA (Tim Penyelidik Dukun Si Among). Awahing ku timburuan sigana téh.
Hanjakal pisan. Sanggeus Si Among hahadéan jeung Néng Susi, Manéhna jadi teu bisaeun ngarang. Sanajan geus nyieun sababaraha rupa tarékah ogé, tetep bae taya inspirasi atawa ideu carita keur karangan. Mémang sabada dititenan téh, karangan anu saméméhna geus dijieun, ukur nyaritakeun kapeurih tina perkara ditampik sapajodogan ku awéwé. Tangtu bae, ari geus boga bébéné mah, asa pamohalan rék nyaritakeun katunggaraan
Teu bisa ngarang deui, pikeun Si Among mah kana tangtu ngadatangkeun hiji mamala anu lain lumayan. Pangpangna mah moal boga honor keur waragad sapopoé. Anu ngalantarankeun Si Among jadi mindeng huleng jentul
Ranggon Panyileukan, 2002
Dimuat di Rubrik Heureuy Bandung HU. Galamedia, Taun 2002








heuheuy……! Geuning eta pangalaman Among teh rek sarupa jeung pangalaman Akang baheula. Keur jaman Akang ngamimitian pedekate ka wanoja urang Simpar…..apanan masih keneh dulurna Neng Lina, Neng Euis Emma tea geuning…..putrina Bapa Gamiarta.Tah……, harita teh supaya Akang meunang perhatian ti Neng Euis,akang sok rajeun nulis puisi sakapeung carita pondok keur manehna, mani produktip pisan harita mah. Ih….na atuh ari ayeuna sanggeus Akang hasil meunangkeun manehna, Akang jadi kedul jeung kodol teu bisa tulas-tulis deui. Teu tulus weh hayang jadi pangarang moyan teh. Untungna Akang bisa jadi pagawe pabrik. Yu…ah, sing sukses keur Dhipa Galuh….!!!!
Waaah…
Paingan atuh ari aya sasakala ti luhurna mah. Ari abdi mah ngahaja da henteu dihasilkeun, supados teras jadi pangarang. Apan pami laksana mah caritana bakal tamat dugi ka dinya. Eta teh tos dikedalkeun ku Kiai Ahmad Gibson Al-Bustomi dina taun 2001, anu nyebatkeun yen upami abdi laksana, mangka caritana bakal tamat dugi ka dinya, moal ngalalakon apruk-aprukan kamana-mendi. Tapi ari nu utamina mah: sanes jodona.
Hatur nuhun kana pidu’ana.
DHIPA GALUH PURBA
pajarkeun teh, jang dhipa ari pangarang mah sadayana oge mata bongsang atanapi rayungan, naha leres eta teh jang ? atanapi leres kitu, ah heureuy we jang anu pastina mah jang dhipa mah teu tebih ti kitu.
his… saur saha eta teh??? leres asana mah siga kitu, utamina Agus Bebeng sareng Miftahul Malik. Ari abdi mah tara kacandak ku sakaba-kaba. malah sakaba-kaba nu kacandak ku abdi…
DHIPA GALUH PURBA