Kategori: Seni Budaya | Diterbitkan pada: 03-10-2007 |

Ku DIDI WIARDI

 

CIKONDANG téh aya di suku Gunung Tilu, pakidulan kabupatén Bandung.  Pagigir-gigir jeung Lamajang. Moal bireuk deui kawasna téh, nu aya PLTA téa. Patalimarga ka Cikondang kaitung babari.  Mun ti Bandung mah, antara Banjaran jeung Pangaléngan, méngkol béh kiduleun Cikalong, lebah Cibiana.  Di dinya aya  ojég. Jalan méngkol ka katuhu, mudun nurugtug nepi ka sasak. Tuluy jalan téh mites bari jeung nanjak netek pisan.  Jog baé kana mumuntukna. Di dinya  pisan Cikondang téh.  Hiji lembur anu tanahna subur, cai cur-cor diriung ku sababara wahangan; Cisangiang, Cisadawindu, Cimalawindu, Cilamajang, sarta Cilaki.

Aya naon atuh di Cikondang téh?  Sakumaha anu kasaksian, geus jadi kabiasaan masarakat Cikondang, unggal taun anyar, nyaéta bulan Sura atawa Muharam, sok ngayakeun hajat désa, ngaranna Wuku Taun, atawa aya ogé nu nyebut Séléh Taun Mapag Taun. Malah di masarakat umum mah cukup ku nyebut musiman baé. Pédah éta meureun geus biasa téa, mun nepi usumna (musimna) sok ngayakeun hajat salametan.

Maksud Wuku Taun diayakeun ku sakumna masarakat Cikondang téh, taya lian hajatan dina raraga ngécagkeun taun anu geus kaliwat, sarta mapag taun anyar nu bakal kasorang.  Pikeun urang Sunda anu sadar kana pancén hirup kumelip di alam dunya, tangtu baé pindahna mangsa téh kudu bari ditapakuran.  Pangpangna mah ganuhunkeun ka Nu Agung, wiréh geus ngaliwatan pirang-pirang waktu sataun katukang, sarta munajat supaya taun nu bakal datang dibéré kasalametan.  Salian ti éta ogé nganuhunkeun ka para karuhun, anu geus ngawariskeun mangeupa conto hirup ka pangeusi alam.

Acara Wuku Taun, tempatna museur di imah sesepuh Cikondang, Aki Émén (85). Embungeun disebut kuncén Aki Émén mah. Sesepuh baé cenah mah.  Ari padumukan Aki Émén mangrupa salah sahiji bagian tanah adat, anu legana leuwih ti tilu héktar.  Wangunan imahna modél Sunda buhun, dijieun tina kai jeung bilik awi.  Hateupna tina talahab (beulahan awi nu dipasang bulak-balik patumpang-tumpang) jeung injuk.  Demi nyanghareupna ngalér.  Di Cikondang mah sarupaning wawangunan téh mémang ngan dimeunangkeun nyanghareup ngalér.  Ieu imah ditempatan husus ku Aki Émén minangka sesepuh nu ngurus pajaratan karamat Sembah Dalem Cikondang nu aya tonggoheunana. “Keur méré conto hirup sauyunan karuhun mah, nyieun aturan kitu sotéh,” kitu ceuk Bapa Ilin Dasyah, sesepuh Cikondang séjénna.  Kilang kitu, ari ayeuna mah aya baé nu ngarempak éta aturan. 

Najan imah modél buhun, tapi kaayaanna resik pisan.  Sakurilingna dipager awi meunang nganyam, sarta dipelakan pacing, widara, pecah beling.  Panto pager paranti asup ka dinya, beulah kalér jeung kulon.  Di buruanana dipelakan mangrupa kekembangan, saperti kembang keretas, ros, siok, ki beusi, jsb.  Aya ogé tangkal bungbuahan kawas alpuket, matoa, peuteuy, jambu, nangka, kawéni, kalapa, cau, jeung sajabana.  Balong jeung pancuran aya di beulah kulon.  Kuloneunna deui, aya saung lisung.  Kiduleunna mah leuweung baé, pinuh ku kakayon anu gedé jeung leutik, disebutna tanah atawa leuweung Awisan.  Demi di jero leuweung, aya dua saung makam karamat, ditetenggeran ku batu-batu jarangkung.  Di sabudeureunana aya tangkal buah (manggah), jati, teureup, kadu, gadog, limus, peuteuy, haur, kuntiara, salak, jeung sajabana.

Tina sakitu legana tanah adat ieu satengah héktar di antarana dipaké sawah, saparapat héktar pikeun palawija, sarta balong lauk lima tumbak. Rupa-rupa tatangkalan nu aya di leuweung Awisan. Diantarana aya pisitan, kawung, kaliandra, gadog, kalapa ciung, kanyéré, manglid, ki honjé, pisitan monyét, ki surén, hamérang, hanggasa, geureung, wawalangan, jaringao, kamunding, kiara, jajaway, kadu, campaka, jangkurang, waregu, ki menyan, haur, merapi, peuteuy, ki kacapi, lamé, awi, ki careuh, kaliagé, jambé, kuray, bintinu, nangsi, ki keuyeup, tisuk, puspa, ki tamaga, kalayar, kawao, waru, huni, ki paré, ki bacéta, selang, paku, jeung sajabana. Atuh ku rempegna kakayon téh, mutuh  matak tiis jeung iuh kaayaanana. Malah bisa disebutkeun méh poék baé.  Manuk-manuk loba anu caricing di dinya. Aya heulang ruyuk, manintin, uncuing, anis munding, anis bingbin, sarieup, canitnit, manuk beusi, tikukur, puyuh, dadali, caladi, jeung sajabana.  Dina tangkal gedé nyarayang odéng  tiwuan.

Wuku Taun diayakeun unggal taun ku urang Cikondang, lantaran aya amanat ti nu jadi karuhun. Ari anu diseja berkah salamet dina ngalakonan kahirupan.  Teuing saha ngaranna mah nu dipendem di karamat Cikondang téh.  Ukur disarebut Sembah Dalem Cikondang atawa Uyut Cikondang baé.  Nurutkeun urang Cikondang mah, tingali baé ayana tangkal jati nu ti baheula mula ngan hiji-hijina di buruan jajalaneun ka pajaratan.  Éta téh cicirén yén anjeunna turunan ti Sunan Gunung Jati (Cirebon), anu mawa agama Islam ka eta patempatan.  Wallohu alam.  Pikeun urang Cikondang, mémang alam sakabéh –kaasup tatangkalan— mangrupa perkara anu kudu dibaca, suluk siloka anu nyumput buni di nu caang bacaeun urang.

Ari anu jadi juru kuncén (kunci; sesepuh) di karamat Cikondang, nurutkeun katerangan mah nyaéta mimitina Mama Empuh (Sepuh), Mama Akung, Anom Idil, Anom Rukman, Emit Sumitra, Maman, Anom Rumya, sarta ayeuna Aki Émén.  Aki Émén sorangan, sabenerna ukur nyelangan. Lantaran anu leuwih hak can aya nu mampuh ngemban pancén.  Ku kituna, ayeuna Aki Émén keur ngabina Dédéng (minangka nu boga hak) ku sagala pangaweruh. Ditataharkeun keur ngaganti anjeunna nu sakitu geus kolotna.  Pang kitu, sabab jadi kuncén henteu sagawayah. Aya aturan nu tangtu. Henteu sagawayah jeung henteu sakabéh jalma bisa ngalakonanana.  Nurutkeun Bapa Dasyah, anu jadi juru kuncén kedah aya wibawa sareng komara.  Ku kituna aya sarat nu tangtu pikeun ngahontal hal éta. Diantarana kudu nu geus nyepeng koncina. Anu boga hak katitipan, aya restu ti umum, aya widi ti karamat, kalayan rido Alloh SWT.  Puguh baé sasarina ogé lain jalma sagawayah. Juru kuncén oge kudu jadi imam dina rumah tangga, imam dina ketua adat, imam dina agama Islam, sarta ngawula ka pamarentah.

Wuku Taun diayakeun ti mimiti tanggal 1 Sura/Muharam nepi ka puncak salametan, nu disebut rasulan, tanggal 15 Sura. Taun ieu mah ninggang dina poé Kemis tanggal 20 Maret 2003.  Ti mimiti poé kahiji, masarakat Cikondang nyiapkeun sagala rupana.  Masarakat babantu sakamampuhna di bumi Aki.  Aya nu masak, aya nu ngala suluh atawa daun cau.  Béas nu dipaké masak dina ieu acara, nyaéta tina hasil sawah tanah adat baé. Hasil sawah téh digadangkeun, keur kaperluan-kaperluan adat modél kitu.  Dina poéan tanggal 15 diayakeun rasulan.  Tumpeng didu’aan heula ku Aki, saméméh didalahar sarta dibagikeun ka unggal imah.

Dina Wuku Taun ayeuna, diluuhan ku bupati Kabupaten Bandung, Bapa H. Obar Sobarna. Di rohangan nu aya di dinya, aya hawu dipaké nyangu. Bupati katingali sabar tur daria ngabandungan sagala rupa acara anu geus jadi katangtuan adat. Najan haseup tina hawu rada peurih kana panon. Beurang éta kénéh, sababaraha urang sesepuh ngayakeun jarah ka leuweung Awisan pikeun ngadu’a ka Gusti Nu Maha Agung, sarta para karuhun.

Dina puncak acara diayakeun sababaraha hiburan. Diantarana aya maca wawacan Ogin, tarawangsa, kaulinan urang lembur, penca, jeung sajabana.  Nandakeun yén Cikondang Lamajang téh ngabogaan sababaraha rupa kamonésan nu pantes dikahareupkeun.  Dina wisata alam, Désa Lamajang boga sababaraha tempat nu bisa dikokolakeun kalayan propésional, nyaéta PLTA Lamajang anu di dinya aya Batu Éon (batu teuas anu teu beunang dibengkahkeun najan didinamit ogé), Curug Cimalawindu, Curug Cisadawindu, Batu Korsi, Curug Ciruntah, Cadas Gantung, Karamat Cikondang, jeung Karamat Lamajang nu beunghar ku kakayon.

Nilik poténsi wisata alam jeung budaya anu sakitu rempegna, dina pangwuwuh saur acara Wuku Taun, Bupati Bandung H. Obar Sobarna nétélakeun yén Désa Lamajang dianggap nyumponan sarat keur dirancang jadi désa wisata.  Ku kituna Bupati umajak ka sakumna masarakat supaya milu ngarojong kana éta program.  Bupati nandeskeun, Kawajiban sakabéh warga Kabupatén Bandung, supaya leuwih ngaronjatkeun deui budaya sorangan. Bupati ogé miharep sangkan widang pariwisata bisa jadi primadona tina PAD (Pendapatan Asli Daerah) Kabupatén Bandung.  Ceuk Bupati, tina 72 tempat téh, henteu sakabéhna bisa dikokolakeun kalayan sampurna. Sabab kasengker ku anggaran.  Ku kituna ngan aya sababaraha tempat baé anu jadi titik fokusna.

Dina hal ngokolakeun tempat wisata, pamaréntah ngaliwatan Disbudpar nyekel visi Kabupaten Bandung, nyaéta ngawujudna masarakat Kabupatén Bandung anu répéh rapih kerta raharja ngaliwatan pangwangunan partisipatif anu dumasar kana réligius, kultural, sarta wawasan lingkungan. Nurutkeun H. Asép Komar R ti Disbudpar Kabupaten Bandung, cara miara alam modél di Lamajang bisa dipaké conto ku balaréa.  Leuweung di dieu henteu diruksak, lantaran karuhunna geus méré rupa-rupa aturan ngaliwatan kecap pamali.  Hal ieu ngadukung kana program Sapta Pesona.  Alam téh aman ku ayana adat jeung budaya. ***

 

 

Wuku Taun

GEUS aya kana sataun camplengna, hayang nyaksian sacara langsung acara Wuku Taun téh.  Ari anu jadi bahan kapanasaran mimiti mah lain éta, da teu nyaho-nyaho acan kana ayana hajat Wuku Taun téh. Ngan ceuk béja baé, cenah mah dina hajat nu geus mayeng diayakeun unggal taun, ti bumi sesepuh sok dibagi berekat ka unggal imah.  Ukur sakitu. Panasaranana pisan, hayang apal di kieuna kasenian nu ngaran koromong.  Naha aya kénéh atawa euweuh.  Pangpangna mah kataji téh sanggeus maca desertasi doktoralna Ernst L. Heins ti Universiteit Amsterdam, Belanda, nu judulna Goong Rénténg (1977).  Anjeunna nalungtik perkara goong rénténg Embah Bandong nu di Lebakwangi (kiwari mah kaasup kacamatan Arjasari). Di dinya disebutkeun saliwat yén di Lamajang aya gamelan cara goong rénténg nu dingaranan koromong.

Koromong jeung goong rénténg téh hiji gamelan Sunda, anu ceuk pamikir nu nulis mah mangrupa gamelan anu geus heubeul pisan (kuna) aya di lemah Sunda, leuwih heubeul batan gamelan saléndro pélog nu ayeuna sumebar sacara umum.  Gamelan saléndro pélog mah mimiti ayana abad ka-17, sanggeus dikirim ku Sultan Agung ka para bupati nu aya di tatar  Sunda.  Ku kituna, dina gamelan koromong jeung goong rénténg pasti loba hal-hal kuna anu munel pisan mun ditalungtik.  Malah tina nalungtik gamelan kuna, urang bisa manggihan pangaweruh, palasipah Sunda jaman béh ditu, anu engkéna bisa jadi pieunteungeun keur lumampah mangsa kahareup.

Sanggeus ditatanyakeun, kiwari mah geuningan ieu koromong Cikondang téh masih kénéh aya di kieuna. Hanjakal pisan kaayaanana geus teu meunang ditingali deui, lantaran dipupusti pisan ku nu ngarawatanana.  Tong boro nu nulis (minangka urang piluaran), dalah urang dinyana sorangan ogé, anu padahal mah sarua masih boga hak, sarua saturunan kulawarga luluhur nu boga éta koromong, teu bisa pisan ningali.  “Da abdi ogé tos sono pisan ieu teh, hoyong nabeuh deui, hoyong nguping deui soanten koromong cara kapungkur,” kitu ceuk salah sahiji masarakat. “Padahal mah kacida saéna upami ayeuna dina Wuku Taun ditabeuh téh,” aya deui nu ngéngklokan.  Jeung dina enyana deuih, sakumaha nu dicaritakeun ku Aki Émén), Koromong mah ditabeuhna paranti Séléh Taun.

Kiwari koromong téh dirawatan ku Pa Iding di Cikondang.  Cenah mah aya, disimpen dina kotak kayu nu aslina.  Pa Iding ngarawatan koromong lantaran neruskeun waris ti nu jadi bapana, nyaéta Aki Suwa’ip.  Tah tisaprak Aki Suwa’ip pupus tur dicepeng ku Pa Iding pisan, ieu koromong teu meunang ditabeuh, teu meunang ditingali, dipupusti kalayan tarapti tur apik (pisan) téh, nyaéta kurang leuwih taun 1970-an (malah aya nu nyebutkeun taun 1960-an).   Nepi ka ayeuna can ditabeuh deui.  Sanajan diolo kumaha baé oge, Pa Iding teu ngidinan éta koromong ditabeuh.  Tong boro ditabeuh, ditingali ogé teu bisa.  Carita-carita nu aya patula-patalina jeung ieu koromong, kiwari mah saheulaanan –méméh nu mupustina léah manah ngidinan pikeun dimangpaatkeun deui keur kapentingan balaréa– ngan ngandelkeun tina caritaan-caritaan urang Cikondang nu nyaho tur kungsi ngajamanan baé.

Ceuk nu nyararita, koromong diwangun ku sajajar koromong (kolénang; bonang), panerus (modél saron), goong dua, jeung kecrék dua siga tutup gelas (siga anu dina gamelan monggang Jawa atawa gamelan Bali meureun maksudna mah), kendang jeung kulantér hiji, sarta cenah maké ketuk.  Tapi naon maksud ketuk di dieu kudu ditingali wujudna, lantaran bisi béda maksudna.  Bisi nu dimaksud ketuk ku anjeunna mah sora nu handap (gedé) tina koromong minangka kenongna, modél ku nu méré katerangan hal ieu, atawa mémang bener-bener waditra ketuk cara na gamelan biasa.  Kakanco atawa ancak-ancakna (tempat nyimpen wilahan atawa penclon)  masih kénéh asli henteu diganti ku nu anyar.  Tata waditra kieu sarimbag pisan jeung goong rénténg siga nu aya di Lebakwangi atawa di tempat séjénna modél di Sukamulya (Kuningan), Ciwaru (Sumedang) jeung nu lianna.

Ari lagu-lagu koromong cenah mah ngan aya salapan lagu.  Nu méré katerangan, Pa Ilin Dasyah (68) jeung Pa Undang (48), geus méh pohoeun deui kana ngaran-ngaran laguna, ngan di antarana baé aya lagu Angin-anginan, Manuk Leuweung, jeung Dengkleung.  Lalaguanana henteu meunang maké sora jelema, tapi ku sora tatabeuhan baé (instruméntal).  Ditabeuh dina acara Wuku Taun Mapag Taun, lahiriahna mah paranti mapag gegedén (tamu, ogé dipake dina nyunatan), tapi hususna mah pikeun ngahormat para arwah karuhun.  Ditabeuhna oge dina anjungan, nyaéta wangunan luhur mangrupa papanggungan ngarah kadangu ka mana-mana.

Koromong Cikondang, teuing geus sabaraha taun umurna. Bisa jadi sajaman jeung goong rénténg Embah Bandong nu aya di Lebakwangi, nu kira-kira geus ratusan taun umurna.  Sanajan can ditalungtik kalawan apik, boh goong rénténg boh koromong sigana geus aya ti jaman karajaan Sunda kénéh, saméméh Parahyangan kabawah ku Mataram.  Ernst L. Heins mah nyebutkeun yén sakumna rupa gamelan nu aya di tanah Sunda ayana téh sanggeus Mataram ngirimkeun gamelan ka para bupati Sunda, jaman Sultan Agung (abad ka-17).  Sinyalemén (alesan, arguméntasi) Ernst L. Heins éta ceuk nu nulis mah can bisa dipaké kapastian, sabab sigana aya kénéh sinyalemén séjénna nu bisa dijieun pilihan (alternatif). Dina néangan alesan jawaban nu leuwih munel tur tandes, loba kénéh lolongkrang pikeun nalungtik nu leuwih apik. Henteu ngan saukur dumasar kana data kasajarahan nu basajan kitu baé, tapi ogé bisa ditingal tina sababaraha panitén, kaasup tina jihad kamasarakatan jeung panitén masarakatna sorangan.

Ieu dua rupa gamelan, koromong jeung goong rénténg, ti baheula tug nepi ka kiwari sok disebut oge gamélan kabuyutan, hartina gamelan ieu téh gamelan kuna pisan.  Pikeun masarakat kuna (anu lebah dieu bisa diterapkeun ka masarakat adat atawa ka sakumna anu karukuh kana tetekon karuhunna) nerapkeun istilah kabuyutan pikeun gamelan bisa nandakeun kumaha hormatna ka éta barang titinggal karuhun ku lantaran kakolotan umurna, kakaramatana, jeung dumasar kana kakolotan bongkot karuhun nu boga éta gamelan.

Nilik kana data heubeul perkara tatabeuhan Sunda, dina naskah kuna, modél Séwaka Darma, geus kasebut rupa-rupa tatabeuhan.  Kitu deui dina jaman Sunda Pajajaran, sakumaha anu kacatet na naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian (1518) apan aya ngaranna pikeun ahli widang tatabeuhan (gamelan), nyaéta paraguna atawa manguyu.  Matak kitu ogé meureun geus aya di kieuna tatabeuhan modél gamelan téh.  Atuh di Kanékés (Baduy) aya caning, nyaéta istilah nu ditujukeun kana tatabeuhan gamelan.  Caning di Kanékés dipaké ngan di sabagian Kanékés baé.  Henteu sakabéh wilayah Kanékés (Kajeroan jeung Kaluaran) meunang aya tatabeuhan caning.  Ngan di sabagian wilayah Kaluaran baé, di Kajeroan mah teu meunang pisan.  Di kaluaran aya aturan nu tangtu mana lembur nu meunang mana nu henteu meunang, nyaéta ngan wates lembur Cipalér ka dieu baé (bangsaning lembur Cicakal, Gajéboh, Maréngo, Balingbing, Kaduketug, jsté.).  Ti Cipalér ka ditu mah teu meunang (bangsaning lembur Ciranji, Cikadu, Batubeulah, jsté.).  Kitu deui ayana béja (dina Sajarah Banten) ngeunaan ayana gamelan-gamelan nalika jaman kasultanan Banten atawa kasultanan Cirebon pisan nu aya kénéh kiwari, ogé apan bisa dipaké bukti ayana gamelan di urang ti jaman nu geus heubeul.  Malah di karaton Kasepuhan (Cirebon) aya gamelan degung ti jaman Banten mimiti (ti bupati Kawunganten).

Ku kituna piraku teuing di tanah Sunda kakara aya gamelan sanggeusna abad ka-17 mah, ari dina carita kuna méméh abad éta geus kasabit, sarta di lembur-lembur Kanékés anu ti baheula sakitu kukuhna kana papagon karuhun geuning bet aya tatabeuhan gamelan (caning), iwal ti ku lantaran mémang sarua geus heubeulna aya di tanah Sunda, lain di tanah Jawa wungkul.

Balik deui kana koromong Cikondang.  Saheulaanan, nepi ka kiwari mah carita panganyarna ngeunaan kaayaan koromong Cikondang sakitu heula.  Da mémang kakara sakitu béjana.  Sugan ka hareup mah bisa deui ditabeuh tur direungeukeun ka anak incu urang, ngarah wanoh kana seni titinggal karuhunna.  Sugan baé pamaréntah Kabupatén Bandung, ngaliwatan Deparsenibud kabupatén bisa mantuan mekarkeun ieu kaayaan sangkan bisa diguar pikeun nambahan élmu pangaweruh seni Sunda.  Komo dina rarancangna, Cikondang rék dijadikeun lembur wisata, tangtu baé ieu gamelan kacida pereluna keur nambah daya tarik.

Pikeun lembur Cikondang, ayana ieu koromong bisa jadi cicirén (idéntitas) lembur anu mandiri, euweuh di lembur séjén (utamana di sabudeureunana).  Ku kituna écés pisan, hadéna mah koromong téh ulah dimusieumkeun.  Mun dimusieumkeun sarua jeung sina dicicingkeun. Aya tapi paéh. Naon bédana jeung kaayaan ayeuna.  Mun rék dimusieumkeun mah, mending siga ayeuna,  dipupusti kalayan apik supaya teu leungit.  Ari sipat seni gamelan atawa seni pertunjukan mah hirup.  Gamelan mah bisa nyarita, nyaéta lamun jeung ditabeuhna, diguar lalaguananana, dimangpaatkeun pikeun kapentingan balaréa, hiburan, panalungtikan sajarah, sosiologi, antropologi, kamasarakatan, jeung sajabana.  Ku kituna hadé pisan mun koromong Cikondang bisa dihirupkeun deui.  Ngan tangtuna ogé kudu apik narabeuhna.  Lantaran éta mah barang kuna.  Mun ruksak (komo) leungit, kudu ka mana meulina, henteu bisa digantian.  Ajén-inajén, umur, jeung sajarahna nu mahal téh.

*

Tarawangsa

Di sagigireun koromong, Désa Lamajang ngabogaan peperenian kasenian karuhun lianna, nyaéta tarawangsa.  Ieu kasenian diwangun ku dua rupa waditra, nyaéta tarawangsa, sok disebut ogé rebab jangkung, jeung waditra jentréng (kacapi). Ieu asenian dipakéna dina mangsa ampih paré, tas panén.  Henteu sakabéh warga sok maké, ngan anu geus biasa ti baheulana tur sawahna lega.  Kiwari mah geus carang nu maké, tapi henteu ari tumpur pisan mah.

Hanjakal ieu kasenian kurang dimekarkeun.  Barudak ngora can aya nu kataji ngulikna.  Nu aya kénéh téh geus karolot pisan, modél Aki Karsa (95 taun) ti kampung Cikajang jeung Aki Ido (92 taun) ti Lamajang.  Nurutkeun aranjeunna, lagu tarawangsa ngan aya 7 lagu, nyaéta Balé Bandung (Pamapag), Tabeuh Dua, Panyaréséhan, Jemplang, Jemplang Baris, Mupu Kembang, jeung Pangjajap.

Nilik kaayaan kasenian buhun di Lamajang, paling henteu aya dua kasenian nu kudu buru-buru diguar tur ditalungtik téh, nyaéta koromong jeung tarawangsa.  Mun koromong masih lila kénéh kana kabukana, lantaran kaayanana siga kitu. Atuh sigana tarawangsa mah bisa diheulakeun pikeun ditalungtik, diangkat kana pasamoan anu leuwih jembar, diguar sajarahna, kagunaanana, lalaguanana sarta cara nabeuhna.  Tarawangsa di pakidulan Bandung anu kiwari geus méh teu kadéngé béja caritana téh, geuningan aya kénéh.  Bisa jadi di pilemburan wewengkon ieu, aya deui ahli tarawangsa séjénna, sulap selap teu kapaliré ku urang.  Lebah dieu rojongan ti pamaréntah Kabupatén Bandung dipiharep, sangkan ieu kasenian has téh bisa nanjeur komaraan.  Di sagigireun ngaguar sarta ngondang para kasepuhan, ogé kudu ngusahakeun ngipuk para kader-kaderna, sangkan bisa kapiara salawasna.***

 

Dimuat dina Majalah Seni Budaya No. 139, Méi 2003