Kontrak

Ku DHIPA GALUH PURBA

ÉCÉSNA mah moal nguruskeun deui perkara kontrakan Darma téh. Kuliahna mémang geus réngsé, kari nganti mangsana diwisuda. Rupaning pakakas di kamar kontrakanana, geus ditaékeun kana mobil kolbak. Puguh baé sawatara sobatna rada hémeng, ngabandungan Darma nu rék pindah dadak-dadakan, taya iber ti anggalna, bari jeung bangun anu rurusuhan.

“Enyaan kamu téh rék pindah ka lembur?” Isép tumanya, bangun anu cangcaya. Ari Dadang mah ukur nulak cangkéng tukangeun Isép.

“His, apan sayah mah ti baheula ogé ukur rék kuliah wungkul di Bandung téh. Nya, ari geus lulus mah mending back to lembur…” témbal Darma bari ngagésér-gésér méja paranti diajar. Isép hideng nyampeurkeun, bari gap kana tungtung méja. “Sok urang gotong ku duaan,” pokna.

Ada yang bisa saya banting? Aéh… ada yang bisa saya bantu, juragan?” Dadang tumanya, bari ngaléngkah ka lebah nu keur tipoporosé ngagotong méja.

“Énté mah pangmanggulkeun kasur wé, bebel!”

“Ké, ké, ari kasur sakintal jeung batu sakintal, beurat mana nya?”

“Loba pisan tatanya si éta mah!” Isép rada nyureng. Geus kitu mah, Dadang ogé teu loba cumarita deui. Harita kénéh ngagulungkeun kasur busa.

“Kamu rék ngolah sawah?” najan bari ngagotong méja, Isép masih kénéh bisa nyelang nanya.

“His, lain, kéhéd! Sayah mah rék jadi big boss…” témbalna ditungtungan ku tingcakakak. Mémang sabenerna mah Isép ogé geus apal pisan kasangtukang kulawarga Darma di Ciamis. Bapana kakoncara minangka salahsahiji pangusaha nu suksés ngokolakeun industri minyak kalapa, tapas kalapa, jeung areng batok kalapa. Najan kasebutna industri leuleutikan, tapi kapasitas produksina kaitung lumayan. Minyak kalapa bisa nepi ka 7.000 Kg saban bulan, tapas Kalapa 40.696 Kg saban bulan, jeung areng batok kalapa 4.080 Kg saban bulan. Puguh baé batina ogé kaitung mucekil. Béjana mah omsétna téh nepi ka 100 juta leuwih saban bulanna.

“Kumaha ari Si Nina?” Isép geus tumanya deui, bari ngécagkeun lomari di buruan asrama.

“Meunggeus gandéng! Mending kénéh nguruskeun bekel keur masa depan heula ayeuna mah!”

“Har…”

“Cik, pangmawakeun monitor sakalian euy! Sayah teu kuat, leuleus,”

“Enya, atuda loba teuing…” Isép teu kebat nyaritan, kaburu dipolototan ku Darma.

Teu sakara-kara, ari dibantuan ku sobatna mah, sakur barang ti kamar Darma geus taya nu nyésa. Mobil kolbak ngabiur ninggalkeun buruan asrama. Darma mah henteu milu kana kolbak, da rék nepungan heula Haji Munir, nu kagungan Asrama Amanah. Iwal ti mulangkeun konci kamar, sakalian bari amitan tur nganuhunkeun. Pangpangna mah ti mimiti ngalalanyahan kuliah tug nepi ka réngsé, Darma henteu kungsi pindah kontrakan. Betah cenah. Haji Munir tara réwél, katambah Asrama Amanah téh perenahna teu pati anggang ti lawang kampus.

Wanci rumangsang geus méh miang, disérédkeun ku wanci pecat sawed. Ngong sora adan atra naker. Isép jeung Dadang tingraringeuh. Tapi teu lila ogé, langsung tingséréngéh. Nu adan téh lain tina sapéker masjid, tapi éta mah ring tone handphone bogana Darma. Gap Darma ngarampa pésakna. Handphone dikodok. Tuluy diilikan layarna. Sakedapan mah kalah diteuteup, semu nu wegah ngajawab, tug nepi ka nu adan geus lekasan. Teu lila, ngong deui baé nu adan téh kadéngé deui.

“Angkat atuh telepon téh!”

“Enya, bener. Urang sok hayang solat, ari ngadéngé adan téh”

“Tuh, hartina ring tone HP nu sayah mah bisa ngaréalisasikeun amar ma’ruf nahi munkar!” témbal Darma bari angger semu nu bimbang.

“Heueuh, tapi asa can kungsi ngadéngé ari adan solat duha mah…”

Darma teu ngawaro. Antukna handphone disongokeun kana cepilna.

“Halow, assalammu’alaikum! Ada apa, Nin?” ceuk Darma.

Wa’alaikum salam. A, diantosan di Fakultas, ayeuna, ” sora Nina kadéngé dina handphone Darma.

“Di kantin Dakwah baé!” Darma rada teugeug.

“Sumuhun, mangga. Diantosan pisan nya,”

Iya. Tunggu aja! Sudah ya. Assalammu’alaikum…”

Darma teu méré kasempetan ka Nina pikeun ngajawab salam, da handphone-na kaburu ditutup.

“Sayah ka kampus heula euy…” kitu pokna Darma, bari ngaléngkah ninggalkeun buruan Asrama Amanah.

Titi Dé Jé…!” Dadang nyelengkeung.

“Norak siah!” témbal Darma, teu ngalieuk deui.

*

ANJOG ka lawang kampus IAIN Sunan Gunung Djati, Darma noyog kalayan teu maliré kaayaan di sabudeureunana. Padahal di hareupeun gedong Al-Jami’ah aya sawatara mahasiswa anu keur démontrasi. Duka démontrasi perkara naon, nu écés mah Darma geus moal ngarasa hémeng ku kajadian sarupa kitu di kampusna.

Basa ngaliwat ka hareupeun aula, sabéngbatan katénjo kasibukan panata calagara seminar. Duka rék seminar nanahaon. Di lebah dinya, mani ngaliud jalma téh. Darma apal, anu ngaliud téh lain rék milu seminar, tapi calon mahasiswa anyar nu keur nguruskeun unak-anik daptar kuliah. Sasarina mah Darma sok pirajeunan nengetan calon mahasiswi, susuganan aya anu kapeunteun pikeun rada dihéroan.

Nu diskusi di téras masjid, nu latihan karaté di buruan UKM, nu latihan maén bal di lapang, nu latihan téater, nu latihan nyanyi, nu kurang-kerung milihan dagangan buku, nu balakécrakan di saban kantin, tug nepi ka nu anteng paduduaan. Kitu di antara nu kasampeur ku panon Darma sajeroning leumpang, muru ka kantin Dakwah. Tangtu baé suasana siga kitu téh, geus teu asa jeung jiga deui. Ampir lima taun, Darma pagilinggisik jeung rupaning kahirupan di kampusna.

Bras ka buruan kantin Dakwah. Katénjo dina hiji méja, Nina mani geus élékésékéng ngadagoan. Tapi paromanna ngadadak hégar, basa ningali Darma ngurunyung. Demi Darma kalah sabalikna, semu nu wegah naker ngaléngkah muru ka lebah méja Nina. Gék diuk, pahareup-hareup. Sakedapan kalah silih teuteup, bangun nu keur neuleuman eusining haté séwang-séwangan.

Panon Darma ngulincer ka sabudeureun kantin Dakwah. Ukur aya tilu urang mahasiswa anu keur balakécrakan, bari rada anggang. Ari nu dagangna mah keur anteng lalajo tivi.

“Pokona mah aa teu hayang ngadéngé deui perkara kuntruk-kontrak!” Darma muka caritaan.

“A… naha aa jadi kieu?”

“Nin, apan aa ogé tos sababaraha kali menjelaskan…”

“Tapi…”

“Lah, teu kudu aya tapi-tapian deui, Nin! Kieu wé babandinganana mah, aa ngontak kamar téh ti saprak mimiti masuk kuliah. Ayeuna aa geus bérés kuliahna. Hartina aa boga hak pikeun nangtukeun pilihan, naha rék diperpanjang kontrakanana atawa moal?”

“A, ieu mah bénten atuh… naha aa mani téga nyarios kitu…” aya nu ngaberebey tina juru panon Nina.

Sakedapan mah Darma ogé ngahuleng. Teu wani ngedalkeun caritaan deui. Pangpangna mah bisi Nina beuki parna ceurikna. Darma ngabetem bari rus-ras ka mangsa nu geus lawas. Pikiranna ngarangrangan, manjangan. Panineungan narémbongan. Pangpangna mah basa munggaran amprok jeung Nina dina kagiatan Ta’aaruf. Satuluyna Darma katarik ati kapentang asmara ku Nina. Tug nepi ka Darma ngedalkeun rasa cintana sabada réngsé kagiatan Muhasabbah.

Darma jeung Nina sapuk tur sapamadegan pikeun meungkeut hubunganana ku simpay katersna. Beuki lila, mingkin layeut. Sapapait-samamanis téh henteu saukur lalambé. Ti seméster hiji nepi ka seméster tilu, prah baé hubunganna téh siga babaturan séjénna anu keur hahadéan. Tapi basa geus seméster opat, Darma ujug-ujug ngedalkeun kahayang nu ngalantarankeun Nina ngaranjug.

Darma ngajak kawin mut’ah. Kawin kontrak. Alesan Darma, tangtuna ogé pikeun nyingkahan rupaning perkara nu nyérémpét kana pidorakaeun. Ari Nina, mimitina mah teu saluyu.

“Daripada nikah mut’ah, mending kénéh sakantenan nikah da’im baé…” kitu ceuk Nina.

“His, apan aa kedah ngaréngsékeun heula kuliah. Upami aa nikah da’im, tangtos sepuh aa moal ngawidian. Engké baé nikah da’im mah upami tos réngsé kuliah,”

“Aa, abdi mah alim. Margi nikah mut’ah mah ukur ngumbar free sex kalayan teu aya ikatan nanaon. Siga ngontrak kamar baé…”

“Daripada hubungan urang dilimpudan dosa. Mending kénéh nikah mut’ah, Nin. Maksimal dugi ka réngsé kuliah…”

“Aa, nikah mut’ah téh atos di-nasakh…”

“Saur saha, Nin? Apan aya hadits yang berbunyi: Barang siapa di antara kalian melakukan perkawinan menggunakan batas waktu, maka bayarlah maharnya…”

“Aa kedah ngaos kitab Zad Ma’ad. Dina Juz 2, halaman 183, apan disebatkeun yén nikah mut’ah dikéngingkeun dina mangsa permulaan Islam. Tapi diharamkan deui dina mangsa Perang Khaibar…”

“Ah, teu kedah ngajak debat, Nin. Nu penting mah, Nina kersa atanapi henteu?”

“Upami henteu?”

“Putus!”

“Aa…!”

Kalah kumaha ogé, antukna haté Nina jadi léah. Kajurung ku asmara nu ngancik dina dada séwang-séwangan, Darma jeung Nina mapaésan simpay tresna ku hiji tali nu ngaranana kawin kontrak. Harita, mareng jeung mungkas nyuprih pangarti di seméster opat. Sabada budalan UAS, Darma jeung Nina nepungan Haji Munir.***

Pondok Mustika, 20 Jumadil Akhir 1426 Hijriyah

Harti Sawatara Kecap

Gedong Al-Jami’ah : Nami Gedong Réktorat di IAIN SGD Bandung.

Ta’aruf : Hartosna Wawanohan, tina Basa Arab. Di Kampus IAIN,

Ta’aaruf téh minangka nami kagiatan sabangsaning Ospék.

Muhasabbah : Hartosna koréksi diri, tina basa Arab. Di IAIN SGD,

Muhasabbah téh nami kagiatan Fakultas Dakwah pikeun mahasiswa anyar.

Nikah Mut’ah : Nikah kontrak, atanapi nikah anu ditangtukeun jangka waktuna.

Nikah Da’im : Nikah nu patén, sakumaha nu ilahar di Tatar Sunda.

UAS : Wancahan Ujian Akhir Seméster.

UKM : Wancahan tina Unit Kegiatan Mahasiswa.

Titi Dé Jé : Basa barudak ngora, anu hartina; Hati-hati di Jalan.

Kantin Dakwah : Nami kantin nu perenahna di sabudeureun rohangan kelas Fakultas Dakwah.

**

Ieu tulisan mangrupa naskah pinunjul II, dina Pasanggiri Ngarang Carpon KSM Galura Tingkat Mahasiswa Taun 2005, kalayan dimuat dina KSM Galura Minggu III Desember 2005

Leave a Comment

You may use these HTML tags and attributes: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <s> <strike> <strong>