Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 07-10-2007 |
Ku DHIPA GALUH PURBA
SALAKU anu tacan boga imah, tangtu baé rada ngaranjug sakaligus mikagum, barang ngadéngé hiji sepuh ngawakafkeun imahna pikeun kapentingan masarakat. Jorojoy hayang nepungan
Nami lengkepna Tuti Wiarti Binti Angga Sastraatmadja (l.
Pangna Ambu ngawakapkeun éta imah ladang ngiridit ti BTN, sabab Ambu henteu diparengkeun boga turunan. Tapi anu leuwih utama mah, nurutkeun Ambu, seja sujud syukur kana welas-asih Alloh SWT. Saméméhna Ambu ogé kungsi meunang fasilitas berobat ti TELKOM, Askes—sagédéngeun meunang bantuan ti kulawarga. Ambu ogé ngarasa kahutangan budi ku masarakat Tirtawening, anu salila kurang-leuwih 30 taun mikahéman anjeunna, utamana mikanyaah carogéna anu kiwari parantos langkung tipayung ngantunkeun alam awenangan.
Ambu téh pangsiunan dosén Sekolah Guru Pendidikan Luar Biasa (SGPLB) Negeri Bandung. Sanajan geus pangsiun ngajar, tapi ari sumanget hayang nyerdaskeun bangsa mah tetep ngabebela. Lebah dieu pisan, kasawang ku Ambu yén nyiptakeun masarakat anu cerdas téh kudu dimimitian heula ku séhat pisik jeung méntal. Logis pisan, da lamun gering mah tangtu bakal jadi hahalang dina nyuprih pangarti. Ku ayana tinimbangan éta, Ambu nyawang pentingna ngajaga tur miara kaséhatan. Ambu miharep sangkan Poliklinik Tirtawening bisa ngabantuan masarakat miskin, pangpangna di Kelurahan Cisurupan, anu teu kaduga ngaluarkeun waragag gedé pikeun uubar. Basa Ambu munggaran ngararancang cita-cita pikeun ngawujudkeun poliklinik, di wewengkon Tirtawening tacan aya poliklinik anu ngabantu Puskesmas.
Dina sidang ikrar wakaf anu lumangsung ping 27 Ramadan 1424 Hijriah, Ambu ditalék, kira-kirana poliklinik naon nu merenah pikeun kapentingan masarakat Tirtawening? Lebah dieu, Ambu ngarumasakeun tuna riksa, teu eungeuh naon sabenerna anu dipikahayang masarakat sabudeureunnana. Angkanan Ambu, pihak RS. Al-Islam ogé tangtu leuwih weruh dina nyawang kabutuhan masarakat anu patalina jeung kaséhatan. Kilang kitu, basa ditalék deui ku sababaraha urang staf diréksi RS. Al-Islam, antukna Ambu nyawang pereluna ngeprak kabidanan atawa dokter kandungan, dokter gigi, dokter anak jeng spesialis séjénna anu patula-patali jeung kamekaran barudak.
Dina nyiptakeun kaséhatan masarakat, nurutkeun Ambu kénéh, masarakat umum kudu dilibetkeun, saperti indung, bapa, nini, aki, jsté. Posyandu, Puskesmas atawa Rumah Sakit kudu mindeng ngayakeun penyuluhan keur calon indung jeung bapa (pra-nikah) sangkan aranjeunna apal carana ngarawat budak, ti mimiti orok nepi ka mangsa rumaja. Malah lamun bisa mah kudu buru-buru diwujudkeun ‘dokter kulawarga”, sabab di Indonésia mah tacan aya. Nu nyampak ayeuna mah saukur ’dokter theraphy’, dokter nu kakara saribuk upami pasén geus bener-bener gering atawa kacilakaan.
Moal ilang tina sawangan Ambu, nalika dr. Rustama ti RS. Al-Islam, sasauran alon tur daria dibarung kebek pangharepan, ”Mugia abdi sareng sadayana staf tiasa ngawujudkeun amanah ibu…” Harita Ambu ngawaler, ”Alhamdulillah, hatur nuhun ka sadayana, mugia RS Al-Islam sing apanjang-apunjung tur tiasa berkiprah nomer hiji, ulah éléh ku rumah sakit sanés dina raraga nanjeurkeun Islam.” Hanjakalna, kakara ogé lumangsung sataun, Ambu narima
**
SABENERNA kurang lengkep upama ngawangkong téh saukur jeung Ambu. Bakal leuwih tegep lamun rada tatanya ka masarakat Tirtawening jeung pihak RS. Al-Islam. Tapi salaku jalmi sibuk, tacan kaparengkeun nyiar katerangan ti éta dua pihak. Kungsi éta ogé nepungan Budi Subagio, dosén UIN Sunan Gunung Djati Bandung, anu kabeneran natangga jeung Ambu. Hanjakal tara pati resepeun diajak ngawangkong, sabab panyangkana nepungan téh pasti rék ménta peunteun mata kuliah anu tacan lulus. Sajabana ti éta, Budi sok loba tatanya anu bingung néangan pijawabeunana tur dines pisan. Puguh deui ari ka RS. Al-Islam mah ampir unggal poé ngaliwat. Tapi rék ngahajakeun nyimpang téh sok kalah ginggiapeun ngabayangkeun suntikan.
Pangna perelu tatanya ka masaraka Tirtawening téh, lantaran bisa jadi aya di antarana anu teu panuju ku ngadegna éta klinik. Lamun aya nu teu panuju, tangtu baé moal bisa disasalah, da boga hak pikeun nangtukeun sikep. Panuju atawa teu panuju, duanana ogé bener. Tapi bakal leuwih bener deui upama digelar musawarah kalayan dibarengan ku wening galih. Apan tujuan Ambu téh hayang ngawakafkeun bumina sangkan aya mangpaatna keur masarakat, kalayan henteu nimbulkeun pacogrégan. Puguh baé pasualan poliklinik téh bisa dibadamikeun ku cara kakulawargaan. Sabéngbatan ogé geus kasawang, masarakat Cisurupan téh soméah hadé ka sémah tur agamis.
Anu kudu rancingeusna tangtu aparat pamaréntah. Tanginas tur siap pikeun jadi médiator antara masarakat jeung saha baé nu nyanghareupan pasualan saperti Poliklinik Tirtawening. Ketua RT, RW, jeung Lurah Cisurupan kudu seukeut nalingakeun masarakatna. Apan misi kaopat Kacamatan Cibiru téh taya lian ngundakkeun ngamalkeun ajaran agama dina kahirupan sapopoé keur ngawujudkeun kualitas kaimanan jeung kataqwaan ka Pangéran jeung raketna tali babarayaan umat beragama anu mibanda ahlak mulya. Upama pasualan sakitu baé nepi ka kaluli-luli, rék kumaha ngahontal visi Cibiru MPD (Maju Patut Ditiru)?
Satuluyna, pihak RS. Al-Islam ogé kudu écés dina ngaluarkeun kaputusan. Nutup poliklinik
Pamungkasna, lamun mémang masarakat kurang panuju ku ngadegna poliklinik, éta imah téh bisa dialih pungsi. Contona, bisa dijieun madrasah, sakola, jsté. Pon kitu deui, upama pihak RS. Al-Islam henteu sanggup ngajalankeun amanah, éta imah bisa baé dialih waqap. Meungpeung Ambu jumeneng kénéh, mending geura-geura dibadamikeun, anu dipalar malah-mandar itikad mulya Ambu jadi mangpaat pikeun masarakat, Amiiin.***
Ranggon Panyileukan, 28 Maret 2007
Dimuat di Majalah Cupumanik, No. 45, Bulan April, taun 2007







