Kategori: Jatukrami | Diterbitkan pada: 03-10-2007 |
Kiki Mélany Handayanti. Sapopoéna mah nénéhna téh Kiki baé. Kungsi milu icikibung jeung Sanggar Seni Damar Bumi Citraloka Bandung. Unggah ka balé nyungcung jeung Hérry Sunarya, anu masih kénéh urang Bandung, écésna ti kulawarga Yaya Sunarya (Cicadas). Akad Nikahna lumangsung poé Minggu, tanggal 22 Juni 2003, jam 09.00 WIB di Komplék Bumi Panyileukan Blok D.5 No.5, Cibiru Bandung.
Mugia pangantén sakalih aya dina kabagjaan dina enggoning nyorang rumah tangga. Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak. Sapapait samamanis, sabobot sapihanean. SB jeung ais pangampih Yayasan Cangkurileung ngahaturkeun wilujeng nyorang kahirupan anyar, kalayan ngiring bingah anu taya papadana. Mugia lungsur-langsar salawasna













