Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 01-06-2009 |


Sajak Dhipa Galuh Purba

I

Tingalabring ngadu ginding seja milu késting. Geus dibuka

késting keur peran bupati, walikota, gubernur, malah présidén.

Saban production house keur meujeuhna ngabutuhkeun aktor atawa aktris

nu sanggup merankeun tangtungan pamingpin pilih tanding.

Ménéjer késting ngahunang-ngahening bari ngahariring sanggeus réa

calon aktor nu méré motor, sanggeus pésak merekis pamahanan calon aktris.

Geus ngabarak beungeut-beungeut calon nu isuk jaganing géto

bakal merankeun bupati, walikota, gubernur, malah présidén.

 

Beungeut-beungeut seja diajén. Geus tradisi nu ngabeusi yén pangaweruh ékting

lain perkara nu penting. Lantaran nu lalajo teu butuheun kamampuh ékting.

Nu lalajo hanaang ku nu kasép jeung geulis tur séksi, nu betah ditaranjangan

ku mata panon.

Nu lalajo butuh hiburan keur ngabeberah manah jeung nyengker amarah

lantaran motahna rega BBM, mahalna sakola, jeung mahalna digawé. Nu lalajo

ngancik di nagri sing sarwa awis kajaba ajén diri.

 

Kumaha peserta késting nu  angkaribung barang-jingjing?

His, puguh wé kudu kasaring najan rada teu éling atawa langlang-lingling.

Nu penting kudu hobi curaling. Haling, haling… peserta késting nu cadu

pulang-paling!

 

II

Calon aktor jeung aktris ti saban production house geus tatahar midang. Naskah

skenario geus apal cangkem. Gesat-gesut panata mik-ap, kostum, artistik, lampu,

jeung salian ti éta.

Kaméramén ngéker sakolébat potrét kahirupan sandiwara nu bakal jadi réalita, atawa

réalita nu bakal jadi sandiwara.

Sutradara geus ceuceuleuweungan, “Éksen! Kat! Goblooog! Sing balég siah ékting

bupati téh! Piraku ékting walikota kitu patut! Begug atawa henteu merankeun gubernur?!

Teu pantes siah jadi présidén!” kitu diantara hahaokna sutradara. “Omat sing bisa

ngayakinkeun nu lalajo ngarah dipikaresep. Ajak ngimpi nu lalajo! Engké, mun geus

sukses medar ieu lalakon, urang nyieun deui carita anyar. Maranéh bakal dibéré

peran jadi badog, bangsat, rampog, bégal, koruptor, atawa naon baé

sakahayang maranéh!” pokna deui sutradara.

 

Calon aktor jeung aktris arunggeuk unggut-unggutan, aya ogé nu bari lelenggutan.

“Siap jadi pamaén profésional! Merankeun bupati jadi, merankeun walikota okay,

merankeun gubernur hayu, merankeun présidén énténg! Komo deui merankeun badog, rampog, bégal, atawa koruptor!” saur manuk sakur calon aktor jeung aktris nu siap

ékting.

Ranggon Panyileukan, Juli 2008