Kategori: Jatukrami | Diterbitkan pada: 23-11-2008 |


Ahad, 09 November 2008, tara-tara ti sasasari, jam 05.30 WIB geus ngoréjat hudang. Pangna kitu, inget ka alo kuring anu rék unggah ka balé nyungcung, Rika Dinda Mariyah. Ti dua bulan ka tukang, lanceuk kuring geus omat-omatan hayang di-mc-an ku kuring. Jadi, kalintang dipentingkanana hudang isuk-isuk. Sasarina mah jam 9 atawa jam 10 kakara ngulisik téh, da puguh geus kabiasaan mondok téh bada Subuh.

Rika téh putrana Ateu (Suryati Nila). Ari Ateu téh kapilanceuk ti garis bapa. Jadi, Rika ogé kapialo. Tapi, teu kudu maké implik-implik “kapi” sagala. Mending “Alo” wé.

Rika téh jatukramina ka Muhammad Usama, putrana Bapa Gandana jeung Lisdiahwati. Ari akadna di Masjid Al-Furqon, UPI Bandung. Resepsina mah di Graha Pusapa, Bandung.

Rét ka patugas ti KUA, langsung kerung, da asa wawuh. Tétéla, babaturan kuliah S-2 di UIN SGD Bandung, ngan béda jurusan. Tuluy wé uplek ngawangkong. Reugreug geus kitu mah. Teu nyangka geuning manéhna téh geus jadi lebé… hé hé hé. Ari keur mancén jadi lebé mah asa teu siga mahasiswa…

Aya nu matak kagagas basa nyaksian akad tikah Alo Rika. Harita téh acara lumangsung di lanté 2. Bubuhan Masjid Al-Furqon téh sakitu agréngna, katambah poé Ahad harita keur meujeuhna loba kagiatan para mahasiswa UPI Bandung. Alhamdulillah para mahasiswa téh daréwasa, taya nu pangangguran ngaganggu kalumangsungan acara akad tikah. Ari mimitina mah rada deg-degan, sabab ti lanté 3, puluhan mahasiswi ronghok naringalikeun ka lebah pangantén. Tapi, para mahasisiwi téh jempling, henteu ngaganggu kahidmatan runtuyan acara.

Na atuh… barang wali nyebut “syah!”, tandana resmi Rika jeung Usama jadi salaki-pamajikan, éta para mahasiswi téh éprak bari diantarana kadéngé aya nu nyebut “Alhamdulillah…” Tétéla, para mahasisiwi UPI hayang milu nyaksi kana resmina jatukrami Rika jeung Osama. Sabab, sanggeus nepi kana puncakna mah, para mahasiswi katingali bubar kalayan tartib.

Ti Masjid Al-Furqon, tuluyn nanjak ka Lédeng, sarta méngkol ka katuhu, bras ka Jalan Sersan Bajuri, muru ka Graha Puspa. Alhamdulillah ogé, acara lumangsung kalayan lungsur-langsar. Salian ti éta, bisa silaturahmi jeung baraya-baraya anu geus sakitu lilana tara kungsi patepung.

Wilujeng, Rika-Usama. Mugia sing tiasa nyorang rumah tangga anu sakinah, mawad, warohmah.

 

DHIPA GALUH PURBA

 

 


Nu ngaos ayat suci Al-Quran sareng ngaos hartosna dina acara pertikahan Rika ka usama

 


Kang Cépi, biantara nampi calon pangantén pameget

 


Dipoto sareng wargi-wargi di acara pertikahan Rika-usama

 


“Detik-detik menegangkan” Rika-Usama

 


Dipoto jeung kapilanceuk, Kang Ade Yusuf Budhiana