Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 18-05-2009 |


 

 

Angin, cai, panonpoé, taneuh

Geus nyaksi gurat-gurat kadeudeuh

Nu salawasna maneuh pageuh

nu keukeuh hamo reureuh

ngancik na puseur galeuh-galeuh

 

Urang, tiluan, baris ngarakit tingtrim

ngawélah kanyaah

muru curug mungguh ngaguruh

ngagulidag, ngagenclang herang

sono nu teu weléh ngadodoho

mangsa tilu rénghap leyur manjur sakujur lalakon…

 

Curug Cilember, 24 April 2009