Kategori: Cahaya Ilahi | Diterbitkan pada: 24-09-2008 |
Ku Asep Salahudin
Sakumaha anu geus kajudi, ungkara di luhur teh mangrupa cuplikan tina hutbah kangjeng Rosul SAW dina raraga ngawilujengkeun sumpingna sasih Romadon. Hiji ungkara nu nandeskeun kaagungan bulan Romadon nu ku urang sararea wajib dipapag jeung dieusian ku amalan-amalan anu bakal ngaronjatkeun ajen rohani sangkan urang bisa ngahontal naon anu jadi udagan puasa, nyatana jadi jalma anu tarakwa (la’allakum tattaqun). Jalma anu mibanda orientasi hirup anu puguh.
Lantaran bulan Romadon ngan ukur datang sakali dina jero sataun, atuh kacida pisan rugina mun urang nepi ka ngalelewodehkeun, sabab biheung teuing urang bakal tepung deui jeung Romadon harep. Saur Kangjeng Nabi ku anjeun, mun aya jalma henteu soson-soson ngamangpaatkeun ieu bulan kacida belegugna. Panto rahmat keur dibuka, jandela magpiroh digemlangkeun, dunga-dunga bakal diijabah, kari-kari Romadon diantep ngaliwat kitu wae.
Puasa
Nya di bulan ieu pisan, Alloh ngalangkungan
“Hey para malaikat, aranjeun nempo ka hamba Kaula anu geus mampuh nyengker hawa napsuna, ngerenkeun sagala kahayang beuteungna, nahan tina dahar jeung nginum, manehna geus ngalakukeun eta niatna ngan ukur demi Kaula.” Anjeuna anu parantos ngangkat jalma-jalma anu puasa dina martabat anu papak jeung malaikat. “Saestuna Alloh bakal ngajadikeun para malaikat kalungguhanana papak jeung nonoman anu satuhu ibadah
Laelatul Qodar
Nya apanan dina bulan suci ieu pisan Alloh ngalungsurkeun hiji peuting anu kualitasna ngaleuwihan sarebu bulan, anu katelah Lailatul Qodar tea. Lailatul Qodri khairun min alfi syahri. Dina ieu peuting, malaikat lungsur ngatur urusan sakumna anu rumingkang sakaligus ngabagikeun karaharjaan sapat tepi ka meletek pajar sakumaha nu ku urang bisa dijujut dina
Dina hiji hadis anu diriwayatkeun ku Anas bin Malik atra pisan rehna Lailatul Qodar teh ngan dibikeun keur umat Muhammad wungkul Dina riwayat sejen atuh Nabi kantos nyarios kieu, saurna teh, baheula jaman Bani Isroil aya hiji jalma kacida solehna estuning babakti ka Pangeran sajero 1000 bulan. Nalika nguping ieu kasauran, para sohabat kumetap palay mapakan, tapi orokaya umurna arang langka anu panjang jiga kitu. Nya lungsur Laelatul Qodar nu enas-enasna mah 1000 bulan bisa dihontal ku sapeuting Laelatul Kodar.
Turun al-Quran
Mungguh dina bulan Romadon pisan al-Quran munggaran digubragkeun ka alam dunya. Ku sababiyahna al-Quran, peradaban urang anu tadina ditangkodan sistim jahiliah mikung (musyrik) nu geus ngabalukarkeun harga jalma badis sato dicongkel diganti ku sistim taohid nu kacida pisan ngamumule ajen inajen harkat kamanusaan, ngagungkeun akal pikiran, merhatikeun bagbagan paelmuan, nandeskeun rehna kamulyaan jalma teh lain ditilik lebah seke-selerna tapi estuning nu jadi tatapakanana amal soleh.
Lantaran al-Quran diturunkeun, kabatilan bisa nyingray, bebeneran maju makalangan. Al-Quran kalayan tanpa tedeng aling-aling nandeskeun prinsip-prinsip bebeneran jeung ngabolekerkeun naon anu kaasup kabatilan anu wajib disingkahan sangkan manusa bisa nyangking kabagjaan di dunya rawuh aherat, jauh tina balai jeung tebih tina ulekan hirup anu hina.
“Bulan Romadon diturunkeun al-Quran, mangrupa pedoman keur manusa …” (QS. al-Baqarah/2; 183). Hiji Kitab Suci anu pamohalan kaasupan reka perdaya (intervensi) manusa (QS. al-Qiyamah/75: 16-17, Thaha/20: 114), kaaslianana di jamin (QS. Al-Hijr/15: 9, al-A’la/87: 6). Saur Nabi tea mah mun jalma pengkuh nyepeng al-Quran (jeung hadis) tanwande salila hirupna moal pinanggih jeung sasar. Mun kahirupan henteu undut kalinduan gedag kaanginan satuhu ngajalankeun parentah al-Quran dijamin saratus persen naon anu jadi udagan kahirupan bakal kahontal.
Kasolehan Sosial
Romadon oge jadi momen-momen keur urang pikeun nataharkeun rasa kaasih ka papada, ngawangun solidaritas anu weweg ngaliwatan zakat boh malna boh fitrahna. Romadon lain wae kentel peujit ngarasakeun kumaha rasana jalma nu sapopoena henteu manggih jeung remeh, tapi oge dibuktikeun ku kasayagian diri pikeun ngaluarkeun sabagian harta urang. (QS. al-An’am/6: 141).
Allah kacida pisan benduna mun seug tea mah jalma dititipan harta barana kari-kari ngekrek buntut kasiran. Yu urang lenyepan ancaman anu matak muringkak bulu punduk keur jalma-jalma anu merepet jahe.
“Jalma-jalma anu numpuk-numpuk emas jeung perak sarta teu dibalanjakeun dina jalan Alloh, jig bejakeun ka maranehna (rehna maranehna bakal meunang wawales) siksaan anu taya tandingna dina naraka jahannam. Tarangna bakal diduruk, beungeutna diantelkeun kana ruhak anu masih keneh ruhay. Saterusna maranehna disentak, ‘Pek ieu harta aranjeun anu baheula dikopetkeun. Rasakeun kiwari akibatna …” (QS. al-Taubah/9: 34-35).
Meureun ceuk basa kiwari mah, zakat teh mangrupa silib tina kasolehan sosial. Apanan tandes pisan dina ajaran Islam mah, antara ibadah ritual jeung ibadah sosial teh lir ibarat gula jeung peueutna.
Sabulan jeput puasa kari-kari zakat mal henteu dikaluarkeun, inggis ku bisi kena ku kekecapan ‘tukang ngabustamkeun agama” tea (QS. al-Maun/107: 1-7). Badis jalma anu sok solat, kari-kari korupsi terus dikeureuyeuh, nganyerikeun batur jadi kacapangan nya solat jiga ieu tong boro-boro meunang pahala anu puguh mah matak mawa mamala. Fawailul lil mushollin alladzina hum an solatihim sahun alladzina hum yura’una wa yamna’unal ma’un.
Mun urang mukaan kitab suci apanan kawajiban solat remen disandingkeun jeung kawajiban ngaluarkeun zakat aqimush shalat wa atuz zakat (QS. al-Baqarah/2: 43). Pon kitu runtuyan ayat-ayat ngeunaan parentah puasa (QS. al-Baqarah/2: 188) kerep ditungtungan ku larangan ngadahar harta sasama kalawan batil, zolim jeung korup (QS. al-Baqarah/2: 188).
Iman lain wae urusan hate, jeung letah, tapi kudu ngajirim dina lakuning lampah urang anu salilana satuhu jeung padika. Amanu wa amalish sholihat.
Mun tea mah Rudolf Otto, sakumahai dikutip Bryan S Turner dina “Religion and Social Theory” malenggeran spiritualitas teh “pangalaman anu suci “, mangka dina ajaran Islam ieu spiritualitas suci teh lain saukur palenggeran diskursifna, “at home” atawa “in side”, tapi oge dalit pancakakina jeung kasayagian diri dina raraga memeres lingkungan tina panyakit sosial kayaning korupsi, mahiwal, asa aing pangbenerna, jeung rea-rea deui.
Lenyepaneun
Tetela Romadon teh hakekatna mah mangrupa laboratorium ruhaniah urang. Mangsa di mana urang lain wae disurung sina tirakat kentel peujit dibarung ngalakonan amaliah sunat lianna saperti tadarrus, dikir, ngalobakeun dunga, itikaf, jeung parukunan sejenna, tapi oge Romadon jadi kesempetan keur urang dina raraga ngamalkeun agama dina harti saujratna.
Bawirasa, anu mindeng ngarongheap dina palataran pangalaman agama urang apan ngan saukur formalitasna wungkul. Ngarasa dosa mun teu ngalakonan solat atawa puasa, tapi eta perasaan teu nyangkaruk dina hate nalika leungeun ngopepang nyokot hancengan batur, biwir ngawadul tepi ka ngabudah, galengan sawah tatangga di sopak, tatangkalan dituaran tepi ka leuweung-leuweung bulester, jeung sajabana.
Teu sirikna masjid aya di unggal juru, tapi anehna ruh masjid, aweuhanana henteu ngalegaan. Pancen agama heureut ngan seret di tempat-temnpat ibadah jeung madrasah, da ngalanto saeutik ka kantor jeung ka pasar atawa tempat bisnis sejenna teh jigana teh badis jalma nu henteu ngagem agama. Jajauheun agama jadi etika sosial anu puguh mah tunggul dirarud catang dirumpak malah ceuk sohibul hikayat dikokojoan sagala ku (oknum) departemen agama.
Tong jajauhan, pek tingali mun urang aya dina bulan Romadon sabulan eta mah da asa hirup di nagara Islam. Siaran tivi apan sakitu barunina, sinetron-sinetron puguh misina, masjid pinuh, para koruptor meureun alistirahat heula, jeung saterusna.
Nincak bulan syawal, badis kuda leupas tina gedogan. Balik deui kana watek aslina. Anu tadina pupuritilan nya nembong-nemong orat deui, anu sajero Romadon resep sodakoh jadi kopet deui, sinetron marulang deui kana habitatna: mintonkeun hawa napsu ngokolakeun ma’siat.
Pamungkas
Cindekna mah pangbagea Nabi di luhur kana sumpingna tamu agung bulan Romadon ngajentrekeun hiji maksud anu tandes: umajak ka sakumna urang sangkan urang ngagem agama dina harti sapuratina. Ngalangkungan puasa di bulan suci, urang hontal darajat katakwaan geusan pibekeuleun dina raraga ngambah sawelas bulan sesana.***








Assalamualikum. Abdi mani waas ngaos seratan salira,emut abdi ayena aya dipangumbaraan te wargi mung nuturken salaki, ari ngajalanken saum abdi tara saur, da eta salaki kuring masih bedegong nembe leubeut Islam, bati sedih mun ningali keluarga islam teh,Ya Alloh mani sakitu endahna sasih siamteh gening.Hatur nuhun nambihan kaimanan ka abdi. Wassalam